Aki Saca keur siduru hareupeun durukan
runtah, di gigir imahna. Haseup ngelun, mulek, rada beueus runtah téh, pédah
kamari soré aya hujan miripis. Aki Saca malikeun durukan, runtah nu béh handap
sina mumbul ka luhur, dikoréh-koréh ku rokrak panjang. Haseup beuki ngelun, teu
genah siduru gé ari loba haseup mah, kalah peurih kana mata.
Aki Saca ninggalkeun durukan nu ngelun,
bus asup ka imah ti panto dapur, teu poho panto ditulakan ti jero. Kitu deui
jandéla nu geus ngablak ti subuh kénéh, ditutupkeun kalawan tarapti. Aki Saca kaluar
imah ti panto hareup, jrut turun ti
golodog, cepet ngétan. Nincak jalan can
diaspal, nincak batu leutik gugurinjalan. Teu rurusuhan, lengkah ancad lalaunan
bari ngararasakeun panon poé haneut moyan.
Nepi ka lembur Sandaan, béh ditueun
kantor kalurahan, méngkol kana gang leutik, muru imahna Aki Wirya.
“Aéh..aéh geuning aya tamu ti jauhna,” cék
Aki Wirya nu ngurunyung ti pipir imah.
Duanana silih rangkul “Hampura kuring
tambélar” haréwos Aki Saca. Duanana namplokeun kasono, pédah geus lila teu
papanggih. Silih tanya anak jeung incu. Aki Wirya téh sobat Aki Saca ti keur
ngora, kawentar alus ngukir pérah jeung sarangka bedog, rajeun sok disebut
maranggi atawa marangguy. Loba kanyahona perkara bedog, malah perkara keris
jeung kujang, sabab mindeng panggih jeung jalma réa nu papada hayang
dipangnyieunkeun pérah jeung sarangka.
Aki Saca muka bungkusan nu ti tadi
dikeukeuweuk “Hayang dibajuann jeung maké pérah” kitu pokna. Dibajuan téh
disarangkaan.
“Uluh bedog pajajaran?” Cek Aki Wirya
bari ngalak ngilik bedog nu taranjang kénéh.
Aki Wirya neuteup, siga nu teu percaya.
Bedog semu coklat, siga warna taneuh. Wilah bedog udat-udatan, nu kieu mah sok
disebut pamor pecah rambut cék pikir Aki Wirya. Awak bedog rada panjang,
ngalampanyat, huntu bedog atawa
seuseukeutna semu melengkung ka tungtung, malapah gedang.
“Na masih kénéh nyieun bedog?”
“Puguh geus welasan taun teu neupa,
kakara ceg deui aya tilu bulan kaliwat mah dibantuan ku incu awéwé,” tembal Aki
Saca.
“Rék dikumahakeun ieu téh?”
“Hayang diperahan jeung disarangkaan.”
“Lah geus ngadégdég ngarautna gé.”
Aki Saca keukeuh maksa hayang diperahan,
hayang disarangkaan “Keun baé lila gé,” Aki Wirya éléh déét tuluy unggeuk.
Aki Saca dititah milih pérah, nu kumaha
nu rék dipaké kitu deui sarangkana.
“Tah nu ieu wé,” cék Aki Saca
“Euh eluk paku,” témbal Aki Wirya “Hadé
tah milih téh, luyu jeung bedogna.”
“Naha kitu/”
“Aéh baruk, teu nyaho kuring mah.”
“Na
rék dibéré ngaran naon ieu bedog téh?”
“Eu eu
Bedog Ceurik Rahwana.” Témbal Aki Saca bari rada aga eugeu, siga nu
sapokna.
***
“Hayu aki, urang ka Cikidang téa” cék incuna nu geus
ngajengjen di gigireun Aki Saca, bari ngajingjing kantong keresek ,”Ieu beusi
sembranina”, bari ngodok kantong keresek ngaluarkeun urut spéker nu geus ruksak.
“Naha
teu sakola nyai?”
“Pan dinten Minggu ayeuna mah, peré ki,”
Aki saca ukur nyéréngéh ngadéngé kitu mah, abong geus kolot geus poho kana poé,
ari Jumaah mah teu poho pédah sok ngadéngé sora ngaji ti masjid lembur gedé.
Aki
Saca singkil, maké calana komprang nengah bitis, baju kamprét hideung, teu poho
didudukuy cetok.
“Nyai maké dudukuy ieuh, engké beurang
mah panas geura.” Incuna nampanan dudukuy nu disodorkeun ku Aki Saca.
Duaan anteng di Cikidang, lain nyair
ngala lauk atawa ngabedahkeun kokombongan, ieu mah ngala siki beusi. Cikidang
dina mangsa usum halodo, caina macak-macak, loba kikisik garing, di tempat kitu
beusi sembrani digusruk-gusruk, mun ayaan siki beusi sok narapel, siga cucuk
leutik ngarédés napuk dina beusi sembrani.
Tuluy diparol, diwadahan kana kantong keresek, hayang meunang sakantong keresek
gé hésé, lila, kudu leukeun. Resep cenah cék incuna mah, orokaya awakna sok
kukucuprakan dina cai. Ku Aki Saca diantep sakarepna, ku daék ngilu gé geus
atoh aya nu maturan teu karana dititah.
Ngala siki beusi téh pédah teu boga
beusina keur nyieun bedog, aya éta gé beusi pasésaan jaman keur sok neupa, ngan
saeutik, ukur sajeungkal, sigana urut pér
sado atawa urut pér mobil. Moal pimahieun. Kungsi kekeleyengan néangan beusi ka
tatanggana salembur, euweuh nu bogaeun. Béak dijualan ka tukang rongsokan sok
ditukeuran ku cangkir, gelas atawa emuk.
Ari parabot keur manday mah aya kénéh,
sabangsaning palu, paron, kikir, panyapit ngaggunduk di dapur, malah aya kénéh
lambusan tina kulit domba. Sagala rupa parabot mah ngahaja teu dikamamanakeun,
wariskeuneun kitu pikir Aki Saca.
“Nyai hayu urang balik, ieu geus téréh
lohor” Aki Saca ngageroan incuna nu keur anteng ngagusruk-gusruk beusi
sembrani, diajak balik téh incuna teu mungpang, ngiclik nuturkeun bari
ngajingjing kantong keresek.
“Aki, ari ieu siki beusi ti mana, naha
aya di Cikidang?”
“Duka atuh nyai, aki gé teu apal, ti
ditu wé meureun ti gunung kabawa palid. Numatak nyai, sakola teh kudu jucung
ambéh apal sagala rupa.” Incuna teu teterusan nanya, enya ayeuna kakara kelas lima, budak téh
kawilang pinter, aralus peunteun dina rapotna.
“Nyai sigana geus meujeuhna ngala siki
beusi téh, geus cukup keur nyieun bedog mah, kabéhna mun dihijikeun geus aya saémbér
mah.”
“Iraha aki badé neupana?”
“Engké deui wé mun nyai peré sakola,”
tembal Aki Saca, “Isuk mah siki beusi rék dikumbah deui, rék dipiceun leutakna,
rék didaraykeun ambéh garing”
***
Si Nyai luut léét késang, leungeunna
pakupis diperenahkeun dina lambusan, niupan kana piruruhan. Piruruhan dijieun
dina urut hawu, di dapur imahna Aki Saca.
“Sok nyai, lila-lila gé bisa,” cék Aki
Saca, pédah ningali incuna siga nu hésé ngemposkeun lambusan. Aya rasa bungah
tur reueus ningali incuna siga nu keyeng
hayang bisa neupa, padahal pangawakan awéwé, biasana awéwé mah langka
kataji jadi tukang panday. Tapi teu salah cék gerentes haté Aki Saca, lantaran
kungsi ngadéngé jaman baheula ogé aya awéwé nu kawentar jadi panday nu hadé.
Kaciri piruruhan geus ruhay, Aki Saca
ngamimitian rék ngasupkeun beusi nu sajeungkal, dicapit pageuh,
Bismillahirohmannirrohim ucapna lalaunan, mugi salamet saréréa tur alus
hasilna, brus beusi disupkeun kana piruruhan.
“Kadieu nyai ku aki, genténan, itu
elapan heula paron ku lamak baseuh, tong baseuh teuing.” Aki Saca ngagantian
incuna ngalambus, sora lambusan ngadius mayeng, ngempos kana piruruhan.
Aki
Saca dina pikirna uleng kumaha carana nyampurkeun siki beusi, can kungsi neupa
maké siki beusi, teu boga pangalaman. Beusi nu sajeungkal geus beureum semu hurung,
lambusan dilesotkeun, ceg kana cacapit, beusi hurung dicapit pageuh, dibawa
kana paron, dipeupeuh ku palu badag, diomé sangkan semu kewung. Di tengah nu
semu kewung diasupan siki beusi, dipurulukkeun, ngaburicak semu hurung, sigana
kokotor tina siki beusi kaduruk, geus semu leyur tuluy dilipetkeun, kitu jeung
kitu. Incuna agag-agagan siga nu sieun ningali ngaburicakna seuneu dina beusi
beunang meuleum.
Aki Saca ngahégak, palu karasa beurat, enyaan
geus kolot, tanaga geus suda, ari kahayang gedé kénéh, ningali kitu mah incuna
ngawanikeun manéh, “Aki kadieukeun urang cepengan,” incuna neureuweul rék ngarebut cacapit tina leungeun akina.
“Nyai bisa kitu?”
“Tiasa,” tuluy leungeunna tipepereket
nyekel cacapit beusi, panonna semu peureum, Aki Saca kéom ningali kitu mah,
palu diheumbatkeun dicekel ku dua lengeun.. Lila-lila incuna tambah wani nyekel
cacapit, beuki lancar ngabulak balik, geus teu kudu dititah deui.
Salila digawe kitu, kadéngé radio
ngagembrung, itung-itung aya nu maturan, nu dipikaresep ku Aki Saca téh lagu
Ceurik Rahwana dina wanda Cianjuran.
Neupa teu cukup ku sapoé dua poé,
dikeureuyeuh babarengan jeung incuna dina waktu peré sakola. Lain teu hayang
dipigawé ku sorangan, ku Aki Saca, tapi nyaah ku kadaék incuna, ngajaga ulah
nepi ka jaheut haténa, alatan teu diajakan. Pangna hayang neupa deui, sanggeus
welasan taun eureun, lantaran teu boga bedog beunangna. Pédah wé kasebut kungsi
jadi tukang panday, hayang boga akuan, boga bedog nu alus meunang neupa
sorangan. Ulah keuna ku paribasa majar panday mah tara boga bedog. Ari bedog
keur kudak kadék sapopoé mah aya, ngan éta mah bedog beunang batur ti
Galonggong, paméré minantuna.
Sapopoéna, di imahna, Aki Saca sagawé-gawé,
aya ngayuman bilik, aya menerkeun paranjé hayam, sabenerna gawé kitu téh ukur
tamba kesel, da keur hirup sapopoé mah geus tara mikir, cukup dibayuan ku nu
jadi anak. Anakna téh dua, duanana geus kurenan, nu panggedéna lalaki geus mencar,
ngabandar cau di kota, ari nu bungsu, awéwé, boga salaki ka guru SMP di kacamatan.
Imah Aki Saca, paeunteung-eunteung jeung imah anakna nu awéwé.
Mun keur sagawé-gawé, Aki Saca sok bari
ngadéngékeun radio, kitu wé aya ngadéngékeun bag-bagan agama, aya ngadéngékeun
dongéng , ngadéngékeun bobodoran jeung ngadéngékeun lalaguan, karesepna lagu Ceurik
Rahwana atawa Banondari. Mun keur ngadéngékeun lagu Ceurik Rahwana rajeun sok
ngaheruk, asa kasindiran atawa asa maca deui lalakon hirupna.
Hirup mah tara lempeng salawasna, rajeun
aya ngaléokna, inget kénéh dina mangsa tengah tuwuh kungsi kagémbang ku randa donto
urang Bungbulang. Mimiti papanggih waktu keur ngider ngajual bedog jeung
parabot lianna, teu pira randa donto téh rék meuli arit jeung étém, cenah keur
ngilu dibuat. Pokna “Akang, kuring meunang ngiridit?”. Harita Aki Saca teu
langsung ngawalon, lantaran barang téh teu dikiriditkeun, hayang cungcréng
sapada harita. Cék randa donto téh “Ambéh urang mindeng panggih,” Aki Saca teu
wasa nolak, unggeuk. Encan lunas arit
jeung étém, geus gerewel deui hayang badog jeung pacul, kitu jeung kitu wé. Aki Saca éléh ku kelét jeung ku giler. Antukna
kalalanjoan, nepi ka wani ménta céngcéléngan nu pamajikan, Nini Uti, meunag
kental kentél aya puluh taunna ancokeuneun keur umroh. Ngomongna Aki Saca mah
nginjeum keur nambahan modal. Nini Uti teu opénan, tara nanya najan sakecap. Nu karasa ku Aki Saca, pamajikanana teu loba
kahayang, keur pangabutuh sapopoé ngurus budak rék dibéré sabaraha gé ditampa
kalawan bungah, majarkeun rejeki mah rék
gedé rék leutik ulah ditampa ku ngarasula. Keur Aki Saca aya
ngeunahna tara ditanya nanaon téh, aya kereteg haté mah boa-boa sikep kitu téh lain hartina sadrah kana kadar tapi ngalawan ku cara
lemes, kuduna lalaki ge surti. Tah palebah dieu Aki saca ngaleketeyna, komo
sanggeus ditoker ku randa donto pédah tara mawa pamahugi loba.
Béak modal teu karasa, dagang parabot geus teu reugeujeug.
Antukna idek liher deui di imah, sagawé-gawé dilembur sorangan. Rasa hanjakal
sagedé gunung euweuh gunana, kalalanjoan kagémbang ku urang Bungbulang.
Mangtaun-taun
céngcéléngan
Nini Uti teu kagantian, malah lat
poho.
Datang mangsa Nini Uti mulang ka
kalanggengan, Aki Saca kapupul bayu, ngaheruk lir bueuk meunang mabuk, asa
diheulang. Harita pabeubeurang Nini Uti keur ngaréngkol ngeukeupan incuna nu
kakara umur bubulanan, kapanggih sotéh pédah orok ngéar, ceurik teu
eureun-eureun, ari diguyahkeun Nini Uti geus oyag kabéh. Atuh guyur salelembur,
papada nyebut teu nyangka, teu kadéngé
geringna, ngan kalan-kalan sok kadenge rumahuh, sok rajeun ngarasa eungap. Nilik kana umur da can kolot-kolot teuing,
enya sabenerna mah umur Nini Uti leuwih kolot batan Aki Saca, tapi géséhna ngan
ukur tilu taun.
Bérés ngaweredon, nyolatkeun jeung
nguburkeun, Aki Saca muka lomari tempat pakéan Nini Uti. Geus kabiasaan, pakéan
nu geus marhum sok diwariskeun atawa dibikeun utamana ka nu ngaweredon. Dina
handapeun tumpukan baju, kapanggih bungkusan pelastik hideung, dibuka téh
bungkusan baju dina bungkusna aya cap tulisan pakaian wanita untuk umrah lengkap. Meg téh, Aki Saca asa ditonjok
angen, hayangna ceurik lolongséran, suku, leungeun ngeleper, harita ukur ngomong lalaunan “Hampura Uti.”
***
Pasosoré, bada asar, Aki Saca keur
ngalantung di buruan, ngagéndéyéh maké sarung, ka luhurna make baju koko bodas,
dikopéah hideung, ngadagoan wanci magrib. Di jalan kadéngé aya mobil eureun,
teu lila kurunyung Aki Wirya, diiringkeun ku duaan, sigana nu ti dayeuh da béda
dangdananana.
Sanggeus uluk salam, Aki Wirya
ngawanohkeun yén dua tatamu téh hayang panggih jeung Aki Saca, méméh
ngawangkong panjang Aki Wirya ngajak nyalingker heula ka Aki Saca bari ngomong
lalaunan.
“Tong loba carita, teu kudu nyaritakeun
neupa bedog sagala, ieu tamu téh rék ngaduitan bedog nu kamari dipérahan jeung
disarangkaan, sigana duitna pimahieun mun dipaké keur umroh gé.”
Aki Saca ukur ngahuleng, baruk rék
ngaduitan bedog? Mahi keur umroh?
Aki Saca ngajak tamu asup ka tepas.
Tamu tunyu tanya kaayaan lembur. Aki
Saca ngajawab satarabasna, aya walungan Cikidang nu tara saat najan halodo
ngagentak, aya cai séké nu nelah Séké Bentang, aya hunyur di Cijambé nu nelah
Uyut Cijambé, perenahna sisi Cikidang, girangeun lembur.
“Hunyur Uyut Cijambé dugi ka ayeuna gé
aya kénéh, malih mah teu acan kantos kakelem sanaos Cikidang caah ageung.”
Tatamu nu duaan silih rérét “Saurna,
saha nu sumaré di Cijambé téh?”
“Upami saha-sahana mah teu terang,
namina maksad téh, mung saur sepuh baheula, éta téh makam istri, malih katelah Uyut
Nyimas Rambut Panjang, seuweu siwi ti Cirebon, nu ngababakan ieu lembur.”
“Lembur
naon ieu téh?” cék tatamu.
“Katelahna ayeuna mah Sukamahi,
kapungkur mah namina teh Jantaké.”
Sanggeus
ngobrol rada lila, tatamu teh méré kantong pelastik cenah éta téh mahar keur
bedog “Mugi ulah ditampik,” kitu pokna. Aki Saca nampanan, teu dibuka heula,
disimpen wé di tepas imah.
Tamu amitan, cenah rék terus mulang ka dayeuh,
laleumpang muru kana mobilna nu ngabagug di sisi jalan. Aki Wirya mandeurikeun
manéh, bareng leumpang jeung Aki Saca
“Ĕta
téh duit keur ngagantian bedog téa, itung wé ku sorangan kadinyah.”
“Atuh kop nyokot heula keur mayar pérah
jeung sarangkana,” témbal Aki Saca.
“Hih kuring mah enggeus dibéré ti maranéhna
kamari, éta mah keur didinya kabéh.”
“Lain, kuring mah banget teu ngarti,
naha bedog téh nepi ka diregaan kitu?”
“Panjang caritana, engké wé deui, tah
tamu nu rada béséké éta téh jalma nu awas paningal, jalma nu seukeut deuleu.” témbal
Aki Wirya “Naha éta bedog disebut bedog Ceurik Rahwana?” cék Aki Wiya deui.
“Kapan waktu keur neupana bari ngadéngékeun lagu Ceurik Rahwana tina radio,”
jawab Aki Saca. Aki Wirya kéom ngadéngé kitu mah, terus ngilu kana mobil. Aki
Saca teu kaburu tatanya deui, mobil geus ngadius mantén. Aya benerna panday mah
tara boga bedog, kakara gé rék boga akuan geus disamber mantén ku nu séjén,
gerentes Aki Saca.
Aki Saca muka kantong keresek enya wé eusina duit, aya opat gepok, nu tilu
gepok sapuluh jutaan jeung sagepok lima juta. Cukup keur umroh saurangeun.
Aki Saca ngahuleng sajongjongan, pok
ngomong sorangan “Uti ieu duit keur umroh téa.”
Duit ku Aki Saca teu dicocéng sapésér
ge, langsung dibikeun ka incuna keur
nambah-nambah biaya sakola, sakolebatan kagambar kumaha Nini Uti keur
ngeukeupan incuna waktu orok kénéh▄
Margawangi
September 2016
(Dimuat dina koran Tribun Jabar Salasa 27 Sept-Rebo 28 Sept-Kemis 29 Sept 2016)
3 comments:
Meni kagagas pisan
Meni kagagas pisan
sedih..
Post a Comment