11 February 2008

Ngiangkeun Peti Ka Kabuyutan Ciburuy.

Ku : MAMAT SASMITA

Rebo tanggal 6 Perbruari 2008, mobil nyemprung ti Bandung ka Ciburuy Garut, teu lobaan ngan ukur opatan jeung supir, da ditukang mah pinuh ku peti, jeung deuih di Garut aya nu rek milu.

Kuring, Kang HW, Mang Jamal jeung Aki nu nyupiran. Di garut nu rek ngilu teh Kang Darpan. Lantaran teu eureun jeung teu pungkal pengkol heula, eureun teh di Gordah Garut di bumina Kang Darpan.

Enya ngirim peti teh rada elat, pedah eta rada pakepuk ku cicing, cicing ngahuleng dihareupeun komputer. Kuduna ngirim peti teh sabulan katukang, da geus rada lila ngabagug di imah.

Nepi ka Ciburuy teh kira-kira tabuh sabelas, miang ti Bandung tabuh salapan isuk-isuk.

Di Kabuyutan Ciburuy, keur rame da keur sasadiaan rek aya upacara Seba peutingna, di dapur di imah Patamon loba anu keur nyieun asakan.

Sanggeus papasrahan peti ka Ki Kuncen, bari ditepikeun yen eta peti teh katineung ti warga Kusnet ( Komunitas Urang Sunda di Internet), beunang rereongan tur dijieunna di Madiun dijeujeuhkeun ku anggota Kusnet nu aya di Madiun, Kang Ukas.

Ki Kuncen nganuhunkeun pisan kana katineungna, ceuk inyana mugia jadi kahadean kanggo urang sadayana.

Eta ngangseu melengsengna seungit wajid gegeplak, matak uruy, didinya keur ngalayah aya wajit, diwadahan keneh kana nyiru, can dikeureutan, aya ulen, jeung bubuahan.

Anu ngalayah teh deuih barang barang keur kalengkepan upacara Seba, aya nu disebut tali datuk, sawen, kampuh, tutup said, rompe, parukuyan jeung eunteung. Parukuyan didieu mah lain wadah paranti nyeungeut menyan, tapi wawadahan tina daun kawung anu ngora keneh. Sakabeh eta barang teh dijieunna tina daun kawung.

Tah Ieu gambar-gambarna. Hanjakal neangan koordinat lokasi Kabuyutan Ciburuy teu kapanggih tadina mah hayang bisa nuduhkeun dimana Kabuyutan Ciburuy ayana dina Google Earth.

Mulang deui ka Bandung teh kira-kira tabuh tilu kasorenakeun, lain teu hayang nyaksian upacara Seba, tapi kumaha atuh, teu aya persiapan rek meuting, jeung ongkoh deuih Kang HW aya kaperluan tabuh tujuh peuting.

No comments: