07 May 2010

KASADARAN LITERASI

Ku : MAMAT SASMITA

Susuluk (motto) keur hiji lembaga biasana mah sok dijadikeun roh dina hirup jeung huripna, satuluyna dibedah nepi ka jadi corporate culture (visi) tur sok dijieun papagon opersionalna dina wangun misi jeung standar operasional prosedur (sop). Majalah bulanan basa Sunda Cupumanik napak dina susuluk Nyungsi Sunda nu Mandiri.
Nyungsi, tina kecap dasar sungsi hartina sarua jeung ngajugjug, kecap pagawean. Di dieu ngandung harti aya proses, aya prak-prakanana. Dina prak-prakanana nyungsi tangtu aya ugeran atawa ijiran nu sifatna strategi sangkan nu dijugjug teh tereh kahontal.
Sunda, hiji entitas nu diwatesanan ku rohang (jeung waktu), sacara administrasi pamarentahan eta entitas teh disebutna Jawa Barat. Dina rohang eta aya kabeungharan mangrupa alam, manusa (panglobana nu ngaku dirina urang Sunda) jeung budayana (material jeung non material).
Mandiri ngandung harti percaya diri, percaya diri kana kahayangna, kamampuhna jeung pangaweruhna. Hiji entitas, boh nagara boh pakumpulan, bakal weweg lamun disokong ku individu nu percaya diri, percaya kana kahayangna, kamampuhna jeung pangaweruhna, tungtungna bakal mere ajen identitas nu panceg.

Salah sahiji nu bakal mere pangaruh sangkan urang Sunda mandiri nyaeta kasadaran literasi. Literasi cek UNESCO mah hartina teh kamampuh ngaidentifikasi, napsirkeun, nyiptakeun, ngomunikasikeun jeung kamampuh ngitung tina materi tinulis jeung variasi bahan sejen nu luyu jeung konteksna. Aya kamampuh ngalakukeun komunikasi di masarakat kalawan lancar, sabab dina ngama’naan literasi aya praktek hubungan sosial nu silih anyam didadasaran ku pangaweruh, basa katut budaya. Anakitu kasadaran literasi teh lain bae sakadar kasadaran maca jeung nulis tapi deui mampuh maca tanda atawa simbol nu jadi kabeungharan masarakatna.

Dina harti heureutna kasadaran literasi teh nyaeta kasadaran maca jeung nulis. Enas-enasna mah maca teh bisa ngaderes tur nyurahan pamadegan batur, tuluy ngalakukeun hal nu positip dumasar kana hasil ngama’naan bacaanana. Ari nulis nyaeta bisa ngadadarkeun pamadegan urang dina wangun tulisan. Kasadaran maca jeung nulis teu diwatesanan ku hiji basa, bisa bae make basa internasional, nasional atawa basa lokal (Sunda). Keur ngawadahan kasadaran literasi basa lokal, nya didieu media massa Sunda ngalalakon, ngojayan sagara kahayang nu macana. Nyeueung kana kahayang nu macana, kalan-kalan sok aya humaregungna. Sabab aya beja majarkeun eusina media basa Sunda mah nu dipikaresep teh guguyon, carita mistis (nyaritakeun urang Sunda mah sakti, bisa hiber, bisa mubus lemah, bisa ngaleungit atawa carita nu matak muriding bulu punduk) jeung panineungan, cohagna mah ngan ukur panglipur atawa pangbeberah manah.

Padahal media basa Sunda teh boh majalah, boh koran geus aya ti beh ditu mula, malah geus aya ti jaman kolonial keneh, tapi naha atuh ekspektasi nu macana siga nu ngajeten teu maju-maju. Dibere weh nu sed saeutik aya pikiraneunana, disebutna teh teu bisa dibaca bari gogoleran, majarkeun kudu serius, kudu daria macana. Boa boa enya basa Sunda mah cocogna ukur keur panglipur, da geuning sok aya nu nyebut basa Sunda mah basa rasa, adu manis pisan, kapan panglipur mah leuwih nyoko kana rasa, ngabeberah manah kasebutna ge. Bararaid teuing lamun aya anggapan elmu pangaweruh mah leuwih merenah make basa Indonesia, atuh meureun basa Sunda teh bakal leuwih kadeseh, sabab fungsi sosialna basa Sunda teh siga nu diwatesanan. Sabenerna naon rupa hal ge bisa ditulis dina basa Sunda, gumantung kana kreativitas jeung ngalelebahna. Nya didieu kasadaran literasi Sunda kudu dijaulkeun supaya beuki mumbul kaluhur. Nu kadada kaduga ku Cupumanik iwal ti mere lolongkrang keur ngawadahan sagala rupa tulisan dina basa Sunda. Malah alus pisan lamun tulisan teh aya unsur rekonstruksi jeung dekonstruksi kana sikep urang Sunda. Upamana sikep urang Sunda kana waktu apan rajeun sok disebut polikronik, logor pisan. Jangji tabuh dalapan isuk-isuk, ari pek nedunan tabuh salapan isuk-isuk, bari jeung euweuh riuk riuk ngarasa salah, sikep kitu teh aya alusna di-rekonstruksi. Kitu deui kana sikep wekel hade gawe (etos kerja), sok rajeun ngadenge urang Sunda mah teu pati junun kana gawe. Ari jorok miceun runtah, atawa korupsi hadena mah di-dekonstruksi, dibongkar pisan tuluy dipiceun ka sagara. Tangtu tulisan nu dipiharep ku Cupumanik teh teu leupas tina etika jeung estetika.
Ampun paralun lain rek mapatahan ngojay ka meri, geus waktuna kasadaran literasi teh disahengkeun deui, utamana dina budaya Sunda sabab eta bakal mere ciri atawa identitas keur urang Sunda tur mere jalan sangkan kahontal nyungsi Sunda nu mandiri.


(Dimuat dina Cupumanik No.82 Mei 2010)
===================================================

CUPUUMANIK majalah bulanan basa Sunda. Upami bade ngalanggan tiasa langsung pesen ka Redaksi / Bagian Pemasaran. alamat :
Jl. Taman Kliningan II No.5 Bandung
Tlp 022-7310625