26 April 2009

NYOREN BEDOG

Laporan : YULIANTO AGUNG

LUYU jeung kamekaran tingkat pikirna, manusia teh teu ukur ngagunakeun bahan bahan tina batu pikeun nyieun alat-alat kaperluan hirupna. Tapi ngamangpaatkeun bahan tina logam deuih, kayaning parunggu jeung beusi.
Numutkeun Raffles dina History of Java, kamampuh manusa pra-sejarah dina miara kalumangsungan hirupna teh ditandaan ku bisana nyieun pakarang seukeut. Ti mimiti pakarang tina batu nepi ka pakarang tina parunggu tuluy tina beusi. Saterusna cek Rafles, kamampuh ngolah beusi teh jadi ciri kamajuanana hiji bangsa.
Kabudayaan logam (parunggu) di Indonesia sok disebut oge kabudayaan Dongson. Ieu hal nuduhkeun yen budaya logam di nusantara teh asalna ti Dongson (Vietnam).
Ti dinya bisa dicindekkeun, urang Sunda (meh bareng jeung bangsa lianna di sakuliah Nusantara) mimiti wawuh kana logam teh nalika jaman kebudayaan Dongson eta. Numutkeun von Heine Geldem man jaman eta teh paling ngorana kurang leuwih taun 300 memeh Masehi. (R. Soekmono, Pengantar sejarah kebudayaan Indonesia 7).
Urang Sunda mateakeun logam teh paling copelna pikeun dua hal nyaeta keur pakarang jeung keur parabot. Pakarang teh alat pikeun ngayonan musuh di pangperangan, atawa alat pikeun ngajaga diri. Di antarana aya nu disebut bedog, keris, pedang jste. Ari parabot hartina alat paranti digawe. Memang, pakarang jeung parabot aya kalana pacorok: sakapeung disebut pakarang, sakapeung disebut parabot. Bedog, upamana, kapan eta ge bisa dipake keur digawe jeung bisa dipake keur ngajaga diri deuih.
Kecap bedog, kawantu kecap nu geus teu aheng kadengena. Nuduhkeun kana alat nu dijieun tina logam (beusi), wangun wilahna ipis panjang, panjang antara 40-45 cm, rubakna antara 5-6 cm, kandelna 5 mm (bagian tonggong), tur seukeut dina salah sahiji bagian wilahna. Ari gunana pikeun kudak-kadek, motong atawa neukteuk. Pikeun nyarungsum asal muasal kecap bedog, naon bae ragem bedog, sarta kumaha tumalina bedog jeung kahirupan urang Sunda bihari kiwari, Sawala Pusat Studi Sunda 13 Maret 2009 kamari mihatur Marnat Sasmita pikeun ngaguarna leuwih teleb, sawala diayakeun di perpustakaan Pusat Studi Sunda.
Mamat Sasmita ti sababaraha bulan katompernakeun keur nalungtik perkara bedog. Sawatara hasil panalungtikan minorna geus dipidangkeun dina rea media, kayaning Kompas, Pikiran Rakyat, Cupumanik katut dina Jurnal Sundalana Pusat Studi Sunda 2009. Rencanana hasil gawe panalungtikana sacara lengkep baris dipedalkeun dina wangun buku.

Minangka keur bahan babandingan, di Birma (Myanmar) aya pakarang nu wangunna sarua jeung bedog disebutna dha atawa dah, di Thailand disebut darb atawa daab, di Cina disebut dao. Tah nalika nepina kana letah urang Sunda mah jadina teh bedog (mungkin asalana mah be-dao?), ka Jawa jadina we-dung atawa bendo.
Lian ti eta, numutkeun Mamat Sasmita, kecap bedog ge bisa disalusur tina morfologi jeung etimologina. Tengetan diagram proses di handap ieu.

Sinonim: Golok = Bedog = Badama= Wedung= Bendo = Gobang = Pedang

Morfologi:
Be-dog > We-dung > Pe-dang >Go-bang
Dog > dung > dang > bang.
Be-dog > ben-do > ba-d(am)a
Dog > do > da

Etimologi / Hiponim
Golok : golokgok, golontor, goloprak, golosor, goloyoh, golontrang, (golodog, golong) > Ngabayabah, ngagoler.
Bedog : Dogdog, jedog, badog, lodok, gedok, ladog, baledog, golodog, gedog > Sora, ngagedok.

Ana kitu mah, mun seug tabah kana teori etimologi nu di luhur, kecap golok teh tetela ngandung harti nu beda jeung bedog, babakuna beda tina segi fungsina. Golok mah leuwih nuduhkeun tumalina kana pakarang, ari bedog leuwih tumali kana parabot digawe. Tapi kaayeunakeun mah kecap golok jeung bedog teh taya bedana, bedana teh meureun golok kiwari dipake jadi tarjamahan bedog dina basa Indonesia.
Nu disebut bedog teh ngawengku tilu bagian, nyaeta wilah, perah jeung sarangka. Rea ragemna bedog teh. Geura mun dipilah-pilah numutkeun wilahna aya nu disebut Kembang Kacang, Malapah Gedang, Hambalan, Salam Nunggal, Paul Nyere, Paul Sintung, Sintung Bening, Sonten Bening, Daun Awi, Boros Sabeu-lah, Jambe Sapasi. Lian ti eta be-dog keur paranti digawe aya nu disebut Bedog Soto, Cacag Daging, Ngabutik, Bedog Sadap, Pamoroan, jeung Pabilikan.
Wilah bedog teh maksudna bedog nu masih keneh taranjang, can diperahan. Wilah bedog hasil tina proses ti panday, meunang neupa dina wangun bedog panjang atawa pondok, terus digurinda sangkan wangunna leuwih pantes. Ditingali tina rupa wangun bedog, raga badagna mah aya lima kayaning Lempeng, Tirus (ngaleutikan ka tu-kang), Gayot/ Bentelu, Bentik, Campuran, jeung varian tina rupa bedog anu opat.
Perah atawa gagang bedog, mere wanda kana bedogna. Tujuan bedog make perah salian fungsi pikeun nyekelan ngarah karasa genah, tapi deuih aya tujuan sejen nyaeta mere ajen estetis. Bisa jadi di dinya aya ma'na simbolis. Perah .bedog anu umum kaayeunakeun dijieun tina kai jeung tanduk dina rupa rupa wangun.
Lamun dikategorikeun mah wangun perah bedog aya opat nyaeta nu ngalap tina:

Tutuwuhan (Ba-lingbing, Eluk Paku, Pendul, Kembang, Potongan Kai, Sopak Lodong, Jejengkolan),
Sasatoan (Buhaya, Ekek, Soang, Jawer Hayam, Cinghol , Pingping Hayam, Kucuit, Simeut Bako, Meong, Monyet, Lauk Cai, Kuda Laut, Garuda, Mear);
Wayang (Kresna, Arjuna, Cepot, Semar);
Lain-lain (Mantri Diuk, Putri, Priaman, Makara, Naga, Golong Tambang)

Bahan keur nyieun perah utamana tina kai jeung tanduk, aya nu sok dijieun tina tulang, tapi langka, eta mah kakara dijieun lamun aya pesenan. Tukang nyieun perah biasana disebut maranggi, atawa tukang ukir.
Ari sarangka (wadah bedog) gunana keur ngabunian wilah bedog sangkan aman dibawana tur mere ajen seni. Sarangka lolobana dijieun tina kai atawa tanduk. Wangun sarangka leuwih niru kana wangun bedog anu disarangkaanana. Lamun bedogna bentik geus tangtu sarangkana ge bentik.
Ngaran-ngaran bagian tina sarangka nyaeta Gado ieu istilah teh dipakena di Cibatu Cisaat Sukabumi, ari di Ciwidey mah disebutna Sambung, ari di Galonggong Manonjaya Tasikma-laya disebutna Tutup Luhur. Di bagian panghandapna di Sukabumi disebut Sopal, ari di Galonggong disebut Tutup Handap. Anu meulit leutik awak sarangka disebut Simpay, ari nu rada gede biasana disebut Beubeur. Bagian sejen anu gunana pikeun wadah tali paranti nyoren disebut Simeut Meuting.

