13 March 2011

CARPON : Ma Inung Newak Cahaya


Ku : Mamat Sasmita                              English Version

Sasimpé-simpéna di statsion karéta api, kitu wé teu weléh gugurudugan ku karéta api nu ngaliwat. Ka peutingnakeun mah nu mindeng ngaliwat téh karéta api ngakut barang. Karéta api barang mah arang eureun di statsion. Keur Eulis jeung Ma Inung mah teu jadi gangguan, tibra wé saré, ngaguher dina sisi rél karéta. Tempat saréna maké hahalang kardus urut, méh rapet kana témbok wates statsion. Angin peuting neumbagan kardus hahalang, tina sela-sela liang angin ngahiliwir, tiis kana bitis. Ma Inung beuki morongkol, beuki pageuh ngeukeupan Eulis.
Mangsa janari, karéta api barang ngaliwat, Eulis lilir. Panon rucang riceng, rada cengkat, panon neuteup ka luar tina sela-sela kardus. Kaciri aya cahaya ting arajleng, siga nu kagebah ku ngadiusna karéta api, lir kabawa angin, ting gorolong.
Eulis beuki nyidik-nyidik, leungeunna pageuh nyekel kana simbut Ma Inung.
“Ma….Ma…” Eulis ngaguyah-guyah Ma Inung.
Ma Inung lilir. “Aya naon..?” Dina haté Ma Inung geus teg wé pasti aya nu ngabuburak, biasana nu sok ngabuburak téh jagabaya nu tugas di statsion karéta api, tapi ma enya wayah kieu, da can kadéngé adan subuh. Keur Ma Inung mah dibuburak téh geus biasa, tinggal cengkat najan keur genah saré kapaksa kudu nurut kana paréntah. Saré di statsion téh lain kahayangna, da mun boga tempat saré nu merenah mah moal teuing nyiruruk di tempat nu walurat.
“Itu Ma…”cék Eulis bari nunjuk kaluar.
Ma Inung panasaran, terus nyingkabkeun kardus hahalang tempat saréna. Ti kajauhan kaciri jagabaya ngabedega nyekel tumbak, baju singset maké iket, disapatu lurik bodas hideung, baju bulao kolot rarawis emas. Euh geuning lain nu ngabuburak. Ma Inung nyidik-nyidik panuduh Eulis, sakedapan mah olohok ningali cahaya ting arumbluk lolobana dina handapeun korsi ruang tunggu. Cahayana ting karetip lir béntang nu baranang di langit, enyay-enyayan, aya nu ngénclong héjo aya nu semu gading, aya nu konéng emas, aya nu bodas pérak.
Ma Inung sabil, antara hayang teges jeung sieun, dina haténa norowéco boa-boa emas inten berlian nu murag ti panumpang karéta api tadi soré. Ma Inung istigfar sababaraha kali, bari neger-negerkeun manéh. Nangtung ngajarigjeug, lulungu.
“Hayu Eulis urang tingali..”
Eulis muntang kana leungeun Ma Inung, pageuh tipepereket.
Handapeun korsi tunggu Ma Inung nyidik-nyidik cahaya.
“Cika-cika Ma? “ cék Eulis.
“Lain” témbal Ma Inung
“Lumar Ma?
“Lain”
“Emas Ma?”
“Teuing”
“Inten Ma?
“Teuing”.
Ma Inung niat nyokot hiji, tapi barang rék gep kacekel, cahaya siga nu ngabalicet, lir néwak laleur, lindeuk japati, cahaya oyag lalaunan, siga cahaya lampu katiup angin lalaunan, pindah tempat tuluy ngagateng deui.
Ma Inung ngahuleng, lain milik diri bagja awak meureun, mana embung ditéwak gé, sagala rupa gé rijki mah tara pahiri-hiri.
“Ma ieu beunang….Ma..” cék Eulis semu hariweusweus.
“Wadahan kana kantong kérésék”
Ma Inung nutur-nutur bujur Eulis nu paciweuh néwakan cahaya. Eulis resep kabina-bina asa mulungan inten berlian. Ma Inung ngeukeuweuk kantong kérésék urut wadah kurupuk, Ma Inung ngeukeuweuk kantong kérésék embung leupas, Ma Inung ngeukeuweuk kantong kérésék sieun leupas.

Eulis néwakan cahaya nepi ka jalan Kebon Kawung. Ma Inung olohok, sapanjang jalan Kebon Kawung marakbak ku cahaya ting karetip, ka wétankeun beuki loba, beuki napuk, beuki ngagonyok.
Eulis leungeunna ranggém ku cahaya, ngadeukeutan Ma Inung, cahaya dina leungeunna hayang buru-buru diwadahan kana kantong kérésék nu dibawa ku Ma Inung.
“Ma kadieukeun kantongna…”
“Ké, gémbol wé heula ku erok”
Ma Inung leumpang gagancangan ka wétankeun, hayang ngarawu, sugan di nu loba mah aya hiji atawa dua nu katéwak. Ma Inung pakepuk lir néwakan siraru, teu nolih titincakan.
Leungeun ngarawél néwak cahaya, gerewel beunang hiji, jedak tarangna tidagor kana témbok pager. Ma Inung tanggah bari ngusap tarang nu tidagor, kaciri junggiringna témbok pager. Témbok ngeplak bodas, beusi seukeut rancung di béh luhur, unggal tilu metér belenong lampu listrik nu hurung kénéh. Dina pager témbok napuk cahaya, siga mangjuta-juta cika-cika. Hayang nyiuk ku ayakan, hayang nyiuk ku lambit, hayang nyiuk ku undem. Pager témbok nu ngembat panjang, beuki ka wétan palebah gapura, cahaya beuki loba, ngagonyok awor jeung cahaya panonpoé nu rék meleték. Ma Inung gogodeg, istigfar geus teu kaitung.
Eulis datang, ngarawél kantong kérésék nu dicekel ku Ma Inung, gebru cahaya nu digembol ku erokna, diburusutkeun kana kantong kérésék
“Ma itu di ditu loba pisan” Eulis nunjuk. Ma Inung unggeuk.
Ma Inung leumpang lalaunan ka gapura bari leungeun ngayap kana témbok pager. Eulis nyirintil miheulaan. Geblus asup ka buruan gedong sigrong ngaliwatan gapura. Jagabaya keur nundutan dina gardu, maké baju pulas bulao kolot rarawis emas, iket jeung tumbak pasoléngkrah, dina iket aya tulisan PKD, pasukan keamanan dalam, seuseukeut tumbak ngacung ka luhur. Ma Inung neuteup, ngeteyep, lalaunan ngaliwat.
Di hareupeunana gedong digrong, tihang ngajunggiring sagedé-gedé tangkal kalapa, tihang ngajunggiring sagedé-gedé cangkéng jalma budayut, tihang ngajunggiring sagedé-gedé beuteung munding. Di tepas gedong sigrong, lampu nu digantung ngagebyar hurung, ubin hérang ngagenclang, unggal panto cacangklékna warna emas.
“Ma ieu téh gedong naon?”
“Teuing”
Eulis lumpat muru ka taman hareupeun gedong sigrong, kekembangan nu dipelak rapih, kembangna keur mangkak hadé omé, Eulis asa jadi putri geulis keur ulin di taman raja. Kekembangan jeung cahaya silih kiceupan, cahaya ku Eulis ditepakan, mumbul ngapung ka luhur, kembang ku Eulis diciuman.
Ma Inung neuteup Eulis “Deudeuh teuing anaking” gerentes haténa, ras inget ka indung bapana Eulis nu ayeuna boa dimana ayana.

Tayohna jagabaya kagareuwahkeun ku Eulis nu keur ulin di taman nu keur ocon jeung kembang, nu keur ocon jeung cahaya. Jagabaya nguniang hudang, lilir gular giler, rap iket kerewek tumbak.
“Saha éta?” sorana gelap ngampar semu peura campur jeung aday.
Jempling sakedapan, Eulis cicing, Ma Inung cicing. Ma Inung awakna ngeleper ngarasa katohyan asup rerencepan ka buruan gedong sigrong.
Kedepruk sora sapatu coréléng bodas hideung, awak badag jangkung harelung, gegendir diulinkeun. Ma Inung ngayekyek, Eulis ngahéphép.

Ma Inung jeung Eulis diiringkeun ka pos jaga, lir munding dicocok irung. Ditanya, diperekpek, saha ngaran, asal timana, umur sabaraha, pagawéan, padumukan, KTP nepi ka status randa., naha wani-wani asup ka jero taman.
Ma Inung ngajawab satarabasna, ngaran Inung asal ti lembur Selaawi, umur genep puluh taun, pagawéan teu geduh, padumukan dina kardus sisi erél di statsion karéta api, randa, teu sakola kungsi masantrén, KTP teu aya. Ieu incu ngaranna Eulis, umur salapan taun, teu sakola, kungsi sakola nepi ka kelas tilu sakola dasar, teu aya biaya, indung bapana digawé ka Arab Saudi, keur ongkos ka Arab Saudi ngajual imah jeung ngajual sawah sacangkéwok, geus dua taun ngilu jeung Ma Inung saditinggalna ku indung bapana Duit kiriman ti Arab Saudi teu jol baé. Mun teu jajaluk di dayeuh rék dahar naon, jeung moal boga duit keur meuli béas, da harga béas beuki mahal. Pangna asup ka jero taman pédah néwak cahaya nu napuk. Hapunten ka Adén Jagabaya, mugi ageung cukup lumur ngahapunten samudaya kalepatan.
“Nini, ulah kamana-mana, cicing dijero pos, mun kabur bisi diperkarakeun, kuring rék aras urus heula, mangkaning poé ieu bakal loba tamu, aya acara ngopi pagi jeung raja” cék jagabaya.
Terus jagabaya téh paparéntah ka baturna, cék nu séjén saur manuk “Siap komandan”

Ma Inung jeung Eulis nyempod di jero pos, teu wani loba omong, kantong kérésék wadah cahaya ditangkeup, sieun leupas, ongkoh deuih cék jagabaya ulah dikamamanakeun keur barang bukti.
Teu lila gulusur aya mobil datang, asup ti gapura. Mobil alus plat beureum, hérang ngagenclang. Eulis noong tina jandéla pos, buru-buru ngelok deui terus ngaharéwos ka Ma Inung “Ma..itu cahaya napuk dina gilinding mobil”.
Ma Inung nempo tina jandéla, enya wé dina gilinding mobil napuk cahaya. Nu numpak mobil turun, tina baju jeung awakna murudul cahaya, kagibrigkeun. Sarérétan kaciri di tepas gedong sigrong aya nu sasapu, keur nyapuan cahaya. Ma Inung hémeng, naha cahaya sakitu ngagebur mancurna nepi ka dimomorékeun, siga nu dipiceunan nepi ka disapukeun, nepi ka digéléng ku gilinding mobil, nepi ka digibrigkeun tina awak tina baju. Ma Inung balem, leungeunna ngusapan sirah Eulis.
Beuki beurang beuki loba mobil nu datang, beuki beurang cahaya nu napuk dina gilinding mobil beuki teu kaciri kaéléhkeun ku cahaya matapoé..

Geus rada beurang, sanggeus tatamu pada mulang, jol jagabaya nu tadi isuk-isuk tatanya.
“Nini, mana kantong kérésék téh?”
“Ieu nun” cék Ma Inung bari ngasongkeun kantong kérésék nu majarkeun pinuh ku cahaya.
Kantong kérésék dibuka, dialak-ilik “Lah nini mah sok ngabohong, geuning euweuh nanaonan, ngan ukur sosoéhan koran, leuheung mun gedé mah bisa dipaké mungkus tarasi, ari ieu ngan ukur sagedé-gedé cinggir budak” kitu ngomongna téh bari mikeun deui kantong kérésék.
Ma Inung reuwas sieun disangka akon-akon, tuluy kantong kérésék dibuka, enya wé nu diwadahan téh ukur sesebitan koran, sagedé-gedé cinggir budak. Ma Inung hémeng, Ma Inung ngaheruk, aya bagja teu daulat, sugan téh nu jadi cahaya tina emas inten berlian atawa naon wé nu aya hargaan keur ngabanjel-banjel hirup sapopoé. Naha bet jadi sosoéhan koran?.
“Adén,…leres tadi subuh mah ieu téh dianggo ngawadahan cahaya, cahaya téh mani ngagebur napuk tuh di taman, tuh ti jalan kénéh, atuh di tepas itu, malih tadi gé dina gilinding mobil tatamu cahaya téh napuk” cék Ma Inung ngayakinkeun, kituna téh bari nyomot sosoéhan koran di asongkeun ka jagabaya.
Sosoéhan koran diilikan ku jagabaya, kabaca saliwatan aya kecap jujur, adil, amanah, wijaksana, sumpah, jangji. Jagabaya ngahuleng, teu lila pok ngomong “Nini, keun sual cahaya mah kumaha nini wé, nu penting mah ulah deui-deui wani asup ka ieu gedong najan ukur di gapura, bisi diperkarakeun”
“Nampi dawuh Adén, moal deui-deui kumawantun ngulampreng ka ieu patempatan, mung ieu téh gedong naon nun?” tembal Ma Inung.
“Ieu téh Gedong Pakuan, tempatna raja bumén-bumén, nu tadi tatamu gé éta téh ménak wungkul ti kantor kadinesan nu ngageugeuh ieu dayeuh, tadi téh ngadon ngopi pagi jeung raja bari nyawalakeun nasib rahayat. Nini bawa kantong kérésékna, didieu mah jadi runtah”

(Dimuat dina Koran Tribun Jabar Saptu 12 Maret 2011)

IKET & KUMIS KUYA

Ku : MAMAT SASMITA

Dina basa Sunda salian kecap sirah aya deui kecap séjén nu saharti nyaéta mastaka (basa lemes) jeung hulu. Sirah bagian tina anggahota awak jelema nu dianggap pangpentingna jeung deuih simbol kahormatan. Hal ieu téh kagambar dina sababaraha kecap jeung babasan saperti panghulu nu hartina kapala urusan agama Islam di kabupatén jaman baheula, huluwotan hartina sungapan atawa tempat ngocorna cai ti walungan ka susukan, hulujurit hartina gegedug perang kalan-kalan sok disebut hulubalang. Babasan séjén saperti nyanghulu ngalér hartina geus maot, asa nyanghulu ka jarian hartina teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka nu sahandapeun pangartina.

Lantaran sirah téh bagian nu penting dina awak jelema, ku kituna pantes lamun ngarasa kudu aya nu ngalindungan, mun kapanasan atawa kahujanan kudu di halangan, kitu deui sirah rajeun maké hiasan. Ari keur ngalindungan sirah aya nu disebut topi, dudukuy jeung sajabana ti éta. Ari keur hiasan aya nu disebut makuta.
Hartina makuta cék kamus basa Sunda Danadibrata mah nyaéta sabangsa tutup sirah raja tina emas ditarétés ku inten berlian, kecap makuta asalna tina basa Sangsekerta. Makuta lain ngan sakadar banda keur nutupan sirah tapi deuih lambang kakawasaan, lambang kaagungan boh keur raja boh keur karajaan.

Rupa-rupa ngaran alat keur nutupan sirah ti mimiti dudukuy cetok, dudukuy beletok, dudukuy samak, dudukuy capyo, bendo, totopong, ketu, udeng, iket, kopeah nepi ka topi jaman kiwari. Cék kolot baheula ulah sok maké dudukuy di jero imah, pamali, matak kabentar gelap keur éréng-éréngan.
Tutup sirah lain ngan sakadar fungsi praktis tapi deuih sok jadi identitas nu makéna. Dina budaya Sunda, tutup sirah nu jadi identitas téh salah sahijina nyaéta iket. Béhna geuning iket téh lain ngan sakadar keur ngabaguded sirah tapi loba wanda jeung hartina. Upamana di masarakat Baduy, aya nu maké iket kelir bodas, aya deui nu make kelir semu hideung, tangtu éta téh aya maksudna. Aya nu nyebutkeun éta téh completio oppositorum, kasadaran yén dunya téh alam papasangan, aya beurang aya peuting, aya lalaki aya awéwé, aya poék aya caang.

Kecap iket boa saharti jeung ikat dina basa Indonesia, pédah éta dipaké meungkeut sirah. Ari cék kamus basa Sunda mah iket téh hartina totopong atawa ukuran lawon nu rubakna sarua jeung keur nyieun totopong, masagi, kurang leuwih rubak jeung panjangna sameter. Rupa-rupa ngaran jeung wanda iket, aya iket sasawit nyaéta iket jeung samping kebat sawanda motif batikna, iket tongtong nyaéta iket nu dibatik ngan sisina wungkul ari tengahna ngagebleg hideung atawa sisina hideung sedengkeun tengahna konéas konéng.

Demi wandana aya iket lohén, iket barangbang semplak atawa iket runday, iket kuda ngencar, iket parékos (nangka, jéngkol) atawa paros, iket porténg jeung sajabana ti éta. Iket lohén cék Danadibrata mah potongan diiketna santri nu ti hareup mébér rubak, aya deui nu nyebutkeun iket lohén teh gabungan tina iket parékos nangka jeung parékos jéngkol. Kecap parékos hartina tungtung bubungkusan nu semu diparieuskeun jeung diringkeskeun, kitu deui dina iket parékos hartina bagian lawon iket juru tilu nu asalna ngambay ka tukang ditarik ka hareup nepi ka nutupan sirah.. Iket kuda ngencar cék sakaol mah leuwih loba dipaké ku budak ngora, lantaran cara makéna leuwih gampang jeung kacirina dinamis. Iket barangbang semplak loba dipaké ku para jawara atawa ku bandar munding éta téh jaman baheula. Kiwari asa mindeng deui ningali nu maké iket, duka ngan sakadar panineungan atawa hayang jadi ciri atawa identitas téa. Lajuning laku tutup sirah ti bihari nepi ka kiwari, ti udeng, ketu, totopong, kopéah nepi ka bolostrong pisan ganti ku golep sahédeng ngalap kana mode potongan buuk. Gunta-ganti tutup sirah luyu jeung robahna jaman.

***

Antara iket jeung kumis kuya mah euweuh kakaitanana, ongkoh deuih kuya mah asa henteu kumisan. Kumis kuya nu dimaksud téh nyaéta kumuh miskin (kumis) jeung kumuh loba pakaya (kuya). Alak ilik kana kamus basa Sunda sugan manggih kecap kumuh, weléh teu manggih, nu aya téh kecap keumeuh. Kumuh cek kamus basa Indonesia mah hartina kotor, cemar, demi keumeuh dina kamus basa Sunda hartina geuleuh, sarupaning kokotor. Ningali kitu mah antara kumuh jeung keumeuh téh hartina meh sarua. Parandéné kitu di ieu tulisan rék tetep wé maké kecap kumuh, lain nanaon pédah wé nyebut keumeuh téh sok ras inget ka Cikeumeuh, tempat uubar nu boga kasakit jiwa.

Aya sababaraha indikator keur daérah nu disebut kumuh di kota gedé diantarana gegek atawa loba pangeusina, lahan jeung wangunan nu heureut sarta kualitas sarana prasarana nu goréng nu nyampak di daérah eta tur tingkat atikan kawilang handap bari jeung panghasilan ukur cukup sahuap sakopeun saharita. Pola hirup sosial, ekonomi tradisional katut budayana ganti baju kalawan radikal sanggeus asup unsur modernitas nu tuluy tumuluy. Gurat wates antara tradisional jeung modern méh teu kaciri ngan nu eces masarakat kumuh beuki kadéséh kalan-kalan di-éksploitasi ku gaya hirup nu konsumtif nu jadi ciri masarakat urban (masarakat kota).

Di Bandung nu disebut daérah kumuh kawilang loba, cék béja mah méh aya di unggal kalurahan nu pangparnana aya di 47 kalurahan. Najan nu aya di daerah kumuh teh can tangtu miskin. Sabab nganjrekna didinya ngan usum-usuman, salila nganjrek di Bandung éta mah usaha, hasil usahana disetorkeun ka lemburna nya nu kieu nu disebut kuya. Nu jadi masalah mah nu bener bener kumuh miskin, jalan kacida leutikna nepi ka pasaran ge hésé asup, gegekna wangunan leuwih ti 100 unit unggal héktar. Panghasilan unggal kapala kulawarga kacida leutikna, sahuap sakopeun teh lain ukur babasan. Sanitasi kacida gorengna, kitu deui atikan keur barudak, da meureun tong boro mikirkeun keur atikan dalah keur dahar sapopoé gé walurat.

Kuduna éta téh tanggung jawab pamaréntah, da ngan pamaréntah nu boga anggaran ti nagara. Dipikir mah karunya ka pejabat pamaréntah téh loba pisan gawéna jeung loba nu kudu dipikiran. Ngan sok mindeng keuheul ka pejabat pamaréntah téh pédah cék béja lolobana nu jadi walikota, bupati atawa gubernur téh kabaud kana perkara hukum utamana perkara korupsi. Kahayang mah cik atuh ari di Tatar Sunda mah sing balener gawé téh, kudu jujur jeung amanah ambih rahayat raharja.

(Di muat dina Cupumanik No.91 Pebruari 2011)

DOKUMENTASI PARABOT SUNDA

KU : MAMAT SASMITA

Bagja temen boga sobat siga kang Amung téh, loba pangabisana, loba pulunganeunana. Biasa keur waktuna istirahat gawé, sok silih calukan. Harita gé kang Amung nga-sms, nyalukan, majarkeun boga goréng lauk emas, bisi rék ngasaan cenah. Enya wé basa ditepungan téh keur cacaleuhakan bari rada seuhah, keur murak timbel, bekelna bawa ti imah.
Sugan téh goréng lauk emas bibit, sihoréng téh goréng anak lauk emas nu kakara sagedé indung leungeun “ Di Cianjur mah lauk emas sagedé kieu téh disebutna baby face” kitu ceuk kang Amung. Digoréngna rada garing, digégél teh nyakrek rangu semu liat, enya ngeunah, sakalian nyoro kana sangu timbel kang Amung meunang sababaraha huap, ni’mat karasana. Hanjakal kuring mah geus dahar. Da basa narima sms ti manéhna téh kuring keur ngalimed dahar.
“Tah kieu ni’matna dahar urang Sunda mah, ramo leungeun téh ramiping pinuh ku réméh” cék kang Amung bari nembongkeun dampal leungeun tuluy ngaléos, tayohna rék kokocok ngumbah leungeun.
Balik tas kokocok manéhna ngomong “Matak euceuna (maksudna pamajikan kang Amung) mah tara ngukut kuku, cenah sieun teu bisa ni’mat dahar”.
Kang Amung diuk dina korsi gawéna, bari rada ngalageday “ Cik ari didinya apal teu naon basa Sunda lemesna kuku?”
Kuring rada ngahuleng ditanya nerag siga kitu mah “Tanggay kang?” cék kuring rada asa-asa.
“Tah geuning apal” témpas kang Amung. Pedah wé kuring inget kana tari tanggay ti Palémbang, apan kuku nu tari téh maké asésoris pararanjang. Barabat kang Amung nerangkeun perkara basa Sunda, nu katangkep ku pikiran kuring mah ukur kacapangan basa téh cicirén bangsa, ilang basana ilang bangsana. Cek kang Amung téh euweuh salahna tapis kana basa Sunda najan urang bisa basa internasional, najan urang geus biasa ngalanglang dunya. Lain hartina urang jadi kampungan mun ngomong ku basa Sunda, matak cik atuh di imah téh aya ngabagug kamus basa Sunda, ulah ngan kamus basa deungeun we nu dijéjérkeun dina rak buku téh. Kuring ukur seuri maur, rumasa di imah téh teu boga kamus basa Sunda.

“Ari téngkor apal?” cek kang Amung. Kuring gideug, inget-inget poho puguh gé, asana jaman keur budak, di lembur mindeng jajan kolek cau ka warung mang Tahya, diladangan téh maké téngkor daun cau. Da béda kolek cau jaman taun 60an jeung kolek cau jaman kiwari, baheula mah kolek cau téh teu uwar awer ku cai, malah kuled cauna lamokot ku entén.
“Heueuh nu kitu nu disebut téngkor daun cau téh, keur wawadahan dahareun saharitaeun. Kalan-kalan téngkor daun cau téh sok jadi gaganti séndok” kang Amung nandeskeun “Asa can aya tulisan ngeunaan sajarah séndok di urang Sunda euy, boa boa urang Sunda mah teu resepeun kana angeun, resepna kana lalab, ngadaharna teu kudu maké séndok”.
“Tapi pan aya nu disebat sinduk, pasti éta téh kanggo ngagulah goléh angeun” kuring nempas teu éléh géléng.

Obrolan kang Amung ngagilek kana rupa-rupa ngaran paparabotan urang Sunda “Geura saha ayeuna nu boga undem, bekong atawa entik” kitu pokna. Cek kang Amung deui, lain hartina jaman kiwari kudu ngampihan barangna, tapi sahenteuna urang Sunda kudu engeuh yen urang téh boga kabeungharan budaya nu kungsi ngeusi batin urang, Alusna sagala rupa paparabotan atawa wawadahan téh aya dokumentasina dina wangun buku, supaya bisa dibaca ku balarea, basana bisa maké basa Sunda, basa nasional atawa basa internasional. Kang Amung norostos ngomong lir kacang ninggang kajang, siga nu hayang ngabudalkeun sakabéh unek-unek haténa, bari tuluy nataan ngaran-ngaran paparabotan.
Loba nu ditataan téh, kayaning ajug, jahas, rigén, dulang, songsong, badodon, bubu, susug, ranggap, sirib, heurap, kecrik, lintar jeung sajabana ti éta. Cék kang Amung ngaran paparabotan téh ngaratus, mun dijieun buku nu alus pasti kandel.
Kuring némpas “Muhun kang, ngadamel bukuna mah tiasa ku saha baé, mung naha bakal pajeng upami diical ka masarakat? Apan pamedal nyitak buku téh peryogi waragad, peryogi modal. Sabaraha lami tah modal téh bakal pulang jinis, break event point téa, da kiwari mah dihenteu-henteu gé sagala rupi téh kedah aya étangan bisnisna”
Kang Amung balik némpas malah siga nu rada morongos “Nya heueuh atuh ari rék diitung sacara bisnis mah kudu kitu, tapi pan ieu mah ngadokuméntasikeun karya kaparigelan masarakat Sunda, piraku euweuh nu haat”. Tuluy ditambahan ku omongan :”Akang mah mun ulin ka toko buku gedé sok rada nyeri haté, da arang langka manggih buku ngeunaan Sunda, bréh téh Jawa deui Jawa deui. Padahal tangtu loba hasil panalungtikan para akademisi di Tatar Sunda ngeunaan Sunda boh desertasi, tésis atawa skripsi, tibatan ukur ngabagug di perpustakaan kampus, kuduna mah aya usaha diterbitkeun, dijieun buku ambih kabaca ku balarea. Ari nerbitkeun mah apan bisa gawé bareng antara kampus, penerbit jeung pamarentah, menta ijin we ka alumnus, moal burung atoheun desertasina diterbitkeun. Sunda téh meureun beunghar ku hasil panalungtikan”

Enya kituna mah, kuring gé satuju pisan kana pamadegan kang Amung, dokuméntasi téh perlu pisan, mangrupa bukti yen Sunda teh beunghar.
“Kang, upami teu lepat kuring kantos nguping duka dina obrolan duka maca, hilap deui, saurna Litbang Cupumanik nuju ngeureuyeuh nataan paparabotan Sunda, saurna badé dibukukeun”
“Alus atuh, sing buru-buru anggeus jeung buru buru medal” cék kang Amung mungkas obrolan da waktu istirahat gawé geus béak.

(Dimuat dina Cupumanik No. 90 Januari 2011)