24 July 2008

PARIBASA SUNDA EGH

E                                         Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY
  1. Eleh deet Ngelehan maneh.
  2. Elmu ajug Jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
  3. Elmu angklung Joledar atawa patukang tonggong jeung kolot.
  4. Elmu kepek Pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan.
  5. Elmu sapi Samiuk kana kagorengan, guyub dina hal nu kurang hade.
  6. Elmu tumbila Pribumi ngarugikeun semah.
  7. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna Hirup kudu nungtut nyiar elmu pikeun kasalametan dunya aherat sarta kudu siger tengah.
  8. Elok bangkong Ampir sakarat.
  9. Era parada Era ku lampah atawa omongan batur, nu matak aeb.
  10. Embung kakalangkangan Embung kaelehkeun.
  11. Endog mapagahan (mapatahan) hayam Budak mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina.
  12. Endog sapataragan tara megar kabeh Di antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna.
  13. Endog sasayang (sapataragan), peupeus hiji peupeus kabeh Mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codeka, sok mamawa ka sarerea.
  14. Euweuh (taya) siruaneunana Dilarapkeun ka jalma nu teu boga sipat-sipat nu hade.
G
  1. Galagah kacaahan Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
  2. Galak sinongnong Lalaki (bujang) nu mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan.
  3. Galak timburu Babari timburuan. Awewe nyangka nyelewer ka salakina atawa sabalikna.
  4. Galegeh gado Someah, akuan, atawa darehdeh bisa nyarita, tapi teu terus kana hatena.
  5. Gancang pincang Pagawean anu babari anggeus, tapi hasilna henteu nyugemakeun.
  6. Gantung denge Ngarasa hanjakal sabab hayang keneh ngadengekeun, anggeus manten.
  7. Gantung teureuyeun Ngarasa hanjelu sabab barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.
  8. Garo maling Boleksek henteu dihaja, urut gagaro keur sare.
  9. Garo mengmengan Euweuh kasabaran.
  10. Garo singsat Peta awewe nu teu sabar ngadagoan nu can datang. Garo-garo teu ateul
  11. Gagaro lantaran bingung atawa keuheul. Gasik nampi gancang narima Ngabageakeun tamu (semah) ku budi jeung basa nu hade.
  12. Gentel keak Budak anu meh tara lesot ti indungna, mun dilesotkeun sok ceurik.
  13. Gede cahak manan cohok Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.
  14. Gede gunung pananggeuhan Adigung dumeh aya andelan atawa aya nu dipuntangan.
  15. Gede hulu Adigung, sombong.
  16. Gede-gede kayu randu, dipake pamikul bengkung, dipake lin­car sok bencar (anggang), dipake pancir ngajedig Jelema nu taya gunana, lantaran bodo, hengker jeung ngedul. Ilikan Mun di lembur kayu randu.
  17. Geledug ces Ukur rame mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.
  18. Gemah ripah loh jinawi Gegek cacah jiwana sarta raharja. Genteng-genteng ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae tinimbang luput.
  19. Gereges-gedebug Ngalamp,ahkeun pagawean teu karana dipikir panjangheula.
  20. Gering nangtung (ngalanglayung) Henteu gering parna, tapi sehat bener oge henteu (ngalanglayung).
  21. Getas harupateun Babari ambek.
  22. Geugeut manjahan Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarekan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.
  23. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.
  24. Geus apal luar jerona Geus nyaho kana kalakuan jeung tabeatna.
  25. Geus aya dina pesak Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.
  26. Geus aya kembang-kembangna Geus aya hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.
  27. Geus bijil bulu mayang Geus mimiti baleg (ka lalaki).
  28. Geus cueut ka hareup Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.
  29. Geus cumarita Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.
  30. Geus karasa (ngarasa) pait peuheurna Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna.
  31. Geus labuh bandera Perkara anu geus diputus.
  32. Geus nyanghulu ngaler Geus maot.
  33. Geus turun amis cau Geus mimiti beger (awewe).
  34. Gindi pikir belang bayah Goreng hate, resep nyilakakeun batur.
  35. Ginding bangbara Resep gigindingan jeung royal ngarah katenjo ku batur, tapi di imah kekerehet
  36. Ginding kekempis Jelema ginding tapi teu boga duit.
  37. Giri lungsi tanpaingan (tanpa hingan) Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.
  38. Goong nabeuh maneh Ngagulkeun diri sorangan.
  39. Goong saba karia Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawe tur seubeuh baranghakan.
  40. Goreng peujit Goreng hate (dengki).
  41. Goreng sisit Goreng milik.
  42. Goreng sopak Jelema goreng patut.
  43. Gugon tuhon Kukuh, boh ka dunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.
  44. Gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
  45. Gunung hapitan sela Budak awewe nu boga lanceuk la­laki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gu­nung).
  46. Gunung luhur beunang diukur/ laut jero beunang dijugjugan (diteuleuman), tapi hate jalma najan deet moal kakobet Nganyahokeun eusi hate (kahayang) jelema anu dirasiahkeun mah kacida hesena.
  47. Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.
  48. Gurat batu Kukuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan.
  49. Gurat cai Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.
  50. Guru, ratu, wongatua karo Guru, raja (pamingpin), jeung kolot wajib dihormat jeung diturut parentahna.
  51. Guyur salelembur ear sajajagat Pohara geunjleungna,
H
  1. Hade gogog hade tagog Hade basa hade tata jeung hade
  2. paripolahna. Hade ku omong goreng ku omong Sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana.
  3. Hade lambe (lalambe) Alus omong tapi teu terus jeung hate.
  4. Hade repok Alus nasibna dina laki-rabi, loba rejeki, jste.
  5. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagorengan sakali.
  6. Hambur bacot murah congcot Babari nyarekan, tapi berehan. Hampang birit Daekan, sabalikna beurat birit. Hampang leungeun Gampang neunggeul.
  7. Handap lanyap Hade basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana hate.
  8. Handap asor Daek ngahormat ka batur.
  9. Hantang hantung hantigong hantriweli Kalah ka hade rupa hade tagog, tapi taya araheunana.
  10. Haok hamprong Beuki hahaok.
  11. Hapa heman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean. bandingkeun Nu asih dipulang sengit.
  12. Hapa hui/kapahui Teu jamuga.
  13. Hapa-hapa oge ranggeuyan Sanajan teu boga harta banda leuheung keneh sabab boga salaki.
  14. Harewos bojong Omongan anu diharewoskeun, tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan.
  15. Harelung jangkung Kacida jangkungna.
  16. Harigu manukeun Dada jelema nu nonjol ka hareup.
  17. Haripeut ku teuteureuyeun Totorosol pisan kana urusan pirejekieun.
  18. Hams omong batan goong Beja mah sok babari pisan sumebarna.
  19. Haseum budi Leuwih mindeng baeud jeung camberut tibatan seuri.
  20. Haseum kawas cuka bibit Kuraweud haseum, teu me're budi pi­san.
  21. Hatur tangis Ngabejakeun kanyeri ati.
  22. Hawara biwir Resep ngabejakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu dilaksanakeunana.
  23. Hayang leuwih jadi leweh Hayang untung kalah rugi.
  24. Hayang untung jadi (kalah) buntung Tinimbang untung kalah rugi.
  25. Hayang utah iga Ngarasa kacida sebelna.
  26. Hejo cokor badag sambel Dusun pisan.
  27. Hejo tihang Resep pipindahan, gunta-ganti pagawean.
  28. Herang caina beunang laukna Anu dipikahayang laksana ku
  29. jalan badami tur henteu kalawan nganyenyeri hate batur.
  30. Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang Asal
  31. beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
  32. Hese cape teu kapake Hanas ceuk rarasaan mah digawe soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
  33. Henteu asa jeung jiga Geus loma pisan.
  34. Henteu cai herang-herang acan Teu disuguhan naon-naon (teu cai-cai acan).
  35. Henteu gedag bulu salambar Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
  36. Henteu jingjing henteu bawa Henteu mawa naon-naon keur oleh-oleh ka nu dijugjug.
  37. Henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan Henteu kapangaruhan ku ruruba (rupa-rupa panggoda), pageuh nyekel tangtungan sorangan.
  38. Heueuh-heueuh bueuk Ongkoh nyaluyuan (nyebut heueuh), tapi henteu terus kana hatena.
  39. Heunceut ucingeun Babari reuneuh.
  40. Heuras genggerong Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun hate batur ku omongan.
  41. Heuras letah Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.
  42. Heureut pakeun pungsat bahan Teu rea kaboga, saeutik panghasilan.
  43. Heurin ku letah Teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.
  44. Hideung ngabangbara Hideung meles sarta herang.
  45. Hideung-hideung oge buah manggu, matak tigurawil bajing Nyolong bade; sanajan luarna (cangkangna) henteu pikabitaeun, jerona (eusina) mah matak deudeuieun.
  46. Hileud peuteuy Jelema anu ngahalang-halang pakarepan batur. Hirup disuhun, paeh dirampes Tumamprak pasrah kana kersa Nu Maha Kawasa, lantaran geus beak dengkak, upama nu gering geus lila teu cageur bae.
  47. Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa Hirup di dunya teh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.
  48. Hirup ku ibun, gede ku poe Hirup balangsak, sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
  49. Hirup ku panyukup gede ku pamere Jelema anu hirupna ukur ngandelkeun pamere ti batur.
  50. Hirup ngabangbara Jelema anu tempat matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpake mani kacida gindingna.
  51. Hirup ramijud Hirup teu ngaleunjeur lantaran numbuk di sue (taya kamarasan).
  52. Hirup teu neut, paeh teu hos Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
  53. Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih (aya) beja Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.
  54. Huap hiji diduakeun Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoe, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha bae anu perlu dibelaan.
  55. Hudang pineuh (tineuh) Mindeng hudang tuluy ngedeng deui, lantaran teu daek sare ku ngarasakeun panyakit.
  56. Hujan cipanon Ceurik balilihan, loba nu ceurik.
  57. Hulu gundul dihihidan Nu keur untung tambah untung.
  58. Hulu peutieun Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.
  59. Hunyur mapande (mandean) gunung Nyeta-nyeta jelema anu leuwih ti manehna (biasana dina kaboga), atawa cacah nyaruakeun maneh ka menak.
  60. Hurip gusti, waras abdi Jaman peodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.
  61. Hurung nangtung siang leumpang Beunghar sarta dipake ngaginding.
  62. Hutang hatong Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daek bayar, henteu entong.
  63. Hutang salaput hulu Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.
  64. Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.

2 comments:

Unknown said...

Paribasa bagean A-D na mana Kang, naha langsung ka E?
Nuhun.

Anonymous said...

Seueuer nu kedah diedit, Kang