01 February 2008

KAOS KREATIF

Ku MAMAT SASMITA

Dina Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK) aya sababaraha patukangan, aya nu disebut pangeuyeuk (ahli nyieun motif lawon), paraguna (ahli karawitan), maranggi (ahli ukir), hareupcatra (ahli masak) jeung sajabana ti ěta.

Lamun těa mah urang hayang nyaho siga kumaha wangun motif lawon anu disebut kembang muncang, nya tingali wě kembang muncang dina tangkalna (Latin; aleurites moluccanna, famili ; euphorbiaceae) , kitu deui lamun hayang nyaho motif gagang sěnggang teu kudu hěsě tingali wě tutuwuhan anu kalan kalan sok disebut bayem (Latin; amaranthus spinosus, famili ; amaranthaceae).

Kitu deui anu disebut motif seumat sahurun, kecap seumat kapan nepi ka ayeuna gě masih dipakě, seumat těh hiji barang leutik dijieun sok tina nyěrě atawa rautan awi diteukteukan kira-kira 3 atawa 4 sěnti, neutkteukna disěrongkeun supaya tungtungna jadi seukeut, gunana pikeun mageuhan bubungkusan tina daun, biasana mah nu dipakě daun cau. Ari sahurun, meureun hartina numpuk loba, kari diiker-iker wě pantesna anu disebut seumat sahurun těh siga kumaha.

Sigana sakaběh anu aya pakaitna jeung kahlian atawa bisa baě disebut patukangan nu aya dina SSK bisa disebut industri krěatif.

Industri krěatif nyaěta prosěs ngaronjatkeun ajěn hasil tina ěksploitasi kabeungharan intelěktual, dina wangun krěativitas, kaahlian jeung bakat individu nepi ka jadi hiji produk anu bisa dijual pikeun ngaronjatkeun karaharjaan anu ngalakonan ěta prosěs. Ari krěativitas mah bisa punjul alatan kasang tukang pangaweruh tina pendidikan, budaya tur talěnta.

Salah sahiji klaster industri krěatif nyaěta těkstil jeung produk těkstil (TPT), bisa garměn, bordir, kaos jeung anu sějěnna anu aya pakaitna jeung produk těkstil. Upamana di Bandung di wewengkon Suci sabudeureun pasar Cihaurgeulis kapan geus kawentar didinya sěntra produk kaos, kayaning kaos oblong, baju olah raga, jěkět jstě.

Ngimeutan produk industri krěatif kaos, aya sababaraha hal anu perlu ditengetan diantarana bahan kaos (desain těkstil) anu kawentar těh disebut bahan kaos katun kombat, jeung bahan kaos katun kardět. Satuluyna kudu imeut kana anu disebut desain fashion tah nu ieu mah ngawengku potonganana jeung cara ngaputna. Aya sababaraha istilah saperti T-Shirt Ringer, Muscle Shirt, atuh dina potongan keur beuheung aya nu disebut rounded (wangun buleud), v-neck, scoop neck biasana mah nu kieu leuwih loba keur awěwě. Lain deui gaya hip-hop atawa R’nB geuning kaos těh nu leungeun panjang dipakě dijero terus make deui ku kaos anu leungeun pondok, kelirna sok běda.

Cara ngaputna biasana disebut knitting, kungsi kapan leuwih populer kaos anu disisi kenca katuhu teu dikaput, kaayeunakeun balik deui dikaput, malah aya nu ngahaja ngaputna siga tibalik, kalan kalan sok bingung ieu těh keur diluar atawa dijero.

Saterusna aya nu disebut desain grafis, tah ieu mah supaya kaos anu dipakě těh leuwih variatif, supaya kacirina teu polos teuing, nya digambaran dihareupna. Gambar gambar dina kaos ieu kalan kalan leuwih nyoko malah jadi andelan keur narik sangkan payu dijual. Geus jadi kacapangan kaos bisa dipakě jadi mědia krěatif ku para desainer grafis, keur ngajanggělěkeun hiji ideu dina wangun gambar dina mědia kaos.

Sigana palebah dieu bisa diadumaniskeun antara kaos nu jadi produk industri krěatif jeung kaahěngan budaya lokal ngaliwatan ěksplorasi desain grafis.

Dina SSK aya desain anu disebut kalangkang ayakan, lamun urang hayang nyaho siga kumaha desain kalangkang ayakan asana teu hěsě. Tinggal nyokot ayakan terus ditingali keur mentrang mentring panas poě, kalangkangna siga kumaha. Anu perlu mah supaya wangun ěta kalangkang jadi narik ati tah didinya dipentěs gawěna desain krěatif.

Ciri khas Jawa Barat anu mindeng dipakě diantarana gambar Gedong Satě, kujang, kacapi atawa angklung. Padahal loba kěněh barang sějěn anu pantes dikahareupkeun saperti kělě, lodong, kolanding, boboko, aseupan jste. Dihenteu-henteu gě ěta těh ngabogaan ajěn seni lamun pinter ngolahna ku kaparigelan desainer grafis.

Hal sějěn anu bisa “dijual” nyaeta basa Sunda, lamun di Bali aya Joger anu ngaku dirina pabrik kata-kata, kapan ěta ngan sakadar ngajual basa Indonesia. Asana basa Sunda gě bakal payu lamun dijual, ngan meureun kudu pinter ngimeutan keur saha payusna. Kacapangan ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup…ěta kabogoh abdi atawa nyieun anu leuwih sederhana samisal …Lenggik euy…! Tuluy digambaran anu hadě, naha ku anu gembrot atawa ku nini nini kundang iteuk, meureun bakal narik keur barudak ngora lalaki. Ceuk pangrasa anu jadi narik ati těh ěta palebah murwakantina. Keur barudak rumaja awěwě bisa bae nyieun tulisan Terong pěot saboboko, lumayan coěl-coěleun, koboy gondrong nongtot lěho lumayan toěl-toěleun.. Ngan omat nyieun tulisan siga kitu těh ulah nepi ka dianggap ngaruksak basa Sunda, siga paribasa anu unina Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok kapan osok dituluykeun ku kecap-kecap tai cakcak dina huntu laun laun gě dilebok, eta mah ngan sakadar heureuy anu murwakanti, padahal kapan harti anu sabenerna mah awahing ku leukeun laun-laun jadi bisa.

Pikeun anu resep kana kritik sosial bisa baě dijieun anu unina Buruk-buruk papan jati, nu korupsi buru-buru ganti atawa mipit teu amit ngala teu menta, korupsi amit-amit, aya deui saperti elmu tungtut dunya siar hadě turut goreng singlar, mun korupsi burut. Kecap kecap kitu teh loba asal daěk leukeun ngotěktak tina khasanah budaya Sunda. Enya ditepikeunana siga anu bari heureuy atawa siga guguyon, tapi kapan urang Sunda mah resep heuruey, resep guyon. Anu kacida diperlukeun mah kumaha ngadumaniskeun antara těks jeung desain grafis nepi ka ngeunah katingalina.

Conto conto desain grafis dina internět kacida lobana, ngan hanjakal ěta mah leuwih museur ka hasil karya ti luar nagri, lamun kitu teu salah ngamimitian deui ngotektak tina buku buku Sunda nu aya di perpustakaan atawa rumah baca. Ceuk lěgěgna mah ekonomi industri kreatif mikabutuh kamampuh mikir, dimimitian ku mikir anu literal anu saterusna ngamuara kana mikir metaforikal.

Lamun nengetan saliwatan hasil industri krěatif nu geus nyampak, mindeng kapireng nogěncang dina detil, lamun ditingali ti kajauhan siga nu alus, tapi lamun dideukeutan bari gemet ditingali sok mindeng kapanggih kurangna, boh ngaput anu asal jadi, atawa gambarna lělěwoděh. Sari gunung těa meureun. Alusna hal kitu těh dipahing pisan keur ngajaga kualitas.

Hal sějěn anu aya pakaitna jeung industri krěatif lain baě ngan dina produk těkstil tapi aya ogě nu sějěn, sabangsa hasil krěatif tina logam. Geura sok něangan panyapit dasi anu wangunna kujang, asana moal manggih, komo dina wangun lodong, kělě mah jajauheun. Tong boro panyapit dasi, gantungan konci wě geus hěsě, lolobana kalah produk ti luar. Tatakan gelas upamana, bet gambarna kalahka London Bridge, Big Ben, ari ditingali geuning made in China. Padahal yakin pisan urang gě bakal mampuh ari nyieun tatakan gelas anu gambarna Gunung Tangkuban Parahu mah. Tempat ngajualna di Jawa Barat mah miskin pisan art shop, toko husus anu ngajual peperenian budaya Sunda. Keur kamasan (tukang nyieun barang tina emas) atawa gending (tukang nyieun barang tina kuningan) tangtu babarieun ari ngan sakadar nyieun panyapit dasi mah. Ngajualna nyaeta perlu art shop těa, boh anu aya di unggal hotěl atawa anu mandiri.

Kitu tah sisi sějěn tina industri kreatif kaos anu bisa silih eusian jeung kaahengan budaya lokal (Sunda). Kapan ceuk běja mah industri krěatif těh bakal jadi lahan andelan pikeun kahirupan ekonomi kahareupna, malah aya nu nyebutkeun industri krěatif těh jadi motor ěkonomi gelombang kaopat, sanggeus ěkonomi gelombang katilu nyaěta industri informasi jeung těknologi. Cag.

MAMAT SASMITA

Nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda.

(Dimuat dina Majalah Cupumanik No. 55 Pebruari 2008, Redaksi Cupumanik tos terangeun versi basa Indonesia dimuat dina Kompas Jabar 17 Januari 2008)

1 comment:

kuprit said...

aduuh, saya aseli Jogja ni Kang, kagak paham bahasa Sunda, ora ngerti,
tapi boleh juga Kang terbitin Kamus Jogja-Sunda, atau bikin Kaos Sunda yang lucu-lucu, tukeran sama Kaos Jogja yang kreatif dan plesetan abiss..he..he..semangat Kang..