20 July 2008

PARIBASA SUNDA T

T                                                Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY
  1. Taarna teja mentrangan Tarang anu alus kawas anu cahayaan.
  2. Tacan aya nu nganjang ka pageto Can aya jelema nu nyaho naon anu bakal kajadian di ahir.
  3. Tai ka hulu-hulu Tingali miyunihurang, taika hulu-hulu(na).
  4. Taktak korangeun Taktak leway kawas kempis.
  5. Tamba gado ngaburayot (ngagayot) Tamba cicing teu barangdahar, lumayan sanajan lain nu ngeunah.
  6. Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
  7. Tamplok aseupan Turun sagemblengna ka anak, boh dedeg-pangadegna boh tingkah lakuna.
  8. Tamplok batokeun Berehan, balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan.
  9. Tangkal kai teu kalis ku angin Unggal jelema kudu bae nyorang kasusah.
  10. Taraje nanggeuh dulang tinande Sadia ngajalankeun parentah.
  11. Tarik alahbatan (alahbatan) mimis Kacida tarikna.
  12. Tatah wadung Rajakaya anu dipiboga ku hiji jalma.
  13. Tawar gatra Nawaran (ngajak) dahar tamba henteu basa-basa acan. Bandingkeun jeung Ajak jawa
  14. Taya dunya kinasihan Sagala rupa dibikeun pikeun jalma nu dipikaasih mah.
  15. Taya genah panasaran Geus ngarasa sugema, teu ngandung hate.
  16. Taya geusan pakumaha (pananggeuhan) Euweuh batur keur diajak badami.
  17. Taya halodo panyadapan Taya eureunna pasea.
  18. Taya kabau Sagala daek, sagala beuki.
  19. Taya tangan pangawasa Leuleus, taya tanaga.
  20. Tembong (kanyahoan) tambagana Kaayaan hate atawa laku lampahna anu goreng ahirna kanyahoan, sok sanajan tadina disumputkeun.
  21. Tembong gelor Hiji barang atawa tempat anu katembongna mah deukeut padahal saenyana jauh.
  22. Teng manuk teng, anak merak kukuncungan Ngala ka indung jeung ka bapa.
  23. Tebus purun paradah wani Upama perlu daek nebus, sarta wanikatempuhan jeung wani tanggung jawab.
  24. Teguh pancuh Teguh pamadegan.
  25. Teluh kejo Tunduh lantaran seubeuh teuing dahar.
  26. Terusing ratu rembesing kusumah Turunan raja-raja atawa menak.
  27. Teu asup ka Rewah-Mulud Jelema anu tara diondang kana sidekah dina bulan Rewah jeung Mulud.
  28. Teu asup kolem Teu asup bilangan, teu kaaku golongan.
  29. Teu aya geuneuk maleukmeuk Bersih hate, teu ngunek-ngunek.
  30. Teu hade gawe Teu pantes bisa digawe.
  31. Teu basa (beja) teu carita Teu aya beja pisan.
  32. Teu basa-basa acan Teu ngedalkeun rasa bungah, sono atawa tumarima.
  33. Teu beunang dikoet ku nu keked Jelema koret, teu beunang dipentaan tulung ku nu keur susah.
  34. Teu beunang disupa dulang Teu beunang dibebenjokeun.
  35. Teu boga pikir rangkepan Bolostrong, teu boga curiga, atawa teu boga rasa timburu.
  36. Teu boga tulang tonggong Teu boga tatalang raga.
  37. Teu busik bulu salambar Salamet atawa meunang kaunggulan, henteu kabeunangan ku musuh.
  38. Teu busik-busik acan Salamet, henteu kabeunangan ku musuh. Babandingan teu busik bulu salambar.
  39. Teu cai herang-herang acan Teu disuguhan naon-naon.
  40. Teu di hurang teu di keuyeup Parasaan mah teu di cacah teu di menak, sarua bae.
  41. Teu diambeuan Teu dihargaan, teu diajenan, teu dipikaserab, teu dipikaera, teu dipikasieun.
  42. Teu dibere cai atah Teu diogo.
  43. Teu didenge ku tai ceuli (bujur) Teu diperhatikeun pisan.
  44. Teu didingding kelir Diceplakkeun satarabasna taya nu di-pinding-pinding.
  45. Teu dipiceun sasieur Ceples, sarua pisan.
  46. Teu ditari (ditalek) teu ditakon Diantep, teu ditanya-tanya acan, sumawonna diajak nyarita.
  47. Teu eleh geleng Henteu eleh pangabisa.
  48. Teu elok teu embol Teu katenjo datang atawa balikna, teu tembong-ternbong.
  49. Teu embut teu ciak Teu mere beja saeutik-eutik acan.
  50. Teu gedag bulu salambar Teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman musuh.
  51. Teu gugur teu angin Teu aya lantaranana, teu aya sabab-musababna.
  52. Teu hir teu walahir Teu baraya meueus-meueus acan.
  53. Teu inget sacongo buuk Poho sama sakali.
  54. Teu jauh ti juru tihang, teu anggang ti tihang tengah Geus goreng rupana teh goreng kalakuanana, sabab sok pulang-paling.
  55. Teu kabadanan Teu katanagaan.
  56. Teu kakurung ku entik Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan/ dibere dahar.
  57. Teu kaleungitan peuting (Awewe) nu tacan kaleungitan salaki sapeuting jeput euweuh di imah (ciri-ciri teu mangduakeun).
  58. Teu kaur beunta/teu kaur buluan Teu kaur aya kaboga, beak deui-beak deui.
  59. Teu lemek teu nyarek Teu ngomong naon-naon.
  60. Teu mais teu meuleum Teu pipilueun kana urusan nu jadi carita.
  61. Teu meunang cai atah Teu dipangmeunangkeun.
  62. Teu nalipak maneh Teu ngukur ka kujur, ngalampahkeun kalakuan nu teu saluyu jeung kaayaan dirina.
  63. Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan Ngumbar napsu sahwat bari henteu pipilih heula.
  64. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Nyaksian ku sorangan, lain beunang beja.
  65. Teu nyaho di alip bingkeng Buta hurup, teu bisa ngejah-ngejah acan.
  66. Teu nyaho di hitut bau Teu loba pangalaman, dusun.
  67. Teu nyaho di kaler-kidul Linglung, kapaider.
  68. Teu pindo gawe Teu ngabohong.
  69. Teu puguh alang ujurna (hulu buntutna) Teu puguh entep seureuhna, teu beres (bisa kana omongan atawa pagawean).
  70. Teu puguh monyet hideungna Teu puguh tungtungna.
  71. Teu sanak teu kadang Teu boga baraya pisan.
  72. Teu tata pasini Teu cacarita heula, teu badami heula.
  73. Teu tuah teu dosa Teu boga kasalahan naon-naon.
  74. Teu uyahan Rehe, teu lucu.
  75. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Balukar tina teu wawuh, tangtu bakal jadi pajauh.
  76. Ti batan meunang pala anggur meunang palu Ti batan meunang pujian atawa buruhan kalah ka dicarekan.
  77. Ti kikirik nepi ka jadi anjing Ti bubudak (leuleutik) tepi ka sawawa (dewasa).
  78. Ti nanggerang lila beurang ti nangkorek lila poek Ti mana-mana, ti suklakna ti siklukna.
  79. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk Ti bubudak nepi ka bongkok ku kakolotan.
  80. Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban Karoroncodan leuwih ti sakali.
  81. Tibalik pasangan Lain kitu kuduna, tojaiah jeung nu bener.
  82. Tibatan kapok, anggur gawok Henteu kapok, anggur ngahanakeun.
  83. Tiis ceuli herang mata Ngarasa sugema, taya kahariwang, ngeunah tetenjoan.
  84. Tiis dingin paripurna Sampurnaning tiis pikir/ tibra sare, kacida ngarasa sugemana, taya kahariwang.
  85. Tiis leungeun Jadian pepelakan.
  86. Tiis pikir Senang hate.
  87. Tiis-tiis jahe Tenang-tenang wae, padahal rek nyanghareupan pagawean gede tur bangga.
  88. Tikoro andon peso Nyampeurkeun nu rek newak atawa ngahukum.
  89. Tikoro kotokeun, careham hayameun Isuk-isuk keneh (neut
  90. hudang) geus kudu barangdahar.
  91. Tilas tepus Ukur sacukupna bae.
  92. Tinggal tulang jeung kulit Kacida begangna (nu gering ripuh).
  93. Tinggar kalongeun Tina mindeng teuing dicarekan atawa dilarang, tungtungna teu sieuneun.
  94. Tipu keling, ragaji inggris Pinter dina urusan kajahatan, pangpangna dina nipu atawa macikeuh deungeun.
  95. Tisusut tidungdung Digawe ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun.
  96. Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh, kumawula supaya aya anu mere dahar jeung pake.
  97. Titirah ngadon kanceuh Neangan kasenangan, tapi kalah meunang kasusah.
  98. Torojog (tumorojog) tanpa larapan Datang henteu ngiberan heula.
  99. Totopong heureut dibeber-beber kalah soek Rejeki saeutik ari kaperluan loba, tungtungna timbul kasusah.
  100. Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut Dilarapkeun ka jelema nu kedul hudang subuh.
  101. Tuang jinis Jelema nu sok seuri ku carita atawa dongengna sorangan, ari batur mah euweuh nu seuri.
  102. Tugur tundan cuntang gantang Kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara.
  103. Tumpang sirang Teu pantes barangpake, tumamu lantaran kararagok wae jeung nu dicicingan.
  104. Tunggu tutung Nu ngajaga atawa nu tunggu kapalingan ku lantaran lalawora.
  105. Tunggul dirarud, catang dirumpak Ngalajur napsu taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirumpak.
  106. Tunggul kuras Duit teu sabaraha anu ngahaja disesakeun, tamba kosong teuing pesak (dompet).
  107. Tunggul sirungan catang supaan Aya kajadian goreng di ahir nu matak teu ngeunah balukarna.
  108. Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan Junun digawe henteu kabengbat ku pagawean sejen.
  109. Turun ka ranjang Kawin ka adi beuteung sanggeus jeung lanceukna kapegat ku ajal atawa pepegatan. Sabalikna tina unggah ka ranjang.
  110. Turun tangis Babarian ceurik.
  111. Turunan Tumenggung sundung, patih arit Lain turunan menak sanajan enya jeneng.
  112. Tutung atahan Pagawean atawa jijieunan anu alus sawareh.
  113. Tuturut munding Nurutan kalakuan batur bari teu ngarti kana maksudna.
  114. Tutus langkung, kepang halang, bobo sapanon carang sapakan Omongan atawa caritaan anu salah pok-pokanana atawa teu pati merenah.