08 March 2015

RAGAM HIAS Dina Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (Bagian ka 4)

Ku : MAMAT SASMITA                             Bagian ka    1    2    3    4

5.      Kalangkang ayakan

Ayakan téh parabot paranti nyair lauk jeung paranti ngayak, mun ayakan diteundeun di tempat nu kapoé (keuna ku cahaya panon poé) tangtu bakal katingali kalangkangna, siga papan catur hideung bodas kiwari mah. Kalangkang ayakan teu béda jeung kaén poléng.

6.      Poléng rengganis

Harti rengganis, mun nyokot kecap rengga-na hartina dihias dialus-alus atawa diarula-arileu sangkan katingalina beuki sieup. Poléng rengganis téh poléng nu dialus-alus.

7.      Jayanti

 Jayanti (sesbania sesban Merr) téh ngaran tangkal leutik jangkungna kurang leuwih ukur dua meter, daunna kawas daun peuteuy sélong rajeun dipaké ubar keur nyeri beuteung atawa nyeri cangkéng, dirames dibalurkeun ka nu nyeri. Kembangna rantuy raraweuyan, buahna kawas kacang panjang tapi rada leutik. Lantaran teu disebut kembang jayanti, sigana nu dipaké keur rupa hias téh daunna. Tingali gambar jayanti.

8.      Cecempaan

Cempa téh naon atuh? Aya nu kungsi nerangkeun cempa téh kambang campaka (michelia champaca), mun enya cempa téh sarua jeung kembang campaka (bandingkeun jeung dina basa Melayu atawa dina basa Acéh sok nyebut bunga cempa), meureun cecempaan téh hartina gambar nu niru-niru kembang campaka.
Dina SSK ge kapanggih kecap cempa nu séjén tapi éta mah nuduhkeun ngaran wewengkon atawa ngaran nagara, moal kitu cecempaan téh niru-niru lawon ti nagri Cempa?

9.      Mangin haris

Atik Sopandi dina Suciati ((2008;245-246) nyebutkeun yén mangin haris teh tangkal hiris (cajanus cajan Millsp) nu katebak angin. Tapi  Zoetmulder (2011) nyebutkeun haris téh hartina lemes, leutik. Mun mangin dihartikeun angin, jadi mangin haris téh hartina angin ngahiliwir atawa angin leutik, ngan kumaha ngagambarkeun angin ngahiliwir, naha ngan gambar udat-udatan wungkul atawa aya nu ting arileuna?  
10.      Boéh siang

Boéh hartina lawon (bodas), ari kecap siang aya sababaraha harti nyaéta beurang, caang (bandingkeun jeung kecap siang dina basa Indonesia, menyiangi, nu hartina meresihan, sangkan beresih, caang, teu harieum). Danadibrata (2006) nyebutkeun di Kanékés (Baduy), siang téh hartina beureum, ngucapkeun siang di Baduy mah kaasup buyut (larangan).
Ku kituna Atik Sopandi dina Suciati (2008;245-246) nyebutkeun yén nu dimaksud boéh siang téh nyaéta boéh atawa lawon nu warnana beureum.  

11.      Papakanan

Papakanan, kecap asal tina pakan atawa pakanan. Pakan hartina kantéh (benang) nu ngujur ka rubakna atawa ti kénca ka katuhu nu keur ninun. Sedengkeun pakanan mah hartina indung manuk nu keur méré hakaneun ka anakna, siga dina babasan manuk pakan kundang hartina anak manuk nu geus bisa hiber nuturkeun indungna tapi masih kénéh dipakanan, mun jelema mah dihuapan.
Mun ieu dilarapkeun kana rupa hias asa merenah kénéh gambar manuk indungna keur méré kahakanan ka anakna.

12.      Surat awi

Surat di dieu tangtu lain surat nu hartina keretas nu ditulisan, tapi urat awi siga kecap serat dina basa Indonesia. Mun disidik-sidik urat awi bakal leuwih kaciri mun hinisna dipiceun heula, kaciri ting arudat aya nu rada kasar jeung aya nu lemes. Rupa hias surat awi mangrupa udat-udatan siga urat awi bakal leuwih alus mun bukuna gé kaciri.

13.      Parigi nyéngsoh

Dina kamus basa Sunda LBSS (2007) hartina parigi teh sumur atawa solokan (jalan cai beunang nyieun, lain jadi ku sorangan) ari dina kamus Sunda Danadibrata (2006) parigi teh nyaeta sababaraha cagak walungan dina beber (jalur) walungan nu keur saat. Parigi ge sok dihartikeun kamalir rubak sarta jero.
Ari nyengsoh meh saharti jeung nyengsol. Mun dicokot kecap sumur keur ngahartikeun parigi asa kurang merenah sabab biasana sumur mah buleud.  Rarasaan leuwih merenah mun nu dicokot teh dina harti kamalir nu rubak ngagambarkeunana nyengsoh atawa nyengsol, henteu lempeng sajajar jeung lusi atawa pakan, tapi siga motif batik lereng atawa rereng, nu nyengsoh jeung sisi kaen.
Keur babandingan, Atik Sopandi dina Suciati (2008;245-246) perigi nyengsoh teh sumur atawa pager sumur nu geus nyengsol.

 14.  Lusian besar

Lusi teh kanteh nu ngujur ka panjangna, lamun dina gedogan (paranti ninun) mah tina tunjangeun ka nu ninun, lusi teh sbalikna tina pakan. Besar di dieu meureun hartina gedé, lain bebesaran (morus alba L) ngaran tutuwuhan. 
Mun kitu lusian besar téh ampir sarua jeung poléng ngan pédah dina lusianana poléngna leuwih gedé batan dina pakan.

15.  Kampuh jayanti

Boh kamus basa Sunda LBSS boh kamus Sunda Danadibrata nyebutkeun kampuh téh basa lemes, ari basa kasarna simbut. Jadi ana kitu mah kampuh jayanti teh (kaén) simbut nu maké hiasan (rupa daun atawa kembang) jayanti.
Rupa simbut mun maca bukuna J.E.Jasper (1912a) dina kahirupan urang Sunda, mimiti ti Banten nepi ka Priangan boga corak nu husus (tingali gambarna), ngan lain dina wangun tinun ikat, tapi dina wangun batik jeung nulisna lain ku canting tapi ku nyéré atawa bébékan awi. 

16.  Hujan riris

Riris dina kamus basa Sunda Danadibrata (2006) hartina lemes atawa leutik. Hujan riris hartina hujan leutik atawa girimis, mun kitu rupa hias hujan riris teh niru-niru hujan leutik, bandingkeun jeung motif batik udan riris ti Jawa.

17.  Boéh alus

Alus bisa dihartikeun lemes, jadi boéh alus teh kaén nu lemes atawa siga kaén sutra.

18.  Ragén pangantén

Kecap ragén téh asa sok pahili jeung rérégan, pedah harti rérégan téh pipinding dina lawang ka enggon, tapi sigana mah ragén téh hartina lain kitu.
Kecap ragén kapanggihna dina ngaran tangkal nyaéta ki rapet atawa kayu rapet atawa gembor atawa akar gerip putih (parameria barbata K.Schum), cenah ki rapet téh bisa dipaké keur ubar murus, atawa keur awéwé nu anyar ngajuru ambéh téréh rapet pianakan kitu deui keur ngalancarkeun getih awéwé nu keur palangan (Redaksi Agromedia 2008;121).
Mun enya kecap ragén téh ngaran tangkal tapi naha di sebut pangantén? Mun nilik kana gunana tangkal ragén, siga nu leuwih aya gunana keur nu palangan atawa nu tas ngajuru, asa pantes mun disebut keur panganten (dina harti awewe nu geus boga salaki) atawa tangkal ragen nu ngabanding siga panganten. Bandingkeun jeung motif batik ragén pangantén ti Cianjur mangsa kiwari.

 Nu can kapanggih raratanana nyaéta:

Sameleg, sigeji, pasi-pasi, paparanakan, sili ganti, bebernatan, gaganjar. Keun nu can kapanggih mah urang teundeun di handeuleun sieum, urang tunda di hanjuang siang, sugan isuk jaganing géto bisa kapanggih ku anak incu.

WARNA SUNDA

Keur ngalengkepan rupa ragam hias nu aya dina SSK, di handap dibéréndélkeun rupa-rupa warna nu aya di urang Sunda. Warna kacida raketna jeung ragam hias batik kitu deui jeung kaén kasang, keur ngawarnaanana. Béréndélan warna di handap téh meunang ngoréhan tina kamus basa Sunda LBSS jeung kamus basa Sunda Danadibrata, boa teu kabéh kapanggih ku kituna bisi aya nu kaliwat éta mah tambahkeuneun nu macana.

Hideung, hideung lestreng (biasana sesebutan ka jelema nu kulitna hideung pisan), hideung santen (sesebutan ka jelema nu kulitna hideung beresih, manis kacirina), hideung lagedu atawa lagedu (sesebutan ka jelema nu kulitna sabalikna tina hideung santen), hideung meles (biasana sesebutan ka sato nu buluna warna hideung semu hérang tur teu kacampuran ku warna séjén najan saeutik), geunteul (semu hideung, biasana disebut kana biwir nu kabulusan atawa tirisan).

Bodas, bodas ngeplak (kacapangan kana warna bodas nu bodasna rata, teu kacampuran warna séjén najan saeutik), bodas nyacas (sarua jeung bodas ngeplak).

Konéng, konéng umyang atawa konéng omyang (konéng lir kulit cau nu geus asak atawa paré nu geus kolot rék dipanén), konéng enay (konéng pisan), konéng konéas atawa konéng koléas ( warna konéngna méh rék leungit) atawa konéng sahéab, gedang asak (konéng siga gedang nu geus asak).

Beureum, beureum euceuy (beureum siga getih, beungeutna euceuy dipapandékeun ka jelema nu keur kacida ambekna), beureum ati (beureum siga ati atawa haté), beureum cabé (beureum siga cabé kolot), kasumba  (beureum ngora, kasumba atawa galinggem ngaran tutuwuhan, bixa orellana L, buahna sok dipaké nyelep), kayas (bodas semu beureum).

Héjo, héjo bagedod atawa héjo ngagedod  atawa héjo binetot (hejo pisan), héjo daun (héjo siga warna daun), héjo pucuk cau (héjo ngora siga pucuk daun cau), héjo botol (héjo siga warna botol jaman baheula), héjo lukut (héjo siga warna lukut), héjo carulang (dipapandékeun kana kulit awéwé nu alus, carulang téh ngaran jukut), héjo tai kuda (héjo nu siga warna tai kuda), héjo tihang (sabenerna ieu mah lain ngaran warna tapi babasan nu ditujukeun ka jelema nu resep pinpindahan gawé).

Kulawu (méh sarua jeung warna lebu, bandingkeung jeung kelabu atawa abu-abu dina basa Indonesia) atawa hawuk atawa dawuk.

Bulao atawa biru ( bulao mah asalna tina basa Walanda blauw, sigana biru téh basa Sunda sarua jeung biru dina basa Indonesia, lantaran aya patempatan nu ngaran biru misalna Cibiru di Bandung Kidul, atawa kampung Biru di Bandung Kalér deukeut Cisitu. Bandingkeun jeung kecap putih atawa mirah/ mérah asa mindeng kapanggih dina transkripsi naskah Sunda kuna). Paul (warna biru nu katingali ti kajauhan).

Gading (warna siga gading gajah, gedang gumading, gedang nu warnana siga gading atawa satengah asak, ari warna gedang asak mah méh sarua jeung warna konéng).

Bungur atawa wungu atawa gandaria (ungu, sabenerna bungur teh ngaran tutuwuhan, lagerstroemia anisoptera, ngan kembangna warna wungu), gandaria ( ungu voilét, gandaria ngaran tutuwuhan bouea macrophylla Griff, siki gandaria warnana wungu), gandola (ungu, violét, gandola ngaran tutuwuhan, basella rubra L, sikina nu geus asak warnana ungu violét). 

Tarum (warna nila atawa indigo, tarum ngaran tutuwuhan, indigofera tinctoria, warna indigo tina daunna, sok dipaké nyelep).

Warna nu séjén kayaning carambang (warna bulu hayam nu hideung totol-totol bodas laleutik), colat (warna bodas saeutik rada manjang dina tarang sasatoan nu warnana lian ti bodas), borontok (Warna bulu hayam, hideung atawa beureum campur totol-totol bodas), bulu hiris (warna bulu ucing nu udat-udatan cara cangkang hiris).  

PAMUNGKAS

Luyu jeung pamadegan Nian.S.Djumena yén ragam hias di hiji tempat bakal silih pangaruhan jeung tempat séjén. Upamana ragam hias nu aya di Tatar Sunda tangtu bakal silih pangaruhan jeung nu aya di Tatar Jawa, ongkoh deuih antara Sunda jeung Jawa mah saampar samak, sarua kénéh aya di Pulo Jawa. Lain baé dina rupa ragam hias silih pangaruhan téh tapi deuih dina basana, loba kapanggih dina naskah kuna basa Sunda nu sarua jeung basa Jawa kuna. Nu matak dina nyalusur ngaran-ngaran ragam hias nu aya dina SSK gé rajeun maké kamus Jawa kuna.
Tina tilu puluh salapan ngaran ragam hias nu aya dina SSK, teu bisa kabéh kapanggih, ieu téh mawa kahandeueul ngan dikumahakeun deui da ngan sakitu kamampuhna. Nu bisa kapanggih gé can tangtu bener kabéh, muga-muga wé teu salah kabéh. Ku kituna neda tawakupna. Sasieureun sabeunyeureun muga aya mangpaat keur nu macana.

Kitu deui perkara warna nu ditulis di luhur, tangtu can kabéh bisa kakobét, komo nu aya dina basa wewengkon. Geus disebutkeun di luhur yén warna téh kacida raketna jeung rupa ragam hias, lain baé keur nambah nyari tapi deuih warna gé sakapeung méré ajén nu leuwih jero, samisal nu aya kakaitanana jeung rupa upacara nu dianggap sakral. Rupa-rupa warna ieu mun diluyukeun jeung pamanggih Drs H.R.Hidayat Suryalaga ditambah ku rupa ragam hias nu geus diterangkeun, sigana bakal leuwih babari mun hayang nalungtik asalna (ti kidul, tengah atawa kaler) rupa ragam hias tadi, tur bisa kakobét kumaha ajén étika jeung éstétika luyu jeung adat istiadat satempat.

Mun nilik jumlah ragam hias nu aya dina tulis (batik) jeung nu aya dina boéh (tenun ikat atawa songkét), leuwih loba nu aya dina gumpulkan boéh atawa tehun ikat, ieu téh méré tangara yén mangsa bihari (1518) nu leuwih dalit (populér) jeung masayarakatna nyaéta kaén kasang atawa tenun ikat batan batik. Cék Dra Suwati Kartiwa MSc (1989;2) ti baheula mula, ti jaman prasejarah bangsa Indonesia geus wanoh kana tinunan nu aya corakna dijieun ku cara meungkeut lungsi.
Urang Sunda gé tangtu boga kamampuh nyieun tenun ikat, najan nu kawentar dina produk tenun ikat téh ayana di masyarakat Indonesia séjénna kayaning Sumatra, Kalimantan, Sulawesi, Nusa Tenggara Timur, Nusa Tenggara Barat.
 Ari kiwari – ku ningali saliwatan – di Tatar Sunda leuwih dalit (populér) jeung batik batan tenun ikat. Naha ieu téh  pédah geus ngisedna ajén-inajen (ayana pergeseran nilai) di masyarakat Tatar Sunda?  Keur ngajawab ieu pertanyaan lain pagawéan méméh mumuluk, tapi kudu aya panalungtikan nu leuwih daria. Cag, Sakitu heula nu kapihatur


DAFTAR PUSTAKA

Aditia Gunawan, Sanghyang Sasana Maha Guru dan Kala Purbaka Suntingan dan Terjemahan, Perpustakaan Nasional RI, 2009

Jamaludin Wiartakusumah, Estetika Sunda, Rubrik Anjungan Kompas Jabar Sabtu 28 Pebruari 2009

J.E.Jasper en Maspirngadie, De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie I  Het Vlechtwerk, Gravenhage door de boek  & Kunstdrukkerij  v/h Mouton & Co,   1912a

J.E.Jasper en Maspirngadie, De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie  II De Weefkunst, Gravenhage door de boek  & Kunstdrukkerij  v/h Mouton & Co,  1912b

J.E.Jasper en Maspirngadie, De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie  III De Batikkunst , Gravenhage door de boek  & Kunstdrukkerij  v/h Mouton & Co,   1916

J.Noorduyn-A.Teeuw, Tiga Pesona Sunda Kuna, Pustaka Jaya, 2009

Jonathan Rigg, A Dictionary of the Sunda Language of Java, Batavia Lange&Co 1852.

K.F.Holle,  Vlugtig  berigt  omtrent  eenige  lontar-handschriften,  afkomstig uit  de Soenda-landen,  door  RADHEN  SALEH  aan het Bataviaasch  Genootschap  van  K. en  W. ten geschenke  gegeven, met  toepassing  op de  inscription  van  Kwali,   TBG Deel  XVI  vijfde serie Deel II, 1867

LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), Kamus Umum Basa Sunda, Geger Sunten 2007.

Mamat Ruhimat, Aditia Gunawan, Tien Wartini, Kawih Pangeuyeukan Tenun dalam puisi Sunda Kuna dan teks-teks lainnya, Perpusnas bekerja sama dengan PSS, 2014.
P.J.Zoetmulder bekerja sama dengan S.O.Robson, Gramedia Pustaka Utama, Cet VI, 2011.

Nian S Djumena, Ungkapan Sehelai Batik Its Mistery and Meaning, Penerbit Djambatan, 1986

R.A.Danadibrata, Kamus Basa Sunda, Kiblat Buku Utama, 2006

R.H.Hidayat Suryalaga, laporan sawala Estetika Sunda Kawas Kumaha?, Cupumanik No.57 April 2008.

Redaksi Agro Media, Buku Pintar Tanaman Obat 431 Jenis Tanaman Penggempur Aneka Penyakit, Penerbit Agromedia Pustaka, 2008

R.R.Hardjadibrata Sundanese Englis Dictionary, Pustaka Jaya, 2003

Saléh Danasasmita, Ayatrohaedi, Tien Wartini, Undang A Darsa ; Sewaka Darma, Sanghyang Siksakandang Karesian, Amanat Galunggung; Transkripsi dan Terjemahan, Penerbit  Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Keb Sunda (Sundanologi)  Dep PdanK, 1987.

S.Coolsma, Tata Bahasa Sunda, Djambatan 1985

Soegeng Toekio M, Mengenal Ragam Hias Indonesia, Penerbit Angkasa Bandung, 1987

S.Prawiroatmojo, Bausastra Jawa-Indonesia, Gunung Agung 1981

Suciati, Karakteristik Iket Sunda di Bandung dan Sumedang Periode Tahun 1968-2006,  
ITB J. Vis. Art & Des., Vol. 2, No. 3, 2008, hal 237-260 

Dra Suwarti Kartiwa MSc Kain Songket Indonesia, Djambatan, Cetakan II, 1989.


(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No.2517, 5-11 Maret 2015)