16 February 2012

CARPON : AKI OLEH

Ku : MAMAT SASMITA                  CARPON SEJEN : 1  2  3  4  5  6  7  8  9 10 11 12 13 14


Lembur leutik, nelahna Cangkudu. Di kidul kaciri nangtawing gunung Sawal. Di kulon walungan Cikidang. Di wétan mayakpak sawah lega. Ka kalér mah ngembat jalan nu brasna ka Sukamahi. Di dinya Aki Oléh dumuk. Sapopoé gawéna nyieun parabot dapur tina anyaman awi, kayaning boboko, aseupan, ayakan jeung tingkem. Opat rupa parabot éta nu pangmindengna dipigawé.

Cenah mah boboko keur ngawadahan sangu hasil panén ti sawah lega. Aseupan éta mah lir gunung Sawal nu nangtawing. Ayakan keur nyair lauk di Cikidang. Ari tingkem keur babawaan mun indit-inditan pédah ngembat jalan ka kalérkeun. Hasil gawé Aki Oléh mah tara aya nu nguciwakeun. Kabéh gé alus, seseg, anyamanana rekep, atuh ngaraut awina gé lemes. Anyamanana paselang jeung hinisna.Tangtu dipakéna gé awét.  Urang Cangkudu jeung Sukamahi mah sigana méh kabéh parabot dapurna meunang nganyam Aki Oléh. Osok éta gé nganyam nu séjén kayaning nyiru atawa tolombong, tapi éta mah gumantung kana pesenan. Ari nu opat rupa tadi mah aya pesenan atawa euweuh pesenan gé tetep dipigawé.
Ari ngala awi pibakaleun anyaman tara sagawayah, aya waktuna, dina waktu dangdangrat. Dina mangsa tonggérét keur ngéar. Cék Aki Oléh mah dina mangsa éta awi keur meujeuhna alus, teu garing teuing teu baseuh teuing jeung deuih awi nu diala téh umurna kudu geus tilu usum.

Pasosoré, sanggeus bada asar, Aki Oléh kokodomrongan maké sarung keur ngalangeu di tepas hareup, kurunyung aya tamu. Tamu téh tiluan, sigana urang kota, kaciri dina papakéanana, dianteur ku budak satepak, urang dinya.
“Aki, ieu aya tamu, saurna badé nepangan Aki,” cék budak satepak.
Aki Oléh ngahuleng sajongjongan mah, rada reuwas, sinarieun aya tamu ti kota. Biasana nu sok nepungan téh paling gé bandar boboko ti pasar Ciawi. Ari ieu kadatangan tamu ti kota, nepi ka tiluan, puguh wé ngahiap tamu téh rada dagdagdégdég. Tuluy ngamparkeun samak, samak dikeprukan heula, ma’lum samak rada bulukan da geus lila tara diamparkeun. Tamu sina diuk di tepas. Nu unggah ka tepas mah ngan duaan, ari nu saurang deui mah ngadon jeprat-jeprét motoan boboko, ayakan jeung aseupan, palebah tingkem rada lila dialak-ilik. Enya ari kituna mah, tingkem geus rada heubeul tara aya nu maké, ayeuna mah apan loba kardus nu sok dipaké wawadahan keur barangbawa téh.
“Ke adén sadayana, ieu téh nu ti mana? Asa reuwas ku kasumpinganana.”
Gorolang tamu nepikeun pamaksudanana, nyaéta hayang ngondang Aki Oléh ka Bandung, sangkan daék mantun.
Aki Oléh ngagebeg dipénta sangkan mantun mah, komo di Bandung deuih, enya baheula mah Aki Oléh téh kasebut juru pantun, tapi apan geus lila tara manggung, geus lila tara aya nu nanggap.
“Adén, aki téh tos aya welasan taun teu mantun, komo ieu kedah mantun di kota, asa teu werat, ararisin teuing.”
“Da ieu mah sanés kedah mantun sadinten sawengi, paling gé sa-jam.” Cék tamu ti kota.
“Baruk sa-jam? “ Aki Oléh ngahuleng, pikiranana milih-milih carita pantun nu bisa dipintonkeun dina waktu sa-jam lilana. Asa euweuh, sa-jam mah paling gé kakara rajah pamuka.
“Sumuhun aki, da ieu mah mung kanggo nyontokeun yén juru pantun aya kénéh, nu peryogi mah aki kedah ngaguar pangalaman janten juru pantun.”
Aki Oléh unggut-unggutan, duka teuing naon maksudna, kereteg haténa ari sakadar ngaguar pangalaman jadi juru pantun mah bisa.
Lila-lila Aki Oléh nyanggupan ngan tamada teu boga ongkos keur ka kota, mangkaning kudu mawa kacapi gelung. Tamu nyanggupan rék ngajemput maké mobil. Paheut.
Méméh mulang, tatamu téh alak-ilik kana hasil pagawéan Aki Oléh, boboko nu seseg, ayakan, tingkem jeung  aseupan.  Malah aya nu meuli harita kénéh, majarkeun kataji ku pola anyamna, pédah diselang seling ku rautan hinis, jeung ku sesegna. Teu kaliwat tamu gé tatanya ka Aki Oléh, umur sabaraha, ngaran lengkep jeung kungsi sakola henteuna, cenah keur data dina prungna Aki Oléh mantun.

Peutingna, sabada isa, Aki Oléh ngodongkang ka para, nyokot kacapi.
“Isuk deui atuh.” Cék Nini Anih, pamajikanana, nu keur nganyam samak.
“Ieu mah hayang ningali wé, geus lila tara dibuka bungkusna.” Témbal Aki Oléh bari jéjéngkéan nincak kana palangdada. Bungkus kacapi karawél, dibedol lalaunan, diturunkeun ti para.
Kacapi dibungkus ku balacu bodas nu geus semu hideung, dibuka di tengah imah, dicaangan ku cahaya nu ukur reyem-reyem. Kokotor dikeprukeun, tali pangrod dina balacu dikendoran.
Bréh kacapi nu geus welasan taun tara ditatap diusap, kacapi diteundeun di tengah imah. Dielapan, diusap, diberesihan. Kawatna geus ngalendoran, nu manteng kénéh téh kawat pangpondokna.
Treng kawat nu manteng katodél ku kuku ramo, sorana ngajentréng tarik, béntés. Alus kénéh geuning sora kacapi téh.
Gelebug angin di luar imah, séah, neumbag dangdaunan, neumbag kana jandéla, ngarekét, siga aya nu rék mukakeun. Aki Oléh ngahuleng ngaraga meneng. Di jero imah, angin ipis nyiriwik nurih kulit, nanding lalancip congo eurih.  Rocop. Nyuaykeun bulu punduk, bulu bitis, bulu dada, bulu halis, bulu panon. Reup Aki Oléh peureum.  Tréng kawat kacapi katodél deui. Kalayang warna tarum, kalayang warna konéng sahéab, kalayang warna bulao ngora. Neumbagan beungeut saliwat-saliwat. Bréh nu hémpak di madhab papat. Ratu laun ngadawuh, raja anca sumabda, patih ngiring ngaharriring, sora milawung kancana. Mama léngsér jeung kapéténgan récét, badéga hémpak ngareluk tungkul. Boa éta nu harayang dilalakonkeun, ngadangong, kabéh ngadagoan, kabéh neuteup. Juru pantun rajeun seukeut deuleu bisa maca tanda, daun oyag, kalakay murag, ibun nyakclak, kabéh jadi totondén.
Jedud angen ratug, Aki Oléh beunta.
“Neda hampura, neda hampura, lain kula ngalalaworakeun,” Aki Oléh ngagerendeng sorangan. Kacapi ieu nu kungsi maturan dirina ngalalana saba désa, saba kota. Baheula, baheula pisan. Jeung kacapi ieu kungsi ngalalakonkeun raja-raja ratu-ratu, carita pantun nu kungsi ngeusian batin nu ngadéngéna.
Aki Oléh ngarérét ka unggal juru imah. Di juru itu nambru sesebitan daun pandan pibakaleun anyaman samak. Di juru itu ngagaloler péso raut, ragaji, bedog, batu asahan, parabot paranti ngaraut awi. Di juru itu  boboko ngajogo, ayakan ambacak, aseupan diéntép hadé jeung tingkem ngagolér bérés. Di juru itu seuseuheun ngalumbuk nambru.
 “Peundeutkeun jandéla nini, urang tutulak,” cék Aki Oléh, bari ngajéngkat nulakan panto.
 Kacapi gelung ngabagug di tengah imah, Aki Oléh ngagoloyoh ka pangkéng, miheulaan Nini Anih nu masih nganyam samak.
Peuting ieu Aki Oléh guling gasahan, teu peureum najan dipeureumkeun, teu saré najan disarékeun.

Isukna, rada ngadaligdeu lantaran teu saré tibra, Aki Oléh memener kawat kacapi, disusurup ku pangdéngé nu geus mimiti ngurangan. Teu bisa dibohongan ari ku umur mah, najan awak karasana jagjag belejag, angger wé pangdeuleu, pangdéngé, pangrasa geus ngurangan. Aki Oléh semu ngarahuh. Kacapi diteuteup, kacapi diusap palebah gelungna nu kaciri hérang. Kekebul diusap, ditiup, diusap deui.
Teu ngabibisani tina pantun ieu Aki Oléh meunang jodo, tina pantun ieu Aki Oléh bisa ngabayuan kulawarga, malah kawilang lubak libuk, bisa boga imah, boga banda pakaya.
Rancunit, kitu meureun kasebutna, parawan jekékan nu nampeu lalajo pantun di Rancaoray, maké baju konéng sahéab, disamping kebat lalayu sekar, dicindung bodas. Nyeblak ku rérétna, deudeuleueun ku langgéorna. Ari diuk antieum, ari cengkat ngalampanyat. Teu lila bobogohan, batu turun keusik naék, pruk Aki Oléh kawin meunangkeun urang Rancaoray, Nyi Anih, éta téh basa umur lilikuran, tuluy dumuk didinya. Tina mantun boga imah, tina mantun boga tanah, tina mantun meunang berekah, anak-anakna sarakola. Geura wé nu ngaruat méh unggal bulan, nu nanggap mah komo, tina panghasilan bisa ngeureut neundeun, atuh sabataé hirup lugina. Diitung-itung aya kana opat puluh taun mah mantun téh, éta wé ti umur lilikuran nepi ka umur sawidak punjul. Raraména mah taun genepuluhan nepi ka katompérnakeun taun tujupuluhan. Taun dalapanpuluhan loba nu ngondang téh ti dines pamaréntahan da majarkeun hayang ngahurip-hirupkeun kasenian daérah. Dikasétkeun téa, dividéokeun téa, dituliskeun téa, teuing dikamankeun éta kabéh hasilna téh. Nu karasa mantun beuki nyirorot arang langka nu nagggap.
“Ari engké mantun téh rék nyieun parawanten?” cék Nini Anih tarik, ti pawon.
 Aki Oléh ngagebeg, asa kagebah keur uleng ngangon lamunan.
“Duka teuing atuh, asa bararingung ieu téh. Maol sigana mah.”
“Ih teu umum teuing rék mantun teu nyieun heula sasajén?”
“Da apan cenah lain rék mantun, diondang sotéh kudu ngaguar pangalaman mantun.”
  Nini Anih teu ngomong deui dikitukeun mah.
“Anggur mah pangnyeuseuhkeun lawon bungkus kacapi, sing beresih,meungpeung aya kénéh waktu sababaraha poé deui,” cék Aki Oléh.

Dina waktuna nu geus paheut. Kurunyung nu ngajemput, maké mobil alus. Aki Oléh pahibut, iket parekos nangka dipageuhan, make baju kampret hideung, calana pangsi nengah bitis. Kerewek kana kacapi nu geus dibungkus ku lawon bodas meunang nyeuseuh Nini Anih. Kerewek kana kantong solendang, dijerona aya sarung jeung kopeah, keur solat.
Mobil ngageuleueyung, Aki Oléh ngucap Basmalah dituluykeun ku kunyem maca du’a sangkan salamet di jalan. Mobil nyemprung ka Bandung.
Tihang listrik, tihang télépon jeung tatangkalan siga nu silih udag, isuk kénéh masih kasaput ku pepedut. Aki Oleh neuteup ka hareup, neuteup jalan liliwatan. Baheula mah jalan téh loba logakna, baheula mah jalan téh heureut kénéh. Aki Oléh ngumbar panineungan.
Teu nyangka sacongo buuk bakal jadi juru pantun. Inget keneh kumaha susahna ngungsi  ti Cangkudu ka Bandung dina mangsa Aki Oléh umur sapuluh taun. Ngiclik nuturkeun bapana, leumpang. Indungna ngais adina nu umurna kakara tilu taun  jeung nyuhun buntelan papakéan, bapana nanggung parabot dapur. Leumpang nikreuh ti Cangkudu ka jalan raya Ciawi, leumpang téh rada lila, mapay galengan jeung motong jalan ka kebon batur.
Ti jalan raya Ciawi ka Bandungkeun mah kana beus, nu huluna nyolodor bulenek, mun dina tanjakan ngagerung tarik bari haseup mulek. Pangna ngungsi, omong bapana mah, hirup baringsang lantaran lembur mindeng diranjah ku gorombolan, teu kaur boga bekel paré saboboko, sok diringkid, dibawa jeung bobokona. Aki Oléh nu umurna kakara sapuluh taun, méh unggal peuting kudu nyumput dina rungkun awi, sabab budak umur sakitu mun kapanggih ku gorombolan sok dipaksa dibawa ka leuweung, majarkeun sina diajar ngaji.
Dumuk di Bandung téh perenahna di Sékélimus. Jaman harita mah di Sékélimus téh mayakpak sawah, lega, méh satungtung deuleu.   Di béh wétan aya Cikapundung Kolot, di sisina rajeg tangkal cangkring, nepi ka Sékélimus kawentar ku dagé cangkring. Sisi jalan ngabadeg kebon awi, jaba sok bécék baé didinya mah. Aki Oléh kungsi sakola di Sakola Rayat di Parabon, wétaneun Sékélimus, ngan teu tamat ngan ukur nepi ka kelas opat, ma’lum asup kelas hiji téh geus gedé, umurna sapuluh taun meh sabelas taun. Sanggeus teu sakola karesepna ulin, siga kuda leupas ti gedogan, atuda keur di Cangkudu mah ulin téh loba kasieun. Ulinna sok ngilu tumpak karéta api ka Banjaran, majarkeun resep naék karéta kuik. Atawa ngilu tumpak roda, sok disebut impala udin, nu ka Dayeuh Kolot.  Anjeucleu, dina luhureun babawaan, atawa pagigir-gigir jeung kusir. Tukang roda sajajalan mindeng ngadongéng, nu didongéngkeun lolobana carita pantun. Kataji ku carita pantun nepi ka guguru di Arjasari Banjaran, mimitina mah ukur ngingilu ka juru pantun, nengetan prak-prakanana, ngapalkeun carita, jeung kumaha carana ngacapi. Satuluyna meuseuh diri, hayang sora ngoncrang ulah dahar gogoréngan, hayang panjang napas ulah ngaroko, jeung loba palakiah nu séjén.
Ti harita Aki Oléh jadi juru pantun kawentar, sora ngoncrang, ngelewung ngalanglaung, carita pantun petingan apal kabéh. Mun Ua Léngsér waktuna midang, teu weléh loba ngabojégna, nu lalajo seuri ngagakgak.

“Tos dugi Aki,” cék nu nyupiran mobil. Aki Oléh semu ngoréjat. Geus nepi ka dayeuh Bandung,  dibawa ka gedong sigrong, dibawa ka aula paguron luhur. Aki Oléh dibagéakeun, diaping, diperenahkeun dina korsi hipu, Aki Oléh caméot diuk nyelegon. Didéngé-déngé ku Aki Oléh geuning keur adu renyom, ngomongkeun sual perluna ngamumulé kasenian. Aki Oléh unggut-unggutan, gerentes haténa jaman kiwari mah nu malikiran, nu mikacinta kasenian téh maraké dasi, maraké sapatu, kéwes pantes, turun unggah tina mobil. Muga-muga wé teu ngan bacéprot wungkul.
Manjing waktu, Aki Oléh diangkir sangkan ngamimitian mantun, bari diwatesanan waktu ukur sa-jam. Aki Oléh diuk dina papanggungan, béh hareup rada di juru. Aki Oléh ngajémprak, muka kacapi tina bungkus lawon bodas. Ngucap salam. Reketek iket dipageuhan, reup peureum. Sajongjongan siga nu ngahuleng, keur mapatkeun pangabisa, ngunyemkeun jampé pamaké, ngagerendengkeun du’a, teu poho ngucap Basmalah. Tréng kacapi disintreuk kawatna. Aki Oléh nyoara, ngoncrang kénéh. Rajah pamunah dialeukeun, minangka bubuka.
“Sim kuring ngahaturkeun pangabakti, ka indung bumi, ka bapa langit, ka nu boga taun dalapan, ka nu boga bulan dua welas.”
Lila bubukana, lila ngaleu-keun rajah pamunah. Aki Oléh siga nu ngetrukeun pangabisa, kabéh ditataan. Teu kaliwat saduk-saduk ménta hampura.
“Jisim kuring bilih luput nyaur, salah ucap, lepat nyarita, mugi kersa ngahampura, ka ituna, ka ieuna, ka sadayana baé. Disuhunkeun pitulungna supaya berekah salamet, waras waluya sadayana.”
Barang rék asup kana carita, kana lalakon nu rék dilalakonkeun, Aki Oléh ngarandeg, peureum, tipepereket, ngahégak. Aya késang renung dina tarang. Aya nu patelak antara uteuk kenca jeung uteuk katuhu, aya nu patelak antara getih bodas jeung getih beureum, aya nu patelak antara daging jeung kulit, aya nu patelak antara tulang jeung urat.
Tungtungna Aki Oléh ngagalantang nyarita :”Hapunten anu kasuhun, ka anu katara sami hadir di ieu patempatan, ka nu teu katara nu ngiring hémpak di madhab papat, jisim kuring moal cacarita sajarah jaman baheula, lalakon bihari nu kungsi ngalalakon, carita nu kungsi dicaritakeun. Ugering waktu, teu bisa dipanjangkeun teu bisa dipondokkeun, lalakon gé lain keur dipanjangkeun lain keur dipondokkeun, kudu saujratna. Mun poho ngaranna poho, mu kaliwat ngaranna kaliwat, peupeujeuh ulah diteukteuk, mangka ulah ngahaja nambah sangkan panjang. Tangtos carios pantun  mah aya bukuna, tangtos carios pantun mah sadayana gé parantos ngaos.”
Tréng kacapi ditabeuh deui, langsung asup kana rajah pamungkas. Bérés rajah pamungkas, Aki Oléh nungkup kacapi, terus ngomong semu dareuda.
“Mugi kasaksi ku sadayana nu hadir di gedong ieu, sim kuring badé masrahkeun ieu kacapi ka juragan sadayana nu calik di payun. Aki Oléh juru pantun parantos lekasan, Aki Oléh juru pantun parantos teu aya, nu aya mung Aki Oléh tukang nganyam boboko. Mugi hurip sareng hirupna pantun langkung nanjung, Aki percanten kana kanyaah juragan sadayana. Panuhun Aki mugi ieu pantun, ieu kacapi ulah dimomorékeun, margi pantun kantos ngeusian lulurung batin urang Sunda.”
Aki Oléh cengkat, regeyeng kacapi dipangku, leumpang ngadigleu nyampeurkeun ka réngréngan nu dariuk di hareup, cék pikirna pasti nu dariuk di hareup téh pamingpinna, gegedén nu pangpunjulna.  Kacapi dipasrahkeun, nu narima siga nu aga-eugeu. Aki Oléh balik deui kana papanggungan, diuk andéprak.
“Mangga, bilih aya nu badé tumaros mah, upami tiasa tangtos diwaler, atuh upami teu kawaler éta mah hapuntenna baé.” Ngomong kitu téh pédah rarasaan mah kungsi taun dalapan puluhan ngilu sawala siga kitu. Moal béda meureun. Cék pikirna naha nya ukur sawala jeung sawala wé, iraha prakna atuh?
Loba nu nanya téh, kitu wé, aya nu nanya kumaha mimitina pangna kataji ku pantun, kumaha diajarna, dimana guguruna.
Aki Oléh ngajawab satarabasna, ngan unggal tungtung jawaban sok diémbohan ku “Sagala rupi gé kedah junun kedah panceg, ulah galideur ku deudeuleuan, ulah kasibat ku rarasaan, ulah kabengbat ku rarampaan, ulah aya gindi pikir.”
Aya nu nanya kunaon pangna Aki Oléh nyebatkeun salaku juru pantun tos lekasan, tos teu aya. Aki Oléh ngajawab :”Aki téh tos kolot Adén, tos rémpo, boh awak boh pikiran, kedah digentos ku nu anom, ku nu bengras kénéh titingalan, nu seukeut kénéh pangreungeu, ku nu kiat kénéh lila sila andeprak, nu tara pohoan, aki mah rek ngajémprak wé ngarautan awi keur nyieun boboko keur ngabayuan hirup sapopoé.”
Dur lohor, jirangan Aki Oléh sawala geus anggeus. Aki Oléh lungsur ti pakalangan, ngajugjug ka masigit, ngadon solat lohor heula méméh mulang ka Cangkudu, husu ngadu’a, nyieuhkeun pipikiran nu nganteng kénéh kana kacapi, teu ngabibisani tina kacapi meunang bagja, tina kacapi meunang darajat. Ngan aya nu teu dilisankeun téh yén jadi juru pantun jaman ayeuna mah asa moal manggapulia. Eta pisan nu jadi alesan, welasan taun kaliwat, sanggeus tara aya nu nanggap pantun, Aki Oleh pindah pileumpangan jadi tukang nyieun boboko bari pindah ti Rancaoray ka Cangkudu, lir miceun salasah■ 

(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 14 Feb 2012, Rebo 15 Feb 2012, Kemis 16 Feb 2012)

No comments: