08 March 2015

RAGAM HIAS Dina Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (Bagian ka 2)

Ku : MAMAT SASMITA                                                     Bagian ka    1    2    3


Ari tina sasatoan mah dina SSK teu loba ngan aya urang-urangan nu dihartikeun hurang atawa huhurangan (siga hurang), bédana sasatoan dina SSK nyaéta hurang, sato nu aya di cai, sato daratna nyaéta memetahan nu hartina gajah ngamuk, kitu gé mun satuju meta téh gajah ngamuk. Ari dina buku Jasper mah lolobana sato darat kayaning segong, bayongbong, langgir jeung nu bisa hiber kayaning kukupu, papatong, bangbara, manuk. Ari nu nyokot tina lauk cai nu disebut teh sisit lauk. Naga mah kaasup mahluk legenda, geuning dina carita pantun upamana, sok aya nu nyebut Nagagini.

J.E.Jasper (1916;24) gé nyebutkeun yén cara bihari keur nyieun batik téh teu maké malam atawa lilin tapi maké darih béas ketan, cara kitu téh kapanggih kénéh di daérah  Cilangkahan Lebak  jeung di daérah Cibaliung Pandéglang  Banten. Kitu deui kapanggih di daérah Jampang Sukabumi. Ari nuliskeunana maké nyéré atawa rautan awi, nu tungtungna keur nulis rada dijébérkeun jeung dipékprék niron-niron koas keur ngulas ngulasna. Rautan awi keur nulisna di Cihaur Ciemas dina taun 1906 disebut séndok, sabab wangunna siga séndok. Biasana cara kitu téh disebut téhnik rintang warna (ngahalangan warna waktu dicelep), ongkoh deuih ngabatik mah kabéh gé tehnik rintang warna najan maké canting.

HARTINA BOÉH

Ilaharna dina basa Sunda kiwari, basa Sunda modérn, boéh téh nyaéta lawon bodas keur mungkus mayit, cék basa Indonesia mah kain kafan. Tapi dina kamus basa Sunda Danadibarata mah boéh téh nyaéta lawon bodas, teu nyebutkeun keur mungkus mayit, méh sarua jeung kamus basa Sunda LBSS  boéh téh lawon bodas nu dijieun tina kapas. Ari dina kamus Sunda Jonathan Rigg (1862) boéh téh lawon bodas keur mungkus mayit nu rék dikurebkeun.
Lamun kecap boéh dina harti lawon keur mungkus mayit atawa lawon bodas dilarapkeun kana kecap boéh nu aya dina SSK bet asa teu merenah. Sabab kecap boéh dina SSK mah aya rupa ragam hiasna. Ieu dicutat sagemblengna tina SSK (Saléh Danasasmita saparakanca 1987;84) :
Sa(r)wa Iwir/a/ ning boeh ma: kembang mu(n)cang, gagang senggang, sameleg, seumat sahurun, anyam cayut, sigeji, pasi-pasi, kalangkang ayakan, poleng re(ng)ganis, jaya(n)ti, cecempaan, paparanakan, mangin haris sili ganti, boeh siang, bebernatan, papakanan, surat awi, parigi nyengsoh, gaganjar, lusian besar, kampuh jaya(n)ti, hujan riris, boeh alus, ragen panganten; sing sawatek boboehan ma pangeuyeuk tanya.“

Hartina boéh mun ningali dina glosari transkripsi SSK mah nyaéta lawon atawa kaén (Saléh Danasasmita saparakanca 1987;137), ari pangeuyeuk hartina ahli batik (Saléh Danasasmita saparakanca1987;163). Hal ieu téh rada pabéntar jeung K.F.Holle, ari Holle mah ngahartikeun tulis téh batik, lukis téh ahli batik, ari Saléh Danasasmita mah ahli batik téh disebut pangeuyeuk. Ngan lamun ningali tarjamahna (dina basa Indonesia) pangeuyeuk téh disebut ahli tekstil (Saléh Danasasmita saparakanca 1987;108).
Mamat Ruhimat saparakanca (2014;155) ngécéskeun nu disebut ngeuyeuk téh ninun. Mun ninun tina kantéh atawa benang nu langsung dijieun tina kapas atawa kapuk, tangtu moal aya ragam hiasna atawa motifna, lantaran benang tina kapas atawa kapuk mah warnana sarua jeung warna kapas atawa kapuk tur hasilna lawon nu warnana bodas.

