05 October 2016

RAPOT WARGA jeung NYADAP KAWUNG

RAPOT WARGA

Ku : MAMAT SASMITA


Baheula, kira-kira taun dékade 1950, waktuna samen (tina basa Walanda examen) téh kacida didago-dagona, lantaran mun geus samen, sakola sok tuluy peré lila, disebutna téh pakanci, atuh dina poéan samen gé di sakola téh sok ramé ku tatanggapan jeung ku nu dagang jajanan.  Indit ti imah rebun-rebun kénéh, dianteur ku bapa jeung ema bari mekel timbel, duit keur jajan gé dibéré aya leuwihna. Dina poé samen téh sok dibagi rapot, peunteun alus atawa goréngna salila diajar, naék kelas atawa hanteuna. Murid-murid nu naék kelas atawa nu lulus kacida jigrahna, hayang jajan gé sok dipupujuhkeun ku indung bapana. Sanggeus nampa rapot sok tuluy brak dalahar murak timbel bekel ti imah, kitu wé di pakarangan sakola, tampolanana aya nu ngampar samak sagala, da datangna lain saurang dua urang tapi ngabubuhan sadulur-dulur ngilu.
Raraméan dina waktu samen téh sigana ti baheula mula, kabaca dina buku Gandasari, nu medal munggaran taun 1933, maké jeung disebutkeun nanggap wayang sagala. Ari dina Rusdi jeung Misnem mah teu disebutkeun raraméanana mah ngan disebutkeun gegedén pamaréntahan téh datang ka sakola, tuluy nguji murid, sina maca, nulis, ngitung jeung ngagambar.  Mun rapotna alus, komo mun euweuh beureuma, sok jadi kaagul, da nu remen silih tanya jeung papada murid téh aya beureumna atawa euweuh dina rapot.

Nyalusur kecap rapot dina kamus basa Sunda, kapanggih dina dina  Kamus Basa Sunda (Danadibrata,2006) ditulis rapot, hartina (dicutat saujratna) hakékatna sarua hartina jeung lapor, tapi ari di Sunda mah hartina atawa maksudna rapot téh buku catetan di sakola hasil beubeunangan diajar tiap-tiap murid, dina jero sataun barudak sakola narima rapot tilu kali atawa dua kali, dina rapot bisa kapanggih pinter henteuna budak sakola. Ari dina kamus basa Sunda LBSS (citakan ka 9, 1995) ditulis rapor atawa rapot hartina buku peunteun barudak sakola nu sok dibagikeun sakwartal sakali. Ku kituna dina ieu tulisan hartina rapot sarua jeung rapor.
Kecap rapot atawa rapor téh tina basa Walanda rapport, siga nu kapanggih dina buku rapor Holandsch Inlandsche Scholen (HIS) dina jilidna ditulis Rapport, tuluy kapanggih deui dina buku rapor Sekolah  Rakjat di Bandung dina jilidna ditulis Buku Rapor.
Demi ari pentingna buku rapor diantarana nyaéta mangrupa dokumen tinulis murid nu oténtik, salian ti éta buku rapor gé mangrupa bukti nyata geus nepi kamana kanyaho atawa kompeténsi murid,  kukituna eusi  buku rapor teu meunang dirobah ku sasaha.

Kahareup mah nu dibagi rapot téh lain ngan sakadar murid sakola wungkul  utamana di kota Bandung, tapi sakabéh warga kota Bandung disebutna rapor indeks kemasyarakatan. Sabab Walikota Kota Bandung dina bulan Mei 2016 méré iber (dina media sosial facebook) yén unggal warga kota Bandung bakal dibagi rapot. Mun males milu gotong royong, kerja bakti, males milu rapat di RT pasti rapotna beureum, tapi sabalikna mun aktif jeung kontributif pasti rapotna biru, kitu cék Walikota téh.  Sebut wé nu dibagi rapot téh unggal kepala keluarga atawa jumlah kartu keluarga (KK) nu aya di kota Bandung, kira-kira jumlahna téh tujuh ratus tilu puluh rébu. Mun nyitak hiji rapot waragadna nepi ka sapuluh rébu rupiah, jumlah jamléh waragadna nepi ka tujuh milyar rupiah leuwih keur nyitak rapot warga téh, ambuing gedé geuning. Atuh bisi mahal teuing waragadna mun nyitak rapot hiji sapuluh rébu rupiah mah, urang turunkeun wé jadi lima rebu rupiah hijina, meureun jumlah jamléhna téh tilu milyar lima ratus juta rupiah leuwih, da sakitu gé angger wé gedé, komo ieu keur pagawéan nu can karuhan alus tungtungna, sabab ieu téh nu munggaran di sakuliah nusantara, can aya keur studi kasusna.

Nu bakal méré peunteun ka warga téh nyaéta Ketua RT, kacipta kumaha kerungna, nyurengna bari jeung hulang huleng méméh rék trét nulis peunteun, naha beureum atawa bulao. Kudu asak-asak mikir ulah padu trét baé bisi jadi mamala, matak riributan jeung warga.
 Hubungan antara  Ketua RT jeung warga lain hubungan struktural  antara atasan jeung bawahan siga di pamaréntahan atawa pausahaan, ieu mah hubungan sosial nu kacida logorna. Parandéné kitu nu dipiharep téh aya rasa léah manah ti warga, ngarti kana maksud jeung tujuan ayana rapot, Mun téa mah unggal warga ngilu aub kana kagiatan di lingkungan sabudeureunana boh ngilu rapat RT, boh  ngilu kerja bakti, sahenteuna bisa wawuh, daréhdéh, soméah tur uah aéh ka papada tatangga henteu aing-aingan, meureun Ketua RT téh teu kudu kerung-kerung teuing dina méré peunteun, kari trét nulis ku warna bulao.

Nu jadi patarosan naha iraha jeung kumaha mikeun rapot ka warga téh, naha siga samen di sakola, kudu raraméan nanggap wayang, kendang penca jeung terebang?  

(Dimuat dina Koran PR Rubrik Bincang Sunda Rabu 8 Juni 2016)



NYADAP KAWUNG

Ku : MAMAT SASMITA

Rupaning pakasaban jaman baheula, miturut naskah kuna Carita Parahyangan, diantara panyadap atawa tukang nyadap, nu dimaksud nyadap didieu teh nyadap kawung, lain nyadap karét.
Tangkal kawung (arenga pinnata), mun ningali junggiringna, kacida sesegna, kaciri gagahna, malah rajeun pikagimireun. Jangkungna, nu geus dianggap déwasa, bisa nepi ka 25 m, gedéna satangkeup leuwih.  Baheula aya anggapan kawung mah teu bisa dipelak, tapi sok jadi sorangan, nu matak pelak kawung mah sok ancal-ancalan, cenah mah nu jadi téh tina kokotor careuh, geura bisa dibaca dina Babad Kawung.  Béda deui jeung jaman kiwari kawung gé geus dibudidayakeun.  Tangkal kawung kakara bisa disadap mun umurna geus sapuluh taun, malah nu génjah, lantaran hadé omé, umur dalapan taun gé geus bisa disadap. Ari dina Babad Kawung mah kakara bisa disadap mun umurna geus dua puluh taun, kacida leuirna, lantaran tara diurus téa.

Kawung nu di sadap sok dipasang sigay, siga tarajé, ngan awina saleunjeur, dicohak unggal buku keur titincakan nu naék, dina Babad Kawung disebutkeun  unggal kawung nu disadap kudu baé maké sigay najan kawungna pendék. Masang sigay téh teu sagawayah, sabab sigay téh teu béda jeung rarangkén, matak sieup kana kawung disebutna gé tarajé emas, nu masang sigay sok ngomong kieu “Puah putih anu raja, ulah geder ulah reuwas disangsangan tarajé omas siang kancana.” Supaya sigay téh kuat naplok kana tangkal kawung sok dipaseuk, paseukna disebut panteng.
Cirina kawung geus manjing disadap, mun kembangna geus bijil tina sungapan antara tangkal jeung kalokop palapah daun kawung. Kembang kawung  nu bijil, aya kembang lalakina rajeun disebut langari, aya deui kembang bikangna, sabab kawung mah kaasup  tangkal monosius uniseksual hartina kembangna dina satangkal aya nu lalakina jeung aya nu bikangna. Nu disadap diala lahangna téh tongkol, dina Babad Kawung disebut leungeun jeunah, kembang lalakina, sedengkeun nu bikangna tara disadap, sok diantep keur diala jadi cangkaléng.
Prak-prakan méméh nyadap, injuk dina palebah tongkol kudu diberesihan heula, aya pok-pokanana dina waktu meresihan injuk, siga nu keur gunem catur “Cawéné bésér aya calik?”, dijawab ku sorangan keneh “Aya”, “Rék ménta nganjang”, “Rampés”. “”Suka anjeun dibébék baju?, “Suka”. “Suka anjeung disingsatkeun samping?”. “Suka.”
Sanggeus beresih tuluy tongkol atawa leungeun jeunah téh ditinggur, dipeupeuh lalaunan maké paninggur (popongkol kai kira sagedé leungeun). Salila ninggur, tongkol diayun-ayun bari ngegereyem “Nini Bagawat Sangsri, Aki Bagawat Sangsri, ditimbul ku tepus bengkung, dipaléngpéng ku honjé gepéng. Mangka ngocor tina injuk, prék cereleng tina nyéré. Nyuruluk tina caruluk, ngarakacak tina séngsérang…deg cereleng..deg cereleng…deg cereleng.”
Aya deui, kieu pokpokanana “Euleus euleus bubuy ileus, euleus kénéh tinggur kuring. Yun ayun randa bésér uwar awér, Yun ayun ka ditu laut, ka dieu dano, ditengah talaga ngembeng. Yun ayun cawéné bésér, nyi randa bésér. Yun ayun sagara madu cai.”
Nu séjénna “Pun kawung kangkeng kawung, kawung bingkeng ditinggur ku budak kereng, pakereng-kereng, dek cereleng…dek cereleng…dek cereleng.”
Ditinggurna teu meunang lila teuing, ngaheuleut dina sapoéna lan kudu mayeng sababaraha poé. Sanggeus dikira manjing waktu, kakara tongkol dipagas, dikeureut saeutik dina tungtungna maké péso sadap atawa péso naon baé asal seukeut jeung beresih. Waktu magas gé aya pokpokanana “Beusi putih waja putih tiba kana leungeun putih. Cep tiis kersana Alloh, cep tiis kersaning Alloh,” atawa “Puah putih anu raja, ulah geder ulah reuwas, ulah peurih na angen masing na cimata. Sampé taun sampé bulan.” Aya deui kieu “Puah putih anu raja…ragrag, Kunaon?. Raheut ku kujang?”, “Lain.” “Kunaon, ku arit?” “Lain.” Ku golok, golok gé lain sagolok-golokna, golokgok.”
Mun geus dipagas, cai lahang nu nyakclak narétés, ditandéan ku lodong. Supaya cai lahang teu digembrong laleur atawa sireum sok dibulen ku lawon, “Diakeup ku kuring teu kabawa, digotong euweuh batur, tindihan baé ku baju, baju gé lain sabaju-bajuna…Eum.”

Salila nu nyadap aya di luhur, dina tangkal kawung, supaya aman teu tikoséwad atawa labuh sok maké tali tangkar, cék basa ayeuna mah disebut safety belt. Tali tangkar biasana dijieun tina hoé, dibeulitkeun kana tangkal kawung tuluy dibeulitkeun kana awak nu nyadap.
Lodong gé sok maké tali, sangkan babari mawana, disoléndangkeun kana taktak, disebutna tali pinti.
Lahang beunang nyadap bisa dipolah jadi gula beureum, jadi cuka atawa wayu, wayu téh siga tuak, mun diinum loba teuing matak mabok. Tangkal kawung téh loba gunana, tangkalna bagian nu teuasna disebut ruyung, kacida alusna keur nyieun iteuk atawa popongkol keur panakol, galeuhna dijieun tipung kawung. Injukna keur hateup atawa tambang, daunna keur anyaman atawa dijieun bungkus roko, nyéréna keur nyieun sapu nyéré atawa keur cocolok saté. Akarna mun diolah bisa jadi tali urek, kacida liatna. Lebu pameuleuman balukangna alus keur obat éwateun sok disebut sarérang kawung.
Ieu tulisan téh disarungsum tina Babad Kawung jeung tina Panyadap tulisan CM Pleyte nu kungsi dimuat dina BKI 59-1;591-647 nu medal taun 1906. Panyadap mangsa kiwara arang langka nu maké parancah siga di luhur, cukup ku ngadoa sangkan berekah salamet saréréa.▄ 

(Dimuat dina koran PR Rubrik Kalam Senin 5 September 2016) 



No comments: