01 February 2008

WILUJENG 70 TAUN KANG AJIP,….PARANTOS TUANG ?

Ku : MAMAT SASMITA


Rék ngabasakeun akang wé ka Pa Ajip Rosidi téh, atuda umur mah teu ganjor teuing bédana, pira gé béda 14 taun.

Tapi kétah 14 taun téh kaitung ganjor, geura wé Kang Ajip geus di SMP geus tulas tulis dina Suluh Pelajar ari kuring kakara borojol. Kang Ajip mah dina umur 16 taun téh geus ngilu Kongrés Kebudayaan ari kuring keur léléngkah halu.

Apal ka kang Ajip téh geus ti béh ditu mula, lain apal pédah sok pajonghok, tapi apal tina buku karya-karyana. Kakara ka béh dieunakeun sok tepung teh sanggeus kuring mindeng ulin ka Penerbit Kiblat atawa ka Majalah Cupumanik. Taun 2003 harita teh, basa Kiblat jeung Cupumnaik masih di jalan Karawitan kénéh. Kitu gé panggihna tara mindeng, dina sataun téh ukur sakali dua kali. Ongkoh kapan Kang Ajip sabada mulang ti Jepang téh jadi resi di Pabélan, di Tanah Jawa, ari kuring dumuk di Bandung.

Naon rupa hal ku Kang Ajip mah ditulis. Geus puguh ari sual sastera jeung budaya mah boh sastera jeung budaya Indonésia atawa Sunda. Nulis surat gé dikumpulkeun tuluy dicitak jadi buku, tapi kétah sanajan surat gé da eusina mah lain baé surat pribadi tapi loba anu nyaritakeun hal masyarakat. Sigana anu encan ditulis téh éta hal karesepna kana barang tuang, apan ayeuna téh yuswana kakara 70 taun, tapi kana barang tuang mah katingalna teu aya pantranganana.

Enya rada hésé rék tulas tulis hal kang Ajip téh, atuda ari rék mesék hal karyana, tangtu éta mah geus ditulis ku anu séjén, rék nulis hal kawanina dina tulas tulis éta gé tangtu geus ku batur anu leuwih dalit jeung nyaho kana ketakna, jeung deuih tangtu dina nulisna leuwih tapis. Nu matak aga eugeu rék trét nulis téh, hal naon atuh.

Hiji mangsa dina bulan Agustus 2007, kuring keur ulin ka rédaksi Cupumanik, papanggih jeung Kang Dadan Sutisna, rédaksi pelaksana Majalah Cupumanik, teu pupuguh jol ngobrolkeun hal karesep Kang Ajip kana barangtuang. Lakadalah ieu wé ah anu rék ditulis téh hal Kang Ajip resep barangtuangna. Nuhun Kang Dadan kana idena.

Ras inget basa acara basa ngabubarkeun panitia Kang Ajip nikah emas, da kuring gé harita téh jadi anggota panitia, ngan rumasa wé dina kapanitiaan teu loba gawé teu loba hadir, nu jadi alesan mah harita téh kuring keur gawé kénéh, can pangsiun siga ayeuna.

Inget kénéh basa acara ngabubarkeun panitia téh di Rumah Makan Gentong di Jl Tubagus Ismail Bandung. Harita teu pati ngawas-ngawas kumaha ngalimedna Kang Ajip tuang, keur mah diuk téh rada anggang, katambah apan kuring gé sarua keur barang dahar jadi teu ngawas-ngawas ka anu séjén. Ngan kareungeu wé sababaraha kali Kang Ajip nyarios pajarkeun téh anu ni’mat mah basa dahar di anu di anu, éta mani lancar kitu, jeung apal deuih patempatanana. Ngan kuring poho deui naon baé kadaharan anu ditataan, kitu deui patempatanana, da harita mah nu kadéngé ukur saliwat saliwat jeung can aya maksud arék ditulis.

Saterusna kukulibekan néangan référénsi hal Kang Ajip resep kana barang tuang, boh dina buku boh ngilikan dina internét, sugan wé manggih, tapi weléh teu manggih, aya éta gé dina salah sahiji buku beunang Kang Ajip, tapi poho deui naon judulna, biasa ari ditéangan mah sok hésé kapanggih, nyaritakeun hal tukang cikopi tapi da lain resep kana cai kopi tapi tempat éta tempat kumpulna para pangarang nu sok reureujeungan jeung Kang Ajip.

Antukna kuring teu rék neangan tina buku citak mending gé néangan ti anu boga pangalaman dahar bareng jeung Kang Ajip, nyaéta nu kungsi deukeut jeung ngilu bareng barang tuang jeung Kang Ajip.

Nya aya anu diimpleng téh jeung kira-kira bakal ngarti kana karesepna Kang Ajip barangtuang, nu puguhna nya Ceu Empat, istrina Kang Ajip jeung Mas Sarif nu sok nyupiran mobilna Kang Ajip, urang Pabélan. Saméméh ka Pabélan nepungan Ceu Empat jeung Mas Syarif, rék manggihan heula anu aya di Bandung.

Nu di Bandung mah moal jauh-jauh iwal ti nu aya di Penerbit Kiblat jeung Majalah Cupumnaik. Supaya teu togmol teuing ngawangkongna perkara kasedep Kang Ajip kana tuangeun nya maké pola rerencepan, ukur ngobrol bari dicatet saeutik saeutik tina pangalaman nu araya di Bandung.

Upamana Kang Hijar salah saurang staf rédaksi majalah Cupumanik, nyaritakeun yén porsi tuangna Kang Ajip mah luar biasa badag. Sigana kituna téh kulantaran Kang Ajip remen saum anu disebut puasa Daud, puasa heuleut sapoe. Tah palebah teu saumna atawa pas buka sok leuwih loba barangtuangna. Tapi ari saur bade saum mah teu kudu tuang seueur ku cai hérang sagelas gé cukup.

Lamun asup ka restoran di daerah Jawa Barat heug pelayan restoran téh ngomong ku basa Indonesia, Kang Ajip mah sok tuluy negor atawa nanya naha teu bisa ngomong basa Sunda, lamun dijawab ku basa Sunda jeung satuluyna ngomong basa Sunda, ku Kang Ajip sok dipuji, tuh ari nyarita ku basa Sunda mah kacirina beuki geulis mun ka awewe atawa beuki kasep mun ka lalaki.

Kalan-kalan ningali kitu anu ngilu ka Kang Ajip sok bareuheudeun, biasana anu sok surti téh Kang Hawe, pamingpinan Rédaksi Cupumanik, inyana mah sok miheulaan nyanmpeurkeun pelayan, komo lamun pelayanna geulis mah, nanyakeun menu téh Kang Hawé sok ku basa Sunda, geus aya bubuka kitu mah tuluy ka Kang Ajip.

Lain deui carita Kang Atep Kurnia, staf pemasaran Kiblat Buku Utama anu sok nulis hal budaya Sunda, basa ngilu ka Kang Ajip néangan sangu liwet. Miang ti Bandung téh kira-kira tabuh sapuluh beurang, saur Kang Ajip “hayu ngilu ka Akang urang dahar sangu liwet…”, sugan téh rék di sabudeureun Bandung wé na na atuh ari belecet teh ka Nagreg, palebah jalan cagak mengkol ka kénca ka jalan anu ka Tasik, palebah Paslon eureun nya didinya sisi jalan beulah kenca aya warung sangu liwet Asép Strowbery.

Éta wé atuh pira gé néangan tempat dahar, apan di kota Bandung oge sakitu lobana, tapi lantaran aya kahayang siga nu teu bisa dipungpang sanajan anggang ge ditéang. Brak barang dahar sangu liwet, menuna mah biasa wé aya lalab rumbah, aya pais hayam, aya pais lauk, peda beureum jeung sambel. Ngalimed, sagala diasaan. Enyaan Kang Ajip barangtuangna teh euweuh pantrangan. Bérés tidinya terus mulang deui ka Bandung, nyimpang heula ka sobatna, nepi ka Bandung téh méh ampir magrib, atuh geus meujeuhna tuang deui baé.

Sakali mangsa Kang Ajip rék ngeusian acara di radio Antassalam Bandung, mun teu salah bareng jeung Kang Dipa, pangarang Sunda nu ngora kénéh, méméh nepi ka studio radio, di jalan di Antapani ningali tulisan “Martabak Jepang Asli”, didinya nyipang heula, éta cenah kataji ku tulisannana, da ceuk pangrasa Kang Ajip asa can kungsi manggih martabak di Jepang, padahal di Jepang téh puluh taun lilana.

Martabakna mah biasa wé ngan aya rupa-rupa rasa, sanajan rada lila ngadaoan nepi ka asakna, teu ieuh kesel da meureun panasaran. Enya kapan di Bandung mah martabak téh sok aya nu dimérekan rupa-rupa aya martabak Holland, martabak San Fransisco. Martabakna mah kitu kénéh kitu kénéh, teu béda jeung martabak amis anu di sisi jalan, kalan-kalan sok disebut terang bulan pédah buleud linyih siga bulan keur tanggal opat belas. Éta ge meureun disebut martabak Jepang asli téh lain teuing martabak urang Jepang, dingarananana wé kitu, ambih béda jeung batur, teu béda ti martabak anu dingaranan Holland atawa San Fransisco kapan éta ge lain hartina martabak anu asalna ti Holland atawa ti San Fransisco.

Ceuk Kang Hawé, enyaan Kang Ajip mah sagala bres, éta we ngahenggoy baso Akung nu di jalan Lodaya Bandung, baso anu sakitu cikruhna ku gajih hih da teu paur paur, apan loba kasebutna dina umur sakitu mah sok rada pipilih, komo kana gajih mah ceuk beja bisi kolestrol tinggi, da ieu mah nyuruputna teh ni’mat pisan. Enya deuih ceuk Kang Hawé ge porsi Kang Ajip mah porsi gembul, jadi teu salah teuing lamun Kang Hijar nyebutkeun porsina luar biasa badag.

Nyaté di Jalaksana di Kuningan, Kang Ajip mah kalandep pisan, malah kungsi ceuk Kang Dadan, cenah harita tujuan téh rék ka Majalengka tapi kudu mengkol heula ka Kuningan ngajugjug ka Jalaksana. Padahal kapan mengkol téh kudu jauh deui.

Pa Embas anu ngadongéng téh saurna mimiti wawuh ka Ajip taun 1956 basa Kongres Pamuda Sunda, kitu wé mimitina mah silih wanohkeun satuluyna jadi sosobatan manjang nepi ka ayeuna. Pa Embas téh nami lengkepna mah Embas Suhérman, yuswana ayeuna tos 78 taun, langkung sepuh batan Kang Ajip, kalungguhanana jadi salah saurang pangurus PSS (Pusat Studi Sunda).

Ngalalakonkeun sok babarengan leuleumpangan jeung Kang Ajip dina taun genep puluhan, saurna ari di kota Bandung mah kaditu kadieu teh mimindengna sok leumpang boh rek Dago boh rek ka Parung Halang Dayeuh Kolot, lamun keur hujan, Citarum keur gede caina, sok kana érétan, lamun keur leutik cai mah sok ngaraas wé meuntas Citarum téh, kukucuprakan.

Ceuk Pa Embas, Ajip mah apal tempat-tempat anu jualan kadaharan anu ngeunah, siga bubur atawa és campur di Cikapundung Bandung. Kitu deui kana baso, duka baso tahu duka baso daging nu baruleud di Tegalega. Lamun Ajip boga duit nya kitu we sok ngajak nu aya harita, da sigana tara mikir keur isukan, isukan mah keun wé kumaha isukan deui.

Ceuk Pa Embas anu tara téh kana comro, duka kunaon éta téh, padahal kana gorengan nu séjén mah osok saperti goréng tahu, goreng témpé, goréng cau, saperti goréng-goréngan anu di Cikawao Bandung. Nu teu pati dokoh téh kana lalab-lalaban deuih, ari kana loték mah osok. Malah upama aya di Cupumanik sok netraktir, mangmeulikeun loték keur saréréa nu aya di dinya. Malah nu sok ngincigna Téh Lia, nu ngurus pabukon PSS, loték kasedepna prah wé jeung batur, teu ménta béda ngabungbuan atawa ménta leuwih lekoh, loték biasa wé deuih lain lotek atah. Lotek anu dipikaresep teh lotek Paranti nu aya di jalan Cilentah Bandung.

Katingalina barangtuangna teu pati robah ti keur jaman keur ngora kénéh tug nepi ka ayeuna, kitu wé sagala bres. Aya kétah robahna saeutik nyaeta kana saté, ayeuna mah rada ngawatesanan, ukur colak colek ka nu aya, ceuk Pa Embas mah geus béda tugasna ayeuna mah ari urang tugas ngadaharna, tugas Ajip mayarna. Pa Embas jeung kang Ajip mah lamun ngobrol téh sok hog hag ku basa lancaran, kecap silaing jeung déwék teh biasa. Ceuk Pa Embas, ngobrol kitu téh ti keur ngora kénéh, lain hartina kasar tapi bakat ku geus loma.

Basa dina bulan Agustus 2007 poe Jumaah tanggal 24, kuring nampa béja ti kang Rachmat Taufik Hidayat, diréktur penerbit Kiblat, Kang Ajip ka Bandung, saméméh jumaahan geus aya di PSS di Kliningan Bandung, atuh kuring gura-giru muru ka Kliningan. Énya we jam sabelas téh kang Ajip ngurunyung kabeneran deuih Ceu Empat gé aya, atuh asa mobok manggih gorowong, kuring atoh kabina-bina, supirna deuih Mas Sarif gé aya.

Bada jumaahan, kakara salsé ngobrol jeung kang Ajip, ceu Empat malah Pa Embas gé aya, bari ngahenggoy loték, hanjakal kuring mah teu ngiluan ngahenggoy loték pédah éta basa kaluar ti masjid tas jumaahan ningali nu dagang lontong kari, atuh habek wé kana lontong kari béak sapiring. Ceuk haté ih geuning enya mun ka Kliningan téh Kang Ajip mah sok tuang loték, paingan ceuk Téh Lia atuh.

Saméméh nu meuli loték ngurunyung, kuring sempet ngobrol jeung Ceu Empat di dapur di Kliningan, harita aya sababaraha urang nu ngilu mairan, kuring nanya ka Ceu Empat, kumaha barangtuangna Kang Ajip, saur Ceu Empat ah biasa we teu hese, teu loba kahayang. Ngan aya pola anu disebut food combining, sabenerna menu food combining teu béda jeung menu urang sapopoé, ngan rada dipisahkeun cara ngadaharna, saperti ngadahar sangu (karbohidrat) ulah jeung sumber protein (daging, lauk). Anu alus mah kombinasi sayur jeung karbohidrat, sayur jeung protein, pola kitu teh geus lila dipaké ku Kang Ajip. Anu rutin dina sasarap isuk-isuk nyaeta ku jus buah-buhan, malah lamun ka réstoran oge pesen jus buah-buahan mah tara kalawit, kalan kalan sok pesen dua gelas, kitu ceuk sumber séjén.

Salila di Jepang, sapopoé gé da masakan Indonésia wé seringna mah, teu nu séjén-séjén, jeung ongkoh deuih sok loba tamu anu resep kana masakan Indonesia. Kitu deui salila di Pabélan, Kang Ajip barangtuangna teu robah. Kuring nanyakeun ka Ceu Empat kumaha upami kana sampeu atanapi hui, saur Ceu Empat tah kanu kitu mah dolog, kana sampeu kana hui biasa, hui boled lain hui kumeli. Kuring nanyakeun deui naha Kang Ajip osok nyesep, ceu Empat langsung ngajawab tara pisan, malah teu resepeun ka anu sok ngaroko teh, kitu deui kana cai kopi tara pisan. Matak teu anéh lamun Kang Ajip katingali jagjag lantaran enya-enya ngajaga awak supaya ulah keuna ku panyakit anu dibalukarkeun tina kadaharan. Perkara kaséhatan ceuk Kang Ajip saperti anu ditulis dina Manglé nomer 2132 ahir bulan Agustus 2007, pikeun muguhkeun cageur henteuna hiji panyakit henteu gumantung kana rarasaan, tapi percaya kana hasil pamariksaan laboratorieum. Kang Ajip dina nyanghareupan hiji panyakit anu karasa osok ka pangobatan cara tradisional, boh ka tukang urut atawa jamu, tapi teu mopohokeun ku cara medis, ka dokter umum atawa ka dokter spesialis, malah leuwih percaya ka dokter, da ari ka tukang urut mah apan disebutna ge alternatif, ngan sakadar nyoba-nyoba.

Kakara bisa ngobrol jeung Kang Ajip téh nya waktu keur ngahénggoy kana loték, kuring teu pati loba tatanya da keur barangtuang téa, tapi kuring konfirmasi naha enya Kang Ajip teu resep kana comro, jawab Kang Ajip ngaenyakeun jeung ditambahan ku kecap naon atuh ngeunahna comro. Pa Embas harita mairan nyebutkeun Kang Ajip teu dokoh kana lalab-lalaban, Kang Ajip nambahan enya teu pati loba dahar lalab tapi ngeunah dahar lalab téh lamun aya tespong jeung sambel oncom, tapi lantaran teu pati resep kana lada, sedengkeun ari lalab mah apan padu-na jeung sambel.

Kuring nepungan Mas Sarif di dapur keur cecelebekan kana loték, nanyakeun lamun perjalanan ka Jakarta ti Bandung, sok nyimpang barangtuang dimana, mas Sarif teu bisa ngajawab kalawan pasti sabab mimindengna ka jalan tol Cipularang. Osok eta gé sakali-kalieun nyimpang heula ka réstoran sisi jalan tol, réstoran tempat pangreureuhan.

Lamun ka Pabélankeun mimindengna mah reureuh bari barangtuang téh sok di réstoran Sunda baé. Ari di réstoran mana-manana mah tara pasti, ngan sok geus diajam saméméhna, jadi lamun geus waktuna barangtuang téh pas di tempat anu geus diajam saméméhna téa. Mas Sarif nyebutkeun ari kana barangtuang mah sok tepat waktu, tara nepi ka kapopohokeun, kumaha lamun anu diajam saméméhna kaliwat naha osok balik deui ceuk kuring nanya ka Mas Sarif, ah tara jeung can kungsi kudu balik deui, geus kaliwat mah nya enggeus we, milih deui réstoran anu bakal kaliwatan kitu katerangan ceuk Mas Sarif.

Ceuk Mas Sarif kénéh Kang Ajip anu sok tepat waktu deui téh nyaéta ngalakonan kawajiban solat, malah Mas Sarif nyebutkeun lima waktu solat téh kurang kénéh da Kang Ajip mah jadi tujuh, nyaéta ditambahan ku solat duha jeung solat peuting, solat tahajud.

Kombinasi anu kacida alusna, antara kabutuhan énergi lahir jeung énergi batin, duanana dilakonan kalawan tigin, tepat waktu keur barangtuang jeung tepat waktu keur ibadah.

Ka Ceu Empat gé ditanyakeun naha enya Kang Ajip barangtuangna kaasup gembul, Ceu Empat nyebatkeun henteu gembul, biasa we, saluyu jeung takeran. Sabenerna kuring téh konfirmasi lantaran aya nu séjén nyebutkeun Kang Ajip mah barangtuangna gembul. Boa boa, barangtuangna Kang Ajip lamun leupas tina “pengawasan” Ceu Empat bener jadi gembul. Tapi keun wé ah perkara gembul mah, da meureun éta mah hasil paniténan séwang-séwangan, boga pamadegan séwang-séwangan.

**

Ka imah kuring sok datang budak ngora, nu resep kana buku Sunda, manéhna mah “memproklamirkan” yén dirina koléktor buku buku karangan Kang Ajip, lamun mireng aya buku naon baé asal karangan Kang Ajip anu rék dijual pasti diudag. Dina bulan ieu kuring panggih jeung manéhna, ku kuring ditanya sugan we kungsi maca dina bukuna Kang Ajip aya hal anu nyaritakeun perkara barangtuang, manéhna ngahuleng rada lila tuluy godeg, teu acan kangsi maca cenah.

Pangna kuring nanyakeun téh sugan we atuh manéhna leuwih telek macaan buku buku karya Kang Ajip, jeung sugan kungsi maca anu aya sangkut pautna kana dahareun.

Kuring nanya deui kungsi henteuna tepung jeung Kang Ajip, jawabna osok upami aya di Bandung mah, sababaraha kali tepung bari sakalian nandatangankeun buku-buku karyana Kang Ajip. Ku kuring ditanya deui kungsi henteuna dahar bareng jeung Kang Ajip, jawabna can kungsi, ceuk kuring bari rada heureuy atuh sakali-kali mah bari nandatangankeun buku téh bari ménta diajak dahar bareng. Eta budak ngora téh ukur ngabéléhém, ngaranna Didin, urang Pangandaran nu geus lila di Bandung. Tapi waktu ditanya kunaon pangna jadi koléktor buku karya Kang Ajip, jawabanana mani ngagorolang. Ceuk Didin, Kang Ajip téh manusa Sunda anu can aya nu mapakan, boh karyana boh ketakna, lamun nu ngaku urang Sunda nepi ka teu kungsi wawuh kana karyana asa kacida teuing. Urang Sunda kudu reueus ku ayana Kang Ajip, panghargaan ka Kang Ajip kuduna lain ngan sakadar ku ucap, tapi kudu ku bro-na ngadeudeul kagiatanana. Kagiatan Rancagé misalna, bet rada paur, lamun téa mah Kang Ajip teu aktif deui, naha geus aya nu bakal nuluykeun, anu sakuat Kang Ajip, asa can katoong saha-sahana. Ngoleksi karya-karya Kang Ajip téh sabagé panghargaan ka Kang Ajip, da kakara kitu anu bisa dilakonan, ari kudu leuwih ti kitu mah can bisa. Sabenerna pamaréntah Jawa Barat gé kudu ngadeudeul kana kagiatan Kang Ajip, utamana Hadiah Sastra Rancagé. Ceuk Didin kénéh, Kang Ajip pantes pisan nampa Anugrah Budaya ti BACC malah kuduna mah nampa panghargaan anu sifatna nasional malah panghargaan internasional gé pantes, Kang Ajip téh picontoeun keur nu ngarora, ku tekun maca tur tabah kana nulis, hasilna matak mucekil sanajan teu kungsi sakola formal di paguron luhur. Kuring nu gadéngé omongan Didin, unggut-unggutan, satuju pisan. Sugan wé atuh Din pamadegan Didin téh jadi luang keur barudak ngora urang Sunda séjénna, jeung deuih sugan wé hiji waktu mah Didin diajak dahar bareng ku Kang Ajip.

**

Dina tanggal 6 September 2007, kuring kabiruyungan ngilu bareng jeung kang Ajip anu kabeneran rék mulang ka Pabélan. Peuting méméhna Kang Ajip geus nampa Anugrah Kebudayaan ti BACC ( Bandung Art & Culture Council) anu masrahkeun anugrah téh Walikota Bandung.

Isuk-isuk kuring geus ngajogo di PSS, sieun elat, da peutingna jangji jeung Kang Ajip rék miang téh kira kira tabuh dalapan isuk-isuk, enya we panceg jam dalapan Kang Ajip jol. Méméh miang nyimpang heula ka Pa Embas, ceuk Kang Ajip rék sakalian diajak ka Pabélan, enya wé Pa Embas kersaeun ka Pabélan. Bari ngageuleuyeung ka luar kota nyimpang heula ka Pa Ading (pangarang Sunda entragan Kang Ajip) anu nuju teu damang. Pa Ading kasampak teh keur ngalempreh we di pajuaran, tapi barang jol Kang Ajip mah kaciri jadi jigrah. Panyawat Pa Ading téh mimiti katangen kanker dina tenggek palebah tikoro, diubaran ku jus kulit jeruk bali anu bodasna, eta jus téh kudu diinum sapoé dua kali, enyaan kanker dina tenggek ngurangan, teu kudu dioperasi, ngan hanjakal kanker geus nyaliara nepi ka kudu dikemo (disinar).

Bérés ngalongok Pa Ading, mobil terus nyemprung ka wétankeun, ceuk Kang Ajip ké urang dahar di sangu liwet Asép Strowbery.

Nepi ka warung sangu liwet téh kira-kira manjing lohor, pesen sangu liwet opataneun, sangu liwetna dina kastrol ditambah ku goreng peda beureum jeung sambel, aya goreng hayam jeung lalab. Puguh we ngalimed, keur mah geus manjing waktu dahar beurang katambah melenghirna goréng peda beureum, tambah ponyo.

Kuring ngarérét kana sangu anu disiuk ku Kang Ajip, naha porsi gembul atawa biasa baé, katingalina mah biasa baé, malah lamun dibanding jeung kuring sigana loba kénéh kuring. Kana sambel, lalab, jeung peda beureum Kang Ajip ngahenggoy, rada seuhah da sambelna newéwét lada.

Sakastrol sangu liwet ledis ku opatan, kuring, kang Ajip, Pa Embas jeung Mas Syarif. perjalanan ngabiur deui nyemprung ka wétan sanggeus solat lohor heula.

Perjalanan antara Nagrég jeung Malangbong téh aya sababaraha warung sangu liwet, ceuk obrolan Kang Ajip nya anu pangeunahna di Asép anu tadi, sigana anu séjén mah ngan ukur pipilueun, malah sawaréh mah siga sangu wuduk anu diteundeun dina kastrol jeung anu sejen mah siga euweuh modal da teu pati kaurus. Enyaan Kang Ajip mah apal tempat dahar anu ngeunah jeung telek deuih.

Palebah Gombong eureun deui, mengkol ka warung saté jeung gulé. Pesen téh opataneun, saté sapuluh séwang, ari gulé jeung tongseng mah cukup saporsi saporsi keur opatan téh. Kang Ajip ngalimed deui baé, saté bungbu kecap sapuluh tusuk jeung gulé ditambah tongséng sababaraha séndok, amrin. Tuh pan Kang Ajip mah enyaan teu dipantrang kana dahareun téh, apan biasana mah dina umur sakitu téh sok rada rumegag lamun kana dahareun anu lekoh ku gajih jeung jeroan, ari ieu hih teu kapangaruhan. Kuring onaman rada pipilih, da aya rasa sieun pedah ceuk béja lamun ngadahar saté atawa gulé sok naék koléstrol. Sanggeus bérés dahar, Kang Ajip ngomong...éngké lamun di Pabélan mah tong bébéja geus dahar saté, lantaran tadi geus ménta supaya disadiakeun dahar tiluaneun ka Ceu Empat. Kuring rada nyéréngéh,…tuh geuning enya wé hal dahareun mah rada sok ngabokong ka Ceu Empat, atawa duka teuing pédah geus katalanjuran pesen supaya disadiakeun dahareun, lamun teu didahar téh bisi majar ngalalaworakeun. Palebah dieu mah kuring salut, sangkan teu kudu patorong-torong, ngabohong saeutik mah teu nanaon, pilakadar gé hal dahar peuting.

Di Gombong, di warung saté, Kang Ajip jangjian patepung jeung Titis, anakna Kang Ajip anu bungsu, harita inyana keur ka Bandungkeun ti Pabélan, atuh ngobrol téh rada lila, da nyaksian heula Titis jeung baturna ngadahar saté. Nepi ka Pabélan kira kira tabuh salapan peuting, tabuh sapuluh ngahékak deui dahar da geus disadiakeun ku Ceu Empat. Kuring mah rada kamerekaan, kitu deui Pa Embas.

Isukna, poé Jumaah tanggal 7 Séptémber 2007, ka Kang Ajip aya ondangan ti PWJB (Paguyuban Warga Jawa Barat) Jogja pikeun ngaluuhan acara Gelar Seni Budaya Sunda di Keraton Jogjakarta. Puguh wé kuring haget hayang ngilu. Kuring haget téh sababna rék diajak dahar hurang galah di warung Mang Engking, hayang ningali kumaha Kang Ajip tuang hurang galah. Kapan hurang mah ceuk sawareh kawentar pisan matak naék asam urat.

Memeh indit ka Pagelaran Seni PWJB, Kang Ajip ngajak heula ningalian perpustakaan pribadina. Masyaalloh eta koleksi bukuna, aya kana sapuluh rak anu baradag, pinuh kabeh tur masih aya keneh anu can kawadahan, sementara mah mah disimpen dina kotak kardus. Ceuk Ceu Empat aya kana tilu puluh rebu mah lobana, Kuirng nu sok rajeun ngumpulkeun buku buku Sunda, ceuk batur mah koleksi kuring teh loba, tapi ani ningali koleksi Kang Ajip mah nu kuring teh ukur saehena. Koleksina lain bae buku tapi jeung lukisan, kayaning lukisan Hendra, Syahri, Yus Rusamsi jeung nu sejenna.

Di Karaton Jogja acara pagelaran Seni Budaya Sunda teh ramé, nu mere pidato sambutan ti inohong Jawa Barat nyaéta Pa Syafik Umar (pimpinan koran PR). Ceuk kuring naha bet Pa Syafik kapan Pa Syafik mah lain urang Sunda, jawab Kang Ajip kapan disebutna ge inohong Jawa Barat, lain inohong Sunda.

Saréngséna acara pagelaran kasenian jeung saréngséna jumaahan, Kang Ajip ngajak Pa Syafik Umar ka Pabélan sakalian dahar heula di Mang Engking, nu ngiluan téh lobaan katambahan ku staf perwakilan koran PR Jogja, di jumlah jamleh aya lima belas urang, nu henteu ngilu dahar téh Mas Syarif da sok alergi cenah.

Pesen téh hurang goreng, hurang bakar madu, kapiting (rada teu merenah disebut keuyeup mah) asam manis, gurame bakar.

Kuring ngahaja diuk téh gigireun Kang Ajip, panon mélétét ningali kumaha porsina, katingalina porsi kang Ajip biasa wé, sangu téh teu blek sapiring metung, ngan palebah deungeunna rada loba. Éta kana hurang siga nu resep pisan, boh hurang goréng, boh hurang nu dimaduan teu kaliwat ngajewol guramé bakar. Sakali deui kuring hormat ka Kang Ajip, barangtuangna euweuh nu dipantrang dina umur anu meh tujuh puluh taun.

Tah soal gembul, dina harti porsi anu béda ti batur lantaran leuwih loba, teu kaciri kitu, jadi aya benerna lamun Ceu Empat nyebutkeun teu gembul, tapi anu katingali téh manco kana tuangeun, siga anu dinikmati. Éta meureun pangna bisa nyaho kadaharan anu ngeunah, bisa jadi lamun ditingali sarérétan sagala diasaan, jadi siga anu gembul.

Bérés dahar ti warung Mang Engking, terus ka Pabélan nyimpang heula ka piwarungeun Ceu Empat jeung ningali balong hurang galah anu Kang Ajip.

Kungsi maca dina majalah Manglé nomer 2120 bulan Juni 2007 Kang Ajip aya niat rék muka restoran di Pabélan, eta tulisan di judulan “Warung Makan Bu Empat” menuna tina hurang galah, goréng hayam, jeung lauk cai. Majarkeun kabita ku Warung Makan Mang Engking nu kajojo. Mugi mugi wé atuh ieu pamaksudan téh diijabah ku Alloh Swt. Da geuning hasil tina muka warung makan téh keur ngawaragadan kagiatan anu aya patalina jeung kasundaan. Cenah mah ieu warung makan Bu Empat téh rék dibukana sanggeus lebaran 1428 H.

Kaayaan warung waktu kuring ningali, keur dibebenah kénéh, boh jalan boh bangunan keur dapurna. Bangunan tina awi bitung, éta tihang tina awi sagede beuteung budak téh lain bobohongan, kuring gé kakara ningali awi anu diaméterna méh tilu puluh centi. Hateupna tina injuk, supaya teu bocor dihandapna dipasang aluminium foil.

Keur sasadiaan hurang galahna Kang Ajip boga balong, anu sumber caina tina cai séké anu ngageledeg gedé, tara saat sanajan halodo entak-entakan. Perenahna balong tonggoheun warung makan, rada jauh aya kana sakilometer mah, balongna lega aya sababaraha hiji ti anu leutik nepi ka anu lega, dipelakanana lain baé ku hurang tapi aya lauk emas, guramé, malah aya lauk patin bodas.

Sigana boga rencana kitu teh geus diajam saméméhna kénéh, jauh saencan enya-enya nga-resi di Pabélan, boa boa ieu nu jadi alesan pangna milih tempat di tanah Jawa lain di Tatar Sunda, lain baé ku kaayaan alam anu ngadukung kana ide-na tapi deuih mere jalan pikeun usaha sangkan bisa tetep ngadeudeul kana kagiatan kabudayaan. Tapi ari dina haté kuring mah kapan hayang tanah siga di Pabélan téh di Tatar Sunda ogé loba, sigana aya alesan séjén nu can betus.

Kang Ajip mah ningali dunya usaha mangsa kiwari, ceuk implenganana, anu bakal maju téh aya tilu perkara nyaéta kahiji muka warung makan, da nepi ka iraha bae ge jalma mah perlu barang dahar, kadua muka sakola da manusa mah perlu ku pendidikan, katilu muka rumah sakit. Nya atuh mugi-mugi we tinekanan pamaksadan. Warung Makan Bu Empat sing apanjang apunjung. Amin.

Di Pabelan di panganjrekan Kang Ajip, pasosore geus nyampak Pa Soekanto SA, 78 taun, natamu ka Kang Ajip, ngahaja ti Jakarta. Pa Seokanto teh pangarang saangkatan jeung Kang Ajip, bukuna anu kungsi medal nyaeta Bulan Merah (kumpulan carita pondok, 1958), anu loba teh carita keur barudak diantarana Ompeng Dan Uli (1964), Cokli Ikut Brgerilya (1971), Menyelusuri Jejak Si Pitung (1971).

“Jip kamu membangun kerajaan di sini…?” kitu ceuk Pa Seokanto ka Kang Ajip.

Isuk-isuk poe Saptu, Kang Ajip geus ngahayu-hayu indit, cenah mah rek ka Muntilan heula, dina mobil rada pinuh, Kang Ajip, kuring, Pa Embas, Pa Seokanto jeung incuna, Ceu Empat, aya tujuhan kaasup supir. Sugan teh rek naon ka Muntilan heula sihoreng ngadon sasarap di warung gudeg Mbok Djajus, lain restoran lain warung gede, tapi warung sangu leutik, dahar ge diuk dina bangku teh padedempet. Tuh pan Kang Ajip mah apal tempat kadaharan anu ngeunah, sakitu kaitung jauh ti Pabelan, jeung lain restoran gede deuih.

Kuring balik ka Bandung teh poe Saptu, kana kareta Lodaya malem minggu. Beurangna, poe Saptu ngilu heula ka Kang Ajip ngahadiran acara diskusi saratus taun pelukis Afandi di Galeri Musium Afandi. Kang Ajip jadi salah saurang pembicara, anu inget kana omongan Kang Ajip teh “Afandi mengadakan program minimum” nyaeta dina waktu Afandi keur walurat gawe sacabakna misalna jadi tukang gambar poster film, jadi tukang nyoehkeun karcis bioskop salila sapuluh poe, panghasilan sapuluh poe teh kudu cukup sabulaneun, sedengkeun anu anu dua puluh poe deui dipake keur ngalukis. Ieu program minimum teh disatujuan ku istrina, jadi suksesna Afandi jadi pelukis ku ayana dorongan jeung kasaluyuan ti istrina.

Keur acara diskusi – Kang Ajip mah dihareup jadi salah saurang pembicara- Ceu Empat noel bari mikeun tiket kareta api Lodaya keur kuring mulang ka Bandung, dina hate noroweco kudu kamana mayar yeuh.

Dina ieu acara kuring bisa panggih jeung GM Sidharta kartunis anu kawentar ku Om Pasikom tea, malah diuk sameja dahar bareng.

Sabenerna kuring betah keneh di Pabelan teh tapi kumaha budak nu sakola kakara kelas lima SD, ti Bandung hayoh bae nelepon nanyakeun iraha mulang, jeung deuih poe Senén kudu ningali budak tanding paskibra (pasukan pengibar bendera). Geus acara diskusi bubar, kuring ngawanikeun manéh nanyakeun ka Ceu Empat kudu kamana mayar keur tikét kareta api, saur Ceu Empat geus tong dipikiran. Sakedapan mah kuring ngahuleng, geuning dipangmayarkeun, atuh kuring nganuhunkeun pisan, kitu deui ka Kang Ajip. Nganuhunkeun kana sagala rupana.

Tilu poe kuring nengetan Kang Ajip barangtuang. Tilu poe kuring ngiclik ka Kang Ajip. Wilujeng 70 taun Kang Ajip, karya salajengna diantos pisan,…dinten ieu bade tuang dimana..?


Margawangi 10 September 2007

Mamat Sasmita

Pangsiunan Pagawe Telkom, nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana.

(Tulisan ieu dimuat dina Buku Jejak Langkah Urang Sunda, 70 Tahun Ajip Rosidi, Editor A.Chaedar Alwasilah, Hawe Setiawan, Rachmat Taufik Hidayat, Penerbit Kiblat 2008)

5 comments:

Anonymous said...

Prone to wide Our Basic Prices at www.Pharmashack.com, The Eye-catching [b][url=http://www.pharmashack.com]Online To a definite expanse [/url][/b] To [url=http://www.pharmashack.com]Buy Viagra[/url] Online ! You Can also Twig Respected Deals When You [url=http://www.pharmashack.com/en/item/cialis.html]Buy Cialis[/url] and When You You [url=http://www.pharmashack.com/en/item/levitra.html]Buy Levitra[/url] Online. We Also Be struck close a Superabundant Generic [url=http://www.pharmashack.com/en/item/phentermine.html]Phentermine[/url] In subordinate of Your Provisions ! We Sport away Barter earmark [url=http://www.pharmashack.com/en/item/viagra.html]Viagra[/url] and Also [url=http://www.pharmashack.com/en/item/generic_viagra.html]Generic Viagra[/url] !

Anonymous said...

Predilection casinos? back this advanced [url=http://www.realcazinoz.com]casino[/url] lawful and capacity for a suffer up online casino games like slots, blackjack, roulette, baccarat and more at www.realcazinoz.com .
you can also leave settled our untested [url=http://freecasinogames2010.webs.com]casino[/url] indigent consideration at http://freecasinogames2010.webs.com and do in on the up genially misled !
another original [url=http://www.ttittancasino.com]casino spiele[/url] see is www.ttittancasino.com , during german gamblers, convert the hill via unrestrained online casino bonus.

Anonymous said...

reside expert hat this disencumber of feather [url=http://www.casinoapart.com]casino[/url] hand-out at the greatest [url=http://www.casinoapart.com]online casino[/url] ready reference with 10's of reborn [url=http://www.casinoapart.com]online casinos[/url]. actions [url=http://www.casinoapart.com/articles/play-roulette.html]roulette[/url], [url=http://www.casinoapart.com/articles/play-slots.html]slots[/url] and [url=http://www.casinoapart.com/articles/play-baccarat.html]baccarat[/url] at this [url=http://www.casinoapart.com/articles/no-deposit-casinos.html]no diminish casino[/url] , www.casinoapart.com
the finest [url=http://de.casinoapart.com]casino[/url] to UK, german and all on apex of the world. so on the side of the help of the treatment of the submissively [url=http://es.casinoapart.com]casino en linea[/url] discontinuity us now.

Anonymous said...

You could easily be making money online in the undercover world of [URL=http://www.www.blackhatmoneymaker.com]blackhat tools[/URL], It's not a big surprise if you haven’t heard of it before. Blackhat marketing uses not-so-popular or not-so-known avenues to generate an income online.

Anonymous said...

[url=http://www.23planet.com]casino[/url], also known as accepted casinos or Internet casinos, are online versions of presentation ("chunk and mortar") casinos. Online casinos apportion gamblers to carouse and wager on casino games absolutely the Internet.
Online casinos typically table up championing sales marathon odds and payback percentages that are comparable to land-based casinos. Some online casinos inhale notoriety to on higher payback percentages with a scene downheartedness wheels games, and some bundle community payout advantage audits on their websites. Assuming that the online casino is using an fittingly programmed indefinitely abundant generator, catalogue games like blackjack preoccupy an established board edge. The payout serving inclusive of without thought these games are established at forthcoming the rules of the game.
Assorted online casinos commission effectively or be revealed their software from companies like Microgaming, Realtime Gaming, Playtech, Worldwide Imposture Technology and CryptoLogic Inc.