24 July 2008

PARIBASA SUNDA A

Pariabasa ieu dicutat tina buku Peperenian Urang Sunda yasana Rachmat Taufik Hidayat saparakanca nu diterbitkeun ku Penerbit Kiblat taun 2005, lamun meunang ijin pikeun ditulis didieu rek dituluykeun lamun hanteu bakal dicabut.
A                                                                                Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY

  1. Abang-abang lambe Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
  2. Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
  3. Adam lali (ing) tapel Jelema nu geus poho ka baraya jeung poho ka lemah caina sorangan.
  4. Adat kakurung ku iga Laku lampah kurang hade ami hese di-leungitkeunana.
  5. Adean ku kuda beureum Ginding ku papakean/barang beunangnginjeum, atawa agul ku banda batur.
  6. Adep-hidep Kumawula (ka salaki).
  7. Adigung-adiguna Gede hulu, boga rasa leuwih punjul ti batur,kaciri dina laku lampah jeung omonganana.
  8. Adil palamarta Kacida adilna.
  9. Adu telu ampar tiga Nu aya perkara diriungkeun atawa nu jual-beuli.
  10. Agul ku payung butut Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.
  11. Ahli leleb Tukang baranghakan.
  12. Ajak jawa Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur.
  13. Akal bulus Akal licik, akal jahat,
  14. Akal koja Pinter dina kagorengan.
  15. Aki-aki tujuh mulud Geus kolot pisan.
  16. Aku-aku angga Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
  17. Alak paul Kacida jauhna.
  18. Alak-alak cumampaka Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
  19. Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
  20. Along-along bagja Teu tulus meunang bagja.
  21. Alus laur hade ome Tegep dedeg pangadegna (boh awewe boh lalaki).
  22. Alus panggung Hade dedeg pangadegna.
  23. Ambek nyedek tanaga midek Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateim.
  24. Ambek sadu santa budi Saleh hate, lemes budi, sabar darana.
  25. Ambekna sakulit bawang (sakecap kadua gobang) Babari ambek rosa.
  26. Ambon sorangan Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  27. Amis budi Hade budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut.
  28. Amis daging Babari pisan katerap kasakit
  29. Anak dua keur gumunda Awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
  30. Anak emas Anak anu kacida dipikanyaah ku kolotna, atawa pagawe anu kacida dipikanyaah ku dununganana.
  31. Anak hiji keur gumeulis Awewe" nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
  32. Anak merak kukuncungan Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
  33. Anak tilu keur kumusut Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
  34. Anggeus-anggeusan Bebeakan.
  35. Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
  36. Anjing nyampeurkeun paneunggeul Ngadeukeutan nu rek mahala.
  37. Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan Anu gedebul dihanu'nan, supaya tambah maceuh.
  38. Apal cangkem Apal tapi teu nyaho hartina.
  39. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
  40. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
  41. Asa aing uyah kidul Boga rasa panggindingna, pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
  42. Asa bucat bisul Ngarasakeun lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah.
    Asa dijual teu payu Cuang-cieung euvveuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.
  43. Asa dina pangimpian Rarasaan keur ngimpi awahing helok padahal keur nyaring.
  44. Asa dipopokan tai Ngarasa pohara diwiwirangna.
  45. Asa dipupuk birus Ngarasa tibra hate.
  46. Asa ditonjok congcot Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.
  47. Asa ditumbu (katumbu) umur Kacida atohna, lantaran dibere barang anu kacida dipikahayangna atawa ditulungan dina keur meunang kasusah.
  48. Asa euweuh beungeutan Kacida erana.
  49. Asa kabur pangacian Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
  50. Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
  51. Asa katindihan langit Henteu aya harepan.
  52. Asa kiamat Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
  53. Asa mobok manggih gorowong Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  54. Asa nyanghulu ka jarian Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
  55. Asa peunggas rancatan Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawean.
  56. Asa potong (pingges) leungeun katuhu Leungiteun jelema nu kacida gede gawena, kacida dipikabutuhna.
  57. Asa rawing daun ceuli Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah.
  58. Asa teu beungeutan Era kacida.
  59. Asa tungkeb bumi alam Kacida bingungna.
  60. Asak jeujeuhan Dipikiran heula masing anteb.
  61. Asak sasar Dipaluruh bener-henteuna.
  62. Asak warah Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah.
  63. Atah adol Kurang ajar, kurang pangawarah.
  64. Atah anjang Langka silih anjangan.
  65. Atah warah Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
  66. Ateul biwir Sok getek hayang bae ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
  67. Ateul dampal leungeun Gereget hayang nampiling.
  68. Ati mungkir beungeut nyanghareup Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di tukangeun ngagorengkeun.
  69. Ati putih badan bodas Beresih hate, taya geuneuk-maleukmeuk.
  70. Atung eneh atung eneh Kitu-kitu ken£h.
  71. Aub payung sabet sapon saba-soba Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
  72. Awak kawas badawang Jangkung gede teu matut.
  73. Awak sabeulah Henteu boga salaki atawa pamajikan.
  74. Awak sampayan(eun) Make pakean kumaha oge pantes bae.
  75. Awak satilas Jangkung lenjang.
  76. Awet jaya (ngora) Katenjona siga ngora bae.
  77. Awet-rajet Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi rea paceng-kadanana.
  78. Awewe mah dulang tinande Awewe mah biasana kumaha lalaki/salaki.
  79. Awewe mah tara cari ka Batawi Awewe mah tara nyiar kipayah.
  80. Awi sadapuran tara lempeng kabeh Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
  81. Aya (boga) garad Aya maksud nu dikemu, aya nu dipambrih, henteu iklas.
  82. Aya astana sajeungkal Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae kajadian.
  83. Aya bagja teu daulat Rek meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
  84. Aya buntutna Aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun.
  85. Aya cukang (jalan) komo meuntas Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  86. Aya dina sihung maung Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
  87. Aya gantar kakaitan Aya hal arm teu sapuk jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
  88. Aya jalan komo meuntas Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  89. Aya jodo pakokolot Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
  90. Aya jurig tumpak kuda Datang milik anu henteu disangka-sangka.
  91. Aya kelong newo-newo Aya anu ngusutkeun (ngarorocet), padahal geus beres pisan tadina mah.
  92. Aya nu dianjing cai Aya nu diheroan.
  93. Aya (boga) pikir kadua leutik Aya kahayang anu henteu kanyahoan ku batur, upamana hal kacintaan.
  94. Aya (boga) pikir kapingburi Aya kahayang anu timbul pandeuri; asal teu hayang jadi hayang, sanggeus lila ditimbang-timbang.
  95. Ayakan tara meunang kancra Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
  96. Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
  97. Ayang-ayangan Tumerap kana perkara anu rea rambat kamalena.
  98. Ayem tengtrem Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
  99. Ayeuh ngora Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.

2 comments:

Anonymous said...

hi every person,

I identified rumahbacabukusunda.blogspot.com after previous months and I'm very excited much to commence participating. I are basically lurking for the last month but figured I would be joining and sign up.

I am from Spain so please forgave my speaking english[url=http://doworlddiscovery.info/].[/url][url=http://deinspiringthoughts.info/forum].[/url][url=http://talatestnews.info/].[/url]

Dodeng said...

SaƩ pisan ngabantos kanu nuju diajar basa sunda...