20 February 2009

PANDAY, DULU DAN KINI

Oleh Mamat Sasmita

Untuk ukuran zaman dahulu, tidak ada hasil kemahiran yang lebih baik dalam menggambarkan gaya hidup suatu bangsa selain kemampuan mengolah logam menjadi peralatan untuk menunjang kehidupan sehari-hari. Dalam masyarakat Sunda dikenal nama panday, yakni seseorang yang pandai mengolah besi menjadi peralatan seperti golok, cangkul, dan pisau.

Istilah itu juga disebut dengan tukang tempa besi. Panday, yang berarti pandai, berasal dari bahasa Sanskerta. Dari kata pandai tecermin bahwa panday adalah orang yang dihormati karena kepandaiannya.

Kata panday ditemukan pada naskah Sunda kuno, Sanghyang Siksakandang Karesian (1518). Adapun kemahiran mengolah besi ditemukan dalam cerita rakyat Ciung Wanara. Setidaknya dari cerita itu ada nama daerah Kandang Wesi di Garut. Pada cerita pantun Sri Sadana atau Sulanjana (juru pantun Ki Atjeng Tamadipura, transkripsi Ajip Rosidi, 1970) disebutkan bahwa orang Pajajaran mendapatkan benih baja dan besi dari kuburan Jaka Pamor dan Jaka Sela.

Dengan benih besi dan baja itu orang Pajajaran dapat membuat perabot untuk aktivitas pertanian. Dalam buku History of Java (Raffles, terjemahan, 2008) dikatakan bahwa keterampilan mengolah besi sudah ada sejak zaman kejayaan Kerajaan Pajajaran. Menjelang Pajajaran runtuh, 800 panday menyebar ke Majapahit. Saat Majapahit runtuh, mereka menyebar ke setiap kabupaten.

Masih menurut Raffles, kedudukan panday sangat dihormati dan mereka diberi tanah yang luas. Kedudukannya sama dengan empu di masyarakat Jawa. Hal ini dapat dimengerti mengingat panday merupakan aset kerajaan. Mereka tidak saja dianggap mampu membuat peralatan untuk keperluan pertanian sehari-hari, tetapi juga membuat peralatan untuk bala tentara kerajaan. Bala tentara dianggap kuat karena peralatan perangnya juga kuat.

Mungkin itu merupakan salah satu alasan Majapahit zaman dahulu tidak menganeksasi Kerajaan Sunda. Dalam beberapa versi cerita Ciung Wanara ada yang menyebut tentang Panday Domas sebagai cikal bakal kepandaian mengolah besi. Domas, menurut Kamus Bahasa Sunda-Inggris (Jonathan Rigg, 1862), berarti 800 dengan asal kata dwa (dua) dan mas. Mas berarti 400, di samping mempunyai arti sebagai mas logam mulia.

Mungkin domas adalah jumlah 800 panday yang dianggap mumpuni seperti ditulis Raffles. Meski demikian, ada yang menafsirkan kata domas berarti banyak, mulia, dan besar, seperti tecermin dalam Arca Domas, Sasaka Domas, dan Kawah Domas.

Ketulusan hati

Tempat bekerja panday disebut gosali. Peralatan gosali biasanya terdiri dari ububan (alat untuk meniup perapian), piruruhan (perapian), dan cangkorah (tempat air untuk menyepuh besi). Di samping itu tentu (sekarang) ada palu, paron, dan penjepit untuk menjepit besi yang sedang dibakar. Letak gosali secara tradisional biasanya dekat dengan sumber api alam atau sumber bahan bakar, sumber air, dan yang paling utama dengan sumber bijih besi.

Benda yang dihasilkan panday zaman dulu ada kalanya dianggap bertuah, terutama benda yang berfungsi sebagai senjata tajam untuk bela diri atau peralatan bala tentara. Hal ini karena kedudukan panday tidak saja berkaitan dengan kemampuan mengolah besi secara teknis, tetapi juga dibarengi ketulusan hati (kekuatan olah batin) yang mendalam. Ada keseimbangan antara kemampuan teknis dan kemampuan olah batin.

Pada dekade 1950-an, panday masih ada di hampir setiap desa di Jawa Barat. Panday masih disegani, tetapi telah bergeser, yaitu dilihat dari kemampuan ekonomi. Masyarakat saat itu masih sangat memerlukannya, terutama untuk memperbaiki alat pertanian dari besi yang rusak, seperti memperbaiki cangkul, golok, pisau, arit dan kored, di samping membuat yang baru. Kemampuan teknis lebih diutamakan, sedangkan kemampuan olah batin hampir ditinggalkan.

Pada dekade 2000-an, panday sudah mulai menghilang. Kalaupun ada, wajah tradisionalnya sudah tidak tampak. Peralatan gosali sudah berubah. Ububan diganti dengan kipas angin bertenaga listrik, sementara gerinda menjadi alat andalan untuk membentuk dan menghaluskan. Masyarakat melihat panday tiada bedanya dengan tukang-tukang lain (sering disebut perajin), yaitu terpuruk dan terpinggirkan.

Walaupun demikian, masih ada yang tetap bertahan dengan segala kemampuannya mengolah besi. Ada beberapa tempat yang sekarang menjadi sentra pengolah besi, seperti di Pasir Jambu, Ciwidey, Bandung; Cibatu, Cisaat, Sukabumi; Galonggong, Manonjaya, Tasikmalaya; Tanjung Siang, Rancakalong, Subang; Ciomas, Serang, Banten; dan Batubeulah, Kanekes, dengan produk andalan golok.

Walaupun sentra produksi tersebut berjauhan satu sama lain, apabila dilihat dari bentuk dan nama hasil produksi, terutama golok, seolah-olah ada kesamaan. Mungkin hal ini menunjukkan pada awalnya mereka saguru saelmu (satu guru dan satu ilmu). Bisa jadi itu adalah Panday Domas.

"Maranggi"

Hasil produksi disebut bagus tidak saja dilihat dari tempaan bilah besinya, tetapi juga kelengkapan lain, yaitu perah (pegangan) dan sarangka (sarung). Pekerjaan membuat perah dan sarangka tidak dilakukan oleh panday, tetapi maranggi. Maranggi adalah ahli ukir. Hal ini juga disebut dalam naskah Sunda kuno Sanghyang Siksakandang Karesian. Perpaduan dua keahlian ini menghasilkan benda budaya yang tidak hanya mempunyai nilai seni, tetapi juga fungsi praktis alias bisa dipakai.

Pada zaman keterbukaan seperti sekarang ini, produk olahan logam seperti pisau, golok, dan sabit tidak saja bersaing dengan sesama produk lokal, tetapi juga dengan hasil impor. Sebuah pisau dapur hasil tempaan lokal dengan kualitas baik hanya dihargai sekitar Rp 20.000. Bandingkan dengan satu set pisau impor terdiri dari enam buah yang dihargai lebih dari Rp 1 juta.

Ini mungkin disebabkan perbedaan kualitas dan detail pekerjaan. Apabila pekerjaan pengolahan besi merupakan salah satu industri kreatif, ada baiknya lebih meningkatkan sisi budaya lokal, yaitu nama bilah, bentuk bilah, nilai simbolik atau filosofis, dan sejarah panday, di samping kualitas.

MAMAT SASMITA Penggiat Rumah Baca Buku Sunda

Dimuat di Kompas Jabar Jumat Tanggal 20 Pebruari 2009

06 February 2009

NYAWANG KALANGKANG WAYANG.


Laporan : MAMAT SASMITA


Diantara rupa-rupa tatanggapan di masarakat Sunda, wayang golek kaasup nu popiler. Nepi ka aya kacapangan gung clo, hartina dimana aya lalajoaneun wayang golek sanajan anggang ge diteang, komo lamun deukeut ti padumukan geus tangtu lalajo. Eta teh jaman beh ditu, kadieunakeun sanggeus loba lalajoaneun, boh nu aya dina televisi atawa nu manggung langsung, kalandep kana wayang sigana ngurangan, naha enya kitu?. Keur ngaguarna perkara wayang sapuratina nya ngondang anu tabah kana wayang, boh dalangna boh juru ukirna (nu nyieun wayang) dina acara sawala maneuh di PSS. Sawala dilaksanakeun dina poe Jumaah tanggal 9 Januari 2009, sawala munggran dina taun 2009. Jejerna wayang golek, nu jadi panyatur aya tiluan nyaeta kahiji Drs Anang Permana, ieu teh dalang manten, disebut manten soteh pedah geus tara manggung lantaran geus kaasup senior dina umur, ceuk inyana kakara nincak 76 taun. Kadua nyaeta Bapa Adang, nu ieu mah sok aktip dina organisasi padalangan tur tabah dina ugeran wayang. Nu katilu nyaeta Kang Opik Asep Sunandar Sunarya, ngalap ngaran Asep Sunandar Sunarya teh pedah inyana nyantrik di Asep Sunandar Sunarya nepi ka jucungna di tawajuh nepi ka jadi dalang, malah dina unggal bulan romadon mah seuk maneuh ngeusian di salah sahiji TV Swasta di Bandung.

Sajarahna Wayang

Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK, 1582) aya disebutkeun lamun hayang nyaho carita Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Ranggalawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, tanya ka memen. Memen didieu ku Saleh Danasasmita dihartikeun dalang. Ngan kecap wayang teu kasabit-sabit, naha cara nyaritakeun eta lalakon teh kumaha, naha siga mantun atawa aya alat peraga atawa kumaha euweuh kateranganana. Ngan lamun nilik kana judul carita mah tangtu aya pakaitna jeung Mahabarata sabab aya Korawa, aya Bima, aya Boma, malah kapan carita Ramayana mah disebut pisan. Sedengkeun carita Mahabarata jeung carita Ramayana teh dua carita wayang nu dianggap jejer utama sok disebut wayang purwa (cek Atik Sopandi mah nu kitu teh lain wayang purwa tapi wayang parwa) nu sejen mah sok disebut sempalan atawa carangan.
Dina buku Padalangan beunang MA Salmun nu medal munggaran taun 1942, ayana tulisan dina SSK teh teu kasabit pisan, sigana SSK can kaguar kalawan daria. Kitu deui pamanggih Pa Anang sual ayana kecap memen nu boa hartina dalang jeung rupa-rupa carita dina SSK teu pati katolih. Ari dina buku Tetekon Padalangan Sunda beunang Atik Sopandi,1988, SSK disebut, ngan nyakitu teu diguar jero nu jadi alesan sigana euweuh babandingan naskah sejen pikeun mesekna. Keun sual eta, ngan geuning wayang golek Sunda nu kungsi kacida popiler di masarakat teh umurna can pati lila, ceuk Atik Sopandi mah kakara saumur jagong. Disebut can pati lila teh lamun ditilik tina hasil budaya nu geus jadi ciri kabeungharan budaya Sunda. Kahade ulah pahili nu disebut ngora keneh teh lain wayangna atawa carita wayangna, tapi wangun wayang dina golek (kai) nu sabeuleugeunjeur tilu matra (tilu dimensi). Da ari carita wayangna mah apan dina SSK geus aya, atuh wayangna ti beh ditu mula ge geus jadi pintonan, ngan cenah tina kulit, lain tina golek. Sabenerna nu tina golek ge geus aya utamana di Cirebon nu disebut wayang cepak atawa wayang papak mun di Priangan mah disebut wayang menak. Demi wayang golek purwa, wayang golek nu sok dipintonkeun ku dalang Asep Sunandar Sunarya ayeuna, eta mah kaitung ngora keneh.
Ujaring sajarah nu ditalungtik ku Sdr.Wiryanaputra (Asal Usul Dalang, Kanwil Deppen Jabar, 1977) nyaeta dina mangsa Bupati Bandung Indradireja anu katelah Adipati Witanatakusumah II nu dijenengkeun dina taun 1794 nepi ka taun 1829, kabupaten masih keneh di Citeureup Dayeuhkolot ngangkir dalan ti Tegal anu katelah dalang Ki Dipa Guna Permana, supaya jadi dalang lebet, dalang kukutan di kabupaten, terus ngamuridkeun diantarana Ki Gubyar nu nyebarkeun wayang di Purwakarta, jeung Ki Klungsu nu ngamuridkeun deui di Garut. Nya dalang Ki Dipa Guna Permana ieu bisa disebutkeun luluhur para dalang di Jawa Barat.
Ieu karesep Wiranatakusumah II kana wayang teh dituluykeun ku Bupati Bandung Dalem Karang Anyar (1829-1846) anu katelah Dalem Bandung Adipati Wiranatakusumah III. Dina taun 1840 ngangkir deui dalang ti Tegal nyaeta Ki Darman jeung Ki Surasungging. Ki Darman dibere tugas sangkan nyieun wayang tina kai, ari Ki Surasungging nyieun gamelan. Ki Darman tetep tumetep di Cibiru, ari Ki Surasungging di Cimahi. Pangna Adipati Wiranatakusumah III nitah nyieun wayang tina kai, lantaran supaya pintonan wayang teh bisa dilalajoanan ti beurang, jeung bisa dilalajoanan ti kajauhan. Meureun harita mah wayang teh angger tina kulit dilalajoanan peuting, da lalajo kalangkang tea (kecap wayang cenah mah tina bayang nu hartina kalangkang, sok sanajan Akip Prawira Suganda nyebutkeun kecap wayang teh wancahan tina Wadah Hyang). Hasil gawe Ki Darman can sabaraha sampurna tilu dimensi masih keneh ngaharib-harib wayang kulit, bisa kajudi ari kituna mah, da meureun asalna tukang nyieun wayang tina kulit. Sanggeus Adipati Winatakusumah III lengser, tuluy jeneng Adipati Wiranatakusumah IV, adipati nu ieu ge meh sarua rerep kana wayang, hasil gawe Ki Darman teh menta disampurnakeun nepi ka ngawujud wayang golek tilu dimensi saperti nu ayeuna mindeng dipintonkeun. Salian ti eta Adipati Wiranatakusumah IV dina taun 1846 ngahiras dalang nyaeta Mama Anting muridna Ki Rumyang, demi Ki Rumyang teh murid Ki Dipa Guna Permana waktu di Tegal. Mama Anting ge kungsi ngaguru ka Ki Gubyar putra Ki Dipa Guna Permana ti istrina Nyi Manggar Arum. Piwarangna Adipati Wiranatakusumah IV teh sangkan ngadalang make basa Sunda, puguh we keur mimita Mama Anting ngatog da biasana make basa Jawa. Salah saurang murid Mama Anting nu kawilang intelek mangsa harita nyaeta Brajanata, lulusan sakola Praja, putrana Camat Kendal, Leles Garut. Nya inyana pisan nu nyarungsum tur memeres basa tur sastra Sunda keur pintonan wayang teh. Meureun lamun disebut Wiranatakusumah IV nu nyundakeun wayang teh teu salah-salah teuing, kitu deui Wiranatakusumah III nu ngagolekeun wayang.

Keureutan Wayang Golek

Cek Pa Anang, wayang golek teh ngahaja teu siga jelema, mun cek basa ayeuna mah eta teh dideformasikeun. Enya da lamun ditilik-tilik kalawan rada taliti wayang golek siga nu teu proporsional. Geura we sirah leuwih gede batan awak, leungeun panjang, atuh dina sirah eta makuta siga nu gede, lamun tea mah dienyana meureun beurat temen make makuta siga kitu. Atuh lamun ditingali dina beungeut, saliwatan enya siga nu kasep atawa geulis, tapi geura telek-telek, apan panon bolotot leuwih ti misti, bolototna panon siga nu rek meakeun rubakna beungeut, jeung sajabana ti eta. Tah nu kitu cek Pa Anang mah nu disebut deformasi teh. Alesanana, ulah nepi ka siga jelema, lamun nyaliksik gelarna wayang di urang memang dihaja sina kitu, utamana sanggeus asup Islam. Sareat Islam teh diadumaniskeun jeung budaya nu geus nyampak tiheula. Ari keur Pa Anang mah aya alesan sejen salian ti eta, nyaeta alesan estetika, da lamun wayang proporsina siga jelema, tangtu bakal hese ngigelkeunana. Contona kelek wayang mah langab, pajauh antara awak jeung leungeun ieu teh pikeun ngagampilkeun ngigelkeun dan lamun rapet mah bakal hese.
Raut wayang golek gurat badagna mah aya opat nyaeta Satria, Ponggawa, Buta jeung Panakawan. Aya oge nu nyebut rautna aya tilu, da panakawan mah sok disebut raut husus. Golongan Satria, biasana jangkung awakna meujeuhna, potongan awakna ngagambarkeun lemah lembut, golek putri ge sok diasupkan kana raut satria. Raut Ponggawa leuwih sembada, da kasebutna ponggawa nu sok disaruakeun jeung karakter tukang perang atawa tentara bari beungeutna siga bosongot hade amprotan, panon bolotot, kumis baplang, halis kandel. Buta cirina nu utama sok aya sihungna, irung ngadungkuk jeung sok aya rerenggon (riut dina tarang) nu jelas kaciri ngagurat. Kitu deui keur panakawan aya ciri nu mandiri, geura we Si Cepot atawa Si Dawala, sanajan ditingali ti kajauhan geus pasti eta teh Si Cepot atawa si Dawala.
Salian eta dina wayang golek aya ornamen, raut estetika jeung aya raut simbolis, kaasup mere warna kana awak atawa beungeut jeung ngabajuanana.
Ari bahan kaina biasana tina kai lame jeung jeungjing (albasiah?), ieu kai teh dianggap babari diome, teu kudu aya palakiah husus supaya awet, cukup diangin-anginkeun geus bisa dipake keur nyieun wayang. Komo jeungjing mah sanajan gede ge karasa hampang. Jurusna supaya awet ulah keuna ku cai.

Dalang

Pa Adang jeung kang Opik loba ngabahs perkara dalang. Apan dalang teh jadi puseur tongtonan, nya tangtu we suksesna pagelaran wayang golek gumantung ka dalangna, lain bae apal kana carita tur parigel ngigelkeun wayang aya deuih tungtutan sejen nyaeta kudu apal kana pajamanan. Hartina kudu bisa ngigelan kana tingkat intelektualitas panongtonna bari jeung teu leupas tina ugeran atawa pakem carita wayang. Kamaheran dalang teh cek Pa Adang jeung Kang Opik aya sababaraha ugeran nu kudu dikawasa diantarana : 1. Antawacana (anta teh tungtung, ari wacana teh kecap) maksudna dalang kudu bisa robah-robah niron lentong, lagam sora, pokpokanana unggal wayang. Bedana sora jeung lentongna teh teu dapon beda bae aya patokanana, kudu surup kana capetang ancana, lemes kasarna,leuleuy teureugeusna kudu surup kana pangkatna wayang. 2. Renggep nyaeta seregep tur hegar ulah matak nundutan nu lalajo, cindekna mah ulah ngayayay atawa ngemplad komo lamun loba dibalikan deui mah. 3. Enges atawa ngahudang rasa. Tegesna rasa wayang (dalang) kudu sarasa lir sabadan jeung nu lalajo, lamun keur pikasediheun nu lalajo ge kudu kabawa sedih atawa sabalikna. 4.Tutug atawa anggeus, hartina guneman atawa suluk teh kudu anggeus, teu meunang eureun lamun can anggeus komo kacida gorengna lamun cluclo teu puguh diudag perluna. 5. Banyol, dalang teh kudu bisa nyieun pikaseurieun tur merenah, ulah ngabodor lain dina tempatna, bukur ngabodor ulah keluleuwihi tur teu meunang sindir sampir. 6. Sabet, nyaeta molahkeun wayang, kudu siga, disurupkeun kana semu diudagkeun kana wanda, ulah sulaya tina ringkang. 7. Kawi radya, nyaeta apal kana kaagungan raja, dutetek tina pakeanana, pakarangna, kabiasaanana, jajatenna atuh teu kaliwat tedakna. 8. parama Kawi, nyaeta kudu apal kana hartina basa Kawi, lain bae harti saujratna tapi deuih kana silokana. 9. Binangkit dina ngarajek carita, kudu beunghar ku lalakon lain bae lalakon utama jeung deuih kudu apal kana sempalan. 10. Apal lagu, dalang kudu apal kana lalaguan.
Salian ti eta Pa Adang ngaguar hal pakumpulan dalang, aya Pepadi, aya Senawangi aya Yayasan Padalangan, aya naon deui mah. Eta pakumpulan tujuanana mah pikeun ngahirup tur ngahuripkeun pintonan wayang, nepi ka sok aya Binojakrama pikeun nambahan pangaweruh para dalang. Kang Opik ngaguar perkara gugunungan atawa kayon, pedah aya nu nanya ti nu ngiluan sawala. Cek Kang Opik dina gugunungan teh aya genep hal nyaeta 1. Dasar, diwangun ku lawang kori nu meundeut dijaga ku buta sakembaran, mawa pedang jeung tameng. Harti siloka nyaeta taneuh nu jadi tintincakan kahirupan, jeung deuih apan manusa ge dijieun tina taneuh. 2. Gelar atawa Lar nu mangrupa jangjang garuda nu meber, aya nu ngahartikeun sabenerna eta teh lain jangjang garuda tapi gambaran letah seuneu tina panonpoe nu jadi sumber kahirupan. 3. Buron nyaeta gambar dua sato galak nu rek diadu hartina aya papasangan dina kahirupan, cek basa ayeuna mah dualisme paradok, aya caang aya poek, aya sedih aya gumbira. 4. Makara atawa mahluk dongeng ti laut tapi aya tulalean, digambarkeunana dina gugunungan luhuran buron, hartina perlambnag sagara atawa cai. 5. Kayon, ngagambarkeun tangkal kahirupan. 6. Puncak, atawa pucuk tangkal kai , eta hartina beuki ka luhur beuki gede katebak angin, sedengkeun angin atawa hawa unsur penting dina kahirupan. Kang Opik ge ngaguar sangkan dalang teh kudu nyakola, sahenteuna kudu nalingakeun kamajuan pangaweruh jaman kiwari, tujuanana mah ulah nepi ka tinggaleun ku masarakat sabudeureunana nu bakal jadi panongtonna.
Pa Anang ngajawab pananya hal wayang modern, eta teh gumantung kana kabinangkitan ti dalang, eta teh alus salila teu jadi bangbaluh dina maksud ulah eureun ditengah jalan, komo lamun geus jadi ciri ka dalang, sabab lamun eta sakali ditinggalkeun bakal dianggap gagal. Pa Anang ngaguar leuwih lega naha nu disebut modern teh dilakona ku dalangna wungkul atawa kudu sapuratina saperti naha gamelan dirobah ku organ tunggal, sinden jadi penyanyi dangdut, sigana lain kadinya maksudna. Enya ari kituna mah da pagelaran wayang teh lain saukur ngahadirkeun dalang, tapi aya nayaga, aya sinden aya teknisi tata lampu, tata hias panggung jeung sagala rupana.

Pangrojong.

Pangalaman Kang Opik ngawanohkeun wayang ka sakola sakola, cek pangimeutna barudak teh kataji, da buktina sakitu antusiasna, jadi lamun aya anggapan wayang teu dipakresep ku barudak teh kudu ditalungtik heula. Cek sawangan Kang Opik nu jadi hahalang, barudak nganggap pagelaran wayang teh resmi teuing jeung lila teuing waktuna. Lamun nanggapna peuting kudu sapeuting jeput, kitu deui lamun beurang, kudu sapoe jeput. Nu dilakonan ku Kang Opik mindeng ngawayang (ngamaenkeun wayang) teu kudu kitu, bisa bae ukur satengah jam, atawa lima belas menit, tujuanana keur ngawanohkeun yen pintonan wayang teh aya keneh, eusina leuwih padet langsung kana tujuan utama, upamana dina acara bedah buku, ngareuah reuah poe basa indung jste. Enya lain pagelaran wayang dina harti ngaguar carita wayang, tapi nepikeun masalah dina wanda gunem catur wayang. Waktu panyatur ditanya kumaha carana supaya pintonan wayang tetep dipikaresep ku masarakat, Pa Anang ngajawab yen magelarkeun wayang teh lain saukur nanggap dalang, hartina ngaliwatan pagelaran wayang geus mere kahirupan ka jalma loba, boh nayaga, boh sinden boh teknisi atuh sisi sejen geus mere ajen ka nu sejen kayaning ka ahli ukir nyieun wayang, ka nu nyieun alat karawitan jste. Singgetna cek Pa Anang, pagelaran wayang kudu bisa ngigelan jaman, ngarti kana kabutuh panongton. Nya meureun didieu perluna kabinangkitan dalang salaku puseur pagelaran wayang.
Aya harepan nu ditepikeun ku nu sawala, lamun tea mah aya panghiap ti nu jadi pangagung (gubernur, bupati atawa walikota), mere kasempetan manggung sabulan sakali boh di pendopo gubernuran atawa kabupaten atawa tempatna dimana bae, kacida alusna, mere tongtonan ka masarakat. Ari biayana mah teu kudu murni ti pamarentah tapi bisa neangan sponsor ti pausahaan, ngaliwatan wibawa pamarentah. Upamana di Lapangan Gasibu Bandung, sabulan sakali aya pagelaran wayang, pausahaan nu mere sponsor bisa masang iklan atawa ngajak babarengan pausahaan badag tina program CSR (Coorporate Social Responsibility) unggal pausahaan da di bandung teh loba pausahaan jugala. Lamun nu ngajakna pangkat gubernur ma enya teu disanggap, asal dilaksanakeun kalawan profesional, unak anik sposorship (pangrojong) katedunan.

Kacindekan

Wayang masih keneh dipikameumeut ku masarakat, loba keneh nu resep lalajo pagelaran wayang sok sanajan aya pamenta sangkan kabinangkitan dalang leuwih ningkat. Keur nambahan pangaweruh dalang lain bae ngaliwatan binojakrama dalang, tapi deuih kudu nganyahokeun kamekaran pangaweruh nu aya di masarakat, dalang kudu nyakola. Ngawanohkeun wayang ka sakola bisa dilakonan gawe bareng dalang jeung sakola bisa ngaliwatan organisasi padalangan jeung dinas pendidikan atawa jeung saha bae nu haat kana padalangan. Atuh teu kaliwat panghiap ti pangagung daerah ge pohara diperlukeunana

Mamat Sasmita, panumbu catur matuh sawala bulanan PSS
(Sanggeus diedit ku Redaksi dimuat dina
Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 67 Pebruari 2009)