17 February 2008

Perkara Pilkada(L)

Ku : Mamat Sasmita

Ieu mah rek ngobrolkeun kuring salaku Ketua RT di padumukan, kulantaran jadi Ketua RT tea, nya kuring meunang parentah ti Ketua RW, sangkan neangan warga anu daek jadi anggota Panita TPS. Kapaksa atuh pasosore nguruling bari diimpleng saha kira-kirana anu bakal daek jadi panitia. Dina implengan teh rek neangan nu ngarora we ambih dina sagala rupa hal teh teu kudu nu kolot bae. Memeh prung tepung jeung nu diajam, patepung jeung ibu-ibu, biasa silih tanya samemeh nepikeun pamaksudan, ngobrol sabulang bentor, nya saterusna nyebutkeun pamaksudan, na celengkeung teh salah saurang ibu-ibu ngomong “Walah Pa na nu kitu bet diurus, nu rek jadi gubernur mah saha bae ge teu karasa bedana”. Kuring sakedapan mah ngahuleng, aya benerna eta ucapan teh. Secara pribadi da heueuh horoream rek pipilueun dina pilkada teh, ngan ieu katulah pedah jadi Ketua RT. Meureun kumaha kasebutna ongkoh jadi Ketua RT tapi teu nguruskeun. Tungtungna kuring ngajawab "Ibu ari milihna mah teu langkung ibu, bade milih KADAL nu mana teu langkung ibu, abdi mah milarian teh barudak nu daekeun jadi panitia TPS..."
Si Ibu nanya deui : “…naha disebat KADAL..?” .Ari jawaban kuring : “Lantaran sanes KADAA, KADAL teh Kepala Daerah Lalaki, lantaran calona teu aya ti awewe, mun aya mah awewe nya disebat KADAA, Kepala Daerah Awewe..” dikitukeun mah si ibu teh seuri.

Tah palebah neangan keur panitia tea, enya rada hese, biasa loba alesan tea, tapi ku kitu ku kieu meunang oge duaan nu daekeun, barudak ngora keneh.
Dina rapat RW, RT kuring bareng jeung hiji RT nu sejen, jadi sa-TPS, panitiana kudu aya tujuhan, atuh kapaksa kuring ge jadi salah saurang panitia. Ceuk kuring ka Ketua RT nu sa-TPS, mangga we limaanana kanggo RT didinya..., behna mah sarua hese geuning neangan keur panitia TPS teh.
Dina rapat RW teh dibahas hal nyieun TPS, enya hayang alus hayang merenah jeung tumaninah utamana keur nu milih, boh diukna boh tempatna, sahenteuna kudu make tenda ambih teu panas atawa bisi hujan.

Tah palebah waragad, bet ngojot lantaran Ketua RW teh ngabejaan ceuk ti dituna ge can aya waragad, can kanyahoan bakal sabaraha keur nyieun TPS, duka teuing ketua RW teh meunang beja timana, teuing ti Lurah teuing ti Camat teuing ti KPU. Padahal geus diitung keur Satpam, keur sewa tenda, sewa korsi jste. Kuring embung ari kudu ngarorod kas RT mah, teu pantes, ngeunah ehe teu ngeunah eon.

Sok sanajan kitu da meureun Pilkadal teh kudu jalan, nya kapaksa we rek neangan imah tatangga anu daekeun katempatan bari sakalian daekeun mere susuguh keur panitia, da meureun nginum bae mah kudu, panitia TPS juga manusia…!!

Ieu mah ngabanding-banding, pedah ngadenge beja ngung ngeng tiditu tidieu, cenah hayang jadi KADAL teh kudu ngaluarkeun duit saanu, tapi ari keur nu digawena (ngarasa digawe teh pedah we rek jadi panitia TPS) mah geuning simanahoreng, enya beda sumber tea mah tapi pan lain kitu, ningali tidinya ge geus kagambar kumaha pasengsolna. Enya hak maranehna para calon KADAL ngaluarkeun duit mah masing rek satelebug oge atawa sakumaha ge, pek teh teuing, mana kitu ge meureun geus beunghar, geus loba duit teu kawadahan. Nu dipahing teh apan lamun ngancokeun kudu kagantian duit nu geus dikaluarkeun tina ladang boga jabatan. Tapi ketah da geus sabiwir hiji boga jabatan KADAL teh gegedena mah nyiar kipayah lain amanah. Nyiar kipayah tea atuh bari suku tetejeh. Ngan keur sakuringeun mah rek husnudzon we, sugan we aya berekahna, pan manusa mah kalan kalan keuna ku owah gingsir, kalan kalan jadi bener, tah benerna ieu nu dipiharep teh, nu owah gingsirna mah jauh kaditu ka sayang tetelo.

Nulis kieu teh sugan we di Kusnet aya nu jadi bobotoh salah sahiji calon KADAL, heug pangnepikeun gerentes hate ti Ketua RT nu kapapancenan ngurus panitia TPS, lamun tea mah jadi bobotoh tapi teu bisa nepikeun hiji sora siga kieu, meureun kasebutna bobotoh periferal, bobotoh kanan luar, atawa bobotoh kiri luar anu jauh kana gawang.

Aeh enya basa keur rapat di RW kuring nampa SMS ti hiji ibu-ibu, da palebah handap dina SMSna nyebutkeun ti ibu anu, nanyakeun buku Panggelar Budi, ku kuring teh dijawab aya mung punten abdi teh nuju rapat di RW perkawis ngadamel TPS kanggo Pilkada, na atuh jawabanana teh " Eta ku kersaan, abdi mah ngurus Pilkabe ge teu beres-beres..." ku kuring teh dijawab deui da ibu mah nuangna disamualkeun, jawabanana deui "hih puguh hiji, da dua sakaligus mah moal lebet bilih merepet siet..". Bedul teh.


Tulisan ieu dikecemplungkeun ka milis urangsunda@yahoogroups.com, tuluy disarungsum ku Kang Cecep Burdansyah diasupkeun kana Tribun Jabar rubrik Coffee Break poe Minggu 17 Februari 2008

No comments: