30 December 2008

Carpon : BASA MAMAH REK NGAJUAL IMAH

CARPON SEJEN : 1  2  3  4  5  6  7  8  9 10 11 12 13 14 


Ku : MAMAT SASMITA                         English Version

Bubar ti sakola teh sok jadi hareneg, asa horoream mulang ka imah. Beda jeung babaturan siga nu jigrah. Geura we Revi, babaturan sakelas, teu sirikna lumpat balik ka imah teh, dina angkot ge asal kabawa we kajeun kabagean diuk ukur nember.
Cenah mah di imahna teh boga cocooan, dua anak ucing keur kumincir. Di imah kuring mah geus dua bulan ilang dangiang, diburuan ge asa teu hegar henteu ari barala mah da aya ari nu sasapu bae mah. Kekembangan dina pot siga nu alum. Dua minggu kaliwat Mamah masang plang hareupeun imah tina sesemplekan triplek, aya tulisan unina : Rumah ini akan dijual TP hub 08xxx. Kuring kacida ngagebegna basa maca eta tulisan, geuning imah teh rek dijual. Kakara sababaraha poe sanggeus plang dipasang Mamah betus ngabejaan pangna eta imah rek dijual, pajarkeun rek pindah. Betusna ukur kitu. Keur kuring mah asa teu kaharti naha bet kudu pindah jeung naha imah kudu dijual sagala?
Teu wani tatanya boh ka Mamah boh ka Apa, sieun kabarerang. Pedah eta sok kaciri siga nu keur pahereng-hereng, malah ampir dua bulan siga nu tara pati patanya, lamun teu penting-penting teuing mah. Tara ari ningali pasea mah, malah nepi ka umur kuring sapuluh taun asa can ningali Apa jeung Mamah patorong-torong komo pasea mah. Duka pedah era ku budak pantar kuring, duka kitu we meureun etikana. Kungsi eta ge Mamah jeung Apa siga nu keur parea-rea omong, tapi barang jol kuring mah jep we jempling. Apa harita tuluy kaluar, ka buruan ngadon sasapu, ari Mamah mah tuluy kadapur kadenge kaprak keprek ngumbahan piring. Kituna teh basa poe Minggu, da ari sapopoe mah boh Mamah boh Apa sok ka kantor. Kuring di imah ukur jeung Bi Saroh, istri tengah tuwuh nu kumawula di kolot kuring.
Kungsi aya Ua Uyuh ti Cimahi ngobrol uplek jeung Mamah, tuluy kuring ngilu masamoan, Ua Uyuh teh rada beda sikepna, ngusapan sirah bari rada ngeukeupan. Saur Mamah harita “ Jung ameng kaditu, ieu mah nuju ngobrol dewasa…”. Kuring ngoloyor kaluar nepungan barudak deui nu keur arulin di buruan. Tapi kadenge keneh cariosan Ua ka Mamah “ Tong luluasan kitu…karunya ka budak..dipikir we heula eta mah..” Kuring teu ngarti naon maksudna. Kitu deui basa kuring dibawa ka Aki ku Apa, kecap tong luluasan karunya ka budak teh kadenge deui, eta mah ti Aki jeung ti Nini. Enya da dihenteu-henteu ge kuring teh geus umur sapuluh taun, sakola ge geus kelas lima. Aya hal hal anu pikahartieun ari ngadenge obrolan kolot tapi aya oge nu matak baluweng, teu kaharti. Lamun tea mah sagala tindakan kolot teh aya pakaitna jeung kuring nu jadi budakna, atuh matak naon mun brukbrak we ngabejaan. Kuring teh budak nunggal nu aya, kungsi rek boga adi lalaki ngan waktu Mamah ngandeg sababaraha bulan tuluy kaluron. Nyaho lalaki teh pedah di USG ku dokter. Mamah harita nangis eueuriheun, bari dibeyeng ka rumah sakit. Asana mah waktu umur kuring keur lima taun waktu keur di TK kelas enol besar.

Aya tulisan hareupeun imah yen imah rek dijual teh karasa ngaganggu, loba tatangga nu tatanya, loba tamu nu teu wawuh. Atuh kitu deui babaturan ge loba nu nanya, komo Heri mah, babaturan lalaki nu imahna kahalangan opat imah, remen pisan tatanya. Malah mun ulin ka imah teh sok hayoh we nangtung hareupeun tulisan, kungsi ngomong “sugan we unggal poe ge ieu tulisan teh aya keneh”, kuring malik nanya naon maksudna. Ari pokna enya lamun ieu tulisan aya keneh didieu hartina imah teh can payu, hartina Rere can pindah. Rere teh nenehna ngaran kuring ari lengkepna mah Rainy Ramadhani, ceuk apa, dibere ngaran kitu teh pedah basa kuring diborojolkeun keur bulan puasa bari keur ngaririncik hujan, tuluy di imah sok disebut Rere eta teh singgetan tina er-er dibaca tibalik. Kungsi tulisan imah rek dijual teh ku apa dilaan, tapi ku mamah dipasangkeun deui, dipakukeunana ge ditakol ku batu ti sisi jalan, da palu diteangan teh teu kapanggih, duka mun disumputkeun ku apa mah. Mun Mamah balik ti kantor sok mawa kotak kardus urut nu gede, tara loba mawana teh paling dua atawa tilu, keur engke ngepak
barang cek mamah teh. Nepa ka di dapur numpuk, disusun rapih, ditalian ku plastik.

Diwawaas mun kudu pindah imah teh karasa haroreamna, boa boa sakola ge kudu pindah. Nu matak nyeblak kana hate mah beurat ninggalkeun ade Ira, anak tatangga umurna kakara dua taun, apet pisan ka kuring. Mun kuring balik ti sakola sok keukeureuweut kana tas, neangan buku bari tutunjuk menta dipangmacakeun dongeng. Imahna pagigir-gigir pisan, malum imah kopel. Jadi lamun kuring balik sakola teh ade Ira sok geus megat, atawa miheulaan ulin di imah kuring dibarengan ku mamahna. Lucu ade Ira teh, ngomongna balelol keneh, ngan siga capetang, loba tatanya. Nyebut ka kuring Tet Lele, maksudna mah Teh Rere, lantaran cadel kadengena Tet Lele. Mun kuring keur nganggeuskeun PR sok miluan tapi tara ngaganggu, malah siga nu kerung milu mikiran. Mun kaciri kuring geus anggeus ngagawekeun PR, ade Ira sok tuluy emprak, siga nu atoheun lantaran sok terus dipangmacakeun dongeng. Kacipta mun kuring pindah, kuring kudu papisah jeung ade Ira. Meureun kuring bakal leungiteun ku anu ngajemput di lawang panto, meureun ade Ira bakal nananyakeun. Basa pere sakola ge kuring ka imah nini di Cicalengka, mamahna ade Ira kudu hayoh nelepon ka kuring, malah menta dipangdongengkeun dina telepon. Ari dongengna mah pira ge sakadang peucang jeung sakadang kuya, paling ge ukur tilu dongeng nu kuring apal, jeung nu aya dina buku ge eta keneh eta keneh. Duka teuing kunaon
atuh ade Ira resep resep teuing dipangdongengkeun ku kuring, padahal mamahna ge osok ngadongeng. Ngeusian imah teh geus aya kana dalapan taun mah, kitu teh saur mamah, mimiti ngeusian imah teh waktu kuring kakara umur dua taun, nya meureun saumur jeung ade Ira ayeuna. Gues loba kajadian nu kuring inget keneh, asana waktu kuring kelas hiji, usum ngijih, ka imah teh aya bangkong leutik, bancet tea. Anclog-aclogan, ngadeukeutan kuring nu keur anteng lalajo televisi, barang katingali kuring ngajerewet tarik, bari ngejat, jedak teh sirah ngadagor korsi, atuh puguh kuring beuki ngajerit. Mamah sareng Apa ngajol, reuwaseun, disangkana aya naon. Kuring tutunjuk kana bancet, jeung ngusapan tarang nu buncunur balas tidagor. Apa ngoer bancet ku sapu nyere, ari Mamah mah ningalian tarang, terus ngusapan. Kuring ceurik teh rada lila, eta tuda nyeri tarang, ku Mamah dibalur ku beas cikur meunang ngarendos. Kuring sare dina pangkonan Mamah.
Aya kajadian lucu, harita subuh, kuring ge sare keneh, ti kamar mandi Mamah ngajerit, Apa nu nuju netepan subuh ge reuwaseun, nepi ka solat ge ebat. Kuring ge hudang da kagandengan ku Mamah nu ngagedoran panto kamar mandi. Sugan teh aya naon, sihoreng aya cacing di kamar mandi. Mamah mah barang panto dibuka teh tuluy ngabret kaluar bari bubulucunan pinuh ku sabun. Mun inget kadinya sok seuri sorangan, mamah ge sok gumujeng, komo Apa mah sok tuluy ngaledek ka Mamah bari ngehkey. Saur Mamah pangna sieun ku cacing teh pedah keur leutik Mamah kungsi cacingeun.
Nu dipikabeurat sejenna, eta ari poe Minggu pasosore, kuring sok ngaji di masjid, ari indit atawa balik sok bareng jeung Heri, dibonceng kana sepedah. Nepi ka babaturan mah ngajangjaruhkeun majarkeun kuring jeung Heri teh bobogohan, pasangan ideal cenah. Dijangjaruhkeun kitu teh kuring sok ambek, jejebris, tapi ari indit atawa ari balik teu bareng jeung Heri teh asa aya nu leungit, antukna keukeuh we sok silih tungguan. Heri teh sakolana kelas hiji di SMP, tadina di SD nu sarua jeung kuring, sok bareng kana mobil jemputan nu sarua deuih. Ari keur kuring mah aya untungna sosobatan jeung Heri teh, mindeng loba nanyakeun pelajaran. Nu karasa Heri teh tulaten pisan mun mere nyaho pelajaran. Da manehna mah kaitung murid nu nyongcolang, keur di SD ge sok jadi juara bae. Ceuk Mamah ge alus boga babaturan siga Heri mah, pinter jeung bageur. Buukna galing, jangkung ngan rada hideung pakulitanana. Kungsi dina maen drama basa acara Agustusan kuring dipasangkeun jeung Heri, atuh babaturan mani ear jeung suat suit sagala. Dramana niru-niru lenong bocah, caritana kuring jeung Heri jadi pasangan suami istri.

Loba kajadian nu kasaksian di imah ieu, nu jadi kenangan manis, keur kuring mah moal kapopohokeun. Kabayang keneh ngaclogna bancet, Apa ngoerkeun ku sapu sanyere, tempatna kuring tidagor. Tuh dina tangga eta kuring sok ngalangeu, diuk dina titincakanana, tangga ka luhur ka tempat pamoean. Ari Heri sok diuk dina jojodog bari mukaan buku. Geus baku Heri mah mun ka imah teh sok mukaan buku ensiklopedi Indonesia atawa buku seri ilmu pengetahuan sejen. Apa nu sok meulian buku tehm majarkeun bacaeun kuring mun geus gede.
Tah palebah dieu kuring sok dadagangan mangsa kuring keur sakola TK, kungsi Mamah ngagambreng nyeukseukan pedah kuring corat coret ku spidol dina tembok deukeut kamar mandi. Ari ayeuna naha imah rek dijual sagala, jeung kudu pindah deuih. Kungsi eta ge nanya ka Bi Saroh, sugan aya beja naon alesanana pang kudu pindah, Bi Saroh kekepehan teu apal, kalah malik nitah nanya ka Mamah atawa ka Apa. Eta ge da kungsi nanya ka Mamah ari jawaban Mamah teh engke ge mun Rere tos ageung pasti ngartos, ari nanya ka Apa jawabanana teh taroskeun we ka Mamah. Jawabannana asa teu pararuguh, ari maksa ka Mamah teu biasa deuih. Kahayang teh bejaan we alesanana nu asup akal keur pantar kuring nu kakara umur sapuluh taun, sabelas jalan. Sabenerna mah teu hayang sakabeh pasoalan kolot kuring nyaho, kalieur-lieur, tapi pan ari soal pindah imah sakuduna kuring nyaho alesanana. Nu pangdipikasieun teh lamun kudu pindah sakola, mangkaning tereh ulangan naek ka kelas genep. Kacipta pungak pinguk di sakola anyar, euweuh kawawuhan hiji hiji acan, kumaha mun aya tanyakeuneun, mangkaning jauh jeung Heri. Ari nanya ka Apa sok teu jelas nerangkeunana, da nganggap kuring teh siga mahasiswa nu geus sagala nyaho. Mun nanya ka Mamah kalahka cerewedna, antukna kuring sok keuheul sorangan.

Tadi isuk-isuk, Mamah katingali tos kuramas, ngagaringkeun rambut ku anduk bari ngadagoan kuring mandi. Ari rek indit pisan ka kantor Mamah ngarawel plang tulisan imah rek dijual, tuluy diasupkeun kana wadah runtah. Kuring ngahuleng sakeudeung, tuluy ngagabrug Mamah, kuring ceurik bakat ku atoh, teu tulus pindah. Indit ka sakola teh karasa hegar, sugema, euweuh kahareneg, hayang buru-buru panggih jeung Heri, hayang ngagorowok teu tulus pindah. Apa mah ningali kuring ceurik teh tuluy ngusapan, henteu ari cumarita mah. Teu, teu hayang tatanya kunaon eta plang dipiceun kana wadah runtah. Nu puguh mah atoh we nu aya.

Margawangi Nopember 2008.
(Dimuat dina Majalah Mangle No.2201, 1-7 Januari 2009)

07 December 2008

NGOTEKTAK BACAEUN BARUDAK

Laporan : MAMAT SASMITA

Kungsi renung bacaeun barudak teh. Tepi ka taun '80-an atawa '90-an mah asa rea keneh. Ari renungna teh bisa jadi ku ayana proyek ti pamarentah pikeun nyadiakeun bacaeun di sakola dasar. Hartina, pedah aya pesenan, lain pedah aya pamenta ti masarakat.
Ti taun 2000 ka dieunakeun, nu mesen buku teh les ngaleungit. Ganti mangsa, salin proyek. Bacaeun barudak ge bangun nu pipilueun ngiles, arang langka nu medal.
Gelebug angin reformasi, beuki dieu beuki tarik. Pucunghul kawijakan otonomi daerah nu mere lolongkrang pikeun nguniangna kasadar kana pentingna budaya lokal. Mimiti culcel deui nu medalkeun buku bacaeun barudak, najan can rame siga dina dekade '80-an.
Nu pangkarasana mah mahabuna bacaeun barudak ti mancanagara nu geus ditarjamahkeun kana basa Indonesia. Rea rupana, kaasup nu winangun komik. Tetela punjul, ngelehkeun bacaeun barudak dina basa lokal. Lain bae eusina dianggap munel, tapi deuih dangdananna ge leuwih narik.
Hanjakal, bacaeun barudak teh can pati kapalire ku kritik sastra. Padahal barudak ge sarua we jeung kolot: boga kahayang, imajinasi, kahariwang, jeung kasieun, nu kalan-kalan teu bisa kaungkab kalawan gembleng.
Ceuk kolot mah meureun kahayang, kahariwang, kabagjaan budak teh asa kaleuleuwihi atawa sabalikna dianggap cetek. Boa beda deui cek budak mah. Nya di dieu kudu aya psikolog nu ngarti kana bacaeun barudak. Dina sastra Sunda bacaeun baru¬dak ge sarua miskin pisan ku kritik, arang langka nu ngabahas husus komo ti psikolog mah.
Pikeun ngaguar ieu perkara, sawala matuh Pusat Studi Sunda anyar-anyar ieu (Juma'ah, 14 Nopember 2008) mawa jejer bacaeun barudak. Nu jadi panyaturna Taufik Ampera, Ketua Jurusan Sastra Sunda Universitas Padjadjaran, jeung Karno Kartadibrata, Wakil Girang Rumpaka majalah basa Sunda Mangle.

Nu Luyu jeung Alam Barudak

Geus aya ti baheulana sastra Sunda bacaeun barudak teh. Memeh Indonesia merdeka ge geus aya. Rusdi Jeung Misnem nu medal memeh Perang Dunya I, upamana, .pan kaasup bacaeun barudak sakola nu dipikaresep. Hanjakal, bahan bacaan sarupa kitu teh teu pati kadokumentasikeun.
Numutkeun sawangan Taufik, bacaeun barudak teh bisa dibagi dua. Kahiji, karya sastra nu ditulis ku jalma dewasa tapi nyumponan sarat minangka bacaeun barudak, upamana eusina ngagambarkeun kahirupan barudak. Kadua, bacaeun barudak nu dikarang ku barudak deui, tur eusina luyu jeung kahirupan barudak.
Aya deuih bacaeun barudak beunang ngaropea deui dongeng. Ari dongeng teh tadina man lain keur barudak bae, ngan ka dieunakeun dijieun bahan bacaan keur barudak. Puguh we eusina diluyukeun jeung alam barudak. Dongeng Sangkuriang, upamana, diropea deui eusina, diala nu sakirana cocog jang barudak.
Wawacan deuih nu sok diwanohkeun ka barudak teh kayaning Pumama Alam atawa Rengganis. Tina eusina rea nu matak narik barudak, sabab ngandung imajinasi nu ngacacang. Ngan, puguh we, macana kudu diaping ku kolot bok bisi aya nu pangedrug jeung kahirupan barudak.
Upama ayeuna sastra Sunda bacaeun barudak disawang sabengbatan, aya dua perkara nu ngabedakeun ieu hasil karancage urang Sunda ti bacaeun sarupa kitu nu ditulis dina basa Indonesia, kaasup hasil tarjamahan. Taya lian nu dua teh nyaeta cangkangna jeung eusina.
Nu dimaksud cangkang di dieu mah antarana tumali kana desain cover atawa jilid buku. Ana dibanding-banding jeung baturna dina basa lian, katembong yen nu make basa Sunda mah sasat eleh komara, geus kurang narik memeh dibaca.
Ari eusina, nya kitu deuih, masih sering katembong hengker. Upamana bae, antara teks-na jeung ilustrasina teh kalan-kalan siga nu pahare-hare. Padahal pan gambar ilustrasi teh kuduna mah milu nguatan daya tarik teksna. Pon kitu deui jejer caritana masih keneh ngotok ngowo di pasisian, nyoreang alam ka tukang, tepi ka nimbulkeun kesan teu pati nuturkeun kamekaran jaman.
Kaayaan sarupa kitu teh, cek Karno mah, meh satipe jeung nu katembong tina bacaeun kolot deuih. Ngan bae Karno nandeskeun yen saenyana jejer atawa kasang. carita mah teu kudu jadi masalah satungtung orisinil mah. Leuwih hade ngotok ngowo dina kasang pilemburan tapi narik, batan maksakeun maneh hayang siga nu rame tapi artifisial atawa pupulasan wungkul.
Nu sidik, perlu aya karancage pangarang enggoning nitenan kamekaran gek-gekan kahirupan, kaasup nu nyampak di pakotaan. Lian ti kitu, imajinasi barudak ulah disengker ku pikiran kolot, satungtung tetep aya dina lulurung etika.

Referensi Kolektif

Barudak baheula, nu ayeuna geus karolot, kungsi maca Rusdi Jeung Misnem di sakolana. Aya deui entragan nu bacaan di sakolana teh Gandasari atawa Sekar Arum. Atuh beh dieu, tepi ka taun '80-an, aya entragan nu maraca Taman Pamekar.
Buku-buku model kitu, nu dijieun bacaan wajib pikeun murid sakola dasar, geus jadi referensi kolektif mun cek legegna mah. Eusina jadi pamatri silaturahim ti antara generasi nu kungsi macana, di wewengkon mana bae sakolana. Jadi, ana ngawangkong jeung batur saentragan teh nyambung.
Ari kiwari buku model kitu teh geus euweuh. Teu aya bahan bacaan nu nyumponan standar pi¬keun dijieun bacaan sakumna budak sakola. Ayeuna teh jaman otonomi daerah. Di hiji pihak, daerah di Tatar Sunda laluasa pikeun nyieun kawijakan politik enggoning nyadiakeun bacaeun barudak sakola. Orokaya, di sejen pihak, alatan laluasa tea, tiap-tiap daerah bisa nyieun kawijakan sorangan, bari jeung tangtuna ge beda-beda, kaasup nu tumali kana perkara bacaeun barudak sakola.
Nu sidik, aya harepan, buku bacaeun barudak nu nyumponan sarat standar, upamana bae nu kungsi dileler Hadiah Samsudi, bisa dijieun bacaan wajib pikeun murid sakola dasar. Sing rea nyitakna sangkan bisa dibagikeun ka sakola-sakola. Sugan we cara kitu teh ngahudang deui karep barudak kana maca buku basa Sunda. Atuh kauntunganana lain bae keur nu medalkeun buku tapi deuih keur nu ngarangna.
Patali jeung kahengker dina imajinasi, bisa jadi rea keneh pangarang nu nganggap barudak teh manusa nu can anggeus. Bacaan barudak teh loba teuing ajen didaktisna, eusina ukur rnapatahan nu teu pati pikaresepeun barudak. Alam kahirupan barudakna mah teu pati kakobet.
Ayeuna mah sigana geus lain jamanna deui padika model kitu teh. Malah aya pamanggih nu ngeceskeun yen barudak ge boga dunya nu mandiri, nu otonom. Malah geus rea bacaeun barudak beunang ngarang barudak deuih kayaning nu sok disabeut teenlit atawa chicklit.
Geus loba deuih buku hasil tarjamahan tina karangan basa deungeun, boh kana basa Sunda boh kana basa Indonesia. Tangtu eta buku-buku teh bakal ma-ngaruhan kana kamekaran sastra Sunda, mangaruhan nu macana, tur mangaruhan nu sok ngarang deuih.
Atuh kritik sastra kana bacaeun barudak, cara kritik sastra kana bacaeun kolot, tanwande kudu digedurkeun deui.

