20 August 2015

Carpon : NINI JUMSIH TUTUNGGULAN

Ku : MAMAT SASMITA

         Isuk-isuk nini Jumsih keur ngosrék sasapu di saung lisung, usum halodo téa matak loba kalakay, keur mah ongkoh geus sababaraha poé teu disapuan, teu kaburu. Teu kaburu sotéh lain teu inget, ngan éta pédah kadatangan anak incu ti kota, keur peré sakola cenah. Poé kamari buriak deui baralik ka kota, nini Jumsih gé diajak, ngan mugen, embung ninggalkeun lembur, pokna “Nini mah hayang paéh di dieu.” Anak-anakna mun geus ngadéngé ucap siga kitu tara wani ngomong deui. Padahal ngajak ka kota téh ngarasa hariwang ku geus kakolotanana, di kota, di imah anakna, meureun aya nu ngurus, aya nu mangnyeuseuhkeun, teu kudu barang asakan ku sorangan. Nini Jumsih téh boga anak tilu, awéwé kabéh,  kabéh gé geus kurenan, incu aya tujuh, malah incuna gé aya nu geus kawin, sakepung nyebut dirina sok ngauyutkeun.
“Teu hariwang uyut mah, ari ngan sakadar nyeuseuh ku sorangan, dahar sorangan mah rék dilakonan wé.” Tandes pisan ngomong kituna téh. Anak-anakna, mun taak téa mah geus taak ngajak ngajak ka indungna  sangkan ngilu ka salah saurang anakna.
 
Kalakay garing nu pacampur jeung huut ditumpukeun di juru saung lisung, tuluy disodokan ku pengki, dibawa kana lombang tempat runtah. Niatna mah rék diduruk, ngan ieu téh keur usum halodo, bisi silalatuna hiber ka mana boa, bisi utal atel hurung di tempat lain. Teu tulus diduruk, cukup diaduk wé jeung runtah nu geus lila, sina jadi gemuk keur pepelakan nu séjén. Rapékan nini Jumsih mah, di imah gé nu kawilang ublug ablag, tetep beresih, tara sugan kaciri aya ramat lacah atawa lebu nu napel dina palupuh, teu weléh leucir hérang balas dielap. Didapur gé nu sapopoéna maké hawu, da tetep beresih, wawadahan sabangsaning piring, baskom, katel ngéntép puguh tempatna. Sapopoé papakéanana teu weléh pantes, maké samping jeung kabaya, najan geus lalayu sekar kacirina tetep pantes, duka teuing ti iraha bisa maké siga kitu, sigana ti jaman keur ngora kénéh. Najan buuk geus camutmut bodas tara kaciri rewag rewig, estu limit siga nu kakara nyisiran. Matak pantes urang dinya loba nu nyebut nini Jumsih mah turunan ménak. Aya deuih nu sok rada sirik, majarkeun moal enya turunan ménak ngaranna Jumsih atuh sahenteuna kudu maké Nyimas. Mun ngadéngé kitu nini Jumsih mah sok nyeuleukeuteuk seuri “Ménak timana horéng, kuring mah indung bapa gé bulu taneuh, tukang ngabedug buburuh macul.”
 
Bérés sasapu  nini Jumsih ngalangeu, diuk dina golodog nyérangkeun saung lisung nu ukur kahalangan  ku buruan jeung balong.  Bari rot nginum cai asak hérang, karasa nyecep tiis kana tikoro parat kana dada. Geus jadi kabiasaan di golodog téh sok neundeun téko dieusi ku cai asak hérang jeung diteundeunan gelas aya dua siki, nyadiakeun cai inumeun keur nu ngaliwat bisi hanaang tas leumpang jauh. Kabiasaan neundeun teko dina golodog teh geus ti baheula mula, ti keur budak kénéh, kitu deui sanggeus pruk kawin, unggal poé tara kaliwat, tug nepi ka kiwari.
Nini Jumsih seuri sorangan,  seuri leutik semu ditahan, ras inget jaman keur lanjang , harita téh dititah nutu paré saboboko, lantaran saung lisung téh ayana di sisi lembur ménta dibaturan ku adina nu kakara umur lima taun. Der nutu, ari adina mah kalah mulung muncang ka kebon batur, keur anteng nutu  aya nu dehem bari nyebut punten, puguh wé matak reuwas, nepi ka halu leupas bari suku nokér boboko. Ari ngalieuk paadu teuteup jeung lalaki , angen ratug ku reuwas jaba adu hareupan jeung lalaki, sieun jalma jahat. Tuluy ngagorowok ngageroan adina , adina gé tuturubun lumpat ti kebon bari ranggém ku muncang “ Aya naon tétéh?”
“Itu pangnyokotkeun boboko,” ngajawab kitu téh asa rampang reumpeung.
Ari lalaki anyar pinanggih mah mangnyokotkeun halu.
“Na kamarana atuh nu sanés nu nutu téh, bet nutu nyalira?
Teu ngajawab ditanya kitu téh ngan ukur ngadelék bari ngajawab duka semu halon, enya biasana mah di saung lisung téh sok ramé, sok kumpul papada awéwé, nutu bari gogonjakan, aya nu bari ngasuh budak, aya ogé nu ngan saukur ulin, ukur gogonjakan papada awéwé. Kabeneran wé harita mah keur suwung.
Ti harita mimiti panggih jeung pisalakieunana, biasana mun dititah nutu sok rada mugen,  jadi robah hayang unggal poé nutu, hayang unggal poé ulin ka saung lisung.

Nini Jumsih cengkat ti golodog, niatna rék ka warung, rék meuli tahu karesepna, rada jauh ka warung téh, lain euweuh warung séjén nu rada deukeut, tapi warung langgananana mah  tahuna ngeunah, pelem karasana. Lantaran nini Jumsih ngasakan tahu téh tara digoréng, cukup dikulub, rajeun dicoélkeun kana sambel tarasi. Mun digoréng teh karasana sok keutar, teu genah kana tikoro.
Di warung, nini Jumsih mah langsung wé nyokot tahu lima siki jeung alak ilik kana wadah samara, milihan bawang beureum jeung bawang bodas.
“Nini, naha leres saung lisung téh badé diruag?” cék nu boga warung bari cuh cih ngaladangan.
Nini Jumsih mureleng ka nu boga warung “Baruk, cék saha éta téh?”
“Saur Punduh, kamari wé nguping da aya nu ngawarangkong di dieu.”
“Wah lahuta teuing, moal diruag saung lisung mah,” nini Jumsih ngajawab kitu téh bari siga nu rada mentegeg, dina haténa ngagerentes na Punduh téh bet siga nu nyanyahoanan.
Sanggeus balanja, nini Jumsih balik, sakalian nyimpang heula ka imah Punduh, hayang puguh, hayang nanya naha enya  béja saung lisung rék diruag téh atawa ngan akon-akon.
Hanjakalna Punduh keur suwung, nu aya téh pamajikanana,  ari pamajikan punduh mah teu nyaho nanaon, malah mun diruag téh manglebarkeun, majarkeun paranti ngiuhan nu lalar liwat mun keur hujan.    
Nini Jumsih balik ngungkug, naha maké jeung rék diruag sagala, saha nu boga pokal, naha rék dipaké lahanna, mun lahanna rék dipaké, rék dipaké naon. Nini Jumsih weléh teu ngarti.

Sababaraha poe ti harita, pabeubeurang, ngurunyung budak satepak ngabéjaan Nini Jumsih diangkir ka imah Punduh, cenah mah aya nu ngadagoan, sémah ti desa. Nini Jumsih sakedapan mah ngahuleng, siga nu mikir mikir naon pangna kudu manggihan Punduh, sigana teu jauh tina perkara saung lisung.
“Ujang, béjakeun ka Punduh jeung ka tamuna, Nini mah moal nohonan kana pangangkirna, lain nanaon nini mah leumpangna sok rincug, komo palebah tanjakan. Béjakeun wé, lamun perlu ka nini mah leuwih alus datang ka dieu, nu jagjag manggihan nini-nini di dieu, di imah nini. Béjakeun ku nini didagoan.” Ngomong kituna téh nini Jumsih bari semu peureum, bet ngolébat beungeut salakina, Aki Oleh suwargi. Enya alusna mah nu manggihan téh nu aya kaperluan, lain sabalikna.
 Teu lila ti dinya, aya nu uluksalam, Nini Jumsih norojol, geuning loba jelema. Aya Punduh, aya nu teu wawuh saurang, meureun ieu nu ti désa téh, aya deui opatan batur salembur. Nu opatan mah aya nu nyekel linggis, aya nu nyekel kampak, aya nu nyorén bedog jeung aya nu mawa bakrik awi.
Nini Jumsih  ngajak tamu asup ka imah, bar ngamparkeun samak, ngan Punduh jeung tamu ti désa teu daék asup, kalah dariuk dina golodog, majarkeun mending diuk di luar ambéh seger ku hawa. Ari nu opatan mah ngadun caringogo gigireun Punduh.
Pok Punduh ngomong “Nini, sim kuring jol ka dieu téh utamana mah nganteur ieu tamu ti désa, bapa Sekertaris Désa,  maksadna mah mangga wé didugikeun,” bari nunjuk ka Sekertaris Désa.
Sekertaris Desa ngised diukna saeutik “Nini ari saung lisung téh nu nini?
“Sanés nun.”
“Ari tanahna nu nini?”
“Sanés. Saung lisung sareng tanahna sadayana gé nu urang lembur dieu”
“Euh….nu nagara atuh ari kitu mah.”
Nini Jumsih teu ngomong sakemék, nu kadéngé téh ukur  rénghap siga nu beuki kerep. Nu séjén gé euweuh nu ngomong. Hiuk angin neumbag kana tangkal cangkudu sisi balong, tangkal cangkudu oyag, daunna ulang-ulangan. Lila lina Nini Jumsih ngomong lalaunan “Nya nuhun wé upami badé diurus ku nagara mah.”
Punduh ngalieuk ka Nini Jumsih, nu opatan gé silih rérét.
“Nini mah rumasa ngurusna gé sahayuna, ngan ukur sok sasapu, saeutik saeutik sok memener rangkay mun aya nu bobo, hateup gé sakapeung sok diayuman, diganti welitna, kitu gé bari ngahiras batur, nu sok ku nini sorangan mah ukur sasapu.”
Nini Jumsih eureun ngomongna, ser angin leutik ngagaris kana pipi Nini Jumsih, karasana lir dampal leungeun Aki Oleh nu ngusap.
“Nagara mah tara ngurus barang nu euweuh gunana, nini,” cék Sekertaris Désa,tuluy ngomong deui “Jaman ayeuna mah geus arang nu nutu paré, lolobana mah datang ka héler, teu kudu gudag gedug nutu bari luut léét kesang, tinggal tarima beresih geus jadi béas.”
Ter ramo Nini Jumsih ngageter tuluy kana puhu leungeun, ngadégdég siga nu lilinieun, renghapna beuki kerep.
“Nini, urang ruag wé saung lisung téh nya?” cék Sekertaris Désa.
Sakedapan Nini Jumsih teu ngajawab, siak beungeut Nini Jumsih semu beureum, awak oyag beuki ngadégdég, teu lila pok ngomong “Mangga baé rék diruag mah, ngan engké mun nini geus paéh.”
“Iraha éta téh nini?” Omong Sekertaris Désa siga nu semu heureuy.
Jurungkunung Nini Jumsih nangtung, ret tungtung baju ditalikeun, leungeun baju disénglédkeun, gejlig ka luar bari samping rada disingsatkeun, méh ngadupak ka Punduh jeung sekertaris désa, nu keur dariuk dina golodog.
“Mungguh di umur saha nu apal, boa nu ngora pangheulana,”  cék Nini Jumsih, sorana haroshos semu pegat-pegat. Nini Jumsih ngingkig leumpang rusuh muru ka saung lisung. Kerewek kana halu tuluy tutunggulan, trok trok trok brug, trok trok trok brug. Mimiti ngetrok biwir amuran katuhu, tuluy ngetrok biwir amuran kénca, ngetrok deui biwir amuran katuhu ditungtungan ku neundeutkeun halu kana dadampar lisung. Wirahmana mimiti ancad lila lila beuki gancang jeung beuki tarik.  Trok, trok, trok, brug. Trok, trok, trok, brug.
Urang lembur tingraringeuh, silih tanya, na saha nu tutunggulan lain wayah.  Mimiti saurang nu ngurunyung ka saung lisung, lila lila jul jol, lalaki, awéwé, kolot, budak. Kabéh ronghok, hookeun lalajo Nini Jumsih keur tutunggulan sorangan. Pangawakan nini-nini, buuk bodas ririaban, luut léét késang, nyekel halu sakapeung ku leungeun katuhu, sakapeung ku leungeun kenca. Nini Jumsih keur ngetrukeun kabisa, keur méakeun tanaga, panon manteng kana lisung. Nu ronghok lalajo euweuh nu nyoara, kasirep, kalindih ku sora lisung nu ngentrung, kasirep ku Nini Jumsih.
Reg tutunggulan eureun, Nini Jumsih malik jadi nyanghareup ka balaréa, panon muncereng, leungeun kenca nyekel halu nu semu doyong, leungeun katuhu méh nulak cangkéng, beungeut semu euceuy, nu pinuh ku késang, buuk bodas ririaban, badis Srikandi keur di pangperangan.
“Urang lembur saréréa, ieu saung lisung rék aya nu ngaruag ku urang désa, aranjeun satuju atawa henteu? Kuring mah teu satuju.” Nini Jumsih ngagorowok.
Jempling euweuh nu ngajawab, ngan ukur récét teu puguh. Keur kitu aya nu nyoara, méh ngagorowok “Punduh, naon alesanana pangna saung lisung rék diruag téh?”
Katingali ku Nini Jumsih nu ngomong téh Jang Sabri tukang ojég, nu sok nganganteur Nini Jumsih mun aya kaperluan ka nu jauh. Jang Sabri gé kungsi nganteurkeun budak mahasiswa nu rék nalungtik soal lisung nepungan Nini Jumsih.
Punduh ditanya kitu téh teu tandes ngajawab, ngan ukur ngajawab “Ari teu satuju mah nya entong diruag.” Tuluy ménta supaya sekertaris désa ngajawab. Cék sekertaris désa “Kuring teh keur ngalanglang ka ieu lembur, cenah aya saung lisung geus teu dipaké, bisi jadi sayang beurit atawa jadi sayang reungit, bisi jadi sayang panyakit nya mending diruag, ari teu satuju mah teu nanaon, ngan kuring papadon sangkan remen diberesihan.”
Punduh rada kerung ngadéngé jawaban ti Sekertaris Désa siga kitu, lantaran inget kénéh basa Sekertaris Désa mimiti ngomong perlu lisung keur sérénkeuneun ka gegedén di kota. Cenah lisung téh jadi barang langka nu kudu dirumat, disimpenna di imah, jadi hiasan di gedong sigrong.
“Ari kitu mah alesanana, kuring teu satuju diruag, lantaran sakieu leningna, sakieu beresihna, teu jadi sayang panyakit, jeung ongkoh dina birit lisung aya tulisan ulah diruag” cék Jang Sabri tandes.
Celengkeung deui awéwé nu ngais budak “Kuring gé teu satuju mun diruag, kudu dimana kuring nutu saboboko, mun saungna diruag meureun lisungna gé dipiceun, ari ka héler mah paréna kudu satelebug.”  Geus aya nu nyoara saurang dua urang kitu mah kakara raéng papada teu satuju.
Nini Jumsih ngarénghap panjang, bari neundeun halu ditangreukeun dina parantina. Punduh jeung Sekertaris Désa amitan, nu séjén gé baralik deui ka saimah-saimahna.

**
Nini Jumsih ngabebengkang di tengah imah, ngareureuhkeun cape, leungeun karasa pegel urut tutunggulan sahabekna, pangawakan nini-nini, umurna geus leuwih ti tujuh puluh taun, neuteup lalangit, renghap antaré, nyeuseup hawa karasa seger.
Teu rumasa ngaku-ngaku, saung lisung jeung lisungna lain nu kuring, tanahna ge lain nu kuring, kitu gerentes haté Nini Jumsih. Pangna teu satuju diruag téh pédah inget ka salakina, Aki Oléh suwargi kumaha tihothatna nyieun lisung, ngaganti lisung nu totos, totosna ku Nini Jumsih jaman keur ngora, lima puluh lima taun kaliwat. Harita Nini Jumsih téh anyar kawin, keur nutu di saung lisung, loba awéwé nu séjén gé, sabab saung lisung rajeun jadi tempat ngobrolna awéwé, aya nu bari nyusuan budak, aya nu bari ngahuapan, aya deuih nu ngan saukur ulin resep ngobrol.
Keur anteng nutu, ari gebros téh lisungna totos, katonjok halu, Nyi Jumsih méh tijongjolong kabawa ku ngagaléongna halu, nu aya didinya gé rareuwaseun.  Celengkeung téh aya nu ngomong “Kila-kila éta téh, nu keur nutu notoskeun lisung sok meunang bahla, sok pegat duriat, kahadé nyai.” Ngadéngé omongan kitu Nyi Jumsih reuwas, maké jeung hing ceurik sagala, aya deuih nu ngagonjak majarkeun hayang tarik didedetkeun ku salaki, Nyi Jumsih ukur ngarérét bari nyusutan cipanon. Buru buru béas meunang nutu dibérésan diwadahan kana boboko, can kaburu ditapi, berengbeng lumpat manggihan salakina nu keur anteng nyieun minyak keletik.
“Akang kuring sieun meunang bahla, kuring embung diserahkeun,” Nyi Jumsih ngagabrug salakina, nangkeup pageuh bari ceurik tambah tarik. Puguh wé Jang Oleh, salakina, reuwaseun ngadéngé kitu téh, hadéna minyak keletik geus téréh jadi, tinggal ngasakkeun, ditinggalkeun gé moal matak gagal, asal seuneuna ulah gedé teuing. 
“Moal nyai, akang mah moal rék nyerahkeun, keun lisungna ku akang rék digantian,” cék Jang Oléh tatag sanggeus ngarti kajadianana. Jang Oléh nohonan jangjina, ngagedok nuar tangkal nangka nu gedé pilisungeun, sanggeus jadi lisung, dialus-alus, dilemeskeun dikerik ku seuseukeut beling, komo palebah amuran, ditatap diusap, dilemeskeun salila-lila. Tuluy lisung dikeueum dina balong leuwih ti dua minggu keur miceun geutah jeung maéhan hama kai. Bérés dikeueum terus digaringkeun, lain dipentrang di nu panas, tapi diangin-angin sangkan garingna teu kagentak teu matak beulah kana kai. Dina birit lisung ditatah maké aksara Arab nu teu dirarangkénan, minangka titimangsa dijieunna 14 Rayagung 1379 terus ditatah deui ngaran Oléh Dirwan, ngaran Jang Oléh lengkepna. Basa lisung mimiti dipaké, diparancahan heula ku kokolot lembur, sangkan berekah salamet, ulah jadi mamala ka nu notoskeun lisung sabab geus jadi lisung anyar, digantian ku salakina, cenah lisung téh keur ngaleles Déwi Sri. Nyi Jumsih tambah nyaah ka salaki, ningali tihothatna nyieun lisung keur bumela nyingkahan bahla, luut leet kesang teu dirasa keur nutupan kahariwang aya mamala, “Nyai geus anggeus lisung téh tanda akang nyaah ka Nyai.” Kitu pokpokan Jang Oléh ka Nyi Jumsih basa mimiti lisung dipaké nutu.
Kuniang Nini Jumsih cengkat, kagambar keneh beungeut salakina “Kang, abdi sono...” cek Nini Jumsih halon semu ngaharéwos, bari leumpang ka dapur, rék naheur cai keur mandi.

**
Pasosoré, sanggeus geunjleung aya nu rék ngaruag saung lisung,  di hareupeun masjid loba nu keur ngawangkong bari ngadagoan magrib. Jang Sabri gé aya keur ngabuis, nyaritakeun Nini Jumsih nu ngajega nyekel halu bari semu nulak nyangkéng, cék Jang Sabri matak keueung jeung matak sebér nu ningali, teu salah disebut lir Srikandi nu rék ngadu jajatén, najan pangawakan jangkung leutik jeung geus nini-nini. Kitu deui nu tadi nyekel linggis keur ngaruag saung lisung ge ngilu ngomong, majarkeun Nini Jumsih mah tapis pisan ngajawab, teu popoyongkodan najan nyanghareupan pangkat Sekertaris Désa.
“Heueuh tah manéh deuih, maké jeung mamawa linggis keur ngaruag saung lisung, kawas nu sailon jeung Sekertaris Désa deuih,” cék Jang Sabri.
“Hih kuring mah ngan saukur diajak ku punduh, daék medu teu nyaho nanaon,” jawabna.
Kurunyung Punduh, ngagéndéyéh maké sarung poléng, ngilu aub ka nu keur ngawarangkong. Celengkeung Jang Sabri ngomong “Kumaha Punduh lalakon ngaruag saung lisung téh?”
“Puguh kuring gé asa kapeupeuh puhu ceuli, éra ku saréréa, mimiti mah teu ngarti maksud Sekertaris Désa nu sabenerna, sanggeus dilenyepan sigana nu dipikahayang téh ngan lisungna.”
  “Enya bener pisan éta téh Punduh, kuring mah nyaksian sorangan,” cek Jang Sabri. Tuluy ngadongéngkeun waktu ningali Sekertaris Désa di lembur séjén keur ngunggah-ngunggahkeun lisung kana kol buntung, aya kana genepna. Cenah éta téh setorkeuneun ka bandar lisung di Bandung. Majar di Bandung mah lisung téh mahal hargana, dijual keur hiasan, diteundeun di palataran hareupeun gedong sigrong, cenah éta téh ngamumulé titinggal karuhun.
“Lain, dina birit lisung téh enya aya tulisan ulah diruag? Cék Punduh nanya ka Jang Sabri.
“Enya, da kuring kungsi maca, basa aya mahasiswa nu hayang nyaho birit lisung, terus ditonggéngkeun, didinya écés aya alif, wau, lam iya jeung ha tuluy dal iya ro wau jeung gin ngan  siga enun.”
“Baruk kitu Jang Sabri, mama mah kakara nyaho aya lisung unggah ka gedong, ngamumulé kitu téh nyah?” cék Mama Jarkasih, imam masjid, nu teu kanyahoan ti iraha ngilu ngadéngékeunana bari terus unggah ka masjid, pédah kohkol geus ngurulung tanda geus manjing magrib. Cék gerentes haté Mama Jarkasih boa-boa Jang Sabri salah maca, kuduna dibaca Oléh Dirwan lain Ulah Diruag, kapan kalan-kalan nulis Malangbong gé ku aksara Arab teu dirarangkénan mah sok dibaca Maling Bawang. 


Margapuri 16 Agustus 2015
(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa 18 Agst 2015, Rebo 19 Agdt 2015, Kemis 20 Agst 2015)

No comments: