Ku : MAMAT SASMITA
KEKECAPAN anyam cayut nu kapanggih dina Siksakandang
Karesian (SSK), kakolom kana boéh. Cék SSK mun hayang nyaho rupa-rupa boéh
tanya ka pangeuyeuk. Ari hartina pangeuyeuk téh ahli ninun, kitu cék Kawih
Pangeuyeukan (KP). Sedengkeun hartina boéh, mun ningali dina kamus Sunda
modéren, nyaéta lawon bodas keur mungkus mayit. Asa teu nyurup mun dihartikeun
kana kecap boéh nu aya dina SSK, sabab boéh di dinya mah aya motif ragam
hiasna, lain ngan lawon bodas. Ku kituna, sabangsaning lawon najan aya motif ragam
hiasna disebut boéh.
Sigana ninun di dieu gé lain ngan ninun kantéh (benang
bodas) nu bakal jadi lawon, tapi aya leuwihna. Geura mun dibaca dina KP ti
baris ka 71 nepi ka baris ka 95, disebutkeun nu
keur ninun. Tinunanana aya ragam hiasna, upamana beubeurna cacaritaan,
carita sutra hantara, disisian asri naga pabeulit deung barayana marebutkeun
singa patra, puyuh ngungkung dihulueun, merak simpir tan paadu. Kagambar héséna
ninun nu beunghar ragam liiasna, nepi ka Deuwi Rasa Teuing Sakéan Adi Iarangan
(tokoh dina KP) ceurik balilihan. Dina KP baris ka 79 unina beubeurna
cacaritaan, jeung dina baris ka 554-555 unina bisa meubeur
malem-malem, bisa nyongkét poék-poék.
Rada panasaran ku maksudna kecap beubeur atawa rneubeur, ari
nyongkét onaman moal salah deui tina kecap songkét (siga dina frasa kain
songkét). Beubeur hartina sabuk tina lawon atawa kulit dibeulitkeun kana
cangkéng geusan mageuhan samping atawa calana, kitu hartina rnun nurutkeun tina
kamus basa Sunda ayeuna. Hartina beubeur dina KP mah rada béda, ngan rneungkeut
atawa mageuhanana mah méh sarua.
Dina buku JE Jasper jeung Mas Pirngadie (De Inlandsche Kunsnijtverheid
in Neclerlansche Indie jilid II, 1912) kapanggih kecap beubeur, nyaéta prosés
meungkeut dina nyieun tinun beungkeut. Di daérah Priangan mah disebut beubeur
cuwel. Katerangan Jasper bisa jadi luyu jeung
pagawéan Deuwi Rasa Teuing Sakéan Adi Larangan nu keur ninun beubeurna cacaritaan
atawa rneubeur malern-malem. Ari hubunganana jeung kecap boéh di SSK, ku
lantaran aya saruana nyaéta ninun nu aya rupa ragam hiasna. Ngan omat pahili
jeung batik, lantaran batik mah kakolom kana tulis, ahlina disebut lukis.
Balik cleui kana anyarn cayut, dina buku Jasper & Mas Pirngadie (jilid I, 1912) disebutkeun rupa-rupa
ngaran anyarnan nu rnaké kecap cayut dibarengan ku kecap poléng jeung sawaréh
aya gambarna. Anyaman poléng cayut téh ayana di wewengkon Ciawi, Tasikmalaya.
Demi bahanna tina daun pandan. Nelek-nelek sababaraha garnbar anyaman, utamana
nu disebut cayut, aya poléng cayut pinggir, poléng cayut turnoké, poléng cayut
pinggir kepang jeung poléng cayut mérah, katingali kabéh gé dina pola anyaman
géométris diagonal. Katarnbah dina buku Jasper gé aya gambar wadah disebut
koronjo ti Sukanagara, dianyam tina daun
gebang. Dina ieu koronjo gé maké anyaman pola diagonal.
Ku kituna rupa poléng cayut, nu aya buku Jasper & Mas
Pirngadie, mun dilarapkeun jeung anyam cayut nu aya dina SSK, sigana teu salah-salah
teuing, dijieun ku cara tinun beungkeut dina pola géométris diagonal.
Hanjakalna dina mangsa kiwari tinun beungkeut di Tatar Sunda arang kapanggih.
Sigana pédah hésé, migawéna bisa bari ceurik balilihan, jeung ongkoh kaéléhkeun
ku batik.
(Dimuat dina PR Senin Tgl 24 Okt 2016 rubrik Sundapedia)
BAGBAGAN NGANYAM
Ku : MAMAT SASMITA
Rupaning
wawadahan, pangpangna nu beunang nganyam, geua aya ti baheula mula. Kaparigelanana
kapanggih dina Sanghyang Siksakandang Karesian (1518) dina frasa anyam cayut. Ari dina Bujangga Manik
(Tiga Pesona Sunda Kuna;
2009) mah nyebutkeun ngaran barang
beunang nganyam nyaéta ka(m)pék
karangcang (baris 652), sedengkeun kampék karancang téh kantong siga koja,
beunang nganyam tina tali kulit tangkal teureup, teu béda jeung wangun anyaman kecrik atawa lintar
atawa sirib, ngan dina kampék mah leuwih kerep.
Ari
motif anyaman nu kungsi
dipikawanoh ku urang Sunda, bisa ditingali dina buku De
Inlandsche Kunstnijverheid In Nederlandsch Indie Het Vlechtwerk karya J.E Jasper jeung Mas Pirngadie nu medal taun 1912. Dina ieu buku
disebutkeun rupa motif ti sababaraha
wewengkon, upamana :
Ti
Cirebon, mata walik, képang tanjeur, talaga ngembeng, susun geureun, birit
manggu. Ti Singaparna, jungjulung, mérang awi, huntu kuda, siki bonténg,
kapipihi emplog, jawér kotok. Ti Ciawi Tasik, poléng sulam, poléng cayut sisi,
poléng cayut hideung, poléng cayut beureum,
poléng cayut tumoké, poléng gambir saketi.
Ari
ti Tasikmalaya, poléng alketip, poléng kobar, kembang cengkéh, mata walik,
poléng banji, poléng rujak huni tabur, poléng daun peuteuy. Ti Karawang, mata
walik, iga munding, tabur bintang, képang tanjeur. Ti Pandéglang, mata walik,
solodoktor, birit manggu, kupa saranggeuy. Ti Anyer, belah ketupat, kembang cengkéh,
rarantéan jeung kembang kadu.
Bahan
keur anyaman téh kaitung loba, nu kawilang ilahar dipikawanoh ku balaréa, diantarana
awi, daun pandan jeung hoé.
Ari
awi nu alus keur bahan anyameun mah nya awi tali sabab uratna kaitung lemes,
liat jeung leuleus, teu babari pites. Waktu nuar awi gé teu sagawayah, kudu
manjing waktu, sakurang-kurangna geus tilu atawa opat usum atawa kurang leuwih
geus umur dua taun. Ngalana dina keur dangdangrat jeung alusna mah milih tina
rungkun nu euweuh iwungan. Awi keur
bahan anyaman dipotong jeung dibeulah, tuluy dihua maké bedog pamilikan atawa
bedog pabilikan nu ipis tapi seukeut. Ngahua pagawéan hésé sabab ipis kandelna
awi kudu méh sarua, kudu dipigawé ku nu geus tapis. Bahan anyaman tina awi nu
laleutik sok disebut irateun, tuluy diraut dialus-alus, ngarautna make péso
raut. Dina ngarautna aya nu disebut beuteung
siraru, rada kandel di tengah, tujuanana sangkan hasil anyaman leuwih
seseg.
Barang
anyaman nu dihasilkeun tina bahan awi, kacida lobana, ti mimiti nu badag, siga
gedég keur pager atawa keur sasak, bilik keur dingding imah, wawadahan samisal
tingkem, boboko, dingkul, tolombong, carangka nepi ka nu kaitung lemes siga
wadah seupaheun..
Hoé
gé loba rupana aya hoé cacing, hoé tarétés, hoé emas, hoé bubuay, hoé sélang,
hoé korod, hoé tutul. Nagn loba gunung nu bulistir, loba leuweung nu dibukbak,
bahan anyaman di tatar Sunda kudu ngadagoan kiriman hoé ti daérah séjén,
utamana ti Kalimantan. Hoé nu alus bahan
anyaman mah nu kaitung leutik, sangkan babari meulahna jeung ngarautna. Hoé nu
geus diraut keur bahan anyaman sok disebut hata. Beubeunangan nganyamna ge kaitung
loba siga méja, korsi, kitu deui keur wawadahan aya kanéron, geus puguh ari anyaman
keur hiasan mah.
Lebah
pandan nu kawentar nya jaksi, sabab
daunna leuwih rubak, panjang jeung leuwih liat. Daun pandan nu dianggap hadé
nyaéta daun kaopat nepi ka dalapan, diitung ti pucukna. Unggal daun nu diala,
salambar-salambar tuluy disuakan maké panyuak,
hasilna daun pandan nu tadina rubak, jadi laleutik disebut morés, rubakna antara 3-5 mm. Ngarah leuwih leuleus jeung lemes
tuluy di kulub nepi ka leumpeuh jeung supaya kaciri leuwih bodas,
digaringkeunana ulah dipoé di nu mentrang tapi cukup diangin-angin. Sanggeus
garing tuluy dipaud, ngarah teu mulintir, kakara bisa dipaké keur nganyam. Mun
rék dibéré warna dikulub deui luyu jeung warna nu dipilih. Beubeunanganana kayaning
samak, dompét, wadah seupaheun jeung rupa-rupa deui.
Bahan
anyaman lianna kaitung loba aya daun gebang, daun kalapa, daun kawung, nyéré, méndong
jeung tali tina lulub tangkal waru atawa
tangkal teureup. . Cara ngolahna gé rupa-rupa gumantung kana bahan nu rék dipaké.
Barang tina anyaman daun gebang aya koronjo, tina daun kalapa aya kisa, tina
nyéré aya rigén.
Kosa
kecap nu patali jeung anyaman ge rea pisan. Upamana urang nilik anu kapanggih
di Tasikmalaya, nu bisa jadi di wewengkon sejen beda deui istilahna.Di dinya
kapanggih antarana, kahiji lusi (lungsi), nyaéta bahan anyaman nu ditempatkeun
sajajar jeung nu nganyam atawa manjang ka hareupeun nu nganyam .
Kadua
pakan, bahan anyaman nu ditempatkeun nyiku jeung lusi atawa ngujur ti kénca ka
katuhueun nu nganyam.Katilu pihuntuan, nu misahkeun antara anyaman beulah kénca
jeung anyaman beulah katuhu. Pihuntuan dipaké keur pirang-pirang anyaman
sarupaning ayakan, jodang, nyiru, tampir, pipiti, cetok, aseupan, dingkul,
bodag, carangka, kurung hayam, jeung anyaman karajinan lianna nu meh sarupa
jeung tadi.Kaopat rungkupan, jumlah tumpang tindihna atawa jumlah selang
surupna anyaman. Pihuntuan hiji anyaman jeung anyaman séjén bisa béda dina
jumlah rungkupanana.
Kalima
pisalahan, anyaman nu disusun sabalikna tina pihuntuan. Dilarapkeunana dina
anyaman cetok, pipiti, carangka, katut kurung hayam. Maké pisalahan téh sabab
pihuntuanana rungkup dua rungkup hiji. Gunana sangkan éta anyaman teu ngarodon
sabab jumlah anyaman anu jangkep, lain ganjil.
Kagenep
dijuruan, ieu mah husus keur anyaman nu aya juruna, jumlahna bisa béda-béda.
Boboko, carangka, dingkul, bodag, dijuruan opat. Aseupan dijuruan dua, ngan sok
aya nu dijuruan hiji baé. Cetok dijuruan hiji.
Katujuh
sahanca, anyaman nu rada ngagedéan ka beh luhur, upamana boboko, bodag, dingkul
jeung anyaman séjén nu meh sarua jeung boboko.
Kadalapan
sarengse, nu dipake dina nyieun boboko, bodag atawa dingkul. Saréngsé sarua
jeung tilu lambar bahan anyaman nu diitung ti bagian tengah-tengah anyaman
birit. Ari ciri tina saréngsé téh lamun rungkup anyaman geus cunduk kana
rungkup hiji rungkup hiji.
Kasalapan
sarungsum, dipaké dina waktu nyieun boboko, supaya anyamanana ngagedéan ka béh
luhur. Sarungsun diselapkeun dina
“sahanca” satutasna dijuruan. Lebah mana-manana mah teu kudu tangtu, gumantung
kana lebah mana éta anyaman hayang dibeukahan. Mun boboko mah biasana sarungsum
diselapkeun dina sahanca katilu.
Aya
kénéh istilah-istilah séjén saperti dilépé,
pongpok, birit, didéndang, beungharna
istilah nganyam tug nepi ka kiwari kagiatan nganyam masih aya kénéh, ieu gé méré tanda beungharna kabudayaan Sunda. Tinggal kumaha
ngokolakeunana jeung sangkan hirup hurip satuluyna, ulah kasilih ku
barang-barang citakan tina pelastik.
(Dimuat dina PR Senin 24 Oktober 2016 rubrik Kalam)