17 September 2009

MEDIA MASSA DI TATAR SUNDA

Laporan : MAMAT SASMITA

AYA pamadegan yen tarung marebutkeun pangsa pasar media massa nu sabenerna mah ayana di Bandung. Nu jadi marga lantaranana Bandung mah kacida nampeuna ka Jakarta. Media massa citak nu medal di Jakarta dipasarkeun di Bandung. Sedengkeun media massa nu medal di Bandung ge kaitung rea. Parebut pangaruh sangkan dibaca ku urang Sunda, lain bae parebut papada media massa nu medal di Jakarta. Deui-deui kudu tarung padungdung jeung media massa (satuluyna urang sebut koran) nu medal di Bandung. "Berdarah-darah" kitu istilahna teh. Keur ningali kumaha parebutna pangaruh, deugdeug we ka Cikapundung, pasar koran subuh-subuh. Talingakeun, mana nu pangdidagoanana ku para agen koran. Mun koran A didagoan ku agen najan nepi ka rada beurang, sedengkeun koran sejen ukur didiukan padahal datang pangsubuhna, eta hartina koran A loba nu maca, meunang pangaruh.
Media massa lain bae koran tapi aya deui media massa elektronik kayaning televisi jeung radio. Nu dimaksud televisi dina sawala di PSS nyaeta televisi lokal, siaran televisi nu aya di Bandung, ari radio mah saheulaanan teu dibahas dina sawala.
Kumaha eusina boh koran boh televisi, nu sakitu berdarah-darah marebutkeun nu maca, marebutkeun nu lalajo. Naha geus ngawadahan kapereluan informasi nu sipatna keur kapentingan urang Sunda?
Keur ngaguar ieu perkara, Sawala PSS dina tanggal 14 Agustus 2009, ngondang Cecep Burdansyah ti Tribun Jabar jeung Mugiana ti Bandung TV.

Koran

Reposisioning, kitu istilahna cek Cecep, waktu koran Metro Bandung robah ngaran jadi Tribun Jabar. Basa ngaranna masih Metro Bandung, cek urang Garut teh teu hayang meuli koran nu urang Bandung, kitu deui urang Cirebon. Padahal Metro Bandung teh ajangkeuneun urang Sunda lain bae nu aya di Bandung. Tina pangalaman eta nya robah ngaran jadi Tribun Jabar, Alhamdulillah, cek Cecep, sanggeus robah ngaran nu maca beuki ngalegaan, nu masang iklan beuki merul. Urang Garut, urang Cirebon asa kaaku.
Posisioningna ayeuna Tribun Jabar teh koran nasional nu medal di Bandung. Head on (adu hareupan) jeung koran sejen nu ngaku geus "menyebar mengakar" di Jawa Barat.
Najan mosisikeun diri jadi koran nasional tapi tina sisi geografis nyabit ngaran Jabar (Jawa Barat) tangtu we kapentingan masarakat Jabar jadi prioritas. Boh kapentingan ekonomi, politik, kaamanan jeung kapentingan budaya. Cecep ge ngaku ari dina kaca hiji mah, dina headline, mun warta ti Tatar Sunda teu pati kuat, nya beja nu sifatna nasional jadi headline. Warta sejen saperti olah raga, lifestyle mun ditilik mah saimbang jeung nu sifatna nasional, ieu teh keur nyaimbangkeun psikografi nu macana. Ieu teh teu leupas tina strategi dagang.
Pangalaman Cecep, nyieun rubrik opini teh nepi ka dua taun kakara disatujuan ku korporat Tribun. Ditimbang-timbang untung rugina, ditimbang bisinisna. Nu karasa hese ngajawab waktu ditanya naha rubrik opini perkara budaya, urang Sunda teh "bareukieun?" boa-boa teu dibaca. Keur ngayakinkeun yen rubrik opini teh perelu tur bakal dibaca nya perelu waktu dua taun tea. Alhamdulillah ayeuna mah geus jadi ciri yen di Tribun Jabar aya rubrik opini nu matuh. Unggal poe Senen aya opini ti para ahli nu topikna ditangtukeu ku redaksi, Salasa Jumaah diajangkeun keur guru, keur mahasiswa poe Rebo, ari Kemis jeung Saptu eta mah keur umum. Rubrik opini teh mangrupa martabat hiji koran, nu ngawadahan pikiran-pikiran nu macana. Cek Cecep naha ieu teh tos nyunda atawa teu acan, eta mah mangga riyanggakeun ka sadayana.
Perkara nyunda keur saheulaanan diwatesanan ku ngawadahan eusi warta ti Tatar Sunda tur aya opini ti masarakat Sunda, asal ulah ngarempak kodeu etik jurnalistik. Da ari wanda (style) tulisan mah biasana mekar tur jadi ciri sewang-sewangan unggal koran.
Tingkat persaingan bisnis koran di Tatar Sunda teh sakitu peuheurna. Pikeun ngungkulan masalah ieu Cecep ngadadarkeun strategina nyaeta kumaha carana ngolah isu penting. Mun ngan sakadar dianggap penting, pasti kaleled. Komo ayeuna mah aya internet, aya facebook, beja penting teh pan pasuliwer siga nu real time. Tah kudu dibedakeun antara unsur nu dianggap penting jeung unsur proses nu dramatis nepi ka jadi penting.
Soal harga koran, eta mah da fluktuatif, kapan aya koran mun leuwih ti jam sapuluh beurang langsung ngagejret, cek Cecep mending manteng we dina harga nu geus dipatok jeung ongkoh deuih sabenerna mah infromasi teh kudu haratis.

Televisi

Media televisi kakuatanana aya dina audio visual (sora jeung gambar hirup). Kaendahan Tatar Sunda bisa langsung katingali, kitu deui budaya Sunda bisa katingali kumaha beungharna. Kakuatan ieu teh jadi daya tarik nu kacida gedena mangaruhan kana persepsi masarakat nu lalajona. Televisi lokal beda jeung televisi nasional, keur televisi lokal mah kudu nyoko kana potensi lokal (basa, seni, budaya) jeung entertainment. Ditambah ku eusi warta teh kudu deukeut (proximity) jeung masarakatna.
Sadar kana ieu kakuatan, Bandung TV, ngawanohkeun sababaraha acara nu dasarna kana budaya Sunda. Di antarana warta berita "Tangara Pasundan" nu midang ti Senen nepi ka Jumaah unggal tabuh satu beurang. Acara "Golempang" nu ngabahas perkara kasundaan unggal malem Jumaah. Mun dipersentasekeun mah meh 50% acarana nyoko kana budaya Sunda.
Di Bandung, televisi lokal teh lain bae Bandung TV aya deui saperti Pajajaran TV (PJTV), STV nu geus wani ngasongkeun sababaraha program acara ngadumaniskeun antara potensi lokal jeung entertainment, hiburan. Atuh teu kaliwat di PJTV jeung STV ge boga acara warta berita dina basa Sunda.
Papadaning kitu, aya rasa kamelang nyaeta lebah miarana tur ngokolakeunana nu bangun sahayuna. Pedah eta dina midangkeun warta berita basa Sunda teh meunang narjamahkeun tina basa Indoneesia jeung narjamahkeunana siga harfiah lain tina wangun kalimah. Antukna loba kekecapan nu teu merenah geus puguh ari kamalayon mah. Keur ngungkulanana kudu daek tatanya ka para ahli basa Sunda nu aya di LBSS, atawa nu aya di paguron luhur kayaning UPI jeung UNPAD.
Hal sejen nu ditanyakeun ku nu hadir dina sawala di antarana naha enya ari ngagambarkeun Sunda teh kudu bae suasana pilemburan, make pakean tradisional, diuk di saung, suling ngagelik. Kitu deui dina paguneman saperti dina acara "Golempang" di Bandung TV, tara pisan aya dogdag ngabela pamadegan, sigana teh silih eledan we. Najan nu sawala pada sapuk teu kudu kitu ngagambarkeun Sunda teh, tapi can aya kajinekan kudu kumaha. Malah aya nu ngusulkeun sangkan aya audience survey, pikeun nyaho kumaha kahayang nu lalajo televisi.
Diaku ku Mugiana loba keneh nu kudu dibebenah, ari soal nyunda henteuna mah nyanggakeun ka pamiarsa, da mun nilik acarana mah geus loba nu make kasang tukang budaya Sunda.

Harepan

Ngagoongan kana eusi sawala, Setia Permana, anggota DPR-RI, nandeskeun najan enya aya kahandeueul sabab mireng media massa di Tatar Sunda jauh tina harepan, tapi alusna mah terus we dipaju. Urang silih benerkeun, ulah silih salahkeun, sugan ka hareup mah beuki alus.
Kreativitas media di tatar Sunda teh kudu beuki nambahan, apan Bandung teh kawentar gudangna kreativitas, komo dina widang modeu, lifestyle jeung kuliner mah, maenya dina widang media massa kudu eleh, ulah ukur ngeuyeumbeu.

• Nu nulls, panumbu catur
matuh sawala Pusat Studi Sunda,
Bandung
(Di muat dina majalah basa Sunda Cupumanik No.74 September 2009)