Kacindekanana

Sastra Sunda bacaeun barudak kiwari teu pati dipikawanoh ku barudak, lain bae pedah murudulna bacaeun barudak hasil tarjamahan dina basa Indonesia tapi deuih lantaran euweuh bahan bacaan nu jadi referensi kolektif, turug-turug kritik sastrana miskin.
Pangajaran basa Sunda di sakola leuwih hade tong didaktis teuing. Anggur ngajurung barudak sangkan mikaresep bacaan basa Sunda.
Sinergi antara pamedal, pangarang jeung pamarentah kudu ditarekahan enggoning mere lolongkrang keur kamekaran sastra Sunda bacaeun barudak.


Nu nulis, panumbu catur matuh sawala PSS
(Dimuat dina majalah basa Sunda Cupumanik No.65 Desember 2008)
-------------------------------------------------------------------------------------------------
Majalah Basa Sunda Cupumanik medal sasasih sakali, kaetang teu awis da sasihan pangaosna mung Rp 12.000,- kitu ge upami ngalanggan satauneun cekap mayar sapuluh sasiheun. Bilih bade ngalanggan tiasa ngintun serat ka Redaksi Cupumanik Jl. Taman Kliningan II No.5 Bandung Tlp 022-7310625 atanapi ngintun email ka yuliantoagung17@yahoo.com atanapi ka kuringmsas@gmail.com

URANG SUNDA NEUTEUP MANGSA

Ku : MAMAT SASMITA

(Versi bahasa Indonesia bisa dibaca disini)
PARIBASA teh basa pakeman, kalimah nu geus matok sarta ngandung pituduh atawa piluangeun. Eusina bisa dianggap tungtunan hirup atawa aturan paripolah. Biasana, paribasa teh dipakena dina paguneman sapopoe, dina biantara, atawa upacara adat.
Dina tradisi lisan urang Sunda, paribasa teh kacida beunghama, mun diitung mah boa aya kana rewuna. Disagigireun paribasa aya deui nu disebut babasan. Rada hese ngabedakeun paribasa jeung babasan teh. Ngan gampangna mah kieu: proverb keur paribasa jeung idiom keur babasan. Dina kamus umum basa Sunda kaluaran LBSS, disebutkeun babasan teh ucapan matok nu dipake dina harti injeuman.
Paribasa atawa babasan (satuluyna disebut paribasa) teh bisa bae disebutkeun kabeungharan batin urang Sunda. Sabab paribasa teh ngandung unsur sistim budaya masarakat nu patali jeung ajen inajen hirup, norma jeung pituduh nu sakuduna jadi patokan orientasi urang Sunda.
Mun seug enya yen paribasa teh mangrupa kabeungharan batin urang Sunda, meureun eta teh hasil tina proses panjang kontemplasi jeung sanggeus dibeuweung diutahkeun dina pikiran. Lian ti eta paribasa teh hasil tina evaluasi pangalaman ti para karuhun urang Sunda. Lain bae ngan nu aya pakaitna antara rohang jeung waktu tapi deuih nu tumali jeung paripolah.
Ku kitu, ngaliwatan paribasa, nu nulis ngotektak hayang nyaho kumaha sikep urang Sunda kana waktu. Lantaran waktu teh dina mangsa kiwari geus jadi bagian tina manajemen moderen tur kacida dihargaanana. Nu nulis make buku Peperenian Urang Sunda (Rachmat Taufiq Hidayat saparakanca, Kiblat 2005) nu ngamomot 1,259 paribasa, nyoba-nyoba nyaliksik paribasa nu aya pakaitna jeung waktu.
Breh weh kapanggih, najan saeutik ge, ngan aya 27 paribasa. Disebut saeutik teh mun dibandingkeun jeung jumlah paribasa nu basisna rohang jeung paripolah jalma. Hal ieu teh matak hemeng, sigana waktu teh teu pati jadi ukuran dina tatanan kahirupan urang Swnda mah. Tina 27 paribasa dibagi jadi lima kategori nyaeta umur atawa lilana hirup, tanda jaman, tanda waktu, lilana waktu jeung tigin kana wanci. leu kategori teh dumasar kana eusi tur harti paribasa nu ngandung unsur waktu atawa aya kecap nu pakait jeung waktu. Hasil sagemblengna mah dina berendelan di handap.

1 . Kategori Umur: Ari umur tunggang gunung angen-angen pecat sawed. Asa ditumbu umur. Hirup katungkul ku pat ipaeh teu nyaho dimangsa. Kaduhung taratiheula .Maot ulah manggih tungtung paeh ulah manggih beja. Pakokolot supa. Umur gagaduhan banda sasampiran.

2. Kategori Tanda Jaman: Bihari ngalingling pasir ayeuna ngalanglang pasar. Jaman bedil sundut. Jaman caing dua saduit. Jarnan tai kotok dilebuan. Ngindung ka waktu ngabapa ka mangsa.

3. Kategori Tanda Waktu: Kapiheulaan ngalulun taneuh. Kawas nu mulangkeun panyiraman. Peujit koreseun. Ti nanggerang lila caang, ti nanggorek lila poek. Ti ngongkoek nepi ka ngungkueuk. Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban. Trong kohkol morongkol dur bedug murungkut.

4. Kategori Lilana Waktu: Kiceupna sabedug sakali. Ngadagoan belut buluan. Ngadagoan kuda tandukan. Ngadagoan uncal mahpal. Ngomongna sabedug sakali. Saumur nyunyuhun hulu.

5. Kategori Tigin kana wanci: Kapiheulaan ngalulun taneuh. Ngindung ka waktu ngabapa ka mangsa. Teu kaleungitan peuting.

Tina jumiah paribasa nu 27 teh nu aya pakaitna jeung waktu, euweuh hiji-hiji acan nu kalawan teges nyebutkeun yen birup teh kudu tigin kana wanci, kudu disiplin dina hal tigin kana wanci. Najan aya nu ngaharib-harib cara paribasa nu unina "Bisi kapiheulaan ngalulun taneuh". Tapi paribasa ieu umumna mah dipake pikeun ngawawadianan sangkan hudang isuk-isuk. Sedengkeun nu disebut tigin kana wanci lain ngan sakadar hudang isuk-isuk. Aya deui paribasa sejen nyaeta Ngindung ka waktu ngabapa ka mangsa jeung Bihari ngalingling pasir ayeuna ngalanglang pasar, hartina tina dua paribasa ten yen hirup kudu saluyu jeung jamanna. Di dieu ge sarua teu teges nyebutkeun kudu tigin kana wanci, gumantung kana tafsiran sewang-sewangan.

Komo deui mun ieu sawangan teh disaluyukeun jeung sesebutan tanda waktu nu hirup dina tradisi urang Sunda. Bakal kaciri yen sikepna urang Sunda kana waktu karasa beuki logor. Upamana ngaran waktu dina sapoe sapeuting: Wanci tumorek antara tabuh 00.30-01.30 , wanci janari leutik antara tabuh 01.30-02.00, wanci janari gede antara tabuh 02.00-02.30, wanci balebat antara tabuh 05.00-05.30, wanci haneut moyan antara tabuh 08.00-09.00, wanci rumangsang antara tabuh 09.00-10.00, wanci pecat sawed antara tabuh 10.00-11.00, wanci lingsir ngulon antara tabuh 14.00-15.00, wanci tunggang gunung antara tabuh 16.00-17.00.
Tangtuna persepsi kana waktu disebut logor teh mun nu jadi patokan nyaeta jaman moderen siga mangsa kiwari. Waktu teh geus dicacag dibagi-bagi jadi detik, menit jeung jam. Jeung deuih unggal jalma kamamana ge geus mamawa tuduh waktu nyaeta jam tangan, nu bisa nuduhkeun kalawan peresis parobahan waktu ti detik ka menit ka jam.
Nu jadi pasualan teh dina waktu ayeuna kulantaran mindeng kadenge aya istilah jam karet, kataatan kana waktu sering sulaya. Sigana elat teh geus jadi hal nu lumrah, jam tangan ngan sakadar jadi hiasan. Dina hiji acara, panitia geus ngararancang bakal dihadiran ku gubernur atawa walikota, upamana. Keur antisipasi jam karet, nu sarwa elat, dina kartu ondangan teh ditulis yen acara dimimitianana tabuh 08.00 isuk-isuk. Padahal acara nu sabenerna mah nu geus dijieun patokan teh tabuh 09.00. Kitu kalakuan teh ngan sakadar antisipasi, utamana supaya nu di ondang teh geus hadir memeh acara dimimitian. Hanjakalna nu jadi keynote speaker misalna gubemur atawa walikota, datangna ge sok elat, jeung aya we alesanana teh. Kitu deui dina acara rapat formal, elat ngamimitian teh geus jadi ciri nu mandiri, komo deui dina acara silaturahim nu sipatna informal.
Persepsi waktu nu sakitu logorna (polikronik) bakal ngahudang rugi gede mun dipakitkeun jeung ekonomi dina harti bisnis moderen naon bae. Salah sahijina nu jadi ciri nyaeta ayana tingkat persaingan anu sakitu ruketna jeung deuih kudu tigin kana wanci (monokronik). Najan aya anggapan polikronikna urang Sunda teu nepi ka tingkat ekstrim, elatna teh teu nepi jam-jaman. Tapi kapan elat mah tetep we disebut elat, kalah kumaha oge tigin kana wanci ten leuwih alus tur bakal leuwih nguntungkeun.
Sangkan apal kana hal ieu, sigana aya alusna ngarti kana nu disebut arkeologi pikiran siga nu ditepikeun ku Jakob Sumardjo dina bukuna, Khazanah Pantun Sunda (2006), cenah alam pikiran nu geus namper dina lulurung batin tur geus jadi pangaweruh ajen inajen ayeuna, eta teh lain bae hasil tina pangaweruh mangsa kiwari, tapi hasil tina jaman bihari masarakatna. Ajen arkeologis kitu teh dihasilkeun tina tradisi masarakatna. Ajen arkeologis ieu teh kalan-kalan teu sadar jadi dasar tindakanana.
Paribasa teh ungkara tradisional nu dilarapkeun dina wangun kalimah nu ngandung makna. Eusina minangka hasil tina pamikiran katut pangalaman mangsa bihari. Ngan hanjakalna, teu rea paribasa nu aya patalina jeung masalah tigin kana wanci mah. Eta hal luyu jeung kumaha carana urang Sunda mere ngaran dina pananda wanci. Da katempo atuh dina paribasa teh persepsi sual wanci mah laer pisan geuning. Tigin kana wanci saolah teu dipalire. Ku kitu, pantes mun urang Sunda kiwari ge laer pisan dina hal persepsi wanci.
Jigana aya alusna mun ti mimiti ayeuna nyieun paribasa sebut weh paribasa jijieunan saloba-lobana nu aya tumalina jeung hal tigin kana wanci. Saha nu nyaho dua puluh taun atawa tilu puluh taun nu bakal datang bakal jadi paribasa enyaan jeung jadi artefak nu bisa ngarubah sikep ngeunaan tigin kana wanci nu tadina logor (polikronik) jadi tigin kana wanci (monokronik).
leu conto paribasa jijieunan "Arloji tina beusi atah beuleum" nu hartina teu tigin kana wanci, dipakena cara dina kalimah "Cik atuh hirup teh long kawas arloji tina beusi atah beuleum....!". Conto sejenna "Nyanghulu di waktu nyangkere di tempat sare" jeung "Melak mangsa gorehel meunang pake!" harti tina dua eta paribasa jijieunan teh nyaeta manehna nu mere patokan waktu tapi manehna sorangan henteu tigin kana wanci. leu conto teh ngan sabulangbentor, mungkin wae teu luyu jeung aturan paribasa. Nyanggakeun.

Mamat Sasmita
Nu Ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda
(Dimuat dina majalah basa Sunda Cupumanik No. 65 Desember 2008.
Catetan : Redaksi Cupumanik apal artikel versi basa Indonesia kungsi dimuat dina Kompas Jabar)




05 December 2008

BEDOG TEH FEMININ?

Ku : MAMAT SASMITA

(Versi Bahasa Indonesia bisa dibaca disini)
Waktu kuring nanya ka panday atawa ka nu sok ngajual bedog, naon bae ngaran wilah bedog. Mindeng di jawab ngaran-ngaran wilah bedog nu karasana asa puitis atawa karasa eksotis. Naha bet kitu?. Padahal nu dibere ngaran teh pakarang atawa parabot kaasup “senjata tajam”. Meureun pipanteseunana dibere ngaran nu matak pikagimireun atawa matak ngabirigidig. Upamana samber nyawa, begal pati atawa naon we nu meh sarua jeung kitu.
Bedog sok ditarjamahkeun jadi golok dina basa Indonesia. Sabagian Urang Sunda ngabedakeun antara bedog jeung golok. Golok mah dianggap pakarang nu boga ajen leuwih atawa mindeng dijadikeun tutungkusan salaku pakarang nu dianggap boga ajen sajarah kulawarga utamana mah sok dianggap titinggal karuhun. Sedengkeun bedog mah leuwih dianggap parabot, alat paranti digawe, sanajan gular goler dimana bae tara pati dipirosea. Sok sanajan ari wangunna mah boh bedog boh golok ampir sarua siga kitu. Dina ieu tulisan mah rek dianggap sarua bae, da nu dititenananana tina ngaran wilah.

Ngaran wilah bedog aya nu dumasar kana wangun bedog upamana bedog gayot, ujung turun, betekok aya oge nu nyebut bedog cepot, jambe sapasi, gula sabeulah. Aya deui ngaran bedog dicokot tina pagawean saperti bedog sadap, pameuncitan (keur meuncit embe, domba, sapi atawa munding), pamoroan, pamilikan ( keur nyieun bilik), bedog cacag daging atawa sok disebut bedog soto jeung sogok iwung. Di daerah Ciwidey aya deui ngaran wilah bedog dumasar kana wangun sarangka jeung gagangna upamana bedog arwana atawa bedog kuda laut. Pangna kitu kulantaran wangun sarangka jeung gagangna siga lauk arwana atawa siga kuda laut. Malah aya nu disebut bedog Inul, eta cenah pedah wangun sarangka rada bentik siga gitekna Inul. Aya deui nu disebut ujung turun atawa lubuk atawa candung (ngaran bedog di daerah Lampung Sumatra).

Disagigireun ngaran bedog nu disebutkeun diluhur aya deui ngaran bedog nu dianggap klasik. Diantarana nyaeta hambalan, sintung bening, sonten bening (ieu ngaran kapanggih di Cibatu Cisaat Sukabumi), kembang kacang, malapah gedang, paut nyere, besot nyere atawa besot hinis, paut sintung, janur, salam nunggal. Bisa bae masih aya keneh ngaran nu karasa klasik nu can kacatet.
Tah tina ngaran-ngaran bedog nu klasik ieu nu karasana puitis malah aya karasa eksotis (karasa beda atawa henteu biasa antara ngaran nu puitis tapi pikeun hiji barang mangrupa pakarang nu seukeut). Naha karuhun urang baheula mere ngaran siga kitu teh ngan sakadar mere ngaran nu euweuh harti sejen atawa sabalikna aya maksud lain.

Lamun maca naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (taun 1518) nu geus ditranskripsi jeung geus ditarjamahkeun ku Saleh Danasasmita saparakanca (Sewaka Darma, Sanghyang Siksakandang Karesian, Amanat Galunggung Transkripsi dan Terjemahan, Pdan K, 1987) kapanggih yen golok teh basa Sunda tur disebutkeun golok teh pakarang raja. Dirarampa ti palebah dinya lamun hiji barang nu disebut pakarang raja tangtu aya pakaitna jeung proses ritual (dipusakakeun) sedengkeun lamun hiji barang geus asup kana ritual setting sok ngabogaan harti injeuman. Sok sanajan masih keneh tandatanya naha ngaran golok atawa bedog baheula siga nu geus disebutkeun diluhur memang geus aya tibaheulana. Sabab dina Sanghyang Siksakandang Karesian ngaran wilahna mah teu disebut-sebut. Kitu deui dina carita pantun tong boro ngaran wilah bedog dalah kecap bedog atawa golok ge asa can kapanggih kasabit. Ngan lamun tatanya ka ahli panday nu geus moyan nyebutkeun ngaran wilah bedog nu klasik teh geus aya ti baheulana, sedengkeun kaahlian panday mah geus disebut-sebut dina carita Ciung Wanara.
Tina ngaran bedog nu dianggap klasik tadi, aya nu nyokot ngaran tina bagian tangkal kalapa diantarana paut nyere, besot nyere sakapeung disebut besot hinis , paut sintung, sintung bening jeung janur. Aya deui nu nyokot tina ngaran tangkal sejen jeung ngaran kembang nyaeta salam nunggal, malapah gedang, kembang kacang. Ari hambalan mah dicokot tina titincakan dina taraje atawa titincakan dina taneuh nu nyengked. Ngaran sonten bening nu ieu mah can kapaluruh naha tina sonten nu hartina pasosore atawa naon.
Tangkal kalapa aya nu nganggap tangkal nu loba mangpaatna, sakabeh bagian tina tangkal kalapa aya gunana. Kitu deui aya nu nyebut yen tangkal kalapa teh tangkal kahirupan atawa ceuk legegna mah sok disebut pohon hayat. Anggapan ieu meh sarua jeung tangkal kawung. Kulantaran kalapa atawa kawung teh dianggap tangkal kahirupan nepi ka sok dianggap mibanda simbol-simbol kahirupan. Contona kalapa ngora (disebut cengkir) sok dipake keur upacara nujuh bulan nu kakandungan. Cengkir digambaran wayang Arjuna jeung Subadra, miharep sangkan utun inji nu keur dikandung lamun lalaki sing boga jiwa satria tur kasep siga Arjuna, atuh lamun awaewe dipiharep siga Subadra, geulis jeung satia. Upacara nujuh bulan teh ayeuna mah geus arang langka kapanggih meureun pedah geus aya alat USG (Ultra Sonografi) nu bisa ningali orok nu dikandung teh lalaki atawa awewe.
Nyere, sintung jeung janur aya di bagian luhur tangkal kalapa, aya dina bagian nu katutup eta teh ngalambangkeun dunya awewe. Sedengkeun tangkal mangrupa bagian nu kabuka, ngalambangkeun dunya lalaki. Gunana nyere dina kahirupan sapopoe bisa jadi sapu nyere, seumat, tusuk sate atuh lamun dianyam jadi rigen, wawadahan keur dahareun. Sakabehna padeukeut jeung dunya awewe. Kitu deui sintung nu fungsina keur pamungkus suligar (kembang kalapa). Janur atawa daun kalapa nu ngora keneh, ieu ge sarua ngalambangkeun dunya awewe.

Ngaran wilah bedog sejenna nyaeta kembang kacang jeung malapah gedang. Ceuk Jakob Sumardjo (Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda, Kelir, 2003) nyebutkeun tutuwuhan kacang-kacangan teh simbol dunya awewe. Kembang kacang didieu dina harti suuk lain kacang panjang, kacang bulu atawa kacang polong. Suuk dina waktu bijil kembang ayana di luhureun taneuh, tapi buahna atawa suukna aya di handapeun taneuh. Ceuk sakaol ieu ge ngandung falasifah, hirup dina mangsa pibakaleun mah sok loba pamer tapi sabalikna lamun geus kataekan (geus boga elmu) sok nyidem diri. Teu beda jeung falasifah elmu pare, beuki ngeusi beuki tungkul ka taneuh, beuki jugala atawa beuki pinter sok ati-ati. Ari dina ngaran wilah bedog malapah gedang, eta teh titiron tina wangun palapah daun gedang. Disimbolkeun salaku dunya lalaki sakaligus dunya awewe, teu beda jeung simbol dina beubeutian. Malapah gedang ge jadi paribasa atawa babasan nu hartina lamun nyarita rek nepikeun maksud teh teu togmol kana inti pamaksudan tapi aya heula bubuka nu ngajelaskeun pamaksudan.
Nu rada beda ngaran bedog salam nunggal, sok sanajan nyokot ngaran tangkal salam nu ngan hiji (tunggal) tapi nu ieu mah leuwih dipakaitkeun jeung mimiti sumebarna agama Islam di Tatar Sunda. Hal ieu kapanggih dina buku Wawacan Gagak Lumayung baris ka 340, medal taun 1956 karya MO Suratman , unina : “Sampurna Iman Islam, jaga ieu kubur janten lembur rame pisan, mugi-mugi sing tepi paneda kami, nelahna Salam Nunggal”. Salam Nunggal ngaran desa di Leles Garut. Kecap salam nunggal aya nu ngahartikeun kasalametan teh datangna ti Nu Maha Tunggal Alloh Swt.

“Ih Den, ari lalaki lembur mah kamamana teh tara lesot bedog. Da bedog teh sami sareng calana” tembalna deui “ Mun lalaki lesot bedog, lain lalaki deui ngaranna” (Ki Umbara, Si Bedog Panjang, Rachmat Cijulang, 1983). Bedog geus jadi simbol maskulin, simbol lalaki. Nepi ka ceuk Ki Umbara mah lir ibarat calana, malah teges pisan disebutkeun lamun lesot bedog lain lalaki ngaranna. Tapi di sisi sejen bedog dibungkus ku ngaran anu puitis nu leuwih deukeut kana simbol awewe. Nya didieu aya unsur paradok pikeun ngahontal kaharmonisan. Sigana hal ieu teh lain teu dihaja tapi aya maksud nu nyamuni bari jeung ngahaja dijieun kitu. Aya ma’na sejen dumasar kana kultur masarakatna. Lamun urang nyeueung ka jauhna kana carita sastra lisan nu mangrupa pantun, posisi awewe kacida diagungkeunana digambarkeun dina diri Sunan Ambu. Posisi awewe lain ditingali tina sisi erotisna nu kalan-kalan jadi kalangenan, tapi leuwih nyoko kana jadi posisi indung. Indung lain ngan saukur nu ngalahirkeun anak, tapi deuih jadi tempat panyalindungan (Hermawan Aksan, Kompas Desember 2007). Ari tempat panyalindungan nya didinya tempatna kontemplasi pikeun manggihan ngamalirna kawijaksanaan.

Ana kitu lamun lalaki keur nyoren bedog sabenerna mah teu beda jeung lalaki nu ngagondeng indung. Dina waktu nyoren bedog kudu sadar yen nu dibawa teh lain bae mangrupa pakarang seukeut tapi deuih kudu dianggap nu bakal mere piwejang.sangkan hirup teh kudu asak jeujeuhan. Palebah dinyana mah bisa karampa kumaha ajen inajen sikep budi (kultural?) nu dibikeun ku karuhun. Palebah dieu karuhun geus mere ugeran, bedog teh pakarang seukeut nu kacida bahyana lamun dipake kalawan teu asak jeujeuhan. Kudu aya faktor sejen nu mere kasaimbangan atawa kaharmonisan sikep, nya ayana dina simbol diri indung. Teu papalingpang teuing lamun disebutkeun urang Sunda leuwih ngaheulakeun ajen estetis jeung filosofis manan ngaheulakeun seukeutna bedog nu matak pikagilaeun. Seukeutna bedog leuwih keur tujuan defensif tibatan tujuan ofensif.
Saluyu jeung eta dina konsep bedog salaku pakarang keur bela diri aya nu disebut batur ludeung jeung batur keueung. Nyaeta leuwih nyoko kana konsep batur pakumaha. Hadirna bedog dina situasi werit (genting) samemeh prak digunakeun aya heula dialog batin, antara ngukur ka kujur jeung situasi werit nu keur disanghareupan tah didieu sacara teu langsung sang indung mere piwejang.
Aya nu boga pamadegan nempatkeun bedog salaku batur keueung dianggap leuwih merenah sabab eta mangrupa implementasi tina sikep defensif. Sedengkeun batur ludeung mah leuwih kana sifat ofensif. Pangna disebut keuwih merenah dina sikep defensif bisa dicukcruk tina sajarah klasik Sunda. Upamana Wastukancana nu diteungteuinganan ku Gajah Mada dina peristiwa Bubat. Wastukancana lain ngagegedekeun males kanyeri (balas dendam) tapi leuwih kana wekel hade gawe tepi ka jeneng raja panglilana tur nagara tengtrem. Kitu deui teu kacaturkeun raja raja di nagara Tatar Sunda nu ngayakeun perang karana ekspansif ofensif, ngalegaan jeung ngahijikeun nagara leuwih ku sikep duduluran jeung diplomasi.

Nempatkeun bedog salaku batur keueung atawa salaku batur ludeung, eta ge ngaku yen kawani nu sajati teh leuwih nyoko kana kawani ti diri sorangan, lain pedah aya balad sabatur-batur. Seukeutna bedog bakal karasa mangpaatna lamun bisa ngawasa diri tur aya dina kalakuan nu wijaksana. Wijaksana dina make bedog lain bae kudu aya dina bedog pakarang keur bela diri, tapi deuih kudu aya dina bedog parabot paranti digawe. Nigas dahan kai, motong atawa meulah pisuluheun lain nigas sakeplasna lain ngadek sacekna tapi kudu boga tujuan nu pasti saluyu jeung aturan sangkan teu ngaruksak alam atawa teu ngaruksak lingkungan.

Kitu tah bedog ditilik tina sisi sejen. Tina bedog sahenteuna geus manggihan tapak lacak para karuhun, nu geus mere luang keur neuleuman kearifan lokal. Bedog dina wangun rupa tur seukeutna geus jadi hasil budaya, nu ngambah rohang jeung waktu babarengan jeung hasil budaya nu sejen salaku anak jaman. Bobot pangayon timbang taraju, mangga nyanggakeun.


MAMAT SASMITA
Nu Ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda.
(Dimuat di Majalah Basa Sunda Mangle No.2197, 4-10 Desember 2008)

BEDOG ITU FEMININ?

Oleh : MAMAT SASMITA

Ketika bertanya kepada panday atau penjual bedog (golok) apa saja nama bilah bedog, maka terdengarlah nama-nama bilah bedog yang terasa puitis atau barangkali eksotis, sesuatu yang agak lain. Karena yang diberi nama adalah bedog. Padahal bedog adalah senjata tajam, barangkali pantasnya diberi nama yang membikin orang bergidik, umpamanya samber nyawa atau begal pati atau nama lain sejenis itu. Bedog adalah pakarang (senjata) sekaligus juga parabot (alat). Pada sebagian orang Sunda ada yang membedakan antara golok dan bedog. Golok lebih cenderung sebagai pakarang, sesuatu senjata yang dipusakakan, sedangkan bedog lebih cenderung sebagai parabot, alat untuk pekerjaan, terutama untuk pekerjaan di kebun. Walaupun bentuknya secara garis besar hampir sama.
Nama bilah bedog ada yang berdasarkan bentuk seperti bedog gayot, ujung turun, bedog betekok, jambe sapasi, gula sabeulah , bisa juga berdasarkan jenis pekerjaan seperti bedog sadap, pameuncitan (menyembelih hewan), pamoroan (berburu), pamilikan (pekerjaan membuat bilik, dinding anyaman bambu), cacag daging disebut juga bedog soto malah ada nama bedog hanya karena bentuk sarangka dan perah seperti bedog kuda laut atau bedog arawana, karena bentuk perah dan sarangka dibentuk seperti kuda laut atau seperti ikan arawana.. Disamping nama tersebut ada juga nama bedog yang dianggap klasik, seperti hambalan ,sintung bening, sonten bening (khusus di Cibatu Cisaat Sukabumi), kembang kacang, malapah gedang, paut nyere (ada juga yang memberi nama besot nyere atau besot hinis), paut sintung, simeut pelem, janur, salam nunggal dan mungkin masih ada nama lain.
Dari nama bedog yang klasik itu ada yang berkaitan dengan pohon kelapa, disitu ada sebutan nyere (lidi), sintung dan janur. Ada sumber yang mengatakan bahwa pohon kelapa adalah pohon hayat atau pohon kehidupan, karena hampir semua bagian dari pohon ini berguna untuk kehidupan disamping itu dipakai pula sebagai simbol tertentu dalam kehidupan ritual orang Sunda. Misalnya kelapa yang masih sangat muda, biasa disebut cengkir, suka dipakai sebagai salah satu keperluan untuk upacara tujuh bulan kehamilan. Cengkir diberi gambar wayang Arjuna atau Sumbadra, menghaarapkan apabila bayi yang dikandung adalah lak-laki akan mempunyai jiwa ksatria seperti Arjuna, apabila perempuan diharapkan akan seperti Sumbadra.
Nyere, sintung dan janur berada di bagian atas dari pohon kelapa, itu adalah bagian yang tertutup yang melambangkan dunia perempuan, sedangkan batang adalah bagian yang terbuka melambangkan dunia laki-laki.
Kegunaan nyere dalam kehidupan sehari-hari biasa dibuat sapu lidi atau dibuat seumat bila dipotong kecil-kecil secara menyerong dan bisa dibuat sebagai tusuk sate. Semuanya cenderung untuk pekerjaan perempuan. Sintung adalah kelopak besar yang membungkus suligar atau bunga kelapa. Janur adalah daun kelapa yang masih muda. Hal inipun masih berkaitan erat dengan dunia perempuan.
Nama bilah bedog yang lain adalah kembang kacang dan malapah gedang, menurut Jakob Sumardjo (Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda, 2003) tumbuhan kacang-kacangan adalah simbol perempuan. Sedangkan malapah gedang adalah peniruan akan bentuk pelepah daun pepaya dan malapah gedang juga merupakan sebuah peribahasa Sunda yang artinya dalam mengutarakan maksud tidak langsung tetapi memberikan penjelasan terlebih dahulu. Makna lain dari palapah gedang adalah simbol laki-laki sekaligus perempuan, tiada bedanya dengan umbi-umbian yang mempunyai simbol laki-laki sekaligus perempuan seperti yang dikatakan Jakob Sumardjo dalam salah satu artikelnya.
Bedog satu sisi sebagai simbol kejantanan, simbol laki-laki. Di sisi lain ada kecenderungan keperempuanan (feminim) melalui penamaan bilah bedog. Nampaknya hal ini bukan sesuatu yang tidak disengaja, tetapi hasil sebuah pemaknaan dari latar budaya masyarakatnya. Itulah paradok yang menghasilkan keharmonisan. Mengingat perempuan didalam masyarakat Sunda mempunyai posisi yang sangat terhormat. Kaum perempuan ditempatkan sebagai pelindung sekaligus pengasuh yang memandu anak-anaknya. Karena itu pula, kaum perempuan tidak hanya disebut “ibu”, tetapi lebih dari itu mereka disebut “indung”. Indung berarti tidak hanya perempuan yang telah mengandung dan melahirkan kita. Indung juga sekaligus memiliki makna tempat berlindung (Hermawan Aksan, Kompas Jabar 22 Des 2007). Dengan demikian posisi perempuan lebih dilihat sebagai sumber kebijaksanaan, bukan dilihat dari sisi erotisnya. Hal inipun tergambar didalam ceritera lisan Sunda yaitu pantun ada tokoh perempuan, Sunan Ambu, yang mempunyai posisi sangat terhormat, malah dianggap sebagai ibu keilahian.
Maka pada saat seorang laki-laki nyoren bedog, membawa bedog dengan diikatkan ke pinggang, sebenarnya dia sedang ditemani oleh sang indung yang memberikan pengarahan bahwa hidup itu harus asak jeujeuhan, matang berpikir matang bertindak, untuk itu menggunakan bedog tidak boleh sembarangan. Pemakaian bedog sebagai pakarang untuk bela diri, dipergunakan dalam situasi mendesak, sebagai upaya untuk menghalau pengganggu. Pemakaian bedog sebagai parabot yang dipergunakan untuk keperluan di kebun umpamanya, tidak diperkenankan sembarangan memotong tumbuhan, sebagai upaya menjaga lingkungan hidup.
Sejalan dengan itu, melalui perbincangan dengan beberapa sumber sesama peminat bedog, didalam membawa bedog terkuak istilah batur keueung dan istilah batur ludeung. Batur disini lebih ke berarti sebagai teman bukan batur yang berarti sebagai orang lain. Sedangkan keueung adalah suatu situasi kakhawatiran yang belum tentu penyebabnya, mungkin karena sendirian di gelapnya malam, mungkin karena situasi genting (werit). Ludeung adalah berani, tentunya akan semakin menimbulkan kepercayaan diri yang tinggi apabila ada teman yang mendampingi. Didalam situasi ini kehadiran bedog lebih cenderung sebagai batur pakumaha, teman berbagi masalah, semacam upaya dialog batin dalam menimbang situasi untuk mengatasinya. Disinilah bedog sebagai sang indung, yang memberikan nilai kebijaksanaan dalam tindak laku, bukan sebagai teman yang mendorong ke kesembongan yang mengarah ke ngalajur nafsu. Ada yang berpendapat penempatan bedog sebagai batur keueung lebih tepat sebagai implementasi dari sikap defensif, sedangkan pada batur ludeung lebih ke bersifat ofensif. Penempatan bedog sebagai batur keueung ataupun sebagai batur ludeung, itu sebagai pengakuan bahwa keberanian sejati adalah keberanian dari diri sendiri, bukan bersandar kepada orang lain. Ketajaman mata bedog akan terasa bermanfaat melalui penguasaan diri dan perilaku bijak.
Itulah bedog, melalui bedog setidaknya dapat menemukan tapak lacak para karuhun, yang memberikan kesempatan untuk mengarungi kearifan lokal. Berikanlah ruang pada bedog dengan bentuk dan tajamnya sebagai benda budaya, biarkan beriringan dengan benda budaya lainnya sebagai anak jaman. Bobot pangayon timbang taraju mangga nyanggakeun.



MAMAT SASMITA
Penggiat Rumah Baca Buku Sunda.