Lamun nilik kana fungsina sarta tumalina jeung masarakat Sunda, bedog teh bisa dibagi jadi sababaraha fungsi kayaning fungsi praktis, fungsi simbolis, fungsi estetis jeung kabehdieunakeun wen aya fungsi ekonomi.
Fungsi praktis leuwih nyoko kana harti ngadeudeul pagawean, nyindekelkeun kagunaan bedog dina kahirupan sapopoe kayaning keur nuar awi, meulah suluh, meulah awi, nyisit awi pibilikeun, kudak-kadek di kebon, keur meuncit sasatoan,
nyacag daging jlld. Hal ieu luyu jeung ngaran-ngaran bedog anu aya pakaitna jeung pagawean.
Dina fungsi praktisna, bedog ten teu ngutamakeun wangun nu alus, tapi leuwih mentingkeun kakuatan jeung .seukeutna. Kitu deui dina perah jeung sarangkana teu pati loba hiasan, asal.genah karasana waktu dipakena jeung aman bae.
Can kakoreh kalawan pasti ti iraha kecap bedog mimiti dipakena. Kecap golok mah kapanggih dina SSK. Lamun dina SSK, disebutkeun golok teh pakarang raja, hartina bisa bae leuwih deukeut kana barang pusaka. Da golok moal dipake keur kudak kadek sangeunahna ku raja. Tangtu aya ugeranana, moal sagawayah. Ku lantaran disebutkeun yen golok ten pakarang raja, tangtu nu aya di rahayat mah beda deui kagunaanana. Najan kitu, ari anggapan yen golok teh pakarang pusaka mah kapanggih keneh. Mindeng kapireng hiji kulawarga atawa hiji kokolot siga nu mupusti bedog, nepi ka cara nyimpen atawa cara makena ge aya aturanana, teu sagawayah waktuna tur tara ditembong-tembong ka unggal jalma.
Mana kitu ge, ma'na simbolis bedog masih dipake tur jadi angkeuhan keneh. Upamana bae, aya nu disebut bedog wali di Kacamatan Cibingbin, Kabupaten Kuningan. Dina upacara seserahan rek ngawinkeun, rombongan pihak lalaki kudu mawa bedog nu disebut bedog wali. Eta teh salah sahiji sarat nu kudu dicumponan ku pihak lalaki ka pihak awewe. Malah baheulana mah lamun teu mawa bedog bisa-bisa walimahanana teu jadi. Cek kokolot di Cibingbin, be¬dog teh kirata tina dibebed sina nga-jedog. Ieu kirata ngandung harti yen lalaki nu geus rarabi teu meunang sagawayah ka wanoja, sabab geus aya nu ngabebed, geus aya nu nyarangkaan, nyaeta pamajikanana.
Lian ti eta bedog mibanda fungsi estetis deuih. Keur urang Sunda, babakuna di pilemburan, mawa bedog teh geus ngabaju, geus saperti papakean sapopoe. Tangtu, barangpake dina mangsa keur digawe beda jeung barangpake dina mang¬sa keur ulin atawa indit-inditan. Tangtu, dina mangsa indit-inditan mah nyoren bedog teh lian ti memang kudu, jadi hiasan nu mawana deuih. Tah, di dieu meureun fungsi estetisna.
Kiwari mamawa atawa nyoren bedog teh geus teu ilahar. Sanajan kitu, aya keneh fungsi estetisna, upamana dijieun papaes di imah, dijieun barang koleksi. Memang, geus ngised: nu tadina kudu dibabawa teh ayeuna mah jadi papaes wungkul.
Tumali kana fungsi estetis be¬dog, panday jeung maranggi nyumponan udagan estetis. Wilah bedog dialus-alus, ukiran ti maranggi diluyukeun jeung fungsina, atuh ragam hiasna beuki beunghar. Wanda perah jeung sarangka beuki beunghar deuih, lian ti taliti dina detil. Ku cara kitu, bedog sapuratina boga ajen nu luhung, Kadieuna-keun bedog teh mibanda fungsi estetis deuih. Di dieu mah hartina bedog teh geus jadi komoditi, barang nu dijieun obyek jual beuli. Di wewengkon Galonggong sapan-jang jalan dagangan bedog rantuy. Di Cisaat Sukabumi ngajajar kios nu husus ngajualan bedog jeung rupa-rupa pakarang sejen, make etalase dialus-alus.
Tina bedog geus mere pangupa jiwa ka jalma loba ti mimiti panday, maranggi tug nepi ka nu ngecerkeun nguriling ngajualan bedog. Bedog pakarang nu populer di urang Sunda, lain bae dijual di Tatar Sunda tapi geus nerekab ka sakuliah dunya, ti Cisaat Sukabumi loba nu pesenan ti Kanada. Ti Galonggong loba nu pesenan ti Malaysia kitu deui ti Ciwidey.

Yulianto Agung Redpel Majalah Basa Sunda Cupumanik
(Dimuat dina Cupumanik No. 69 April 2009)