Jadi lawon nu kumaha atuh nu disebut boéh (nu aya ragam hiasna atawa aya motifna) téh?

Dina naskah Sunda  kuna Kawih Pangeuyeukan (Mamat Ruhimat saparakanca 2014), baris ka 555 aya kekecapan nyongkét (bisa nyongkét poék-poék), salian ti kecap nyongkét aya deui kecap meubeur dina baris ka 554 (bisa meubeur malem-malem) jeung kecap beubeur dina baris ka 79 (beubeurna cacaritaan).  Kecap nyongkét ku Mamat Ruhimat saparakanca ditarjamahkeun kana basa Indonesia tetep nyongkét, hartina di dieu nyieun kaén songkét atawa ninun songkét.  Ari kecap meubeur ditarjamahkeun kana basa Indonesia tetep meubeur tur ditulis doyong (italic), kecap beubeurna ditarjamahkeun jadi selendangnya (beubeurna cacaritaan/ selandangnya bermotif cerita).

J.E.Jasper (1912a;166) nyebutkeun aya awéwé geus kolot nu hirup nyorangan di Pekalongan di désa Gunung Sugih, ieu awéwé teh urang  Bantar Kawung , nu bisa nyieun kaén kasang. Di Banyumas mah kaén kasang téh disebut kaén gubah. Kaén kasang atawa kaén gubah masih dijieun jeung masih dipaké kénéh  dina taun 1912, dipakéna, utamana, dina upacara upacara nu dianggap sakral. Nyieun kaén kasang téh prosésna sarua  jeung nyieun tenun ikat, di Sunda disebut beubeur (J.E.Jasper nulisna bebeur) atawa di Priangan mah disebut beubeur cuwel. J.E.Jasper (1912a;168) gé nyebutkeun rupa-rupa ragam hias nu aya dina kaén kasang, diantarana : kuda beureum, kuda bodas, parahu, oray ngojay, coban, pasung, paria, karawang, gajah, daun caringin, waru rangkang, singa, sawang.  Di Cirebon motifna burung-burungan, kuda-kudaan jeung jantung-jantungan.

Najan nu nyaho nyieun kaén kasang téh jolna ti Pekalongan (Gunung Sugih) atawa ti Bantar Kawung, tapi mun nilik kana ngaran-ngaran ragam hias kayaning kuda beureum, kuda bodas, oray ngojay  jeung sajabana, tur nilik kana basana pasti éta téh jolna ti Tatar Sunda, tina basa Sunda.

Luyu jeung katerangan ti J.E.Jasper, beubeur atawa meubeur atawa ngabeungkeutan téh proses ninun nyieun kaén kasang atawa tenun ikat. Kecap meubeur atawa beubeur gé kapanggih di Kawih Pangeuyeukan, ku kituna meubeur atawa beubeur téh lain selendang tapi prosés meugkeutan benang keur tenun ikat. Mun kitu baris ka 554 dina Kawih Pangeuyeukan teh bisa disebut meungkeutan benang peuting-peuting, ari baris ka 75 bisa disebut meungkeutna dina pola ragam hias cacaritaan (carita legenda upamana dina runtuyan gambar hias).  

Dina Kawih Pangeuyeukan baris ka 71 nepi ka baris 95 digambarkeun Sakéan Adi Larangan keur ninun, ditulis kalawan jéntré nu keur ditinun téh lain ngan ninun lawon bodas, tapi loba/ aya ragam hiasna. Di dieu dicutat sacéréwéléna  :

teher nu ngalahun tinun/ tinun sindur sutra manik/ milusian dasar beureum/ dipakanan mirah cina/ disisian ku banyu mas/mitungtung na kuwung-kuwung/ masisi na katumbiri/ di tengah asri bwana/ Beubeurna cacaritaan/ carita sutra hantara/ daduna dadu manggala/ susulaman tutulisan/ dipakanan mirah cina/ disisian asri naga/ pabeulit deung barayana/marebutkeun singa patra/ puyuh ngungkung di hulueun/ merak simpir tan apadu/ dingaran nambi humeter/ mitungtung manjeti kembang/ eta nu ngasri bwana/ Beunang ngusap ku haremas/ dingaran taluki wayang/ diselang saca dewangga/ eta ngaran milangeu cina.

Mun ditengetan hiji-hiji dina Kawih Pangeuyeukan téh  aya rupa sasatoan nyaéta naga, singa, merak, puyuh. Tuluy aya kaayaan alam kayaning katumbiri jeung kuwung-kuwung, ari tutuwuhan aya  nambi humeter (akar nu ngalingker), taluki (kembang anyelir)[1] jeung (cau) manggala . Boa-boa oray ngojay nu ditulis dina bukuna J.E.Jasper gé mangrupa naga, sabab urang Sunda mah kana gambar naga téh sakapeung sok nyebut oray naga. 
Ari warna nu dominan nyaéta beureum (dadu, mirah), siga dina kecap milusian dasar beureum, dipakanan mirah cina, mirah di dieu tangtu sarua jeung merah nu hartina beureum, ngan beureumna tangtu aya gradasi warna, naha beureum euceuy atawa beureum ngora.

Ku ayana gambaran nu ninun (pengeuyeuk) dina Kawih Pangeuyeukan, lain ngan sakadar ninun lawon bodas, tapi aya rupa hiasna lengkep jeung warnana, sigana nu dimaksud boéh dina SSK téh teu béda ti kaén kasang atawa tenun ikat atawa kaén songkét

Dina Bujangga Manik (J.Noorduyin-A.Teeuw 2009;282)  gé aya kecap heuyeuk (baris ka 176), kecap kasang (baris ka 183, 184, 187, 188, 189 jeung ka 190)  . Hartina heuyeuk nyaéta ninun sedengkeun kasang hartina lawon nu nutup lawang (Indonesia; tirai). Nu dina baris ka 183 disebut kasang carita mun dibandingkeun jeung beubeur cacaritaan dina Kawih Pangeuyeukan, sigana sarua maknana nyaéta kasang nu dihias ku rupa ragam hias nu dumasar kana carita (dongeng?). 

UKIR

Kecap ukir mah hartina sarua jeung kecap ukir dina basa Sunda kiwari. Marangguy atawa maranggi gé masih kénéh kaharti ku urang Sunda kiwari nyaéta tukang ukir dina kai. Ku kituna ngeunaan ukiran mah urang saliwat wé heula, lantaran anu disebut dina SSK geus kacida témbrésna, mun téa mah dijieun deui (dirékontruksi) tangtu bisa. Najan naga jeung singa asa arang kapanggih dina dongéng atawa mitologi atawa legénda Sunda. Ari paksi atawa manuk mah loba kacaritakeun, kitu deui were (monyét).
Ngan babarongan siga kumaha, naha siga barong nu di Bali atawa béda deui? Mun ningali kamus basa Sunda Danadibrata mah barong téh jelema nu ngaréka dirina dina dangdanan saperti sato malah dina patutna sok ngaleuwihan sato nu ditiruna. Sakapeung barong téh sok disaruakeun jeung singa, dina kecap singa barong atawa barongsay. 
Ukiran rupa naga upamana bisa dibandingkeun jeung naga nu aya dina Kawih Pangeuyeukan :  disisian asri naga/ pabeulit deung barayana/marebutkeun singa patra/ puyuh ngungkung di hulueun/ merak simpir tan apadu. Naga pabeulit (diadu?) jeung barayana (jeung naga deui) marebutkeun singa patra, dina palebah hulu naga aya puyuh keur ngungkung terus aya merak nu keur lalajo naga diadu, merak jeung merak rada anggang (tan apadu)




[1] J.E.Jasper (1916; 241) nyebutkeun tluki atawa taluki teh kembang anyelir. Salian ti dina buku J.E.Jasper, dina majalah Pusaka Sunda No.11 Mei 1923 aya katerangan ngeunaan madras taloki hartina ngaran sarupaning madras (lawon?) nu latar beureum kembang-kembang, tuluy dijelaskeun yén taloki téh maksudna mah Turki, ngan pédah diucapkeun ku padagang bangsa Cina jadi kadéngéna rada cadél nelah wé taluki atawa taloki.

Nyambung ka bagian 3

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No.2515, 19-25 Februari 2015)

No comments: