16 April 2007

SAMPEU JEUNG SALIARA

Ku : Mamat Sasmita

Kangaranan sampeu mah keur urang Sunda moal bireuk deui, pasti aya dimana-mana jeung deuih kaasup beubeutian anu kalandep. Geura we teu di pakampungan teu di kota, sampeu geus jadi kadaharan alternatif, jadi bahan kaolahan nu bisa jadi kadaharan rupa rupa ngaranna jeung rupa-rupa cara ngolahna. Loba pisan rupana kadaharan anu diolah tina sampeu kayaning awug, talem, ancemon, gegetuk, golodog, katimus, comro, misro jeung rea deui, malah kaayeunakeun mah apan aya goreng sampeu keju sagala (ngaran kadaharan ieu sawareh beunang nyutat tina buku Masakan Jeung Amis-amis, Bale Pustaka, 1951)

Sampeu (Manihot esculenta, Crautz.) ceuk beja tina sababaraha sumber, asalna ti Amerika Tengah malah aya nu nyebutkeun asalna ti Brazil. Di Brazil ngaran tradisionalna tapioca. Sampeu datangna ka Indonesia kira-kira dina abad ka 17 sigana dibawa ku bangsa Potugis. (http://www.indobiogen.or.id/berita_artikel/mengenal_plasmanutfah.php )
Kurah koreh kana kamus, neangan kecap sampeu, dina kamus Sunda Satjadibrata (1944) tuluy kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg (1862), sarua kecap sampeu teu kapanggih, rada hememg, naha bet euweuh..?
Terus nyasar kana kamus Sunda Danadibrata (pedah ieu kamus di susun ti taun 1930 nepi ka taun 1970, kamusna medal taun 2006), tah dina kamus ieu mah aya, malah dijelaskeun rada eces nyaeta ngaran kadaharan anu asalna tina beuti dapuran sampeu, malah dina ieu kamus disebutkeun sampeu teh asalna ti Brazil datangna ka Indonesia kurang leuwih dina taun 1860 M. Naha pedah sampeu kakara jol ka Tatar Sunda salila 2 taun nepi ka kecap sampeu teu diasupkeun kana kamus Jonathan Rigg kulantaran kecap sampeu tacan umum dina waktu harita. Ngan aya kecap lain nyaeta dangdeur anu dieja dangdĕr nu hartina cassava, padahal cassava teh sampeu sampeu keneh dina basa Inggris. Kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg disusun sapuluh taun samemeh diterbitkeun, jadi meureun dina taun 1850 teh sampeu geus aya ngan disebutna dangdeur tea, jadi asa leuwih percaya lamun sampeu datangna ka Indonesia teh samemeh taun eta.
Sigana kecap sampeu teh turunan tina kecap cassave (Belanda) tuluy disebut sapĕ jadi sapeu nu saterusna jadi sampeu (bandingkeun jeung kaspĕ dina basa Jawa jeung sawĕ dina basa Madura).

Geus jadi kacapangan dina mangsa keur paceklik, dina mangsa keur paila, kurang dahareun kulantaran usum halodo anu panjang, sampeu jadi kadaharan pilihan anu kacida mangfaatna. Disagigireun jadi kadaharan, sampeu ge bisa dijadikeun ubar diantarana keur reumatik, bohak nu geus aya nanahna. Keur ngubaran reumatik carana lima lambar daun sampeu ditambah ku apu paranti nyeupah, tuluy di eta bahan teh ditutu nepu ka lemes, meunang nutu tuluy dibalurkeun kana nu karasa. Ari keur ngubaran anu bohak mah sampeuna we diparud tuluy dipopokkeun kanu bohak (tingali dina http://www.iptek.net.id/ind/pd_tanobat/view.php?id=151 ).
Sampeu pikeun masyarakat Kampung Cireundeu, Kelurahan Leuwigajah, Kecamatan Cimahi Selatan jadi kadaharan utama, malah ngadahar kadaharan anu asalna tina beas dianggap pamali (pantangan). Pangna aya pantangan kitu kajadianana dina mangsa Belanda keur ngajajah keneh, di Cireundeu aya kajadian musibah kalaparan anu parna. Salah saurang inohong ti Cireundeu harita nya neangan tarekah pikeun ngungkulanana, anu satuluyna meunang pituduh sangkan ulah ngadahar kadaharan tina beas, pikeun gantina kudu tina sampeu. Eta kajadian teh dina taun 1924, nya ti harita masyarakat Cireundeu ganti kadaharan tina beas kana sampeu tug nepi ka kiwari.
Produksi sampeu di Indonesia nurutkeun ti FAO statistik taun 2000 kurang leuwih 16.1 juta ton, masih keneh eleh ku Thailand anu lobaba dina taun anu sarua kurang leuwih 19.1 juta ton, padahal lamun nilik kana lega lahan anu aya di Indonesia kuduna mah Indoneisa leuwih loba. Tina eta hasil produksi teh dipake di Indonesia sorangan lobana kurang leuwih 85% (bisa ditingali dina http://www.fao.org/es/esc/en/20953/21029/highlight_28829en.html ).
Kahareup mah aya alusna urang mimiti nurutan masyarakat Cireundeu, anu disebut “makanan pokok” teh ulah bae ngan ukur beas, komo lamun nilik kaayeunakeun harga beas anu sakitu teterekelanana, leuwih hade aya pilihan lain diantarana sampeu. Sabab sampeu lamun ditingali kandungan gizina meh mapakan kana beas. Unggal 100 gram sampeu ngandung energi 359 kkal, karbohidrat 86,5 gram, protein 1,4 gram.

Ayeuna perkara saliara (Lantana camara), nyaeta tutuwuhan anu jadi sorangan di kebon anu teu dipiara, kaasup perdu atawa rada gerembel, jangkungna aya nu nepi ka 2 meter, daunna oval buluan, kembangna laleutik warnana aya nu beureum, aya nu bodas, buahna lamun geus asak sok rada hideung sagede-gede terong peuheur, sok dihakanan ku manuk cangkurileung. Ngaran salian ti saliara sok aya nu nyebut tai hayam, lantana atawa cĕnte.
Saliara bisa dijieun ubar diantarana keur keputihan atawa ngubaran ateul dina kulit, carana mah daun saliara dirieus tulus dibalurkeun kana tempat nu aya panyakitna. Kahade daun saliara lamun over dosis bisa jadi lieur tur bisa utah-utahan (http://www.iptek.net.id/ind/pd_tanobat/), di pilemburan sok aya kajadian domba mabok alatan loba teuing ngahakan daun saliara.
Dina buku Tata Bahasa Sunda beunang S.Coolsma (seri ILDEP penerbit Djambatan, 1985, beunang nerjemahkeun tina buku Sundaneesche Spraakkunst, 1904, ditarjamahkeun ku Husein Wijayakusumah jeung Yus Rusyana), aya catetan cenah kecap saliara teh kecap anu salah ucap tina De Seriere. Ari De Seriere teh ngaran jalma bangsa Belanda anu lengkepna Guillaume De Seriere, dina taun 1828 kungsi mingping kebon enteh percobaan didaerah Wanayasa Karawang, malah saterusna jadi Residen Karawang dina taun 1835. Sigana salila De Seriere keur mingpin kebon enteh percobaan di Wanayasa mindeng paparentah ngababad tatangkalan anu aya harita kaasup tangkal lantana, anu ahirna jadi kacapangan disebut tangkal seriere anu saterusna jadi saliara.
Kecap saliara meh kapanggih dina unggal kamus basa Sunda, malah aya kecap turunana nyaeta nyaliara anu hartina gancang nerekab ka mana-mana. Duka teuing ieu teh bener atawa henteuna mah, atawa ngan sakadar heureuyna bangsa Belanda harita, pedah kecap saliara memper-memper kana kecap sereire.
Salian ti kecap saliara anu jadi catetan dina buku S.Coolsma teh nyaeta kecap rudin, dina eta buku disebutkeun rudin teh ngaran jalma nu asalna ti Sukabumi. Boga karesep kana maen (judi) jeung madat, lamun ayeunana mah meureun resep ngaganja atawa kana narkoba, nepi ka sagala hartabandana beak. Saterusna kakaburan ka Bandung dina kaayaan anu balangsak, nepi ka aya kacapangan lamun ningali jalma anu balangsak tur papakeanana raradutan sok disebut rudin. Hanjakalna ieu kajadian teh teu disebutkeun iraha-irahana.
Kecap rudin meh kapanggih dina unggal kamus basa Sunda anu hartina dangdanan anu kacida bututna, deukeut-deukeut kana nista.

Mamat Sasmita
Nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda di Bandung

HANJUANG JEUNG WATES ROHANG

Ku : Mamat Sasmita


Hanjuang (cordyline fruticosa, family : liliaceae) ngaran tutuwuhan di Tatar Sunda, dina basa Indonesia atawa basa Jawa disebut andong.
Jangkungna lamun dina tanah subur mah aya nu nepi ka dua atawa tilu meter, wangun daunna manjang kira-kira aya nu nepi ka 60 cm, rubakna kira-kira 10 cm. Tumuwuhna babari, melakna asal ditancebkeun, mun teu salah mah ngan ukur distek.
Hanjuang keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui, loba kapakena, conto anu pang gampangna nyaeta daun hanjuang sok dipake mungkus bacang (kadaharan tina beas atawa ketan dijieun meh sarua jeung leupeut ngan dijerona sok aya campuran daging sapi atawa daging hayam anu geus dibungbuan).
Aya hasil panalungtikan ngeunaan aktivitas biostatika dina daun hanjuang anu dipake keur mungkus kadaharan, panalungtikan dilakukeun ku Anis Yohana Chaerunisa saparakanca ti Jurusan Farmasi MIPA Unpad anu dimuat dina Jurnal Cermin Dunia Kedokteran No 130 taun 2001. Hasil panalungtikan nyebutkeun yen daun hanjuang alus pisan dipake mungkus kadaharan sabab ngahasilkeun anti bakteri nu mawa panyakit tipes (salmonella typhosa)

Hanjuang aya nu disebut hanjuang hejo jeung hanjuang beureum, disebut hanjuang hejo atawa beureum teh pedah eta kelir daunna semu beureum jeung aya daunna kelir hejo.
Kagunaan hanjuang sejena sok dipake wates tanah, dipelakna diunggal dijuru, antara tanah anu si A jeung anu si B. Duka kumaha tah sajarahna, naha wates tanah teh bet ku hanjuang, lain ku tangkal sejen, eta meureun hanjuang mah ngagedeanana teh kacida elatna, teu morontod tereh gede, tapi sok sanajan kitu bisa tahan dina kaayaan taneuh nu teu pati subur, tetep hirup, masing motetet oge.
Siga aya konvensi (aturan nu teu ditulis) diantara nu boga tanah, da lamun manggih hanjuang teh sok sapuk yen eta teh wates tanah, tara ieuh diganggu atawa dibabad.

Kaayeunakeun hanjuang sok dijadikeun pepelakan papaes buruan, malah aya nu ngokolakeun jadi pepelakan papaes anu disewakeun, dipelakna dina pot kembang. Baheula hanjuang sok dipelak di kuburan (astana), bareng jeung tangkal samoja jeung salasih. Ceuk anu surti mah kabeh ge eta teh ngandung siloka, hanjuang sok dipakaitkeun jeung kecap hanju atawa ngahanju. Ari hartina ngahanju teh geus deukeut kana nafas panungtungan atawa nu keur sakarat ahir. pangna dipelak di astana keur ngingetkeun anu harirup keneh sangkan eling hiji waktu ge bakal nepi kana ngahanju.
Ari tangkal samoja, wangun dahanna lempay panjang jeung kembangna bodas, daunna teu pati loba, eta teh siloka yen nu aya dikuburan teh ngan ukur tinggal tulang, euweuh hartina anu tadina kasep atawa geulis ge ari geus jadi tulang mah meh sarua kelirna bodas. Salasih nyaeta sangkan urang nu masih keneh papada hirup kudu silih asih, ulah pakia-kia dina ngambah kahirupan, kudu runtut raut saigel sapihanean (A.Prawirasuganda,Upacara Adat di Pasundan, 1964).

Carita sejen ngeunaan hanjuang ceuk anu sok resep kana hal-hal anu rada mistis, antara hanjuang hejo jeung hanjuang beureum aya bedana. Hanjuang hejo sifatna ngondang, ngondang kana kakuatan supranatural, sedengkeun hanjuang beureum sifatna nolak. Matakna lamun rek melak hanjuang di hareupeun imah keur papaes leuwih alus hanjuang beureum, supaya salian ti keur papaes sakalian keur tolak bala, panolak kana kakuatan supranatural nu teu hade, kitu ge ari percaya.

Kumaha ari hanjuang bodas, tah eta mah teu kapanggih dina bukuna referensi sejen, kapanggih teh dina buku carita pantun Bogor “Dadap Malang Sisi Ci Mandiri”(Penerbit Mangle 1964). Ceuk ieu carita pantun, hanjuang bodas gede tangkalna sagede indung suku, jangkungna ngan sajangkung lutung keur nangtung, daunna ngan hiji, kembangna ngan hiji, mun buahan tara leuwih ti dua. Matakna disebut hanjuang bodas, kusabab bodas akar, bodas tangkal, bodas daun, bodas pucuk, bodas kembang, bodas kabuah-buahna. Ayana pundah pindah teu tangtu dumukna. gunana mun akarna dipake balur, awak moal teurak ku pakarang, umur panjang ratusan taun. Mun tangkalna dipake iteuk moal aya jalan anu sasab, kabeh poek jadi caang, nu jarauh jadi deukeut.
Sigana ieu ge siloka sagemblengna, hartina hanjuang bodas nyaeta elmu atawa kalungguhan, dilarapkeunana teh kudu jujur, kudu bener, kudu amanah. Lamun bener ngajalankeunana tangtu hasilna ge bakal bener, bakal mangfaat keur balarea, moal aya korupsi moal aya kateujujuran. Elmu nu dipake kalawan bener bisa jadi tuduh jalan, jadi amal anu nganteng salilana

Hanjuang geus mere pepeling dina wates rohang (Indonesia : batas ruang) antara hirup jeung pati, antara jujur jeung teu jujur. Hanjuang mere tangara aya wates rohang antara hak pribadi jeung hak batur, antara hak pribadi jeung hak publik, hanjuang mere tangara ulah pacorok ngalarapkeunana.


Mamat Sasmita
Nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda di Bandung.
(Artikel ieu dimuat dina Majalah Cupumanik No 46 Mei 2007)