26 October 2016

Carpon : NU MULANG MIHEULAAN

Ku : MAMAT SASMITA

Taun 2012 dina mangsa munggah haji
Isukan bada lohor rék ka Madinah, kitu cék nu ngabingbing haji téh, tuluy ngajadwalkeun engké peuting bakal tawaf wada, tawaf papisahan. Bérés tawaf wada, kira-kira tabuh opat kasubuhnakeun, kuring jeung pamajikan teu terus mulang ka panginepan, tapi néangan tempat, niat mah rék ngadon salat sunah, néangan tempat téh hayang nu bisa  nyanghareup ka multazam, antara hajar aswad jeung panto kabah. Salila tawaf wada téh maké juuh ku cipanon sagala, aya nu nyérédét kana haté, asa embung papisah, pamajikan gé kadéngé ngingsreuk, sigana pikiranana sarua jeung kuring. Boa iraha bakal panggih deui, boa iraha bakal deukeut deui. Ĕta nu jadi sabab moal waka buru-buru mulang ka panginepan téh, hayang anteng neuteup ka’abah, hayang anteng aya di jero masjidilharom. Hayang anteng ngumbar kasono, hayang anteng ngabudalkeun kabéh kereteg haté, bari sakalian ngadagoan waktuna solat subuh da rarasaan teh moal lila deui.



Kuring jeung pamajikan mundur ka béh tukang, Alhamdulillah meunang tempat, najan rada pasesedek jeung nu séjén, babaturan sarombongan gé aya. Di dinya anteng ngadu’a, enyaan ngabudalkeun kabéh kereteg haté. Menta dihampura tina sagala kasalahan, lir keur muter ulang filem kahirupan diri, rumasa loba kasalahan hirup téh, rumasa sombong, rumasa boga rasa aing kumawasa. Sakali deui cipanon juuh, sakali deui kuring ngadéngé pamajikan ngingsreuk jeung remen ngusap cipanon. 
Bérés solat subuh, bérés ngadu’a  tuluy kaluar ti masjidilharom. Kaluar téh ti panto nomer opat puluh lima, teu ngahaja kaluar ti dinya, pédah rada kaséréd ku batur ku nu papada rék kaluar masjid,  biasana mah kaluar asup ka masjid téh ti panto nomer tujuh puluh salapan. Lantaran kuring jeung rombongan téh meunang panginepan di jalan Ummul Quro, deukeut jeung jambatan Mansur, sok disebut Qubri Mansur. Panto pangdeukeutna di masjidilharom mun datang ti jalan Ummul Quro téh panto nomer tujuh puluh salapan. Geus jadi tanda keur rombongan kuring mah, rombongan sabimbingan haji,  biasana sok silih dagoan téh di hareupeun hotél Dawrut Tawhid, ngadon ngumpul dariuk, hareupeun pisan panto nomer tujuh puluh salapan.
Kaluar ti panto nomer opat puluh lima téh terus ngoréléng ka kénca, leumpang téh antaré wé, teu rurusuhan, asa hayang kénéh ngumbar kasono, asa can cacap ngabudalkeun kalaip diri. Sigana pamajikan gé sarua, da kalan-kalan nyusut cimata. Terus leumpang mapay palataran masjid.
“Bah, hoyong ka jamban heula,” cék pamajikan sorana semu haroshos. Kabeneran di dinya aya jamban husus keur awéwé, supaya  gampil papanggih deui kuring nuduhkeun tempat ngadagoan, dina undakan keur ka masjid tingkat kadua. Di dinya gé loba nu séjén, sigana sarua papada ngadagoan nu keur ka jamban, kuring diuk deukeut budak ngora, mun ningali keureut beungeut mah sigana urang Arab kénéh.
Kuring unggeuk jeung uluk salam, kuring nyolongkrong ngajak sasalaman, manéhna nyahoeun kuring diuk di dinya téh rék ngadagoan pamajikan nu keur ka jamban, “Sarua kuring gé ngantosan pun bojo ,” kitu pokna téh.
“Kuring ti Indonésia.”
“Kuring mah ti Paléstina,” kitu jawabna.
“Ti sisi kulon?” cék kuring
“Sanés,  ti jalur Gaza,” jawabna.
Ngomong jeung manéhna téh maké basa Inggris, najan basa Inggris kuring tipaparétot teu puguh alang ujurna, tapi sigana manéhna gé ngartieun.
Dina haté mah hayang ngomong pasti  manéhna téh pasukan ti salah sahiji faksi di Paléstina, tapi omongan kitu téh teu pok. Kuring sadar dina mangsana keur ngajalankeun ibadah haji, teu hadé mun ngomongkeun pasoalan pulitik atawa perkara kadunyaan. Kuring neuteup ka jauhna, satungtung palataran masjid, pagaliwotana jalma sakitu lobana, pasti kana puluhan rébu, kabéh gé keur ngajalankeun ibadah, nohonan ondangan ti Nu Maha Kawasa. Ĕta jalma nu sakitu lobana pasti jalma saroléh wungkul, nu ngadu’a keur kamaslahatan dirina, alamna jeung meureun nagarana séwang-séwangan. Meureun sarua nu keur dipikiran ku budak ngora urang Paléstina di gigireun kuring gé, ras kana béja nu kungsi kabaca atawa kalalajoan dina televisi kumaha kaayaan Gaza. Teu karasa biwir ngagereyem lalaunan lagu nu dihaleuangkeun ku Michael Heart
“You can burn up our mosques and our homes and our schools. But our spirit will never die.
We will not go down. In Gaza tonight.”
Sigana budak ngora gigireun téh ngadéngéeun, da terus malik neuteup ka kuring bari ngomong “Anjeun uninga lagu éta?”
“Kantenan wé terang mah, mung teu apal sadayana ongkoh deuih teu tiasa ngahaleuangkeunana nu leres, sora kuring mah sumbang.”
“Leres kitu pisan kaayaan Gaza téh, sadidinten teu weléh harénghéng, ti murangkalih olollého dugi ka aki-aki nini-nini, kedah sayaga unggal waktos, mayunan kakawasaan nu hawek, nu  taya ras-rasan.”
Méméh kapapanjangan ngomongkeun kaayaan Gaza, kuring buru-buru ngajak ngadu’a, sangkan Gaza geura leupas tina kasarakahan, tina angkara murka dunya. Bérés ngadu’a budak ngora di gigireun téh pok ngomong “Supados komunikasi urang langkung lancar kumaha upami urang nyarios téh nganggo basa Arab.” Ngadéngé kitu kuring kacida kagétna, da puguh basa Arab mah teu bisa sapotong-sapotong acan, rumasa wé teu kungsi diajar. Kuring saduk saduk, hampura teu bisa basa Arab.
“Har, kapan agama Islam téh jolna tina basa Arab, atuh sakedik wé mah, dialog basa Arab kedah tiasa. Kumaha atuh ngahartoskeun Al-Quranulkarim?” Kitu ngomongna téh tandes pisan. Kuring ngadangheuak, asa ditonjok angen, asa dipeupeuh puhu ceuli, rampohpoy teu manggapulia.  Kuring ngajawab lalaunan “Ngahartoskeun Qur’an mah ngaos tarjamahna baé,” tuluy kuring ngaluarkeun Al-Amin, tarjamah Al-Qur’an basa Sunda.  Sigana budak ngora téh surti, da pok deui ngomong “Bapa sepuh, ulah alit manah, wios teu tiasa basa Arab gé, da Alloh Subhanawataala mah ngartoseun sagala basa, sareng ongkoh amal ibadah mah sanés ku ucapan wungkul, tapi ku prakna dina kahirupan sadidinten.” Ayeuna mah nyebut ka kuring téh bapa sepuh.
Kuring unggeuk, asa éra ku budak ngora nu anyar pinanggih, untungna nu tas ti jamban kaburu datang, datangna téh bareng siga nu badami, pauntuy-untuy antara pamajikan kuring jeung pamajikan manéhna.
Tuluy wawanohan, cék kuring “Bagja aranjeun mah, bisa munggah haji ngarora kénéh, dina kaayaan awak  jagjag belejag, teu cara kami nu geus kolot, geus rarémpo.”
“Ih malih upami ningali rombongan haji ti Indonesia mah matak kayungyun ku sumangetna, ku saroméahna,  na sabaraha atuh yuswa téh?”
“Kakara genep puluh punjul hiji, ari ieu mah kakara lima puluh lima,” tembal kuring bari nunjuk ka pamajikan. Ari manéhna ngaku umurna kakara dua puluh dalapan, pamajikanana dua puluh lima, pagawéanana jadi ahli mékanik di Mesir, pamajikanana jadi guru taman kanak-kanak keur katurunan Paléstina di Mesir. Duka teuing beulah mana di Mesirna, teu talété nanya, sigana teu jauh ti wates nagara. Dumukna gé di Mesir lain di Paléstina, kalan sok ka Paléstina mun aya pagawéan menerkeun sarupaning mesin gedé.
Lantaran kuring poé ieu rék tuluy ka Madinah, kuring amitan, méméh papisah téh silih tukeuran email, surat elektronik, ari nomer hapé mah teu silih béré, da cék manéhna nomer hapé mah sok babari ganti.
Sanggeus uluk salam maké jeung silih rangkul sagala, kitu deui pamajikan jeung pamajikan manéhna, enyaan rék papisah téh da jeung teu nyaho iraha rék papanggih deui.
“Kuring moal waka ngirim email nepi ka pertengahan bulan Nopember mah, da kuring rék ka Madinah heula,” kitu cék kuring téh, manéhna unggeuk.

Méméh ninggalkeun palataran Masjidilharom, kuring jeung pamajikan sakali deui neuteup masjid, sakali deui ngadu’a, mugi-mugi kapayun tiasa tepang deui, teu poho ngadu’akeun nu jadi anak supaya bisa datang ka ieu patempatan.
Di jalan kacida raména, nu mulang ka tempat panginepan sewang-sewangan sanggeus ngilu solat subuh berjamaah, kuring leumpang ka peuntaseun jalan nu rék ka jalan Ummul Qura. Leumpang ka panginepan téh kira-kira satengah jam, mun leumpang antaré mah meureun tilu parapat jam. Kuring gé jeung pamajikan teu rurusuhan, da koper bawaeun geus diringkes ti kamari kénéh, tinggal tas nu di jingjing, eusina ukur baju keur ganti. Pamajikan mah maké jeung sempet meuli heula dahareun sisi jalan, keur sasarap jeung keur bekel dina beus.
Miang ka Madinah teh kira-kira tabuh satu, rada elat, lantaran aya pamariksaan heula, cenah koper mah kudu misah jeung panumpang, tah mindah-mindahkeun koper nu lila téh, atuda aya kana opat ratus lima puluh jalma, rombongan sa-kloter téh, kabéh koperna kudu pindah kana mobil séjén.
Perjalanan ti Mekah ka Madinah kaitung rada lila, atuda jauhna gé méh opat ratus lima puluh kilometer, katambah ku eureun-eureunan. Sapanjang jalan téh ngemplong, ukur ningali lempengna jalan, di sisi jalan téh arang langka tatangkalan, nu aya ngan gunung batu atawa sagara keusik.  Nepi ka pamondokan di Madinah téh méh tabuh dalapan peuting, sanggeus meunang kamar jeung bébérés babawaan, kakara bisa kaluar, ningali situasi.  Angger sakamar téh limaan, sarua jeung waktu di Mekah. Atuh jalmana gé éta-éta kénéh.
Harita kénéh gé kuring jeung duaan babaturan sarombongan, mapay jalan, nanyakeun jalan ka masjid Nabawi. Teu jauh geuning, leumpang téh paling gé saparapat jam, jaba jalanna genah, teu nanjak mudun kawas waktu di Mekah. Solat munggran di masjid Nabawi téh waktu solat subuh, bérés solat subuh kuring jeung rombongan sabimbingan haji dikumpulkeun di palataran masjid, nu ngabingbing méré katerangan sajarah masjid Nabawi, jeung nuduhkeun tempatna Kanjeng Nabi dikurebkeun “Tuh itu dihandapeun kubah nu warna héjo,” bari nunjuk.
Subhanalloh, geuning kuring nepi ka masjid Nabawi, tuur asa ngeleper bari jeung awak asa sisiakan, ngaleketey teu béda jeung basa mimiti jol ka Mekah, mimiti asup ka Masjidilharam, mimiti neuteup ka’bah.
Alhamdulillah, salila di Madinah téh lancar, euweuh halangan nanaon, enya ari pasesedek mah, komo basa hayang ngadu’a di raudoh, karasa pasesedekna. Matakna alus pisan mun munggah haji teh dina umur nu keur jagjag belejag. Ulah siga kuring dana mangsa umur geus cueut ka hareup, dina umur mangsa tunggang gunung. Teu karasa di Madinah téh méh salapan poé, cék tuntunan ibadah haji alus mun bisa ngajalankeun solat wajib opat puluh kali di Masjid Nabawi, sok disebut arbain, teu kaselang  atawa teu pegat. Aya éta gé nu méré katerangan solat opat puluh kali teu pegat di Masjid Nabawi téh lain wajib malah teu sunah sunah acan, tapi pan lain salah kasebutna mun bisa gé, da solat mah kawajiban. Poé ka salapan tatan-tatan mulang ka lemah cai, mulang ka Bandung.
Aya samingguna sanggeus di Bandung, kuring kakara ngirim email ka budak ngora urang Paléstina, teu panjang ukur ngucapkeun salam jeung méré béja yén kuring jeung pamajikan geus nepi ka Bandung, ka lemah cai sorangan kalawan berekah salamet.  Jawabanana  katarima tilu poé sanggeus kuring ngirim email ka manéhna. Teu panjang, ngan ngawilujengkeun majarkeun bapa sepuh mah  bagja boga lemah cai, boga tempat nu jinek, ditungtungan ku du’a mugi panjang yuswa jeung sing leket ibadah jeung “tos ngawitan diajar basa Arabna?”

Taun 2013 dina mangsa munggah haji
Kuring narima email deui cenah geus lahir anakna, lalaki, dibéré ngaran Fajr ibn Amer Al Fayyoumi, malah kuring gé narima fotona, orok beureum kénéh keur saré ngageubra diapit ku indung bapana. Ningali foto indung bapana kaciri keur kacida bungahna, emailna ditungtungan ku ménta dipangdu’akeun sangkan budakna jadi jalma nu soléh tur gedé gunana keur agama jeung lemah cai.

Taun 2014 dina mangsa munggah haji
Kuring teu nampa email, kuring ngirim email gé teu dibales. Rada hariwang puguh gé pédah wé sok ngadéngé béja dina télévisi yén Israél ngagempur deui jalur Gaza, malah loba nu jadi korban.

Taun 2015, dina mangsa munggah haji
Keur meujeuhna meuweuh béja kacilakaan di Mina jeung béja kacilakaan kulantaran ngajurahrohna mesin angkat jungjung ninggang ka nu keur ibadah di Masjidilharom, dina béja téh disebutkeun aya korban ti Indonesia, ngan jumlah korban ti Indonesia mah can jinek sabaraha-sabarahana, masih kénéh keur ditéangan. Harita kuring nampa deui email ti Paléstina, kuring maca email téh sababaraha balikan asa teu percaya kana eusina. Panjang email téh, nu nulisna siga keur ngetrukkeun sakabéh eusi haténa   
Bapa sepuh, mugi dipangdu’akeun, bapana pun anak, nu tos miheulaan mulih ka kalanggengan, ngadongkapan nu Maha Uninga, mugi ditampi iman Islamna. Amin.
Maca kalimat ieu kuring ngahuleng sajongjongan, naon maksudna, naha enya, mun kongang mah loba nu rék ditanyakeun,  kunaon, kumaha ieu téh nu sabenerna. Tuluy eusi email téh nyaritakeun anakna nu keur meujeuhna lucu, keur léléngkah halu, sagala dicabak, sagala dirawél, cék dina emailna “saréngkak paripolahna matak lucu, kawajiban sim kuring ngagedékeun ieu budak dugi ka jucungna. Bapa Sepuh tangtos murangkalih  mah teu acan ngartoseun naon nu disebat bangsa Palestina, bangsa Mesir, bangsa Indonesia kalebet bangsa Israel. Tangtos murangkalih mah teu acan ngartoseun naha kedah aya perang, naha kedah silih pikangéwa, naha kedah silih arah pati, naha kedah aya seuseukeut pélor bedil.”
Macana kuring bati ngaheruk, ngahuleng salila-lila. Maca emial téh teu waka diteruskeun, kuring ngoléséd tina korsi hareupeun komputer, leumpang ka buruan, neuteup langit kota Bandung nu lenglang. Angin ngahiliwir neumbag kana awak, hawa karasa seger, ngurangan kahareneg haté. Diburuan téh kuring ngadon sasapu jeung meresihan jukut nu geus ngajejembrung. Ari pipikiran mah uleng duka teuing kamana losna. Cengkat sotéh sanggeus kadéngé adan  lohor ti masjid. Maca email deui sanggeus solat lohor.
“Bapa sepuh, sakapeung mah sim kuring sok ngaraos sirik, duméh bapa sepuh aya di nagara nu ayem tengtrem, upami sim kuring baheula gubrag ka dunya (dilahirkeun) téh di nagara sapertos Indonesia, janten bangsa Indonesia, beu bagja temen. Sim kuring dina mangsa keur rumaja, di Gaza, unggal waktos teu weléh caringcing, unggal waktos diwuruk ku sepuh, supaya taki-taki, kedah janten jalmi nu ageung wawanén kanggo ngabéla lemah cai, ngabéla bangsa, komo pameget mah cadu disebat kecing téh. Sim kuring lahir jadi bangsa Palestina, da sanés kahoyong nyalira, éta mah éstu papastén ti Nu Maha Kawasa. Naha bet dikakaya?”
Panjang nu dicaritakeunana, cenah geus teu anéh budak awéwé wani nyanghareupan téng waja, wani nyanghareupan congo bedil, wani nyanghareupan gurilapna seuseukeut bayonét ti jalma-jalma nu ngarasa kumawasa, ti jalma-jalma nu samagréng ku téhnologi perang.
“Béhna kalintang sesahna hirup sauyunan, béhna ampir sadayana jalmi ngagungkeun asal-usulna (primordial), béhna téhnologi mung janten taméng kakawasaan (saur bapana pun anak almarhum kedahna téhnologi téh kanggo kasejahteraan balaréa), béhna kasarakahan mahabu dimana-mana, padahal jalmi pinilih mah iwal ti jalmi nu takwa, sanes jalmi nu ngarasa pangbenerna, pangagungna, batur mah henteu, batur mah salah.”
Kuring ngaheugeu.
“Bapa Sepuh, sanés sim kuring leutik burih seja ngejat ti pakalangan, sanés teu mikacinta ka lemah cai, sanés teu mikanyaah ka bangsa sorangan. Sim kuring ayeuna aya di hiji tempat (hapunten moal disebatkeun dimana-manana), hoyong ngagedékeun pun anak, hoyong sina sakola nu jucung. Piduana baé mugi ieu pun anak sing janten jalmi nu soléh, sing janten jalmi nu beunghar ku pangaweruh. Sakali deui neda pindu’ana kanggo bapana pun anak, nu mulang miheulaan, mugi ditampi amal kasaéanana tur kenging tempat nu utami di sagédéngeun Anjeuna. Hapunten anu kasuhun, bilih kapayunna sim kuring teu ngintun serat deui, sareng ieu serat teu kedah diwaler.”
Sakali deui kuring ngaheugeu.

2016 dina mangsa munggah haji.

Enya wé email ti manéhna can datang, biasana mah sok jol téh dina bulan Rayagung, boa boa enya moal datang▄

(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa, Rebo, Kemis tgl 18-19-20 Okt 2016)

11 October 2016

Carpon : BEDOG CEURIK RAHWANA

Ku : MAMAT SASMITA

Aki Saca keur siduru hareupeun durukan runtah, di gigir imahna. Haseup ngelun, mulek, rada beueus runtah téh, pédah kamari soré aya hujan miripis. Aki Saca malikeun durukan, runtah nu béh handap sina mumbul ka luhur, dikoréh-koréh ku rokrak panjang. Haseup beuki ngelun, teu genah siduru gé ari loba haseup mah, kalah peurih kana mata.
Aki Saca ninggalkeun durukan nu ngelun, bus asup ka imah ti panto dapur, teu poho panto ditulakan ti jero. Kitu deui jandéla nu geus ngablak ti subuh kénéh, ditutupkeun kalawan tarapti. Aki Saca kaluar imah ti panto hareup,  jrut turun ti golodog, cepet ngétan.  Nincak jalan can diaspal, nincak batu leutik gugurinjalan. Teu rurusuhan, lengkah ancad lalaunan bari ngararasakeun panon poé haneut moyan.
Nepi ka lembur Sandaan, béh ditueun kantor kalurahan, méngkol kana gang leutik, muru imahna Aki Wirya.   
“Aéh..aéh geuning aya tamu ti jauhna,” cék Aki Wirya nu ngurunyung ti pipir imah.
Duanana silih rangkul “Hampura kuring tambélar” haréwos Aki Saca. Duanana namplokeun kasono, pédah geus lila teu papanggih. Silih tanya anak jeung incu. Aki Wirya téh sobat Aki Saca ti keur ngora, kawentar alus ngukir pérah jeung sarangka bedog, rajeun sok disebut maranggi atawa marangguy. Loba kanyahona perkara bedog, malah perkara keris jeung kujang, sabab mindeng panggih jeung jalma réa nu papada hayang dipangnyieunkeun pérah jeung sarangka.
Aki Saca muka bungkusan nu ti tadi dikeukeuweuk “Hayang dibajuann jeung maké pérah” kitu pokna. Dibajuan téh disarangkaan.
“Uluh bedog pajajaran?” Cek Aki Wirya bari ngalak ngilik bedog nu taranjang kénéh.
“His lain, ieu mah meunang kuring jeung incu.”
Aki Wirya neuteup, siga nu teu percaya. Bedog semu coklat, siga warna taneuh. Wilah bedog udat-udatan, nu kieu mah sok disebut pamor pecah rambut cék pikir Aki Wirya. Awak bedog rada panjang, ngalampanyat, huntu bedog  atawa seuseukeutna semu melengkung ka tungtung, malapah gedang.
“Na masih kénéh nyieun bedog?”
“Puguh geus welasan taun teu neupa, kakara ceg deui aya tilu bulan kaliwat mah dibantuan ku incu awéwé,” tembal Aki Saca.
“Rék dikumahakeun ieu téh?”
“Hayang diperahan jeung disarangkaan.”
“Lah geus ngadégdég ngarautna gé.”
Aki Saca keukeuh maksa hayang diperahan, hayang disarangkaan “Keun baé lila gé,”  Aki Wirya éléh déét tuluy unggeuk.
Aki Saca dititah milih pérah, nu kumaha nu rék dipaké kitu deui sarangkana.
“Tah nu ieu wé,” cék Aki Saca
“Euh eluk paku,” témbal Aki Wirya “Hadé tah milih téh, luyu jeung bedogna.”
“Naha kitu/”
“Kapan eluk paku téh eluk pakujajar, tangkal paku nu aya di Pajajaran baheula.”
“Aéh baruk, teu nyaho kuring mah.”
 “Na rék dibéré ngaran naon ieu bedog téh?”
“Eu eu  Bedog Ceurik Rahwana.” Témbal Aki Saca bari rada aga eugeu, siga nu sapokna.

***

“Hayu aki, urang  ka Cikidang téa” cék incuna nu geus ngajengjen di gigireun Aki Saca, bari ngajingjing kantong keresek ,”Ieu beusi sembranina”, bari ngodok kantong keresek ngaluarkeun urut spéker nu geus ruksak.
 “Naha teu sakola nyai?”
“Pan dinten Minggu ayeuna mah, peré ki,” Aki saca ukur nyéréngéh ngadéngé kitu mah, abong geus kolot geus poho kana poé, ari Jumaah mah teu poho pédah sok ngadéngé sora ngaji ti masjid lembur gedé.
 Aki Saca singkil, maké calana komprang nengah bitis, baju kamprét hideung, teu poho didudukuy cetok.
“Nyai maké dudukuy ieuh, engké beurang mah panas geura.” Incuna nampanan dudukuy nu disodorkeun ku Aki Saca.

Duaan anteng di Cikidang, lain nyair ngala lauk atawa ngabedahkeun kokombongan, ieu mah ngala siki beusi. Cikidang dina mangsa usum halodo, caina macak-macak, loba kikisik garing, di tempat kitu beusi sembrani digusruk-gusruk, mun ayaan siki beusi sok narapel, siga cucuk leutik ngarédés napuk dina  beusi sembrani. Tuluy diparol, diwadahan kana kantong keresek, hayang meunang sakantong keresek gé hésé, lila, kudu leukeun. Resep cenah cék incuna mah, orokaya awakna sok kukucuprakan dina cai. Ku Aki Saca diantep sakarepna, ku daék ngilu gé geus atoh aya nu maturan teu karana dititah.  
Ngala siki beusi téh pédah teu boga beusina keur nyieun bedog, aya éta gé beusi pasésaan jaman keur sok neupa, ngan saeutik, ukur  sajeungkal, sigana urut pér sado atawa urut pér mobil. Moal pimahieun. Kungsi kekeleyengan néangan beusi ka tatanggana salembur, euweuh nu bogaeun. Béak dijualan ka tukang rongsokan sok ditukeuran ku cangkir, gelas atawa emuk.
Ari parabot keur manday mah aya kénéh, sabangsaning palu, paron, kikir, panyapit ngaggunduk di dapur, malah aya kénéh lambusan tina kulit domba. Sagala rupa parabot mah ngahaja teu dikamamanakeun, wariskeuneun kitu pikir Aki Saca.
“Nyai hayu urang balik, ieu geus téréh lohor” Aki Saca ngageroan incuna nu keur anteng ngagusruk-gusruk beusi sembrani, diajak balik téh incuna teu mungpang, ngiclik nuturkeun bari ngajingjing kantong keresek.
“Aki, ari ieu siki beusi ti mana, naha aya di Cikidang?”
“Duka atuh nyai, aki gé teu apal, ti ditu wé meureun ti gunung kabawa palid. Numatak nyai, sakola teh kudu jucung ambéh apal sagala rupa.” Incuna teu teterusan nanya,  enya ayeuna kakara kelas lima, budak téh kawilang pinter, aralus peunteun dina rapotna.
“Nyai sigana geus meujeuhna ngala siki beusi téh, geus cukup keur nyieun bedog mah, kabéhna mun dihijikeun geus aya saémbér mah.”
“Iraha aki badé neupana?”
“Engké deui wé mun nyai peré sakola,” tembal Aki Saca, “Isuk mah siki beusi rék dikumbah deui, rék dipiceun leutakna, rék didaraykeun ambéh garing”

***
Si Nyai luut léét késang, leungeunna pakupis diperenahkeun dina lambusan, niupan kana piruruhan. Piruruhan dijieun dina urut hawu, di dapur imahna Aki Saca.
“Sok nyai, lila-lila gé bisa,” cék Aki Saca, pédah ningali incuna siga nu hésé ngemposkeun lambusan. Aya rasa bungah tur reueus ningali incuna siga nu keyeng  hayang bisa neupa, padahal pangawakan awéwé, biasana awéwé mah langka kataji jadi tukang panday. Tapi teu salah cék gerentes haté Aki Saca, lantaran kungsi ngadéngé jaman baheula ogé aya awéwé nu kawentar jadi panday nu hadé.
Kaciri piruruhan geus ruhay, Aki Saca ngamimitian rék ngasupkeun beusi nu sajeungkal, dicapit pageuh, Bismillahirohmannirrohim ucapna lalaunan, mugi salamet saréréa tur alus hasilna, brus beusi disupkeun kana piruruhan.
“Kadieu nyai ku aki, genténan, itu elapan heula paron ku lamak baseuh, tong baseuh teuing.” Aki Saca ngagantian incuna ngalambus, sora lambusan ngadius mayeng, ngempos kana piruruhan.
 Aki Saca dina pikirna uleng kumaha carana nyampurkeun siki beusi, can kungsi neupa maké siki beusi, teu boga pangalaman. Beusi nu sajeungkal geus beureum semu hurung, lambusan dilesotkeun, ceg kana cacapit, beusi hurung dicapit pageuh, dibawa kana paron, dipeupeuh ku palu badag, diomé sangkan semu kewung. Di tengah nu semu kewung diasupan siki beusi, dipurulukkeun, ngaburicak semu hurung, sigana kokotor tina siki beusi kaduruk, geus semu leyur tuluy dilipetkeun, kitu jeung kitu. Incuna agag-agagan siga nu sieun ningali ngaburicakna seuneu dina beusi beunang meuleum.
Aki Saca ngahégak, palu karasa beurat, enyaan geus kolot, tanaga geus suda, ari kahayang gedé kénéh, ningali kitu mah incuna ngawanikeun manéh, “Aki kadieukeun urang cepengan,” incuna neureuweul  rék ngarebut cacapit tina leungeun akina.
“Nyai bisa kitu?”
“Tiasa,” tuluy leungeunna tipepereket nyekel cacapit beusi, panonna semu peureum, Aki Saca kéom ningali kitu mah, palu diheumbatkeun dicekel ku dua lengeun.. Lila-lila incuna tambah wani nyekel cacapit, beuki lancar ngabulak balik, geus teu kudu dititah deui.
Salila digawe kitu, kadéngé radio ngagembrung, itung-itung aya nu maturan, nu dipikaresep ku Aki Saca téh lagu Ceurik Rahwana dina wanda Cianjuran.

Neupa teu cukup ku sapoé dua poé, dikeureuyeuh babarengan jeung incuna dina waktu peré sakola. Lain teu hayang dipigawé ku sorangan, ku Aki Saca, tapi nyaah ku kadaék incuna, ngajaga ulah nepi ka jaheut haténa, alatan teu diajakan. Pangna hayang neupa deui, sanggeus welasan taun eureun, lantaran teu boga bedog beunangna. Pédah wé kasebut kungsi jadi tukang panday, hayang boga akuan, boga bedog nu alus meunang neupa sorangan. Ulah keuna ku paribasa majar panday mah tara boga bedog. Ari bedog keur kudak kadék sapopoé mah aya, ngan éta mah bedog beunang batur ti Galonggong, paméré minantuna.

Sapopoéna, di imahna, Aki Saca sagawé-gawé, aya ngayuman bilik, aya menerkeun paranjé hayam, sabenerna gawé kitu téh ukur tamba kesel, da keur hirup sapopoé mah geus tara mikir, cukup dibayuan ku nu jadi anak. Anakna téh dua, duanana geus kurenan, nu panggedéna lalaki geus mencar, ngabandar cau di kota, ari nu bungsu, awéwé, boga salaki ka guru SMP di kacamatan. Imah Aki Saca, paeunteung-eunteung jeung imah anakna nu awéwé.  
Mun keur sagawé-gawé, Aki Saca sok bari ngadéngékeun radio, kitu wé aya ngadéngékeun bag-bagan agama, aya ngadéngékeun dongéng , ngadéngékeun bobodoran jeung ngadéngékeun lalaguan, karesepna lagu Ceurik Rahwana atawa Banondari. Mun keur ngadéngékeun lagu Ceurik Rahwana rajeun sok ngaheruk, asa kasindiran atawa asa maca deui lalakon hirupna.  
Hirup mah tara lempeng salawasna, rajeun aya ngaléokna, inget kénéh dina mangsa tengah tuwuh kungsi kagémbang ku randa donto urang Bungbulang. Mimiti papanggih waktu keur ngider ngajual bedog jeung parabot lianna, teu pira randa donto téh rék meuli arit jeung étém, cenah keur ngilu dibuat. Pokna “Akang, kuring meunang ngiridit?”. Harita Aki Saca teu langsung ngawalon, lantaran barang téh teu dikiriditkeun, hayang cungcréng sapada harita. Cék randa donto téh “Ambéh urang mindeng panggih,” Aki Saca teu wasa nolak,  unggeuk. Encan lunas arit jeung étém, geus gerewel deui hayang badog jeung pacul, kitu jeung kitu wé.  Aki Saca éléh ku kelét jeung ku giler. Antukna kalalanjoan, nepi ka wani ménta céngcéléngan nu pamajikan, Nini Uti, meunag kental kentél aya puluh taunna ancokeuneun keur umroh. Ngomongna Aki Saca mah nginjeum keur nambahan modal. Nini Uti teu opénan, tara nanya najan sakecap.  Nu karasa ku Aki Saca, pamajikanana teu loba kahayang, keur pangabutuh sapopoé ngurus budak rék dibéré sabaraha gé ditampa kalawan bungah, majarkeun rejeki  mah rék gedé rék leutik ulah ditampa ku ngarasula.  Keur Aki Saca aya ngeunahna tara ditanya nanaon téh, aya kereteg haté mah boa-boa sikep kitu téh lain hartina sadrah kana kadar tapi ngalawan ku cara lemes, kuduna lalaki ge surti. Tah palebah dieu Aki saca ngaleketeyna, komo sanggeus ditoker ku randa donto pédah tara mawa pamahugi loba.
Béak modal teu karasa, dagang parabot geus teu reugeujeug. Antukna idek liher deui di imah, sagawé-gawé dilembur sorangan. Rasa hanjakal sagedé gunung euweuh gunana, kalalanjoan kagémbang ku urang Bungbulang.
Mangtaun-taun céngcéléngan Nini Uti teu kagantian, malah lat poho.  Datang mangsa Nini Uti mulang ka kalanggengan, Aki Saca kapupul bayu, ngaheruk lir bueuk meunang mabuk, asa diheulang. Harita pabeubeurang Nini Uti keur ngaréngkol ngeukeupan incuna nu kakara umur bubulanan, kapanggih sotéh pédah orok ngéar, ceurik teu eureun-eureun, ari diguyahkeun Nini Uti geus oyag kabéh. Atuh guyur salelembur, papada nyebut teu nyangka,  teu kadéngé geringna, ngan kalan-kalan sok kadenge rumahuh, sok rajeun ngarasa eungap.  Nilik kana umur da can kolot-kolot teuing, enya sabenerna mah umur Nini Uti leuwih kolot batan Aki Saca, tapi géséhna ngan ukur tilu taun.
Bérés ngaweredon, nyolatkeun jeung nguburkeun, Aki Saca muka lomari tempat pakéan Nini Uti. Geus kabiasaan, pakéan nu geus marhum sok diwariskeun atawa dibikeun utamana ka nu ngaweredon. Dina handapeun tumpukan baju, kapanggih bungkusan pelastik hideung, dibuka téh bungkusan baju dina bungkusna aya cap tulisan pakaian wanita untuk umrah lengkap. Meg téh, Aki Saca asa ditonjok angen, hayangna ceurik lolongséran, suku, leungeun ngeleper, harita ukur  ngomong lalaunan “Hampura Uti.”

***
Pasosoré, bada asar, Aki Saca keur ngalantung di buruan, ngagéndéyéh maké sarung, ka luhurna make baju koko bodas, dikopéah hideung, ngadagoan wanci magrib. Di jalan kadéngé aya mobil eureun, teu lila kurunyung Aki Wirya, diiringkeun ku duaan, sigana nu ti dayeuh da béda dangdananana.
Sanggeus uluk salam, Aki Wirya ngawanohkeun yén dua tatamu téh hayang panggih jeung Aki Saca, méméh ngawangkong panjang Aki Wirya ngajak nyalingker heula ka Aki Saca bari ngomong lalaunan.
“Tong loba carita, teu kudu nyaritakeun neupa bedog sagala, ieu tamu téh rék ngaduitan bedog nu kamari dipérahan jeung disarangkaan, sigana duitna pimahieun mun dipaké keur umroh gé.”
Aki Saca ukur ngahuleng, baruk rék ngaduitan bedog?  Mahi keur umroh?
Aki Saca ngajak tamu asup ka tepas.
Tamu tunyu tanya kaayaan lembur. Aki Saca ngajawab satarabasna, aya walungan Cikidang nu tara saat najan halodo ngagentak, aya cai séké nu nelah Séké Bentang, aya hunyur di Cijambé nu nelah Uyut Cijambé, perenahna sisi Cikidang, girangeun lembur.
“Hunyur Uyut Cijambé dugi ka ayeuna gé aya kénéh, malih mah teu acan kantos kakelem sanaos Cikidang caah ageung.”
Tatamu nu duaan silih rérét “Saurna, saha nu sumaré di Cijambé téh?”
“Upami saha-sahana mah teu terang, namina maksad téh, mung saur sepuh baheula, éta téh makam istri, malih katelah Uyut Nyimas Rambut Panjang, seuweu siwi ti Cirebon, nu ngababakan ieu lembur.”
 “Lembur naon ieu téh?” cék tatamu.
“Katelahna ayeuna mah Sukamahi, kapungkur mah namina teh Jantaké.”
 Sanggeus ngobrol rada lila, tatamu teh méré kantong pelastik cenah éta téh mahar keur bedog “Mugi ulah ditampik,” kitu pokna. Aki Saca nampanan, teu dibuka heula, disimpen wé di tepas imah.
Tamu amitan, cenah rék terus mulang ka dayeuh, laleumpang muru kana mobilna nu ngabagug di sisi jalan. Aki Wirya mandeurikeun manéh, bareng leumpang jeung Aki Saca
  
 “Ĕta téh duit keur ngagantian bedog téa, itung wé ku sorangan kadinyah.”
“Atuh kop nyokot heula keur mayar pérah jeung sarangkana,” témbal Aki Saca.
“Hih kuring mah enggeus dibéré ti maranéhna kamari, éta mah keur didinya kabéh.”
“Lain, kuring mah banget teu ngarti, naha bedog téh nepi ka diregaan kitu?”
“Panjang caritana, engké wé deui, tah tamu nu rada béséké éta téh jalma nu awas paningal, jalma nu seukeut deuleu.” témbal Aki Wirya “Naha éta bedog disebut bedog Ceurik Rahwana?” cék Aki Wiya deui. “Kapan waktu keur neupana bari ngadéngékeun lagu Ceurik Rahwana tina radio,” jawab Aki Saca. Aki Wirya kéom ngadéngé kitu mah, terus ngilu kana mobil. Aki Saca teu kaburu tatanya deui, mobil geus ngadius mantén. Aya benerna panday mah tara boga bedog, kakara gé rék boga akuan geus disamber mantén ku nu séjén, gerentes Aki Saca.
Aki Saca muka kantong keresek  enya wé eusina duit, aya opat gepok, nu tilu gepok sapuluh jutaan jeung sagepok lima juta. Cukup keur umroh saurangeun.
Aki Saca ngahuleng sajongjongan, pok ngomong sorangan “Uti ieu duit keur umroh téa.”
Duit ku Aki Saca teu dicocéng sapésér ge, langsung dibikeun ka incuna keur  nambah-nambah biaya sakola, sakolebatan kagambar kumaha Nini Uti keur ngeukeupan incuna waktu orok kénéh▄


Margawangi September 2016
(Dimuat dina koran Tribun Jabar Salasa 27 Sept-Rebo 28 Sept-Kemis 29 Sept 2016)

05 October 2016

RAPOT WARGA jeung NYADAP KAWUNG

RAPOT WARGA

Ku : MAMAT SASMITA


Baheula, kira-kira taun dékade 1950, waktuna samen (tina basa Walanda examen) téh kacida didago-dagona, lantaran mun geus samen, sakola sok tuluy peré lila, disebutna téh pakanci, atuh dina poéan samen gé di sakola téh sok ramé ku tatanggapan jeung ku nu dagang jajanan.  Indit ti imah rebun-rebun kénéh, dianteur ku bapa jeung ema bari mekel timbel, duit keur jajan gé dibéré aya leuwihna. Dina poé samen téh sok dibagi rapot, peunteun alus atawa goréngna salila diajar, naék kelas atawa hanteuna. Murid-murid nu naék kelas atawa nu lulus kacida jigrahna, hayang jajan gé sok dipupujuhkeun ku indung bapana. Sanggeus nampa rapot sok tuluy brak dalahar murak timbel bekel ti imah, kitu wé di pakarangan sakola, tampolanana aya nu ngampar samak sagala, da datangna lain saurang dua urang tapi ngabubuhan sadulur-dulur ngilu.
Raraméan dina waktu samen téh sigana ti baheula mula, kabaca dina buku Gandasari, nu medal munggaran taun 1933, maké jeung disebutkeun nanggap wayang sagala. Ari dina Rusdi jeung Misnem mah teu disebutkeun raraméanana mah ngan disebutkeun gegedén pamaréntahan téh datang ka sakola, tuluy nguji murid, sina maca, nulis, ngitung jeung ngagambar.  Mun rapotna alus, komo mun euweuh beureuma, sok jadi kaagul, da nu remen silih tanya jeung papada murid téh aya beureumna atawa euweuh dina rapot.

Nyalusur kecap rapot dina kamus basa Sunda, kapanggih dina dina  Kamus Basa Sunda (Danadibrata,2006) ditulis rapot, hartina (dicutat saujratna) hakékatna sarua hartina jeung lapor, tapi ari di Sunda mah hartina atawa maksudna rapot téh buku catetan di sakola hasil beubeunangan diajar tiap-tiap murid, dina jero sataun barudak sakola narima rapot tilu kali atawa dua kali, dina rapot bisa kapanggih pinter henteuna budak sakola. Ari dina kamus basa Sunda LBSS (citakan ka 9, 1995) ditulis rapor atawa rapot hartina buku peunteun barudak sakola nu sok dibagikeun sakwartal sakali. Ku kituna dina ieu tulisan hartina rapot sarua jeung rapor.
Kecap rapot atawa rapor téh tina basa Walanda rapport, siga nu kapanggih dina buku rapor Holandsch Inlandsche Scholen (HIS) dina jilidna ditulis Rapport, tuluy kapanggih deui dina buku rapor Sekolah  Rakjat di Bandung dina jilidna ditulis Buku Rapor.
Demi ari pentingna buku rapor diantarana nyaéta mangrupa dokumen tinulis murid nu oténtik, salian ti éta buku rapor gé mangrupa bukti nyata geus nepi kamana kanyaho atawa kompeténsi murid,  kukituna eusi  buku rapor teu meunang dirobah ku sasaha.

Kahareup mah nu dibagi rapot téh lain ngan sakadar murid sakola wungkul  utamana di kota Bandung, tapi sakabéh warga kota Bandung disebutna rapor indeks kemasyarakatan. Sabab Walikota Kota Bandung dina bulan Mei 2016 méré iber (dina media sosial facebook) yén unggal warga kota Bandung bakal dibagi rapot. Mun males milu gotong royong, kerja bakti, males milu rapat di RT pasti rapotna beureum, tapi sabalikna mun aktif jeung kontributif pasti rapotna biru, kitu cék Walikota téh.  Sebut wé nu dibagi rapot téh unggal kepala keluarga atawa jumlah kartu keluarga (KK) nu aya di kota Bandung, kira-kira jumlahna téh tujuh ratus tilu puluh rébu. Mun nyitak hiji rapot waragadna nepi ka sapuluh rébu rupiah, jumlah jamléh waragadna nepi ka tujuh milyar rupiah leuwih keur nyitak rapot warga téh, ambuing gedé geuning. Atuh bisi mahal teuing waragadna mun nyitak rapot hiji sapuluh rébu rupiah mah, urang turunkeun wé jadi lima rebu rupiah hijina, meureun jumlah jamléhna téh tilu milyar lima ratus juta rupiah leuwih, da sakitu gé angger wé gedé, komo ieu keur pagawéan nu can karuhan alus tungtungna, sabab ieu téh nu munggaran di sakuliah nusantara, can aya keur studi kasusna.

Nu bakal méré peunteun ka warga téh nyaéta Ketua RT, kacipta kumaha kerungna, nyurengna bari jeung hulang huleng méméh rék trét nulis peunteun, naha beureum atawa bulao. Kudu asak-asak mikir ulah padu trét baé bisi jadi mamala, matak riributan jeung warga.
 Hubungan antara  Ketua RT jeung warga lain hubungan struktural  antara atasan jeung bawahan siga di pamaréntahan atawa pausahaan, ieu mah hubungan sosial nu kacida logorna. Parandéné kitu nu dipiharep téh aya rasa léah manah ti warga, ngarti kana maksud jeung tujuan ayana rapot, Mun téa mah unggal warga ngilu aub kana kagiatan di lingkungan sabudeureunana boh ngilu rapat RT, boh  ngilu kerja bakti, sahenteuna bisa wawuh, daréhdéh, soméah tur uah aéh ka papada tatangga henteu aing-aingan, meureun Ketua RT téh teu kudu kerung-kerung teuing dina méré peunteun, kari trét nulis ku warna bulao.

Nu jadi patarosan naha iraha jeung kumaha mikeun rapot ka warga téh, naha siga samen di sakola, kudu raraméan nanggap wayang, kendang penca jeung terebang?  

(Dimuat dina Koran PR Rubrik Bincang Sunda Rabu 8 Juni 2016)



NYADAP KAWUNG

Ku : MAMAT SASMITA

Rupaning pakasaban jaman baheula, miturut naskah kuna Carita Parahyangan, diantara panyadap atawa tukang nyadap, nu dimaksud nyadap didieu teh nyadap kawung, lain nyadap karét.
Tangkal kawung (arenga pinnata), mun ningali junggiringna, kacida sesegna, kaciri gagahna, malah rajeun pikagimireun. Jangkungna, nu geus dianggap déwasa, bisa nepi ka 25 m, gedéna satangkeup leuwih.  Baheula aya anggapan kawung mah teu bisa dipelak, tapi sok jadi sorangan, nu matak pelak kawung mah sok ancal-ancalan, cenah mah nu jadi téh tina kokotor careuh, geura bisa dibaca dina Babad Kawung.  Béda deui jeung jaman kiwari kawung gé geus dibudidayakeun.  Tangkal kawung kakara bisa disadap mun umurna geus sapuluh taun, malah nu génjah, lantaran hadé omé, umur dalapan taun gé geus bisa disadap. Ari dina Babad Kawung mah kakara bisa disadap mun umurna geus dua puluh taun, kacida leuirna, lantaran tara diurus téa.

Kawung nu di sadap sok dipasang sigay, siga tarajé, ngan awina saleunjeur, dicohak unggal buku keur titincakan nu naék, dina Babad Kawung disebutkeun  unggal kawung nu disadap kudu baé maké sigay najan kawungna pendék. Masang sigay téh teu sagawayah, sabab sigay téh teu béda jeung rarangkén, matak sieup kana kawung disebutna gé tarajé emas, nu masang sigay sok ngomong kieu “Puah putih anu raja, ulah geder ulah reuwas disangsangan tarajé omas siang kancana.” Supaya sigay téh kuat naplok kana tangkal kawung sok dipaseuk, paseukna disebut panteng.
Cirina kawung geus manjing disadap, mun kembangna geus bijil tina sungapan antara tangkal jeung kalokop palapah daun kawung. Kembang kawung  nu bijil, aya kembang lalakina rajeun disebut langari, aya deui kembang bikangna, sabab kawung mah kaasup  tangkal monosius uniseksual hartina kembangna dina satangkal aya nu lalakina jeung aya nu bikangna. Nu disadap diala lahangna téh tongkol, dina Babad Kawung disebut leungeun jeunah, kembang lalakina, sedengkeun nu bikangna tara disadap, sok diantep keur diala jadi cangkaléng.
Prak-prakan méméh nyadap, injuk dina palebah tongkol kudu diberesihan heula, aya pok-pokanana dina waktu meresihan injuk, siga nu keur gunem catur “Cawéné bésér aya calik?”, dijawab ku sorangan keneh “Aya”, “Rék ménta nganjang”, “Rampés”. “”Suka anjeun dibébék baju?, “Suka”. “Suka anjeung disingsatkeun samping?”. “Suka.”
Sanggeus beresih tuluy tongkol atawa leungeun jeunah téh ditinggur, dipeupeuh lalaunan maké paninggur (popongkol kai kira sagedé leungeun). Salila ninggur, tongkol diayun-ayun bari ngegereyem “Nini Bagawat Sangsri, Aki Bagawat Sangsri, ditimbul ku tepus bengkung, dipaléngpéng ku honjé gepéng. Mangka ngocor tina injuk, prék cereleng tina nyéré. Nyuruluk tina caruluk, ngarakacak tina séngsérang…deg cereleng..deg cereleng…deg cereleng.”
Aya deui, kieu pokpokanana “Euleus euleus bubuy ileus, euleus kénéh tinggur kuring. Yun ayun randa bésér uwar awér, Yun ayun ka ditu laut, ka dieu dano, ditengah talaga ngembeng. Yun ayun cawéné bésér, nyi randa bésér. Yun ayun sagara madu cai.”
Nu séjénna “Pun kawung kangkeng kawung, kawung bingkeng ditinggur ku budak kereng, pakereng-kereng, dek cereleng…dek cereleng…dek cereleng.”
Ditinggurna teu meunang lila teuing, ngaheuleut dina sapoéna lan kudu mayeng sababaraha poé. Sanggeus dikira manjing waktu, kakara tongkol dipagas, dikeureut saeutik dina tungtungna maké péso sadap atawa péso naon baé asal seukeut jeung beresih. Waktu magas gé aya pokpokanana “Beusi putih waja putih tiba kana leungeun putih. Cep tiis kersana Alloh, cep tiis kersaning Alloh,” atawa “Puah putih anu raja, ulah geder ulah reuwas, ulah peurih na angen masing na cimata. Sampé taun sampé bulan.” Aya deui kieu “Puah putih anu raja…ragrag, Kunaon?. Raheut ku kujang?”, “Lain.” “Kunaon, ku arit?” “Lain.” Ku golok, golok gé lain sagolok-golokna, golokgok.”
Mun geus dipagas, cai lahang nu nyakclak narétés, ditandéan ku lodong. Supaya cai lahang teu digembrong laleur atawa sireum sok dibulen ku lawon, “Diakeup ku kuring teu kabawa, digotong euweuh batur, tindihan baé ku baju, baju gé lain sabaju-bajuna…Eum.”

Salila nu nyadap aya di luhur, dina tangkal kawung, supaya aman teu tikoséwad atawa labuh sok maké tali tangkar, cék basa ayeuna mah disebut safety belt. Tali tangkar biasana dijieun tina hoé, dibeulitkeun kana tangkal kawung tuluy dibeulitkeun kana awak nu nyadap.
Lodong gé sok maké tali, sangkan babari mawana, disoléndangkeun kana taktak, disebutna tali pinti.
Lahang beunang nyadap bisa dipolah jadi gula beureum, jadi cuka atawa wayu, wayu téh siga tuak, mun diinum loba teuing matak mabok. Tangkal kawung téh loba gunana, tangkalna bagian nu teuasna disebut ruyung, kacida alusna keur nyieun iteuk atawa popongkol keur panakol, galeuhna dijieun tipung kawung. Injukna keur hateup atawa tambang, daunna keur anyaman atawa dijieun bungkus roko, nyéréna keur nyieun sapu nyéré atawa keur cocolok saté. Akarna mun diolah bisa jadi tali urek, kacida liatna. Lebu pameuleuman balukangna alus keur obat éwateun sok disebut sarérang kawung.
Ieu tulisan téh disarungsum tina Babad Kawung jeung tina Panyadap tulisan CM Pleyte nu kungsi dimuat dina BKI 59-1;591-647 nu medal taun 1906. Panyadap mangsa kiwara arang langka nu maké parancah siga di luhur, cukup ku ngadoa sangkan berekah salamet saréréa.▄ 

(Dimuat dina koran PR Rubrik Kalam Senin 5 September 2016)