22 July 2008

PARIBASA SUNDA OPR

o                Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY         
  1. Ombak banyuan Buuk nu gating ombak-ombakan.
  2. Omong harus batan goong Beja gampang nerekabna, jeung biasana sok pada ngaleuwihan tina buktina.
  3. Oray nyampeurkeun paneunggeul Nyampeurkeun atawa ngadeukeutan pibahlaeun atawa pibahayaeun.
  4. Owah akal Teu jejeg pikiranana.
  5. Owah gingsir Henteu tetep dina hiji pamadegan.
P
  1. Paanteur-anteur julang Nu tas dianteurkeun, nganteurkeun deui nu tas nganteurkeunana.
  2. Pabalik (ti balik) letah Barangbere tapi dipenta deui.
  3. Pacikrak ngalawan merak Rayat leutik ngalawan menak atawa nu keur kuasa, nu lemah ngalawan nu kuat.
  4. Pada rubak sisi samping Pada gede hampura, atawa pada loba luang pangalaman.
  5. Padaringan kebek Repok nu alus, bakal moal kakurangan rejeki.
  6. Padu teu (moal) buruk digantung Perkara moal robah atawa bolay ku ditunda-tunda; geus maot sarta dikubur.
  7. Paeh pikir Teu boga karep.
  8. Paeh poso Meakeun kadaek, tisusut tidungdung.
  9. Paeh teu hos, hirup teu neut Gering ngalanglayung, hirup tapi teu eureun-eureun gering.
  10. Pagede-gede urat rengge Patarik-tarik nyoara (nu pasea).
  11. Pageuh kancing loba anjing Taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakewuh.
  12. Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian Pada hayang leuwih ti babaturan dina jalan usaha, teu daek sapapait-samamanis,teu daek silih tulungan.
  13. Paheuyeuk-heuyeuk leungeun Babarengan, sauyunan.
  14. Pait daging pahang tulang Mulus awak langka katerap kasakit.
  15. Pait paria Pait ngeunah.
  16. Pajauh huma Pegat babarayaan.
  17. Pakait pikir Jangji rek ngahiji.
  18. Pakokolot supa Padeukeut umurna, henteu sabaraha ganjor.
  19. Pamuka lawang Oleh-oleh, kiriman.
  20. Panasbaran Babari ambek.
  21. Panas leungeun Teu jadian pepelakan, sabalikna tina His leungeun.
  22. Panday tara boga bedog Nyindiran tukang nyieun sarupaning barang, nu teu bogaeun eta barang nu sok dijieunna.
  23. Pangeran mah tara nanggeuy ti bongkokna Ilikan Alloh mah tarananggeuy ti bongkokna.
  24. Pangeprak reumis Purah diutah-etah, ngajalankeun pagawean nu lumayan.
  25. Panjang ingetan Teu babari poho.
  26. Panjang lengkah Jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan.
  27. Panjang leungeun Cocorokot, sok pulang-paling.
  28. Panon keongeun Panon nu caian bae.
  29. Panonna kandar ka sisi Resep ngareretan nu kasep (dilarapkeun ka awewe lalenger).
  30. Papadon los ka kolong Nu jangji tara jadi; pasini geus asak pisan, tuluyna bolay.
  31. Papais-pais paray Pateep kawas paray nu dipais, bari ngahuntu kala.
  32. Paraji ukur malar saji Dukun palsu, ngan ngarah buruhan wungkul.
  33. Pardu kasambut sunat kalampah Ngalakukeun anu wajib bari sakalian anu sunat.
  34. Pareumeun obor Teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun lantaran euweuh nu ngabejaan.
  35. Pariuk manggih kekeb Papada meunangkeun nu goreng patut.
  36. Pasini jangji pasang subaya Nyieun perjangjian.
  37. Pasrah arit Pasrah teu terus jeung hate.
  38. Pat-pat gulipat Kalakuan licik, teu jujur.
  39. Pelengkung bekas (beukas) nyalahan Keur ngorana bageur, tapi ka kolotnakeun jadi teu eucreug.
  40. Perang urat sarap Perang teu make pakarang.
  41. Perlaya ing yuda Kasambut (maot) di pangperangan.
  42. Petot bengo dulur sorangan Sanajan ngewa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya anu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu tega ngantep (bandingkeun jeung buruk-buruk papanjati),
  43. Peujit koreseun Isuk-isuk keneh geus kudu barangdahar, elat meueusan sok nyalingit beuteung.
  44. Peunggas rancatan Beak modal, tepi ka jadi pugag usaha, atawa ditinggalkeun maot ku anu jadi andelan.
  45. Peupeureuman (leleyep) asu Tacan sare tibra.
  46. Peureum hayam Peureum meueusan, bisa keneh nenjo atawa api-api peureum.
  47. Peureum kadeuleu, beunta katara (karasa) Ingetbae (ka jelema).
  48. Picung cibur Saregepna digawe ngan mimiti bae (jelema goreng gawe).
  49. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina.
  50. Pilih kasih Teu adil (upama dina ngabagi rejeki).
  51. Pindah cai dibawa tampianana Aya di pangumbaraan, mageuhan adat kabiasaan sorangan.
  52. Pindah cai pindah tampian Nyaluyukeun diri kana adat kabia­saan di tempat anyar.
  53. Pindah pileumpangan Robah adat atawa robah kalakuan, tina hade jadi goreng.
  54. Pinter aling-aling bodo Saenyana mah pinter, tapi embung kanyahoan ku batur, malah kalah sok nyeta-nyeta nu bodo.
  55. Pinter kabalinger Ongkoh pinter, tapi katipu atawa ngayakeun aturan anu teu bener pikeun kapentingan sorangan.
  56. Pinter kodek Licik, daek me"nta embung mere.
  57. Pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak Hayang nu leuwih alus, kalah meunang nu goreng.
  58. Piruruhan dikatengah-imahkeun Nu hina jadi mulya, tapi sanggeus mulya adatna jadi ningkah loba lelewa.
  59. Poek mongkleng buta radin Poek pisan, teu katenjo nu legok legok, siga rata bae.
  60. Poho ka purwadaksina (wiwitan) Pindah pileumpangan, robah adat jadi gede hulu.
  61. Pokrol bambu Pangacara nu teu boga kaahlian dina widang hukum, ngan ukur boga pangalaman.
  62. Pondok catur panjang maksud Caritaan anu ringkes tapi ngeusi.
  63. Pondok heureut Kurang akal, teu daek mikir nu hese-hese.
  64. Pondok jodo Teu awet laki-rabi.
  65. Pondok jodo panjang baraya Sanajan pondok jodo sing nuluy jadi baraya.
  66. Pondok lengkah Teu pati bebas lunta ti lembur.
  67. Pondok nyogok panjang nyugak Omongan anu matak nyentug kana hate, garihal teu matak resep ngadengekeunana.
  68. Potol jarum Awewe nu taya pisan boga pakaya.
  69. Potol teko Lalaki nu taya pisan boga pakaya.
  70. Pucuk awian Tara puguh pamadegan (jangji), luak-leok bae.
  71. Puguh entep seureuhna Merele, sarta alus susunan basana.
  72. Pupulur memeh mantun Menta diburuhan memeh prak digawe.
  73. Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari (jadi) tunggak Katideresa, katindih ku kari-kari, dituding boga dosa lantaran kabeneran aya di tempat kajadianana kajahatan.
  74. Pur manuk Ngagawekeun jelema bari teu jeung disuguh, ngan diburuhan duit wungkul.
  75. Puraga tamba kadengda Digawe asal jadi, tamba henteu, asal bae.
R
  1. Ranggaek memeh tandukan Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina. Saharti jeung beunghar memeh boga atawajeneng memeh pangkat.
  2. Raweuy beuweungeun, rambay alaeun Subur mamur loba dahareun hasil tani.
  3. Rea harta rea harti, rea ketan rea keton Loba pare (dahareun) jeung loba duit, taya kakurang.
  4. Rea rambat kamalena Rea patula-patalina jeung perkara sejen.
  5. Rek dibeureum rek dihideung ge pasrah Rek dikumahakeun oge moal ngalawan.
  6. Rek dijieun jimat paripih (parepeh) Rek didama-dama, awewe ku salakina nu kacida bogoheunana.
  7. Rejeki kaseser ku hakan Rejeki beak ku dipake barangdahar atawa beak ku kaperluan dahareun wungkul.
  8. Rejeki maungeun Rejeki gede anu datangna bleg-blegan, tapi langka pisan.
  9. Rempug jukung Sauyunan, sahate, silihtulungan.
  10. Reuneuh munding Awewe reuneuh leuwih ti salapan bulan.
  11. Reuntas ku tingkah Turun harkat lantaran goreng laku lampah.
  12. Risi ku bisi, rempan ku sugan Rea kasalempang dina waktu kurang aman.
  13. Rokrok pondokeun, peunggas (getas) harupateun Babari ambek, babari anggeus-anggeusan.
  14. Rubuh-rubuh gedang Barudak nu dialajar salat barjamaah (amum) kakara nurutan ruku-sujudna wungkul atawa mi gawe sarupaning perkara teu karana nyaho kana maksudna, sakadar nurutan batur.
  15. Rumbak caringin di buruan Geus euweuh nu bakal ngingetan, ku sabab geus teu boga kolot saluhureun.
  16. Rup ku padung rap ku lemah, katuruban (diurugan) taneuh beureum Geus maot, dikubur.
  17. Rusuh luput, gancang pincang, kajeun kendor dapon ngagembol Sanajan gancang ari gaplah percumah, mending kendor tapi hasil.

No comments: