07 November 2016

ANYAM CAYUT JEUNG BAGBAGAN NGANYAM

ANYAM CAYUT

Ku : MAMAT SASMITA

KEKECAPAN anyam cayut nu kapanggih dina Siksakandang Karesian (SSK), kakolom kana boéh. Cék SSK mun hayang nyaho rupa-rupa boéh tanya ka pangeuyeuk. Ari hartina pangeuyeuk téh ahli ninun, kitu cék Kawih Pangeuyeukan (KP). Sedengkeun hartina boéh, mun ningali dina kamus Sunda modéren, nyaéta lawon bodas keur mungkus mayit. Asa teu nyurup mun dihartikeun kana kecap boéh nu aya dina SSK, sabab boéh di dinya mah aya motif ragam hiasna, lain ngan lawon bodas. Ku kituna, sabangsaning lawon najan aya motif ragam hiasna disebut boéh.
Sigana ninun di dieu gé lain ngan ninun kantéh (benang bodas) nu bakal jadi lawon, tapi aya leuwihna. Geura mun dibaca dina KP ti baris ka 71 nepi ka baris ka 95, disebutkeun nu keur ninun. Tinunanana aya ragam hiasna, upamana beubeurna cacaritaan, carita sutra hantara, disisian asri naga pabeulit deung barayana marebutkeun singa patra, puyuh ngungkung dihulueun, merak simpir tan paadu. Kagambar héséna ninun nu beunghar ragam liiasna, nepi ka Deuwi Rasa Teuing Sakéan Adi Iarangan (tokoh dina KP) ceurik balilihan. Dina KP baris ka 79 unina beubeurna cacaritaan, jeung dina baris ka 554-555 unina bisa meubeur malem-malem, bisa nyongkét poék-poék.
Rada panasaran ku maksudna kecap beubeur atawa rneubeur, ari nyongkét onaman moal salah deui tina kecap songkét (siga dina frasa kain songkét). Beubeur hartina sabuk tina lawon atawa kulit dibeulitkeun kana cangkéng geusan mageuhan samping atawa calana, kitu hartina rnun nurutkeun tina kamus basa Sunda ayeuna. Hartina beubeur dina KP mah rada béda, ngan rneungkeut atawa mageuhanana mah méh sarua.
Dina buku JE Jasper jeung Mas Pirngadie (De Inlandsche Kunsnijtverheid in Neclerlansche Indie jilid II, 1912) kapanggih kecap beubeur, nyaéta prosés meungkeut dina nyieun tinun beungkeut. Di daérah Priangan mah disebut beubeur cuwel.  Katerangan Jasper bisa jadi luyu jeung pagawéan Deuwi Rasa Teuing Sakéan Adi Larangan nu keur ninun beubeurna cacaritaan atawa rneubeur malern-malem. Ari hubunganana jeung kecap boéh di SSK, ku lantaran aya saruana nyaéta ninun nu aya rupa ragam hiasna. Ngan omat pahili jeung batik, lantaran batik mah kakolom kana tulis, ahlina disebut lukis.
Balik cleui kana anyarn cayut, dina buku Jasper &  Mas Pirngadie (jilid I, 1912) disebutkeun rupa-rupa ngaran anyarnan nu rnaké kecap cayut dibarengan ku kecap poléng jeung sawaréh aya gambarna. Anyaman poléng cayut téh ayana di wewengkon Ciawi, Tasikmalaya. Demi bahanna tina daun pandan. Nelek-nelek sababaraha garnbar anyaman, utamana nu disebut cayut, aya poléng cayut pinggir, poléng cayut turnoké, poléng cayut pinggir kepang jeung poléng cayut mérah, katingali kabéh gé dina pola anyaman géométris diagonal. Katarnbah dina buku Jasper gé aya gambar wadah disebut koronjo  ti Sukanagara, dianyam tina daun gebang. Dina ieu koronjo gé maké anyaman pola diagonal.

Ku kituna rupa poléng cayut, nu aya buku Jasper & Mas Pirngadie, mun dilarapkeun jeung anyam cayut nu aya dina SSK, sigana teu salah-salah teuing, dijieun ku cara tinun beungkeut dina pola géométris diagonal. Hanjakalna dina mangsa kiwari tinun beungkeut di Tatar Sunda arang kapanggih. Sigana pédah hésé, migawéna bisa bari ceurik balilihan, jeung ongkoh kaéléhkeun ku batik.

(Dimuat dina PR Senin Tgl 24 Okt 2016 rubrik Sundapedia) 



BAGBAGAN NGANYAM

Ku : MAMAT SASMITA

Rupaning wawadahan, pangpangna nu beunang nganyam, geua aya ti baheula mula. Kaparigelanana kapanggih dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) dina frasa anyam cayut. Ari dina Bujangga Manik (Tiga Pesona Sunda Kuna; 2009)  mah nyebutkeun ngaran barang beunang nganyam nyaéta ka(m)pék karangcang (baris 652), sedengkeun kampék karancang téh kantong siga koja, beunang nganyam tina tali kulit tangkal teureup, teu béda jeung wangun anyaman kecrik atawa lintar atawa sirib, ngan dina kampék mah leuwih kerep.
Ari motif anyaman nu kungsi dipikawanoh ku urang Sunda, bisa ditingali dina buku De Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie Het Vlechtwerk karya J.E Jasper jeung Mas Pirngadie nu medal taun 1912. Dina ieu buku disebutkeun rupa motif  ti sababaraha wewengkon, upamana :
Ti Cirebon, mata walik, képang tanjeur, talaga ngembeng, susun geureun, birit manggu. Ti Singaparna, jungjulung, mérang awi, huntu kuda, siki bonténg, kapipihi emplog, jawér kotok. Ti Ciawi Tasik, poléng sulam, poléng cayut sisi, poléng cayut hideung, poléng cayut beureum,  poléng cayut tumoké, poléng gambir saketi.
Ari ti Tasikmalaya, poléng alketip, poléng kobar, kembang cengkéh, mata walik, poléng banji, poléng rujak huni tabur, poléng daun peuteuy. Ti Karawang, mata walik, iga munding, tabur bintang, képang tanjeur. Ti Pandéglang, mata walik, solodoktor, birit manggu, kupa saranggeuy. Ti Anyer, belah ketupat, kembang cengkéh, rarantéan jeung kembang kadu.

Bahan keur anyaman téh kaitung loba, nu kawilang ilahar dipikawanoh ku balaréa, diantarana awi, daun pandan jeung hoé.
Ari awi nu alus keur bahan anyameun mah nya awi tali sabab uratna kaitung lemes, liat jeung leuleus, teu babari pites. Waktu nuar awi gé teu sagawayah, kudu manjing waktu, sakurang-kurangna geus tilu atawa opat usum atawa kurang leuwih geus umur dua taun. Ngalana dina keur dangdangrat jeung alusna mah milih tina rungkun nu euweuh iwungan.  Awi keur bahan anyaman dipotong jeung dibeulah, tuluy dihua maké bedog pamilikan atawa bedog pabilikan nu ipis tapi seukeut. Ngahua pagawéan hésé sabab ipis kandelna awi kudu méh sarua, kudu dipigawé ku nu geus tapis. Bahan anyaman tina awi nu laleutik sok disebut irateun, tuluy diraut dialus-alus, ngarautna make péso raut. Dina ngarautna aya nu disebut beuteung siraru, rada kandel di tengah, tujuanana sangkan hasil anyaman leuwih seseg.
Barang anyaman nu dihasilkeun tina bahan awi, kacida lobana, ti mimiti nu badag, siga gedég keur pager atawa keur sasak, bilik keur dingding imah, wawadahan samisal tingkem, boboko, dingkul, tolombong, carangka nepi ka nu kaitung lemes siga wadah seupaheun..

Hoé gé loba rupana aya hoé cacing, hoé tarétés, hoé emas, hoé bubuay, hoé sélang, hoé korod, hoé tutul. Nagn loba gunung nu bulistir, loba leuweung nu dibukbak, bahan anyaman di tatar Sunda kudu ngadagoan kiriman hoé ti daérah séjén, utamana ti Kalimantan. Hoé  nu alus bahan anyaman mah nu kaitung leutik, sangkan babari meulahna jeung ngarautna. Hoé nu geus diraut keur bahan anyaman sok disebut hata. Beubeunangan nganyamna ge kaitung loba siga méja, korsi, kitu deui keur wawadahan aya kanéron, geus puguh ari anyaman keur hiasan mah.
Lebah pandan nu kawentar nya jaksi, sabab daunna leuwih rubak, panjang jeung leuwih liat. Daun pandan nu dianggap hadé nyaéta daun kaopat nepi ka dalapan, diitung ti pucukna. Unggal daun nu diala, salambar-salambar tuluy disuakan maké panyuak, hasilna daun pandan nu tadina rubak, jadi laleutik disebut morés, rubakna antara 3-5 mm. Ngarah leuwih leuleus jeung lemes tuluy di kulub nepi ka leumpeuh jeung supaya kaciri leuwih bodas, digaringkeunana ulah dipoé di nu mentrang tapi cukup diangin-angin. Sanggeus garing tuluy dipaud, ngarah teu mulintir, kakara bisa dipaké keur nganyam. Mun rék dibéré warna dikulub deui luyu jeung warna nu dipilih. Beubeunanganana kayaning samak, dompét, wadah seupaheun jeung rupa-rupa deui.
Bahan anyaman lianna kaitung loba aya daun gebang, daun kalapa, daun kawung, nyéré, méndong jeung  tali tina lulub tangkal waru atawa tangkal teureup. . Cara ngolahna gé rupa-rupa gumantung kana bahan nu rék dipaké. Barang tina anyaman daun gebang aya koronjo, tina daun kalapa aya kisa, tina nyéré aya rigén.

Kosa kecap nu patali jeung anyaman ge rea pisan. Upamana urang nilik anu kapanggih di Tasikmalaya, nu bisa jadi di wewengkon sejen beda deui istilahna.Di dinya kapanggih antarana, kahiji lusi (lungsi), nyaéta bahan anyaman nu ditempatkeun sajajar jeung nu nganyam atawa manjang ka hareupeun nu nganyam .
Kadua pakan, bahan anyaman nu ditempatkeun nyiku jeung lusi atawa ngujur ti kénca ka katuhueun nu nganyam.Katilu pihuntuan, nu misahkeun antara anyaman beulah kénca jeung anyaman beulah katuhu. Pihuntuan dipaké keur pirang-pirang anyaman sarupaning ayakan, jodang, nyiru, tampir, pipiti, cetok, aseupan, dingkul, bodag, carangka, kurung hayam, jeung anyaman karajinan lianna nu meh sarupa jeung tadi.Kaopat rungkupan, jumlah tumpang tindihna atawa jumlah selang surupna anyaman. Pihuntuan hiji anyaman jeung anyaman séjén bisa béda dina jumlah rungkupanana.
Kalima pisalahan, anyaman nu disusun sabalikna tina pihuntuan. Dilarapkeunana dina anyaman cetok, pipiti, carangka, katut kurung hayam. Maké pisalahan téh sabab pihuntuanana rungkup dua rungkup hiji. Gunana sangkan éta anyaman teu ngarodon sabab jumlah anyaman anu jangkep, lain ganjil.
Kagenep dijuruan, ieu mah husus keur anyaman nu aya juruna, jumlahna bisa béda-béda. Boboko, carangka, dingkul, bodag, dijuruan opat. Aseupan dijuruan dua, ngan sok aya nu dijuruan hiji baé. Cetok dijuruan hiji.
Katujuh sahanca, anyaman nu rada ngagedéan ka beh luhur, upamana boboko, bodag, dingkul jeung anyaman séjén nu meh sarua jeung boboko.
Kadalapan sarengse, nu dipake dina nyieun boboko, bodag atawa dingkul. Saréngsé sarua jeung tilu lambar bahan anyaman nu diitung ti bagian tengah-tengah anyaman birit. Ari ciri tina saréngsé téh lamun rungkup anyaman geus cunduk kana rungkup hiji rungkup hiji.
Kasalapan sarungsum, dipaké dina waktu nyieun boboko, supaya anyamanana ngagedéan ka béh luhur.  Sarungsun diselapkeun dina “sahanca” satutasna dijuruan. Lebah mana-manana mah teu kudu tangtu, gumantung kana lebah mana éta anyaman hayang dibeukahan. Mun boboko mah biasana sarungsum diselapkeun dina sahanca katilu.
Aya kénéh istilah-istilah séjén saperti dilépé, pongpok, birit, didéndang, beungharna istilah nganyam tug nepi ka kiwari kagiatan nganyam masih aya kénéh, ieu gé méré tanda beungharna kabudayaan Sunda. Tinggal kumaha ngokolakeunana jeung sangkan hirup hurip satuluyna, ulah kasilih ku barang-barang citakan tina pelastik.

(Dimuat dina PR Senin 24 Oktober 2016 rubrik Kalam)

No comments: