26 October 2016

Carpon : NU MULANG MIHEULAAN

Ku : MAMAT SASMITA

Taun 2012 dina mangsa munggah haji
Isukan bada lohor rék ka Madinah, kitu cék nu ngabingbing haji téh, tuluy ngajadwalkeun engké peuting bakal tawaf wada, tawaf papisahan. Bérés tawaf wada, kira-kira tabuh opat kasubuhnakeun, kuring jeung pamajikan teu terus mulang ka panginepan, tapi néangan tempat, niat mah rék ngadon salat sunah, néangan tempat téh hayang nu bisa  nyanghareup ka multazam, antara hajar aswad jeung panto kabah. Salila tawaf wada téh maké juuh ku cipanon sagala, aya nu nyérédét kana haté, asa embung papisah, pamajikan gé kadéngé ngingsreuk, sigana pikiranana sarua jeung kuring. Boa iraha bakal panggih deui, boa iraha bakal deukeut deui. Ĕta nu jadi sabab moal waka buru-buru mulang ka panginepan téh, hayang anteng neuteup ka’abah, hayang anteng aya di jero masjidilharom. Hayang anteng ngumbar kasono, hayang anteng ngabudalkeun kabéh kereteg haté, bari sakalian ngadagoan waktuna solat subuh da rarasaan teh moal lila deui.



Kuring jeung pamajikan mundur ka béh tukang, Alhamdulillah meunang tempat, najan rada pasesedek jeung nu séjén, babaturan sarombongan gé aya. Di dinya anteng ngadu’a, enyaan ngabudalkeun kabéh kereteg haté. Menta dihampura tina sagala kasalahan, lir keur muter ulang filem kahirupan diri, rumasa loba kasalahan hirup téh, rumasa sombong, rumasa boga rasa aing kumawasa. Sakali deui cipanon juuh, sakali deui kuring ngadéngé pamajikan ngingsreuk jeung remen ngusap cipanon. 
Bérés solat subuh, bérés ngadu’a  tuluy kaluar ti masjidilharom. Kaluar téh ti panto nomer opat puluh lima, teu ngahaja kaluar ti dinya, pédah rada kaséréd ku batur ku nu papada rék kaluar masjid,  biasana mah kaluar asup ka masjid téh ti panto nomer tujuh puluh salapan. Lantaran kuring jeung rombongan téh meunang panginepan di jalan Ummul Quro, deukeut jeung jambatan Mansur, sok disebut Qubri Mansur. Panto pangdeukeutna di masjidilharom mun datang ti jalan Ummul Quro téh panto nomer tujuh puluh salapan. Geus jadi tanda keur rombongan kuring mah, rombongan sabimbingan haji,  biasana sok silih dagoan téh di hareupeun hotél Dawrut Tawhid, ngadon ngumpul dariuk, hareupeun pisan panto nomer tujuh puluh salapan.
Kaluar ti panto nomer opat puluh lima téh terus ngoréléng ka kénca, leumpang téh antaré wé, teu rurusuhan, asa hayang kénéh ngumbar kasono, asa can cacap ngabudalkeun kalaip diri. Sigana pamajikan gé sarua, da kalan-kalan nyusut cimata. Terus leumpang mapay palataran masjid.
“Bah, hoyong ka jamban heula,” cék pamajikan sorana semu haroshos. Kabeneran di dinya aya jamban husus keur awéwé, supaya  gampil papanggih deui kuring nuduhkeun tempat ngadagoan, dina undakan keur ka masjid tingkat kadua. Di dinya gé loba nu séjén, sigana sarua papada ngadagoan nu keur ka jamban, kuring diuk deukeut budak ngora, mun ningali keureut beungeut mah sigana urang Arab kénéh.
Kuring unggeuk jeung uluk salam, kuring nyolongkrong ngajak sasalaman, manéhna nyahoeun kuring diuk di dinya téh rék ngadagoan pamajikan nu keur ka jamban, “Sarua kuring gé ngantosan pun bojo ,” kitu pokna téh.
“Kuring ti Indonésia.”
“Kuring mah ti Paléstina,” kitu jawabna.
“Ti sisi kulon?” cék kuring
“Sanés,  ti jalur Gaza,” jawabna.
Ngomong jeung manéhna téh maké basa Inggris, najan basa Inggris kuring tipaparétot teu puguh alang ujurna, tapi sigana manéhna gé ngartieun.
Dina haté mah hayang ngomong pasti  manéhna téh pasukan ti salah sahiji faksi di Paléstina, tapi omongan kitu téh teu pok. Kuring sadar dina mangsana keur ngajalankeun ibadah haji, teu hadé mun ngomongkeun pasoalan pulitik atawa perkara kadunyaan. Kuring neuteup ka jauhna, satungtung palataran masjid, pagaliwotana jalma sakitu lobana, pasti kana puluhan rébu, kabéh gé keur ngajalankeun ibadah, nohonan ondangan ti Nu Maha Kawasa. Ĕta jalma nu sakitu lobana pasti jalma saroléh wungkul, nu ngadu’a keur kamaslahatan dirina, alamna jeung meureun nagarana séwang-séwangan. Meureun sarua nu keur dipikiran ku budak ngora urang Paléstina di gigireun kuring gé, ras kana béja nu kungsi kabaca atawa kalalajoan dina televisi kumaha kaayaan Gaza. Teu karasa biwir ngagereyem lalaunan lagu nu dihaleuangkeun ku Michael Heart
“You can burn up our mosques and our homes and our schools. But our spirit will never die.
We will not go down. In Gaza tonight.”
Sigana budak ngora gigireun téh ngadéngéeun, da terus malik neuteup ka kuring bari ngomong “Anjeun uninga lagu éta?”
“Kantenan wé terang mah, mung teu apal sadayana ongkoh deuih teu tiasa ngahaleuangkeunana nu leres, sora kuring mah sumbang.”
“Leres kitu pisan kaayaan Gaza téh, sadidinten teu weléh harénghéng, ti murangkalih olollého dugi ka aki-aki nini-nini, kedah sayaga unggal waktos, mayunan kakawasaan nu hawek, nu  taya ras-rasan.”
Méméh kapapanjangan ngomongkeun kaayaan Gaza, kuring buru-buru ngajak ngadu’a, sangkan Gaza geura leupas tina kasarakahan, tina angkara murka dunya. Bérés ngadu’a budak ngora di gigireun téh pok ngomong “Supados komunikasi urang langkung lancar kumaha upami urang nyarios téh nganggo basa Arab.” Ngadéngé kitu kuring kacida kagétna, da puguh basa Arab mah teu bisa sapotong-sapotong acan, rumasa wé teu kungsi diajar. Kuring saduk saduk, hampura teu bisa basa Arab.
“Har, kapan agama Islam téh jolna tina basa Arab, atuh sakedik wé mah, dialog basa Arab kedah tiasa. Kumaha atuh ngahartoskeun Al-Quranulkarim?” Kitu ngomongna téh tandes pisan. Kuring ngadangheuak, asa ditonjok angen, asa dipeupeuh puhu ceuli, rampohpoy teu manggapulia.  Kuring ngajawab lalaunan “Ngahartoskeun Qur’an mah ngaos tarjamahna baé,” tuluy kuring ngaluarkeun Al-Amin, tarjamah Al-Qur’an basa Sunda.  Sigana budak ngora téh surti, da pok deui ngomong “Bapa sepuh, ulah alit manah, wios teu tiasa basa Arab gé, da Alloh Subhanawataala mah ngartoseun sagala basa, sareng ongkoh amal ibadah mah sanés ku ucapan wungkul, tapi ku prakna dina kahirupan sadidinten.” Ayeuna mah nyebut ka kuring téh bapa sepuh.
Kuring unggeuk, asa éra ku budak ngora nu anyar pinanggih, untungna nu tas ti jamban kaburu datang, datangna téh bareng siga nu badami, pauntuy-untuy antara pamajikan kuring jeung pamajikan manéhna.
Tuluy wawanohan, cék kuring “Bagja aranjeun mah, bisa munggah haji ngarora kénéh, dina kaayaan awak  jagjag belejag, teu cara kami nu geus kolot, geus rarémpo.”
“Ih malih upami ningali rombongan haji ti Indonesia mah matak kayungyun ku sumangetna, ku saroméahna,  na sabaraha atuh yuswa téh?”
“Kakara genep puluh punjul hiji, ari ieu mah kakara lima puluh lima,” tembal kuring bari nunjuk ka pamajikan. Ari manéhna ngaku umurna kakara dua puluh dalapan, pamajikanana dua puluh lima, pagawéanana jadi ahli mékanik di Mesir, pamajikanana jadi guru taman kanak-kanak keur katurunan Paléstina di Mesir. Duka teuing beulah mana di Mesirna, teu talété nanya, sigana teu jauh ti wates nagara. Dumukna gé di Mesir lain di Paléstina, kalan sok ka Paléstina mun aya pagawéan menerkeun sarupaning mesin gedé.
Lantaran kuring poé ieu rék tuluy ka Madinah, kuring amitan, méméh papisah téh silih tukeuran email, surat elektronik, ari nomer hapé mah teu silih béré, da cék manéhna nomer hapé mah sok babari ganti.
Sanggeus uluk salam maké jeung silih rangkul sagala, kitu deui pamajikan jeung pamajikan manéhna, enyaan rék papisah téh da jeung teu nyaho iraha rék papanggih deui.
“Kuring moal waka ngirim email nepi ka pertengahan bulan Nopember mah, da kuring rék ka Madinah heula,” kitu cék kuring téh, manéhna unggeuk.

Méméh ninggalkeun palataran Masjidilharom, kuring jeung pamajikan sakali deui neuteup masjid, sakali deui ngadu’a, mugi-mugi kapayun tiasa tepang deui, teu poho ngadu’akeun nu jadi anak supaya bisa datang ka ieu patempatan.
Di jalan kacida raména, nu mulang ka tempat panginepan sewang-sewangan sanggeus ngilu solat subuh berjamaah, kuring leumpang ka peuntaseun jalan nu rék ka jalan Ummul Qura. Leumpang ka panginepan téh kira-kira satengah jam, mun leumpang antaré mah meureun tilu parapat jam. Kuring gé jeung pamajikan teu rurusuhan, da koper bawaeun geus diringkes ti kamari kénéh, tinggal tas nu di jingjing, eusina ukur baju keur ganti. Pamajikan mah maké jeung sempet meuli heula dahareun sisi jalan, keur sasarap jeung keur bekel dina beus.
Miang ka Madinah teh kira-kira tabuh satu, rada elat, lantaran aya pamariksaan heula, cenah koper mah kudu misah jeung panumpang, tah mindah-mindahkeun koper nu lila téh, atuda aya kana opat ratus lima puluh jalma, rombongan sa-kloter téh, kabéh koperna kudu pindah kana mobil séjén.
Perjalanan ti Mekah ka Madinah kaitung rada lila, atuda jauhna gé méh opat ratus lima puluh kilometer, katambah ku eureun-eureunan. Sapanjang jalan téh ngemplong, ukur ningali lempengna jalan, di sisi jalan téh arang langka tatangkalan, nu aya ngan gunung batu atawa sagara keusik.  Nepi ka pamondokan di Madinah téh méh tabuh dalapan peuting, sanggeus meunang kamar jeung bébérés babawaan, kakara bisa kaluar, ningali situasi.  Angger sakamar téh limaan, sarua jeung waktu di Mekah. Atuh jalmana gé éta-éta kénéh.
Harita kénéh gé kuring jeung duaan babaturan sarombongan, mapay jalan, nanyakeun jalan ka masjid Nabawi. Teu jauh geuning, leumpang téh paling gé saparapat jam, jaba jalanna genah, teu nanjak mudun kawas waktu di Mekah. Solat munggran di masjid Nabawi téh waktu solat subuh, bérés solat subuh kuring jeung rombongan sabimbingan haji dikumpulkeun di palataran masjid, nu ngabingbing méré katerangan sajarah masjid Nabawi, jeung nuduhkeun tempatna Kanjeng Nabi dikurebkeun “Tuh itu dihandapeun kubah nu warna héjo,” bari nunjuk.
Subhanalloh, geuning kuring nepi ka masjid Nabawi, tuur asa ngeleper bari jeung awak asa sisiakan, ngaleketey teu béda jeung basa mimiti jol ka Mekah, mimiti asup ka Masjidilharam, mimiti neuteup ka’bah.
Alhamdulillah, salila di Madinah téh lancar, euweuh halangan nanaon, enya ari pasesedek mah, komo basa hayang ngadu’a di raudoh, karasa pasesedekna. Matakna alus pisan mun munggah haji teh dina umur nu keur jagjag belejag. Ulah siga kuring dana mangsa umur geus cueut ka hareup, dina umur mangsa tunggang gunung. Teu karasa di Madinah téh méh salapan poé, cék tuntunan ibadah haji alus mun bisa ngajalankeun solat wajib opat puluh kali di Masjid Nabawi, sok disebut arbain, teu kaselang  atawa teu pegat. Aya éta gé nu méré katerangan solat opat puluh kali teu pegat di Masjid Nabawi téh lain wajib malah teu sunah sunah acan, tapi pan lain salah kasebutna mun bisa gé, da solat mah kawajiban. Poé ka salapan tatan-tatan mulang ka lemah cai, mulang ka Bandung.
Aya samingguna sanggeus di Bandung, kuring kakara ngirim email ka budak ngora urang Paléstina, teu panjang ukur ngucapkeun salam jeung méré béja yén kuring jeung pamajikan geus nepi ka Bandung, ka lemah cai sorangan kalawan berekah salamet.  Jawabanana  katarima tilu poé sanggeus kuring ngirim email ka manéhna. Teu panjang, ngan ngawilujengkeun majarkeun bapa sepuh mah  bagja boga lemah cai, boga tempat nu jinek, ditungtungan ku du’a mugi panjang yuswa jeung sing leket ibadah jeung “tos ngawitan diajar basa Arabna?”

Taun 2013 dina mangsa munggah haji
Kuring narima email deui cenah geus lahir anakna, lalaki, dibéré ngaran Fajr ibn Amer Al Fayyoumi, malah kuring gé narima fotona, orok beureum kénéh keur saré ngageubra diapit ku indung bapana. Ningali foto indung bapana kaciri keur kacida bungahna, emailna ditungtungan ku ménta dipangdu’akeun sangkan budakna jadi jalma nu soléh tur gedé gunana keur agama jeung lemah cai.

Taun 2014 dina mangsa munggah haji
Kuring teu nampa email, kuring ngirim email gé teu dibales. Rada hariwang puguh gé pédah wé sok ngadéngé béja dina télévisi yén Israél ngagempur deui jalur Gaza, malah loba nu jadi korban.

Taun 2015, dina mangsa munggah haji
Keur meujeuhna meuweuh béja kacilakaan di Mina jeung béja kacilakaan kulantaran ngajurahrohna mesin angkat jungjung ninggang ka nu keur ibadah di Masjidilharom, dina béja téh disebutkeun aya korban ti Indonesia, ngan jumlah korban ti Indonesia mah can jinek sabaraha-sabarahana, masih kénéh keur ditéangan. Harita kuring nampa deui email ti Paléstina, kuring maca email téh sababaraha balikan asa teu percaya kana eusina. Panjang email téh, nu nulisna siga keur ngetrukkeun sakabéh eusi haténa   
Bapa sepuh, mugi dipangdu’akeun, bapana pun anak, nu tos miheulaan mulih ka kalanggengan, ngadongkapan nu Maha Uninga, mugi ditampi iman Islamna. Amin.
Maca kalimat ieu kuring ngahuleng sajongjongan, naon maksudna, naha enya, mun kongang mah loba nu rék ditanyakeun,  kunaon, kumaha ieu téh nu sabenerna. Tuluy eusi email téh nyaritakeun anakna nu keur meujeuhna lucu, keur léléngkah halu, sagala dicabak, sagala dirawél, cék dina emailna “saréngkak paripolahna matak lucu, kawajiban sim kuring ngagedékeun ieu budak dugi ka jucungna. Bapa Sepuh tangtos murangkalih  mah teu acan ngartoseun naon nu disebat bangsa Palestina, bangsa Mesir, bangsa Indonesia kalebet bangsa Israel. Tangtos murangkalih mah teu acan ngartoseun naha kedah aya perang, naha kedah silih pikangéwa, naha kedah silih arah pati, naha kedah aya seuseukeut pélor bedil.”
Macana kuring bati ngaheruk, ngahuleng salila-lila. Maca emial téh teu waka diteruskeun, kuring ngoléséd tina korsi hareupeun komputer, leumpang ka buruan, neuteup langit kota Bandung nu lenglang. Angin ngahiliwir neumbag kana awak, hawa karasa seger, ngurangan kahareneg haté. Diburuan téh kuring ngadon sasapu jeung meresihan jukut nu geus ngajejembrung. Ari pipikiran mah uleng duka teuing kamana losna. Cengkat sotéh sanggeus kadéngé adan  lohor ti masjid. Maca email deui sanggeus solat lohor.
“Bapa sepuh, sakapeung mah sim kuring sok ngaraos sirik, duméh bapa sepuh aya di nagara nu ayem tengtrem, upami sim kuring baheula gubrag ka dunya (dilahirkeun) téh di nagara sapertos Indonesia, janten bangsa Indonesia, beu bagja temen. Sim kuring dina mangsa keur rumaja, di Gaza, unggal waktos teu weléh caringcing, unggal waktos diwuruk ku sepuh, supaya taki-taki, kedah janten jalmi nu ageung wawanén kanggo ngabéla lemah cai, ngabéla bangsa, komo pameget mah cadu disebat kecing téh. Sim kuring lahir jadi bangsa Palestina, da sanés kahoyong nyalira, éta mah éstu papastén ti Nu Maha Kawasa. Naha bet dikakaya?”
Panjang nu dicaritakeunana, cenah geus teu anéh budak awéwé wani nyanghareupan téng waja, wani nyanghareupan congo bedil, wani nyanghareupan gurilapna seuseukeut bayonét ti jalma-jalma nu ngarasa kumawasa, ti jalma-jalma nu samagréng ku téhnologi perang.
“Béhna kalintang sesahna hirup sauyunan, béhna ampir sadayana jalmi ngagungkeun asal-usulna (primordial), béhna téhnologi mung janten taméng kakawasaan (saur bapana pun anak almarhum kedahna téhnologi téh kanggo kasejahteraan balaréa), béhna kasarakahan mahabu dimana-mana, padahal jalmi pinilih mah iwal ti jalmi nu takwa, sanes jalmi nu ngarasa pangbenerna, pangagungna, batur mah henteu, batur mah salah.”
Kuring ngaheugeu.
“Bapa Sepuh, sanés sim kuring leutik burih seja ngejat ti pakalangan, sanés teu mikacinta ka lemah cai, sanés teu mikanyaah ka bangsa sorangan. Sim kuring ayeuna aya di hiji tempat (hapunten moal disebatkeun dimana-manana), hoyong ngagedékeun pun anak, hoyong sina sakola nu jucung. Piduana baé mugi ieu pun anak sing janten jalmi nu soléh, sing janten jalmi nu beunghar ku pangaweruh. Sakali deui neda pindu’ana kanggo bapana pun anak, nu mulang miheulaan, mugi ditampi amal kasaéanana tur kenging tempat nu utami di sagédéngeun Anjeuna. Hapunten anu kasuhun, bilih kapayunna sim kuring teu ngintun serat deui, sareng ieu serat teu kedah diwaler.”
Sakali deui kuring ngaheugeu.

2016 dina mangsa munggah haji.

Enya wé email ti manéhna can datang, biasana mah sok jol téh dina bulan Rayagung, boa boa enya moal datang▄

(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa, Rebo, Kemis tgl 18-19-20 Okt 2016)

No comments: