15 December 2011

Carpon : NGADAGOAN EMA


Ku : MAMAT SASMITA

Umurna kira-kira lima atawa genep taun. Mindeng uulutudan kénéh mun ulin di buruan atawa di pipir imah. Karesepna ngala undur-undur atawa nalian légé, anteng ari geus kitu téh.
Sapopoé ngiclik nuturkeun emana, euweuh batur ulin nu séjén, ma’lum jaman harita, imah di pilemburan ancal-ancalan kénéh. Demi kasab emana, dagang kukuluban, kayaning kulub hui, kulub cau, kulub suuk jeung kulub sampeu. Dibawana, diais dina boboko jeung disuhun dina nyiru, dituruban ku daun cau.
Dagangna tara matuh, kitu wé sapanjang Dagowég, pangjauhna dagangna di Rembrandtplain hareupeun Gedong Hébé. Bubuhan didinya sok loba nu arulin, atuh ka béh kalérna aya lapangan bisbol, urang dayeuh gé bareukieun kana kulub hui jeung kulub suuk.
Ari balikna, mun dagangan geus méh béak, leumpang ka tonggohkeun, nyacat sapanjang Dagowég, teuing lebah mana lemburna mah, teu apal.
Teu capé, najan kakara umur lima atawa genep taun, leumpang jeung emana mah da loba eureun, loba nyimpang. Nyimpang sotéh nawarkeun kulub hui atawa kulub suuk ka imah gedongan nu aya di Dagowég, ambéh isukan tinggal nganteurkeun.
Jaman keur werit atuh, sagala gé hésé, peperangan dor dar kénéh ngalawan soldadu Walanda nu hayang ngawasa deui. Nu usaha kana dagang téh beunang diitung ku ramo leungeun, komo mun dagangna ka dayeuh.
Leuheung emana mah gedé kawani, meureun bakating ku butuh keur pangupa jiwa jeung ongkoh boa teu nyaho kaayaan jaman nu geus mimiti robah . Ari bapana mah teuing kamana, da asana can kungsi panggih. Kungsi ngadéngé cenah bapana téh diirid ku Jepang, kudu milu romusa.

Di hareupeun Gedong Hébé, jalma pagaliwota, bangsa Walanda, cenah jeung bangsa Inggris, teu bisa ngabédakeun da sarua buléna, sarua harelung jangkungna. Lolobana make saragem soldadu, aya deuih soldadu nu semu hideung, sok disebut Gurka. Jol deui sababaraha treuk, tarurun di Wilhélmina Boulevard. Emana mah paciweuh ngaladangan nu meuli, aya Walanda, aya Gurka, nu siga bangsa urang gé aya. Paciweuh, dagangan laris. Paciweuh, sakéak dagangan geus béak.
Emana bébérés, ngeprukeun boboko jeung nyiru, samping kebat paranti ngais boboko dikebutkeun, rék balik.  
“Ujang, tong kamamana, dagoan sakeudeung, ema rék ka cai heula.”
Sakitu nu kadéngéna téh. Boboko, nyiru jeung samping kebat ditinggalkeun.
Diuk bari nungguan boboko jeung nyiru nu eusina geus ledis. Pleng emana teu embol-embol. Kamana ema, kunaon ema. Euweuh béja. Teu nyaho ema ka mana, teu nyaho ema ku naon.
Ngadagoan ema ti beurang nepi ka peuting, ti peuting nepi ka beurang deui.
Diuk, cingogo, nyempod, peureum, beunta. Saré didinya, kaibunan, kahujanan, kapanasan. Isukna, pagétona, emana euweuh béja.

Kedepruk sora sapatu, aya Walanda nanya.
Jawabna ngadagoan ema. Ditanya saha ngaran, jawabna Ujang. Ditanya padumukan, jawabna gideug, ukur nunjuk ka beulah kalér. Ditanya ngaran ema, jawabna gideug, ukur nyebut ema. Ditanya ngaran bapa, jawabna gideug, ukur nyebut bapa.
Kusiwel Walanda ngaluarkeun keretas, ditulis wachten op moeder, di handapna aya tulisan ngadagoan ema.
Dititah supaya asup ka gedong Hébé, ngahunted bari nyebut ngadagoan ema. Dibawa kana mobil soldadu, embung kalah ceurik gogoréntélan bari ngomong ngadagoan ema.
Saminggu euweuh béja, sabulan euweuh béja, sataun euweuh béja. Mangtaun-taun euweuh béja, kamana ema.
Boboko, nyiru jeung samping kebat paranti ngais geus leungit teuing ka mana. Barang dahar sakapanggihna, nginum sakapanggihna, baju rawék, beungeut lodro.
Diuk caméot ngadagoan ema. Mun aya nu nanya ukur nembongkeun tulisan urang Walanda, tulisan ngadagoan ema. Dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah, manggih lauk asin téh kaitung mayor, teurabna gé dua kali. Dahareun téh paméré ti nu haat. Emana euweuh béja.

Nyaksian didinya aya pertempuran, ragot, aya nu ngaguling, aya nu gégéréléngan, aya nu molotot, aya nu ngajleng, aya nu sosoak, aya nu ngahéphép.
Nyaksian aya nu maot tuluy jadi pahlawan, nyaksian didinya aya nu tatu tuluy tanpadaksa, nyaksian didinya aya nu ceurik tuluy barintit.
Bandung ngelun ku haseup, Bandung dihuru, Bandung jadi sagara seuneu, Bandung jadi lautan api. Nu ngungsi ka kidulkeun, ngajingjing buntelan, nyuhun samak, ngélék boboko, aya nu sagala dibawa, nanggung jeung nyuhun. Nyaksian kitu ukur ceuleumeut.
“Merdéka, Merdéka, Merdéka,” cék nu ngagorowok bari leumpang ka kidulkeun. Lila-lia hareupeun Gedong Hébé simpé, Walanda mimiti lus-les, teuing ka mana.
Sanggeus merdéka Gedong Hébé disebut Gedong Saté. Nyaksian ka Gedong Saté lar sup jelema, nyaksian di Gedong Saté loba jalma perlénté, nyaksian nu turun unggah kana mobil. Nyahoeun unggal peuting Gedong Saté cahaya lampuna mambra.
Nyahoeun asalna Rembrandtwég, diganti jadi Wilhélmina Boulevard, sanggeus merdéka diganti jadi jalan Diponegoro.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah, manggih lauk asin téh kaitung mayor. Mun ditambah tahu teurabna opat kali. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Emana euweuh béjana.

Jaman orde lama ngilu nyaksian, ngadéngé nu nyarebut ganyang nékolim, ganyang jeung ganyang, sagala diganyang. Kanyahona ukur garoganyang. Jaman orde lama, ngaguruh nu pidato, revolusi can anggeus, ngaguruh nu surak, ngaguruh nu ayeuh-ayeuhan kumpul di lapangan nu lega.
Umurna beuki nambahan, beuki kolot, beuki robah. Sarua jeung robahna nu lar sup ka Gedong Saté, sarua jeung robahna lapangan di hareupeun Gedong Saté, asalna disebut Rembrandtplain terus disebut Gasibu. Nyaksian bandéra beureum bodas ngerab-ngerab katebak angin di pakarangan Gedong Saté.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah. Manggih lauk asin téh kaitung mayor komo mun ditambah tahu jeung témpé, teurabna dalapan kali. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Ema euweuh béjana.

Jaman orde baru ngilu nyaksian, jalma bararis rapih, tara aya sora sakemek, ukur sora tarompét nérétét ari upacara agustusan. Sabaraha puluh kali nyaksian upacara agustusan didinya, maneuh unggal taun. Nyaksian loba nu pidato bari ditungtungan menurut petunjuk, numutkeun pituduh.
Nyaksian nu ditéwakan, nyaksian nu diagung-agung, nyaksian nu dikerewed dipétruskeun. Nyaksian bandéra beureum bodas ngerab-ngerab katebak angin di pakarangan Gedong Saté.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah. Manggih lauk asin téh kaitung mayor komo mun ditambah ku tahu, témpé jeung endog sabeulah, teurabna teu kaitung. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Ema euweuh béjana.

Jaman réformasi ngilu nyaksian nu aleut-aleutan, bari ngagorowok. Nyaksian nu mindeng demontrasi, budak ngora, kolot, lalaki, awéwé. Nyaksian loba nu ngacung-ngacung kélébét. Nyaksian nu mindeng silih séréd keur demontrasi. Nyaksian nu kalaparan, nu hayang dahar. nu hayang nginum. Nyaksian nu kapanasan, nu kahujanan, nu kaibunan. Nyaksian nu antri duit, nu ngantri minyak tanah. Nyaho aya kompor gas ngabeledug. Nyaksian nu korupsi alangah-elengeh euweuh kaéra, weureu seubeuh alatan duit meunang basilat. Nyaksian bandéra beureum bodas ngera-ngerab katebak angin di pakarangan Gedong Saté.
Angger dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah, manggih lauk asin téh kaitung mayor komo mun ditambah ku daging sakeureut, teurabna saendeng-endeng. Kitu gé dahareun téh paméré ti nu haat. Ema euweuh béjana.

Sanggeus belasan taun jaman réformasi umurna méh nincak tujuhpuluh taun. Hujan munggaran ngagebrét sabada halodo entang-entangan. Awak mucicid, ngiuhan dina sosompang gedong.
Leungeunna ngucek-ngucek keretas nu aya tulisan ngadagoan ema. Ieu keretas téh dipupusti pisan, dibungkus ku pelastik, ulah cécék ulah bocék. Ku keretas ieu jaman  Walanda kumelendang kénéh, kungsi hirup senang, loba nu méré dahar, loba nu méré baju. Sup keretas diasupkeun kana saku baju.
Nu kagambar beungeut ema ngora kénéh, kira-kira umur opat likur, buuk luis semu galing palebah tarang, beungeut buleud, geulis, kulit hejo carulang, disamping kebat lalayu sekar, maké kabaya rada logor, rajeun ditiung ku karémbong kayas..
Hanjakal samping kebat nu sok dipaké ngais boboko leungit, teuing kamana.
Awak noroktok tiris, sanggeus hujan raat, jung nagtung rumanggieung, ngadon ngajogo di sisi kalér jalan Diponegoro hareupeun Gedong Saté. Di dieu ema kungsi ngomong, ujang tong kamamana, dagoan ema. Pleng ema teu datang-datang nepi ka ayeuna. Aya nu herang ngagéndang dina kongkolak panon. Boa ema aya nu mergasa, boa ema kairid ngungsi teu bisa balik deui. Boa ema dipaksa pirusa ku Walanda, boa ema dipaksa pirusa ku Gurka, boa ema nyangsaya ngababatang kacentang bedil.
Poé geus ngagayuh ka peuting, angin beuki tiis, séak awakna ngahéab panas, rey murel, oho oho batuk. Kerewek kana kantong kérésék nu dicekel ti tatadi, ngodok botol plastik cai keur nginum, muka tutup botolna, leguk nginum. Hayang ngalungsar, hayang nyangsaya, hayang ngaréngkol disimbut haneut. Lep ngalelepkeun kopéah nu méh bulukan, nu lalédéh di sisina. Angger karasa tiris kana ceuli, angger karasa tiris kana punduk. Awak tingsariak, awak muriang, awak ngagibrig. Angger ngajogo, congogo, neuteup lampu hias di Gedong Saté nu caang mabra. Ngadagoan ema, gilig maol incah balilahan.

Isuk-isuk, keur carangcang tihang, tukang sasapu, tukang beberesih jalan, nu sok maké saragem konéng, ngosrék sasapu, haténa ngecewis na saha nu neundeun patung di dieu, di sisi jalan. Patung diisedkeun, diteuteup sakeudeung, tuluy sasapu deui.
Bray beurang, panon poé geus meleték, mimiti loba nu ngaliwat, nu leumpang, neuteup patung, pada muji alus, ceplés pisan jelema keur cinutrung.
Sapoé, patung pada ngantep, dua poé pada ngantep kénéh, ukur ditingali ku nu ngaliwat. Tilu poé, mimiti aya nu ningali ti pulisi pamong praja, sabab nu ngaliwat mimiti eureun, ngagimbung ningali patung.
Aya wartawan, aya seniman, aya pulisi, aya tukang sasapu, aya nu dagang inuman, aya nu dagang roko, aya nu dagang gemblong.
Pulisi pamong praja naléngténg saha nu neundeun patung di dinya, euweuh nu gajawab, euweuh nu ngaku, euweuh nu nyaho.
Dina koran ditulis seniman nu embung kanyahoan ku batur, neundeun patung hasil karyana di sisi jalan di hareupeun Gedong Saté.
Nu ahli kana urusan patung narulis dina koran, cenah karya monumental nu teu nyaho saha nu nyieunna, kabéh pada muji, patung tina bahan batu hideung, nyieunna lemes, gurat kahirupan témbrés, kaciri siga nu keur engapan, gurat beungeut écés, keur ngadagoan. Nu jadi bahan carita pédah aya tulisan dina saku bajuna rada nonjol semu diukir nu unina ngadagoan ema, luyu jeung nu ditulis ku urang Walanda dina keretas.
Aya nu ngahartikeun ema téh indung, aya nu ngahartikeun éma, ngaran pamajikanana atawa ngaran kabogohna.
Mun ngadagoan ema téh ngadagoan indung, naha digambarkeun patung jalma nu geus kolot, nu geus aki-aki, atuh meureun indungna nu didagoan téh geus kolot pisan, boa geus maot. Kuduna, mun ngadagoan indung mah alusna patung budak. Mun  dihartikeun éma ngaran pamajikan atawa ngaran kabogoh, kuduna patung digambarkeun mangsa rumaja, lain aki-aki nu geus kemong, nu geus karijut.
Patung pada ngadeugdeug, patung pada ngalalajoan. Mungguhing nasib, keur jadi jelema mah komo keur jagjag belejag, tara aya nu nanya, boro-boro aya nu nulis dina koran, dalah nu ngajak ngobrol gé euweuh. Na ari geus jadi patung pada ngagimbung, pada nulis dina koran. Pada nulis gé ari geus jadi patung mah euweuh hartina, moal bisa néangan raratan ema, moal bisa noroweco ngabudalkeun rasa.
Dua minggu leuwih patung diantep di sisi kalér jalan Diponegoro hareupeun Gedong Saté, tuluy diakut ku pulisi pamong praja, lantaran nu ngagimbung lalajo patung beuki loba, ngaganggu patalimarga.
Patung dipindahkeun ka kiduleun Gedong Saté, disimpen handapeun tangkal di lapangan parkir.
Ranyong deui nu nulis, majarkeun seni instalasi teu dihargaan, majarkeun pamaréntah teu ngarti kana seni, teu ngarti kana eusi haté seniman.
Patung tetep candukul di tukangeun Gedong Saté, teu bisa ojah, teu bisa usik teu bisa malik, teu walakaya. Sumangga masrahkeun nasib ka nu nuju kawasa. Teu bisa neuteup Gedong Saté, nu jadi ciri keur ngadagoan ema.
Patung kahujanan kapanasan, patung katiisan, patung kaanginan. Mimiti semplék dina irung, tuluy semplék ceuli, tuluy semplék biwir. Lila-lila nu sumpung téh tuur, leungeun, dampal suku jeung beuheung, sirah ngagulutuk. Tungtungna awak bencar, awak peuray, sirah peuray, suku peuray. Tinggal ngagunduk beubeulahan batu, handapeun tangkal di tempat parkir. Patung alus, majar beunang seniman aheng nu embung katohyan batur, geus amburadul, geus jadi gundukan beubuelahan batu ngahiji jeung taneuh.
Tina taneuh balik deui kana taneuh, disodokan ku singkup, ku tukang sasapu, dibawa ka sisi kalér jalan Diponegoro, dipaké nyeselan sisi lapangan Gasibu. Sesemplékan batu sagedé dampal leungeun orok, nu aya ukiran tulisan ngadagoan ema, siga nu ngintip tina sela-sela jukut, neuteup Gedong Saté, ngadagoan ema. Hayang dahar geus lekasan, teu perlu sangu, teu perlu nginum, teu perlu mandi, teu perlu sibeungeut, teu perlu simbut, teu perlu sarung. Teu hayang rumahuh, teu hayang ngalungsar, teu hayang nyangsaya. Teu hayang nyaho teu hayang nyaksian sagala rupa kajadian. Nu perlu mah ngadagoan ema■

Hébé tina GB singgetan Gouvernement Bedrijven, dines pamarentahan.   
 
(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 13 Des 2011, Rebo 14 Des 2011, Kemis 15 Des 2011)

1 comment:

Dede Tea said...

assalamu alaikum kang. Sae carpon na meni munel pisan. Hatur nuhun,