24 July 2008

PARIBASA SUNDA LM

L                                       Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY
  1. Labuh diuk, tiba neundeut Sarua salahna atawa sarua cilakana.
  2. Ladang kesang Rejeki ti Allah lantaran usaha sorangan.
  3. Laer gado Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
  4. Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa seja (beja) Lainindit-inditan teu puguh nu dimaksud, tapi aya picaritaeun nu penting; indit bari mawa tujuan anu pasti.
  5. Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang Lain jalma andar andar, tapi datang ku sabab boga tujuan anu tangtu.
  6. Lalaki kembang kamangi Lalaki nu teu bisa nyukup kabutuhan rumah tangga.
  7. Lalaki langit lalanang jagat Lalaki anu kasep sarta gagah perkasa.
  8. Lali (poho) ka purwadaksina Jelema anu poho ka asal cara anu linglung, lantaran pangkat luhur atawa kabeungharan nu teu wajar.
  9. Lali rabi, tegang pati Poho ka pamajikan jeung tega kana nyawa pikeun ngabelaan nagara jeung bangsa.
  10. Lanca-linci luncat mulang Jalir jangji, udar subaya.
  11. Landung kandungan laer aisan Cede tinimbangan, asak hampura.
  12. Langkung saur bane carek Nyarita nu matak nyentug atawa anu matak nyeri kana hate batur.
  13. Lantip budi Gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan henteu diucapkeun.
  14. Lasminingrat Nu panggeulisna di sakuliah dunya.
  15. Lauk buruk mihi mijah, piritan milu endogan Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan.
  16. Legeg lebe budi santri, ari lampah euwah-euwah Jalma jahat bisa nipu ku tindak-tanduk nu sopan.
  17. Lelengkah halu (Budak) diajar leumpang salengkah-salengkah.
  18. Lengkah kapiceun Indit-inditan bari aya nu dimaksud tapi teu hasil, henteu beubeunangan.
  19. Lentah darat Jelema nu sok nginjeumkeun duit make renten gede.
  20. Lesang kuras Henteu bisa nyekel duit, sok beak bae.
  21. Letah leuwih seukeut manan pedang Raheut hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
  22. Legok tapak genteng kadek Loba kanyaho, loba luang pangalaman.
  23. Leleyep asu Acan sare enya.
  24. Lembur matuh panglayungan, banjar karang pamidangan, nagara ancik-ancikan Lembur tempat matuh atawa cicing.
  25. Lembur singkur, mandala singkah Tempat anu nyumput sarta jauh.
  26. Lengkeh lege Jelema buheukeu, euweuh cangkengan bawaning ku lintuh.
  27. Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
  28. Leuleus awak Gampang dititah.
  29. Leuleus jeujeur Hat tali Cede timbangan, sabar darana, henteu getas harupateun.
  30. Leuleus kejo poena Mimitina bengis, tapi beuki lila beuki hade.
  31. Leumpang sakaparan-paran Teu puguh nu dijugjug.
  32. Leumpeuh yuni Babari kapangaruhan, tara (teu) kuat nahan
  33. gogoda.
  34. Leunggeuh cau beuleum Memeh hiji pagawean anggeus, geus gap deui kana pagawean sejen.
  35. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana Leungit euweuh urutna jeung teu puguh sababna, teu matak kaharti.
  36. Leutik burih Borangan.
  37. Leutik pucus Euweuh kawani.
  38. Leutik ringkang gede bugang Sipat jalma, upamana maot loba uruseunana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
  39. Leutik-leutik cabe rawit Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa (babandingan leutik-leutik ngagalatik).
  40. Leutik-leutik ngagalatik Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa.
  41. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati Leuweung geueuman pikakeueungeun.
  42. Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Pikiran jelema mah hese" dikira-kirana, boh hadena, boh gorengna.
  43. Lieuk euweuh ragap taya Teu boga naon-naon, malarat, taya kaboga.
  44. Lindeuk japati Siga lindeuk tapi lingas (babandingan lindeuk piteuk).
  45. Lindeuk piteuk Siga lindeuk tapi lingas (babandingan lindeuk japati).
  46. Lir cai jeung minyak Teu bisa ngahiji. Lir macan teu nangan Leumpang nu ngalenghoy atawa ngalanggeor (awewe).
  47. Lir nu ngababad pacing Tumerap ka nu ngelehkeun pirang-pirang musuh ku pedang.
  48. Loba catur tanpa bukur Kalah ka omong, buktina euweuh.
  49. Loba teuing jaksa Loba teuing nu mere tinimbangan atawa nasehat.
  50. Lodong kosong ngelentrung Jelema bodo nu loba omong, boga laga nurutan nu pinter.
  51. Lolondokan Bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan atawa jeung kahayang jaman.
  52. Luhur kokopan Gumede.
  53. Luhur kuta gede dunya Beunghar sarta gede pangaruh.
  54. Luhur pamakanan (kokopan) Gumede.
  55. Luhur tincak Kalakuanana sok nurutan nu luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.
  56. Luncat mulang Omonganana teu puguh dicekel, teu bisa dipercaya.
  57. Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh Siga lungguh katenjona padahal bangor.
M
  1. Mabok pangkat Adigung, ieu aing jeneng.
  2. Macan biungan Jelema anu teu akur jeung batur salembur.
  3. Mageuhan cangcut tali wanda Saged rek bajoang.
  4. Maju jurang mundur jungkrang Taya piliheun, ka ditu ka dieu pibalaieun. Malapah gedang Malibir heula memeh nyaritakeun maksud nu saenyana.
  5. Malengpeng pake! ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngalampahkeun perkara nu moal pihasileun.
  6. Maliding sanak Pilih kasih.
  7. Malik ka temen Asal babanyolan tuluyna jadi enyaan.
  8. Malik mepeh Gulang-guling lantaran henteu kuat nahan kanyeri atawa keur sakarat.
  9. Malik rabi pindah ngawula Nganteuran dahareun ka dunungan anyar.
  10. Malik tali (malik tambang) Malik hukum.
  11. Malikkeun pakarang ngalawan ka dunungan ku pakarang pamerena.
  12. Malikkeun pangali Nu diserenan pagawean kawajibanana, kalah nempuhkeun ka nu nyerenkeunana.
  13. Manan leweh mending waleh Tinimbang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna.
  14. Manasina sambel jahe, top top tewewet Moal ujug-ujug kaala hasilna, kudu sabar.
  15. Mandi getih Baloboran getih lantaran tatu.
  16. Mandi oray Mandi ngan sakilat, mandi ngan sakecebes, teu make sabun.
  17. Mangkok emas eusi madu Jelema anu omongna, lampahna, nepi ka hatena oge hade.
  18. Mangpengkeun kuya ka leuwi Nu dititah ka lembur asalna kari-kari ngalelep teu balik deui.
  19. Manis lambe Jangji sanggup naon-naon tapi ngan omong wungkul (kalah ka omong)
  20. Manuk hiber ku jangjangna Jelema hirup ku akalna.
  21. Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diomongkeun upama geus maot.
  22. Mapatahan naek ka monyet Mapatahan ka nu leuwih pinter.
  23. Mapatahan ngojay ka meri Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
  24. Mapay ka puhu leungeun Kasalahan jelema sok mamawa goreng ka kolotna atawa ka saluhureunana.
  25. Maras miris Teu pati wani.
  26. Marebutkeun (ngagugulung) balung tanpa eusi Marebutkeun perkara anu teu aya gunana.
  27. Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun perkara nu teu aya gunana.
  28. Mata dijual ka peda Dilarapkeun ka nu malaweung, nepi ka teu awas ka nu disanghareupan (mata molotot tapi teu awas).
  29. Mata duiteun Piduit pisan.
  30. Mata karanjang Sadeuleu-deuleuna, bengbatan, biasana lalaki ku awewe.
  31. Mata simeuteun Ngarasa heran, nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup.
  32. Matak andel-andeleun Matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
  33. Matak ibur salelembur, matak ear sajajagat Matak geunjleung, jadi carita di mana-mana.
  34. Matak muringkak (muriding) bulu punduk Matak cararengkat bulu punduk, lantaran sieun ku nu lain-lain keur nyorangan.
  35. Matak pajauh huma Matak hese silih anjangan atawa matak teu silih pikanyaah.
  36. Matak tibalik aseupan Matak teu bisa nyangu.
  37. Maung malang (maung sarungkun) Sabondoroyot atawa sakulawarga ngawangun ponggawa atawa pagawe di hiji desa, tapi dina bendengna alahbatan jeung deungeun-deungeun haseum.
  38. Maung ngamuk gajah meta Bancang pakewuh.
  39. Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong Jalma nu boga komara man sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
  40. Maut ka puhu Pasea budak mamawa ka kolot.
  41. Maut nyere ka congona Asal beunghar, beuki kolot beuki kokoro; hirup susah pakokolot atawa ngarandapan kurang rejeki sanggeus kolot.
  42. Meber-meber totopong heureut Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
  43. Menta buntut Menta deui.
  44. Mere langgir kalieun Mere barang (duit) nu kudu diakalan heula ku nu dibere, bari can tangtu hasilna.
  45. Medal sila Ninggalkeun riungan lantaran ambek atawa wirang.
  46. Melengkung beukas nyalahan Keur ngorana bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug; atawa nu ditaksir hade tapi goreng jadina.
  47. Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab banderana Ngagambarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pesta.
  48. Mending kendor ngagembol tinimbang (tibatan) gancang pincang Mending keneh lila tapi hasilna alus tibatan gancang tapi hasilna goreng.
  49. Mending pait ti heula tinimbang pait tungtungna Dina urusan jual-beuli atawa usaha kudu asak heula badami, bisi jadi pacogregan di ahirna.
  50. Meubeut meulit Nyarekan bari mamawa (nyabit-nyabit) ka nu lian nepi ka balukarna goreng.
  51. Meuli teri meunang japuh Kalawan teu disangka-sangka ti samemehna urang meunang milik anu leuwih gede.
  52. Meunang kopi pait Digelendeng atawa dicarekan ku dunungan.
  53. Meunang luang tina burang Meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula.
  54. Meungpeun carang (ku ayakan) Api-api teu nyaho (teu nenjo), ngantep batur milampah pagawean anu dilarang.
  55. Meupeus keuyang Ngabudalkeun kakeuheul atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu boga kasalahanana mah teu wani ngambek.
  56. Miceun batok meunang coet Miceun anu goreng ku sabab hayang meunang anu alus, tapi tungtungna mah kalah meunang nu goreng deuibae.
  57. Miceun beungeut Ngabalieur, embung pateuteup lantaran ngewa atawa era.
  58. Mihape hayam ka heulang Teu boga wiwaha, titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.
  59. Mihapekeun maneh Nyieun pikanyaaheun jeung pikaresepeun nu dicicingan atawa nu jadi dunungan.
  60. Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.
  61. Milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala Rijki mah moal patukeur. Allah anu ngarijkian sakabeh mahluk-Na.
  62. Mindingan beungeut ku saweuy Nyimbutan rasiah sorangan nu geus kanyahoan ku batur.
  63. Mipit kudu amit ngala kudu menta Teu meunang cocorokot kana barang batur.
  64. Miyuni (cara) hurang, tai ka hulu-hulu-(na) Bodo pisan.
  65. Miyuni hayam kabiri, ngeplek jawer ngandar jangjang, kumeok eleh ku bikang Leutik burih, euweuh kawani. Tingali oge Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.
  66. Miyuni hui kamayung Teu payaan, katoel saeutik ngambek.
  67. Miyuni umang Teu daek ihtiar nepi ka bisa boga imah sorangan (saumur-umur nyewa atawa ngontrak).
  68. Moal aya haseup mun euweuh seuneu Sagala rupa beja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngareka.
  69. Moal ceurik menta eusi Henteu maksa hayang dibere atawa dieusian.
  70. Moal ditarajean Teu sieun, wani.
  71. Moal jauh laukna Moal hese piuntungeunana.
  72. Moal mundur (ngejat) satunjang beas Teu sieun teu gimir saeutik eutik acan.
  73. Moal neangan jurig nu teu kadeuleu Moal nyangka ka saha-saha
  74. deui nu boga dosana, lantaran Si Dadap geus katotol teu jujur.
  75. Moal ngabejaan indung suku Rusiah pisan, moal dibeja-beja.
  76. Mobok manggih gorowong Eukeur mah aya maksud, ari heg aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  77. Modal dengkul Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul, teu make duit.
  78. Monyet dibere (se)sengked Dibere kasempetan komo ngahanakeun (kana kalakuan goreng).
  79. Monyet kapalingan jagong Nu maling kapalingan, tukang tipu katipu.
  80. Monyet ngagugulung kalapa Nyaho luarna wungkul, teu apal kana jerona.
  81. Mopo memeh nanggung Wegah memeh pek ngalaksanakeun pagawean.
  82. Moro julang ngaleupaskeun peusing Ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu tacan puguh.
  83. Moro taya, tinggal kaya Pakaya nu geus mukti ditinggalkeun, lantaran pindah ka tempat nu singsarwa euweuh.
  84. Mucuk eurih (Ramo kuku awewe) lalencop kawas pucuk eurih.
  85. Muga sing ngarendekeh kawas sereh, ngarandakah manan manjah Sing loba turunan.
  86. Mukti wibawa Hirup senang sarta pada ngambeuan jeung pada ngahormat lantaran boga pangaruh.
  87. Mulih ka jati mulang ka asal Maot, asal ti Alloh balik deui ka Alloh.
  88. Mun di lembur kayu randu, mun di leuweung kayu dangdeur, dipake pamikul bengkung, dipake pangeret bingkeng, dipake pancar teu ruhay, dipake tihul teu hurung Jelema anu taya pupurieunana atawa araheunana, lantaran sagala pugag atawa taya kabisa.
  89. Mun kiruh ti girang, komo ka hilirna Lamun pamingpin lampahna kurang hade/ komo nu dipingpinna.
  90. Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek (ngopek) moal nyapek Lamun teu usaha/ digawe moal boga dahareun.
  91. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Balik ti pangumbaraan ka tempat asal sarta teu niat ingkah deui.
  92. Mupugkeun tai kanjut Kariaan leuwih gede ti biasa, lantaran ku ijiran moal rek kariaan deui (ngawinkeun atawa nyunatan anakbungsu).
  93. Murag bulu bitis Teu betah cicing di imah, karesepna ngan nyaba bae.
  94. Murah sandang murah pangan Teu kakurangan, loba pakeeun jeung dahareun (di nagara nu raharja).
  95. Muriang teu kawayaan Kalah wowotan, teu kuat nyangga lara ati, upamana anu keur kabungbulengan (kaedanan).
  96. Mustika pagulingan Wanoja geulis pisan.
  97. Musuh (satru) kabuyutan Musuh ti baheula nepi ka ayeuna, atawa musuh turunan kawas ucing jeung anjing.

No comments: