14 May 2012

DONGENG SUNDA : RATU MURAH RAMA Bag 2

Dongeng ieu dicutat tina buku PARIBOGA Salawe Dongeng Sunda beunang ngumpulkeun C.M.Pleyte diterbitkeun taun 1911. Dongeng RATU MURAH RAMA asalna ti daerah Ciampea BOGOR, ieu teh numutkeun catetan dina daftar eusi. Dongeng ieu ngahaja diposting dina wangun gambar JPG, bisi aya nu perlu bisa disusun jadi PDF. Mugi aya mangpaatna.
DONGENG SEJEN :   1   2    3    4   5    6    7    8     9    10     11      














Awalna ti Bag 1










DONGENG SUNDA : RATU MURAH RAMA Bag 1

Dongeng ieu dicutat tina buku PARIBOGA Salawe Dongeng Sunda beunang ngumpulkeun C.M.Pleyte diterbitkeun taun 1911. Dongeng RATU MURAH RAMA asalna ti daerah Ciampea BOGOR, ieu teh numutkeun catetan dina daftar eusi. Dongeng ieu ngahaja diposting dina wangun gambar JPG, bisi aya nu perlu bisa disusun jadi PDF. Mugi aya mangpaatna.
DONGENG SEJEN :   1   2    3    4   5    6    7    8     9    10     11   

 










 Nyambung ka Bag 2
 

11 May 2012

Carpon : MANUK PIIT DI TAMAN MERDEKA

Ku : MAMAT SASMITA

 
Baheula mah ngaranna téh Pieters Park, ngalap ngaran nu boga jasa ngamajukeun kota Bandung, Pieters Sijthoff. Taman munggran nu aya di ieu dayeuh, dijieun taun 1885.
Ari ayeuna mah disebutna Taman Dewi Sartika sakapeung disebut Taman Merdéka pédah di gigireunana aya jalan Merdéka, sakapeung disebut Taman Balai Kota.
Cék béja mah legana méh tilu welas rébu méter pasagi. Kawilang lega keur taman di jero kota mah. Diurus dialus-alus, jukutna gé teu weléh rapih, teu cokrom, teu barala. Atuh tatangkalan diurus. Tangkal nu panggedéna meureun geus saumur jeung ayana taman, éta téh tangkal kihujan.
Taman diurus dihadé-hadé, dibandingkeun jeung taman nu aya di ieu dayeuh, Taman Merdéka dirawat pangalusna. Teu ngabibisani sabab di hareupeun Taman Merdéka aya Gedong Papak, tempatna walikota ngantor, tempatna nu boga kakawasaan di ieu dayeuh. Jadi narah mun nepi ka barala jeung kotor téh. Di gigireun gedong papak aya kantor DPRD, tempat wakil rahayat sawala, rajeun dipaké nundutan, keun baé nundutan gé, cék barudak ayeuna mah manusiawi kitu téh. Pantes mun Taman Merdeka salawasna beresih téh, lantaran loba panon nu ngawaskeun.
 
Kasebutna gé taman, najan di kota, sok loba manuk. Panglobana téh manuk piit.
Datangna ngabubuhan, sabubuhan aya ratusna, aya rebuna, boa jumlah kabéhna mah ngajuta. Récét dina tatangkalan, tinggeleber. Matak resep ningalina, tingaraclo dina jajalaleun nu ditémbok di taman. Mun manggih kahakanan, récét disada bari parebut.
Teuing ti mana jolna manuk piit téh, apan biasana manuk piit mah sok deukeut jeung sawah. Komo mun paré keur sedeng beukah. Manuk piit rajeun jadi hama, kudu digebah maké kokomprang atawa di sawah dipasang bebegig. Sawah ayana di mana boa, sawah deukeut dayeuh geus euweuh.
Sigana manuk piit gé nyaluyukeun diri jeung jaman nu geus robah. Dayeuh geus heurin ku tangtung, unggal poé metet ku jalma, ku mobil, ku motor. Lahan keur engapan saeutik pisan, teu kaop aya lahan apan sok buru-buru dieusian ku gedong, ku jalan aspal, ku jalan beton. Tatangkalan kapaksa ngéléhan, siga nu isin masamoan, nyempod di juru bari kuru, iwal ti di Taman Merdéka nu kaciri gagah.
Teu anéh lamun di Taman Merdéka loba manuk. Ngarasa tengtrem mukim didinya, lantaran aya nu ngajaga, aya Satpol PP nu ngajaga gedong Papak, ngajaga gedong DPRD, ngajaga Taman Merdéka beurang jeung peuting. Moal aya nu wani ngalumpreng ka dinya bari mamawa bedil mimis, moal aya nu wani ngulampreng ka dinya bari masang leugeut atawa pitapak. Teu salah mun disebut Satpol PP sobat dalitna manuk piit. Manuk piit néangan kahakanan lain di sawah tapi di lolongkrang antara beton jeung beton. Ukur mulungan kahakanan nu murag.

Kang Sabri, pagawé nu sok ngurus Taman Merdéka, rajeun nalingakeun kalakuan manuk piit. Nalingakeunana téh kitu we saliwat-saliwat, rajeun bari sasapu atawa bari diuk sidéngdang dina témbok dina mangsa reureuh gawé. Teuing naon pangkatna Kang Sabri téh, ngan sapopoéna sok maké baju sépé, baju dril nu sok remen dipaké ku pagawé nagri. Ngan baju Kang Sabri mah teu rimbil ku atribut, teu rimbil ku tanda, polos wé, ongkoh deuih bajuna gé geus lalayu sekar. Cenah mah Kang Sabri téh pagawé kontrakan abadi.
Rebun-rebun kénéh geus saged. Méméh pagawé nu séjén datang, Kang Sabri mah geus ngosrék sasapu, nyapukeun runtah, aya kalakay, aya keretas, aya bungkus urut kadaharan jeung rupa-rupa deui runtah. Nu panglobana disapukeun téh kokotor manuk piit. Nu kacida ripuhna mah lima bulan sakali, sabab manuk piit sok napuk pisan. Lain ngarébu deui boa-boa ngajuta lobana, siga pangeusi ieu dayeuh, geus ngajuta.

Taman Merdéka pibuh ku manuk piit. Dina tatangkalan, dina témbok, dina bangku, dina jukut, dina lampu, dina kabel, dina hateup gedong papak, dina hateup gedong DPRD, reuteum ku manuk piit. Ari di luareun Taman Merdéka mah manuk piit téh teu daékeun, siga aya wates rohang nu ngahalangan. Manuk piit siga nu ngarti, mun ngarempak wates rohang, éta téh kasalahan. Cék Kang Sabri, mun aya manuk piit ngarempak, tangtu diudag ku manuk piit nu séjén, dibintih, dipacok, sina balik deui ka Taman Merdéka. Di Taman Merdéka manuk piit boga kabébasan, rék kiih, rek ngising, rek nundutan, rek silih bintih, silih pacok, silih asih, silih asuh silih asah gé meunang. Cek Kang Sabri deui, abong kéna ngaranna Taman Merdéka manuk piit gé merdéka pisan. Padahal manuk piit mah teu kawentar manuk tukang diadu.
Kajadian kitu téh cék Kang Sabri mah lima bulan sakali. Teuing bener henteuna mah. Jeung duka teuing naha bet milih angka lima naha pédah Pancasila aya lima, teuing pédah milih pamingpin lima taun sakali, teuing pédah naon. Ari cék Kang Sabri mah pédah manuk piit ngendogna sok aya lima. Naha enya endog piit sok aya lima? Teuing atuh cék Kang Sabri kénéh bari seuri nyeuleukeuteuk.

Mun geus manuk piit ngajuta di Taman Merdéka, Kang Sabri asa jadi jalma pangripuhna. Ripuh meresihan kokotorna. Kokotorna téh leutik ukur sagedé kacang kadelé, tapi mun mangjuta-juta, apan jadi loba. Jaba mun napel dina témbok, hésé meresihanana, kudu digusruk ku sikat injuk. Napelna siga maké leugeut, mangkaning di unggal tempat, di hareupeun gedong Papak, di hareupeun gedong DPRD, di handapeun tangkal kihujan, dina jukut, pinuh di sakuriling bungking Taman Merdéka. Kokotor manuk murukpluk ti luhur lir hujan ngagebrét. Manuk piit lain baé ngan sakadar ting araclo dina tangkal atawa hateup tapi deuih ngabuis ting geleber. Kasebutna manuk najan keur hiber ngageleber, angger wé morocotkeun kokotor. Sabudeureun Taman Merdéka jadi liuh, lir ceudeum, geuneuk maleukmeuk. Atuh mokaha, sing saha baé nu ngaliwat ka Taman Merdéka teu maké payung bajuna pasti pinuh ku kokotor manuk piit. Kitu deui mun aya tamu ka gegedén di gedong Papak, kudu wé diburu dibéré payung méméh kaluar tina mobilna. Ngan mobilna nu ngagulusur ka hareupeun gedong Papak pasti kotor ku kokotor manuk piit. Tah ngaburu méré payung téh geus jadi tugas Kang Sabri, kalan kalan sok digenténan ku anggota Satpol PP nu keur tugas.
Anggota DPRD mindeng kutuk gendeng bari jejebris meresihan kokotor manuk piit dina baju, mangkaning bajuna téh nu nyiripit beresih, jadina awor antara bau minyak seungit jeung bauna kokotor manuk piit. Ari walikota mah tara pisan kapuragan ku kokotor manuk piit, da sagalana geus sayaga. Barang jol gé geus disadiakeun payung, ngan ban mobil nu pinuh ramiping ku kokotor manuk piit téh, kitu deui sapatuna Waas ningalina gegedén leumpangna jéjéngkéan, siga jéjérégéd pédah nincak kokotor manuk. Ngumbah mobil jeung meresihan gilinding mobil mah bagian supir, ari ngumbah sapatuna mah bagian Kang Sabri. Mun luyu jeung tupoksi mah Kang Sabri téh meresihan taman, béhna sagala pagawéan dicabak, ti mimiti ngababad jukut, ngumbah mobil, mangmeulikeun cai kopi, nyadiakeun payung nepi ka meresihan solokan jeung ngumbah sapatu.  Najan kitu Kang Sabri teu weléh sadrah, nampa kana milik diri bagja awak, teu ngaleuleungit éta gé sok aya wé rejeki, boh duit sésa meuli kopi da sok terus dibikeun ka dirina, atawa buruh ngumbah mobil.

Manuk piit mun sajodo mah matak lucu ningalina, ari ngajuta mah jadi monstér nu pikakeueungeun. Kungsi aya sawala rongkah kumaha carana ngagebah manuk piit ti Taman Merdéka. Demi alesanana manuk piit geus ngaganggu katengtreman pagawé di pusat pamaréntahan ieu dayeuh. Manuk piit geus ngarurujit gedong sigrong tempat dalem ngageugeuh. Manuk piit geus mawa cambal nu hésé diubaran najan maké tumbal. Manuk piit geus ngéra-ngéra juragan pangersa.
Dina sawala loba nu paheuras-heuras genggerong, ragot, silih témpas ngadu arguméntasi. Aya nu nyebutkeun supaya masang bebegig sing loba, aya nu nyebutkeun sangkan menta bantuan tentara, aya deui nu nyebutkeun kudu miara heulang, aya ngusulkeun nyieun spéker sora jalma ayeuh-ayeuhan, malah aya nu ngusulkeun sangkan disemprot ku racun hama. Hasil sawala manuk piit diantepkeun sina kahayangna, alesanana sakali mangsa mah manusa kudu ngéléhan keur kasaimbangan alam jeung ongkoh napukna manuk piit téh teu lila paling lila gé ukur dua minggu dina lima bulan. Didieu manusa diuji kasabaran tur welas asihna ka alam. Walikota kapaksa nurut, ari kahayangna mah sabudeureun balé kota téh beresih, resik tur asri. Celengkeung téh aya nu némbal, sigana ti organisasi lingkungan hidup atawa ti mahasiswa, cenah keur walikota mah nu kacida pentingna nyaéta beresih haté, jujur tur amanah dina ngajalankeun pancén gawé. Ari sual beresih di pakarangan mah geus aya tukangna, geus aya ahlina nu beberesih unggal poé.

Pagawéan Kang Sabri salila dua minggu mah kacida lobana, nepi ka ménta bantuan tanaga ti nu sok beberesih taman di sabudeureun ieu dayeuh. Sapoé-sapoéna kokotor manuk piit  téh dikumpulkeun, aya kana ratusan karung, geus aya nu narima, dijual ka tukang kembang sisi jalan. Lumayan keur nambah panghasilan. Atuh sawaréh dipaké gemuk kana kekembangan di taman.  

Kang Sabri rajeun nelek-nelek kalakuan manuk piit, nu kaciri ku Kang Sabri, manuk piit ngariungna téh teu sagawayah, kudu sasama kelompokna, mun salah asup kalah dibintih atawa dipacokan ku nu séjén. Mun pamingpinna hiber bawahanana ngilu hiber, nuturkeun pamingpinna. Nu matak hiberna tara sosoranganan, kudu wé aleut-aleutan, ngabubuhan téa. Sabubuhan téh aya ratusna boa aya rébuna. Teu béda jeung jelema, mun pamingpinna indit apan sok dialeut-aleut, siga nu dikokojokeun pisan. Sagala kahayang pamingpin tara dipungpang. Dalah jalan keur macét gé apan sok guguikan maké sirine, sangkan rahayat nyisi. Gegedén mah penting ari rahayat mah teu penting matak kudu nyisi.
Mimiti manuk piit nu aya di Taman Merdéka obyag, récét, ting-alacreug, babatek awak, récét pada baturna. Kituna saminggu. Minggu kaduana tuluy sakabéhna ngapung, awang-awang Taman Merdéka pinuh. Manuk piit ngapung ngawangun formasi lir tihang kacida badagna, nanjeur ka luhur, murilit siga tihang dibeulit ku oyot. Atawa siga angin puyuh badag nu nyapu kekebul, nu nyapu runtah, nanjeur semu melengkung. Ti dinya aya nu misah sababaraha bubuhan, dimimitian ku nu pangluhurna kaluar tina formasi nanjeur, saterusna dituturkeun ku sabubuhan nu séjén, nepi ka aya sababaraha bubuhan.
Nu ahéng, unggal bubuhan siga nu diadu taktik, pikeun silih éléhkeun. Da kaciri siga nu silih serang. Dina sabubuhan manuk piit nu keur hiber aya nu siga ngawangun formasi seuseukeut tumbak, aya nu siga panyapit hurang, aya deui nu siga buhaya calangap, aya deuih nu ngagulung buleud siga bal beliter jeung rupa-rupa deui.
Kituna téh ti mimiti isuk-isuk, ti mimiti panon poé meleték, nepi ka soré, nepi ka surup panon poé, silih serang silih gitik, manuk piit nu tatu muruluk ti langit, loba nu jengker sapada harita. Sésa kelompok nu ngarasa éléh tuluy kabur, hiber ka mana boa,  nepi ka tinggal sabubuhan nu pangunggulna, jadi pangawasa Taman Merdéka.
Salila manuk piit silih gitik nu ripuh téh Kang Sabri, éta tuda bangké manuk piit pabalatak di Taman Merdéka, mun elat meresihan bakal jadi bau bangké. Mangkaning loba pisan, mun diakut kana mobil treuk moal cukup ku lima treuk. Meresihan Taman Merdéka teh teu cukup ku sapoé, aya kana lima poéna, kitu gé dibantuan ku dines kabersihan. Walikota mindeng gegelendeng, ma enya manusa éléh ku manuk piit, kitu pokna, pédah di Taman Merdéka meleber bau bangké■

(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 8 Mei 2012, Rebo 9 Mei 2012, Kemis 10 Mei 2012)