22 February 2008

PAMERAN BUKU SUNDA

Ku : MAMAT SASMITA


Lamun diitung-itung ngiluan pameran buku Sunda teh geus opat kali. Nu munggaran pisan basa aya acara Buku Bandung di Gedong Indonesia Menggugat. Mimitina mah diajak ku Deni Rachman, nu ngokolakeun Lawang Buku, nyaeta distributor buku leuleutikan. Harita teh nyanggupan we, da rarasaan mah teu matak hese, atuh materi anu dipamerkeun geus nyampak, rohangan dibere kalawan teu ngahiji jeung anu ngajual buku. Eta teh taun 2006 asana mah bulan April ngan poho deui tanggalna, diayakeun 3 poe, jeung deuih fotona euweuh.

Hartina pameran didieu teh enya-enya pameran, mamerkeun buku-buku basa Sunda, lain pameran anu sakaligus ngajualan buku. Tujuanana mah kahiji atuh ngawanohkeun Rumah Baca Buku Sunda, kaduana mere iber yen aya keneh buku basa Sunda tur aya nu macana, lain rek lelegegan ngan ieu mah ngilu we kana kagiatan siga kitu. Soal aya nu nga-apresiasi eta hak nu lalajona, mangga teh teuing.

Pameran anu kadua nyaeta basa dina acara mieling poe basa indung, tanggal 21 Pebruari 2007, diayakeun di Aula Unpad Dipati Ukur. Ieu kagiatan ngadeudeul kagiatan ti PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) anu gawe bareng jeung Unpad jeung Disbudpar Jabar. Buku anu dipamerkeun ge kawilang lengkep, ti sastra anu heubeul tug nepi ka anu anyar, teu katinggaleun buku buku sejen kayaning kamus, carita pantun jste. Kuring kaasup jadi panitia pameran.

Resep ngiluan kitu teh, loba papanggih jeung nu sejen. Para pangarang Sunda atawa pemerhati budaya kaasup para pangajar boh guru boh dosen.

Pameran katilu basa milangkala Ajip Rosidi anu ka 70 taun, tanggal 31 Januari 2008, di Aula Unpad Dipati Ukur. Kuring ge kaasup panitia, biasa we panitia pameran. Dina ieu pameran mah lain bae buku Sunda tapi buku basa Indonesia, ngan sakabehna buku karya Ajip Rosidi. Dijumlah jamleh aya kana 120 buku anu dipamerkeun. Enya Ajip Rosidi teh pangarang anu kacida produktifna, lamun diitung-itung meh dua kali nyieun buku dina sataunna. Eta teh encan surat-surat anu ngabadeg. Da Ajip Rosidi mah nyieun surat ge diarsipkeun tuluy kalan-kalan diterbitkeun pikeun dibaca ku balarea.

Nu kaopat ngilu pameran teh tanggal 21 Pebruari 2008, acara ieu ge tetep mieling poe basa indung, anu diayakeun ku PPSS, Unpad Jeung Disbudpar Jabar. Dian ieu pameran digelar teh ngan media basa Sunda, anu kungsi medal jeung anu aya keneh dikieuna. Teu loba ukur 70 majalah, koran, atawa buletin.

No comments: