22 July 2008

PARIBASA SUNDA S

S                                        Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY 
  1. Saampar samak Sagebleg jeung kaayaanana meh sarua, sakapat atawa satatar (ngeunaan sawah, kebon), disebutkeun kana sawah atawa tanah nu padeukeut atawa tepung wates jeung sawah atawa tanah batur.
  2. Saaub payung sacaang damar Lahan atawa pakarangan heureut.
  3. Sabata sarimbagan, sabobot sapihanean Layeut sauyunan, tara pasalia pikir. Tingali oge Sareundeuk saigel, saketak sapihanean, sabata sarimbagan.
  4. Sabda pandita ratu Pangandika raja kudu beunang dipercaya kawas sabda pandita, raja teu meunang cidra. Sabelas dua belas Sarua keneh, sakitu-kitu keneh.
  5. Sabuni-buni nu ngising Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong man awal ahir sok kanyahoan.
  6. Sabuni-buni (nu neundeun) tarasi Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong mah awal ahir sok kanyahoan.
  7. Sacangreud pageuh, sagolek pangkek Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji, pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana.
  8. Saciduh metu, saucap nyata Sipat nu luhung elmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.
  9. Saciriking duit sakocopoking bogo Rupa-rupa perkara anu boga daya tarik kana hate.
  10. Sadom araning baraja (braja), sakunang araning geni Perkara (barang) anu bisa ngalantarankeun cilaka, sanajan teu pira (jadi ulah sok mokahaan).
  11. Saeutik mahi loba nyesa Jelema anu bisa ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bisa nyumponan pangabutuh.
  12. Saeutik patri Najan saeutik tapi matak sugema lantaran alus.
  13. Sagalak-galakna (sagalak-galaking) macan, tara ngahakan (nyatu) anak sorangan Sakumaha bengisna atawa kejemna jelema, moal nepi ka ngabinasa atawa nyilakakeun anak.
  14. Saherang-herangna cibeas Sabersih-bersihna hate jelema nu geus nganyenyeri moal beresih pisan.
  15. Sakeser daun Babari lapar deui.
  16. Sakecap kadua gobang Babari ambek, malah mun ambek bari sok ngagunakeun pakarang.
  17. Sakti mandraguna (manggulang-mangguling) pohara saktina.
  18. Sakuru-kuruna lembu, saregeng-regengna banteng Sakumaha teu bogana, jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing.
  19. Salieuk beh Beunghar, sagala aya.
  20. Salisung garduh Sapongkol (sakongkol).
  21. Saluhurna punduk, tara ngaliwatan hulu Sakumaha pinterna murid (waktu harita), moal leuwih pinter ti guruna. Samagaha pikir (hate) Hirup bingung, baluweng mikiran kasusah.
  22. Sanajan nepi ka bisa ngukir langit Sanajan sakumaha pinterna.
  23. Sangsara di geusan betah Jelema anu kacida miskinna, tapi anehna teh ari hirup mah hayang keneh.
  24. Sapapait samamanis Hirup rukun.
  25. Sapi anut ka banteng Awewe ngawula ka salaki.
  26. Sapu nyere pegat simpay Papisah sanggeus babarengan lila, lantaran pindah tempat.
  27. Sareundeuk saigel, sabobot (saketak) sapihanean, sabata sarimbagan Rempug sauyunan, sabagja sacilaka, lulus runtut.
  28. Sari gunung Tegep geulis katenjona ti kaanggangan ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha.
  29. Sasieureun sabeunyeureun Saeutik-eutikeun.
  30. Satalen tilu baru Kitu-kitu keneh.
  31. Satengah buah leunca Rada gelo, kurang ingetan.
  32. Sato busana daging, jalma busana elmu Jelema mah minangka nu jadi papakeanana teh elmu, lain daging kawas sato.
  33. Saumur nyunyuhun hulu Ti barang lahir, ti barang inget.
  34. Saungkab peundeuy Omongan nu ringkes sarta rada janggal, upamana nu carang takol, ari rajeun ngomong saungkab peundeuy.
  35. Saur manuk Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua, saperti ngucapkeun, "Mupakat, akur!"
  36. Sawaja sabeusi Sarua harkatna, darajatna atawa rajakayana, sakupu (salaki jeung pamajikan).
  37. Sawan geureuh Kawas nu reuwas ku digeunggeureuh-keun.
  38. Sawan kuya Kawas kuya nangkarak teu bisa nangkub, dilarapkeun ka jalma nu naek teu bisa turun atawa nu hayang eureun tina pagawean nu geus dimimitian tapi teu bisa.
  39. Sengserang padung Jelema geus kolot, ceuk taksiran geus deukeut kapaeh.
  40. Sengserang panon Jajaka atawa parawan nu keur meujeuhna pikaresepeun, atawa keur meujeuhna resep nenjo nu tegep lantaran keur mangkat beger.
  41. Setan bungkeuleukan Jelema anu kacida jahatna, taya rasrasan dina kadolimanana.
  42. Sela hapitan gunung Budak lalaki nu boga lanceuk awewe hiji jeung adi awewe hiji.
  43. Selang-seling Aya eling aya henteu (nu gering rada owah).
  44. Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat (beja) Kabar angin atawa kabar tolok, nyaeta beja anu nyebarna ditatalepakeun, teu puguh sumberna.
  45. Sentak badakeun Digawe rosa tapi ngan sajongjongan; digawena getol sakapeung, reureundahan.
  46. Sepi paling towong rampog Aman kerta raharja.
  47. Serah bongkokan Taluk, sanggeus ngarasa teter.
  48. Sereg di buana (panto), logor di liang jarum Teu bisa atawa teu wani campur jeung jalma rea nu balener lantaran jahat loba dosa, biasana campurna di kalangan nu jarahat deui bari susulumputan.
  49. Seukeut ambeu seukeut panon Loba mata-matana.
  50. Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna jelema lamun ngalawan ka pamarentah tangtu katangkep.
  51. Seuneu hurung dipancaran Jelema nu keur ambek ditambahan piambekeuna na.
  52. Seuneu hurung, cai caah, ulah disorang Jalma ami keur napsu ulah diladenan atawa diheureuyan.
  53. Seuri koneng Seuri maur, seuri bari rada era atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ngambek.
  54. Seuseut batan neureuy keueus Kacida hesena.
  55. Si Cepot jadi raja Jelema euweuh kabisa jadi pamingpin.
  56. Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik-eutik acan.
  57. Siduru isuk Nyunatan budak teu make raramean, sarta teu ondang-ondang.
  58. Sieun keplok jadi tamplok Sieun rugi saeutik, tapi tungtungna rugi gede pisan.
  59. Sieun nyakclak jadi bahe Sieun rugi tapi tungtungna jadi lapur.
  60. Sieuran (Awewe) ku saliwat katenjona teu kaasup geulis, tapi mun ditelek-telek tegep; sabalikna tina sarigunung.
  61. Siga bentang kabeurangan Geulis pisan.
  62. Siga bungaok Goreng patut pisan.
  63. Silih jenggut jeung nu gundul Pakumaha-kumaha jeung batur nu pada teu boga nanaon.
  64. Siniger tengah Sikep atawa pamadegan nu sedeng, biasana henteu biluk ka salahsahiji pihak.
  65. Sireum ateulan Teu adil dina babagi atawa teu sarua gedena dina barangjieun; teu sarua ukuranana (gedena).
  66. Sireum ngalawan kadal Nu leutik ngalawan nu gede.
  67. Sirung ngaluhuran tunggul Jelema nu darajatna atawa elmuna ngungkulan kolotna atawa guruna.
  68. Sisit kadal Goreng milik.
  69. Sisit kancra Alus milik.
  70. Soeh keuyeupeun Soeh nyiku atawa masekon (baju, samping jsb).
  71. Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang Geus cukup pangalaman ngarasakeun suka-duka.
  72. Sosoroh gawe Menta digawekeun tanpa buruhan, asal dibere dahar.
  73. Sosoroh kojor Milu perang nandonkeun nyawa, tapi miluna teu iklas, lantaran dipaksa.
  74. Suku sambung leumpang, biwir (letah) sambung lemek Darma mangnepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
  75. Sulit ati belang bayah Dilarapkeun ka jelema nu pundungan jeung goreng sangka ka batur.
  76. Suluh besem ari diasur-asur mah hurung Jelema sabar oge ari hantem diangsonan mah piraku teu ngalawan.
  77. Sumput-salindung Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur (salaki ku pamajikan atawa sabalikna).
  78. Sundul ka langit Kacida luhurna nepi ka kawas nu adek kana langit.

No comments: