Ku : MAMAT SASMITA
Ragam hias[1] atawa ornamén nyaéta
rupa-rupa hiasan modél géometrik
atawa modél lianna,
dijieun mangrupa wangun dasar dina hasil karajinan saperti dina parabot, pakéan jeung dina arsitéktur (Ensiklopedia Indonesia, Djambatan, teu aya taun
medal). Ragam hias bisa mangrupa ukiran dina kai atawa batu, tulisan dina lawon
(batik) jeung wangun lianna dina média lianna.
Nian S Djoemena (1986;1) nyebutkeun yén wangun ragam hias, ilaharna dipangaruhan jeung
kacida raketna kana faktor-faktor : 1. Posisi géografis daérah nu nyieun ragam hias atawa batik, 2. Sipat jeung
tatacara kahirupan daérahna,
3. Kapercayaan jeung adat istiadat, 4. Kaayaan alam, kaasup ragam flora jeung
fauna sabudeureunana, 5. Kontak atawa hubungan jeung antar daérah séjén nu bakal silih pangaruhan.
Mun nilik posisi géografis Jawa Barat kaasup Banten, beulah kidul
ngawates jeung laut, kitu deui ka beulah kalér, ka beulah kulon ngawates jeung Selat Sunda, ari ka
beulah wétan
ngawates jeung Jawa Tengah. Ari sipat jeung tatacara kahirupanana, cék para ahli mah teu jauh ti nu disebut pahuma,
panyadap, panggerek jeung padagang. Sistem kapercayaan urang Sunda (baheula)
kacida ngahormatna ka luluhur atawa ka karuhun. Sedengkeun kaayaan alamna,
pinuh ku gunung, lamping, jungkrang, leuweung, walungan jeung saniskara tutuwuhan
katut sasatoan. Kontak atawa hubungan jeung daérah séjén geus jadi kabiasaan misalna jeung urang Jawa (basa
Kawi), malah kaasup jeung bangsa deungeun[2], Tatar
Sunda geus jadi tempatna atawa balawirina nu buniaga.
Salian ti éta cék
Drs H.R.Hidayat Suryalaga (2008;24) ngécéskeun
yén di Tatar Sunda bisa
dibagi tilu nyaéta beulah
kidul nepi ka basisir kidul warna dominan nu dipake dina kahirupan sapopoé nyaéta
warna semu kolot atawa soka kolot , ngaharib-harib warna taneuh porang. Sedengkeun
florana nu dijadikeun perlambang leuwih deukeut kana tutuwuhan nu ngambang
sabangsaning taraté,
wawalinian, seuseupan lentah, sasatoannana
galedé
kayaning buhaya, penyu jeung lauk badag. Di Tatar Sunda beulah tengah nu dominan teh warna gunung, hejo binetot, ti
warna hejo ngora nepi ka indigo (tarum). Tutuwuhanana sabangsaning daun nu
rarubak, saperti katapang, daun taleus, daun cau. Ari sasatoanana nu baradag
tur hirup di pagunungan kayaning maung, gajah atawa lutung. Ari di Tatar Sunda
beulah kalér réa kapangurahan ku tepungna rupaning budaya ti ditu ti
dieu, warnana gé leuwih
moronyoy, kayaning warna emas, pérak, konéng jeung beureum. Tutuwuhanana, leuwih condong kana
areuy-areuyan kalawan teu mopohokeun karang laut, atuh sasatoanana gé laleutik kayaning keuyeup atawa hurang.
Hanjakalna teu
aya penjelasan yén Tatar
Sunda dibagi tilu téh
wates-wates geografisna palebah mana nu sabenerna, najan kitu, bisa dimaphum da
nu disebut wates budaya mah tara écés
janggélékanana. Komo mun ditingali jaman kiwari, patalimarga
ti wétan ka
kulon atawa ti kidul ka kalér
geus but-bat jalan nu ngembat, unggal poé gé
teu weléh pinuh
ku nu lalar liwat, tangtuna ieu gé bakal mangaruhan kana wates budaya nu beuki teu écés
lebah-lebahna. Najan kitu pamanggih Drs H.R.Hidayat Suryalaga téh tetep bisa
dijadikeun rujukan keur ngimeutan ragam hias mangsa bihari nepi ka kiwari.
Salah sahiji beja tinulis mangsa bihari nu nyebutkeun
ngaran rupa-rupa ragam hias nyaéta
naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK) nu ditulisna taun 1518
(Saléh
Danasasmita saparakanca 1987). Naskah Sunda kuna SSK rajeun sok disebut énsiklopédi urang Sunda nu munggaran lantaran eusina nyatetkeun
rupa-rupa hasil budaya urang Sunda kaasup ngaran ragam hias.
Maksud tulisan ieu méré
gambaran siga kumaha rupa-rupa ragam hias nu aya dina SSK, dina wangun deskripsi sakumaha nu kapanggih.
Pangna henteu dina wangun gambar sangkan teu ngawatesanan kreativitas nu
macana. Paréndéné
kitu dina ieu tulisan aya sababaraha hiji nu dilengkepan ku conto gambar atawa
fotona, samisal rupa hias kembang muncang, dina ieu tulisan dilengkepan ku foto
kembang muncang jeung daunna, nu dipiharep supaya tina foto éta bisa ngararampa kumaha wujudna rupa ragam hias
kembang muncang. Salian ti éta
aya kapanasaran naon bédana
antara tulis jeung boéh, nepi ka
disebut tur dibédakeun
dina SSK, tangtu ieu téh aya alesanana.
Demi tujuanana ngan ukur ngabéjaan bulu tuur, sugan sasieureun sabeunyeureun aya
mangpaatna keur nu resep nalungtik rupa ragam hias nu aya di Tatar Sunda,
hususna nu kacatet dina SSK. Sugan jeung sugan naon rupa nu didadarkeun téh teu salah kabéh, mun enya gé aya nu salah hayu urang benerkeun babarengan. Ari nu
jadi rujukan nyaéta tina
sababaraha buku bacaan (studi pustaka), di bagian daftar pustaka dibéréndélkeun buku-buku nu jadi rujukanana.
RAGAM HIAS DINA NASKAH SSK
Dina naskah Sunda kuna SSK mun diitung-itung aya tilu
puluh salapan rupa ragam hias, nu dibagi jadi tilu gumpluk, nyaéta :
a.
Tulis. Dina gumplukan
tulis aya salapan rupa, nyaéta
: 1.pupunjengan, 2.hihinggulan, 3.kekembangan, 4.alas-alasan, 5.urang-urangan,
6.memetahan, 7.sisirangan, 8.taruk hata, 9.kembang taraée. Ahli tulis disebutna lukis.
b.
Ukir. Dina gumplukan
ukir aya lima rupa nyaéta
: 1.nanagaan (dinanagakeun), 2.babarongan (dibarongkeun), 3.paksi (ditiru
paksi), 4.singha (ditiru singha), 5. Were (ditiru were). Ahli ukir disebutna
marangguy atawa maranggi.
c.
Boéh. Dina gumplukan boéh aya dua puluh lima rupa, nyaéta : 1.kembang muncang, 2.gagang sénggang, 3.sameleg, 4.seumat sahurun, 5.anyam cayut,
6.sigeji, 7.pasi-pasi, 8.kalangkang ayakan, 9.poléng rengganis, 10.jayanti, 11.cecempaan,
12.paparanakan, 13.mangin haris, 14.sili ganti, 15.boéh siang, 16.bebernatan, 17.papakanan, 18.surat awi,
19.parigi nyéngsoh,
20.gaganjar, 21.lusian besar, 22.kampuh jayanti, 23.hujan riris, 24.boéh alus, 25.ragén pangantén. Ahlina
nyieun boéh
disebutna heuyeuk atawa pangeuyeuk.
Dina gumplukan Tulis bisa baé disebut ngan ukur aya dalapan, sabab kembang taraté bisa diasupkeun kana rupa kekembangan, ari dina gumplukan
Boéh mun maca hasil
transkripsi naskah SSK antara rupa mangin haris jeung sili ganti teu maké (tanda baca) koma[3],
ku kituna bisa dibaca mangin haris sili ganti téh ngan sarupa, tapi mun maca hasil terjemahanana
antara mangin haris jeung sili ganti téh maké
(tanda baca) koma[4],
hartina antara mangin haris jeung sili ganti téh beda rupa.
Dina tulisan ieu mah mangin haris jeung sili ganti dibédakeun.
HARTINA TULIS
Nyutat tina naskah SSK hasil transkripsi Saléh Danasasmita saparakanca (1987;84), unina kieu :
“Sa(r)wa
lwir[a] ning tulis ma: pupunjengan, hihinggulan, kekembangan, alas-alasan,
urang-urangan, memetahan, sisirangan, taruk hata, kembang tarate: sing sawatek
tulis ma, lukis tanya.” Tulis ku Saléh Danasasmita saparakanca (1987;107) ditarjamahkeun
kana basa Indonesia jadi lukisan, sedengkeun
lukis ditarjamahkeun jadi pelukis.
Ku K.F.Holle
(1867;457) kecap tulis téh
dihartikeun batik, sedengkeun kecap lukis dihartikeun nu ngabatikna, ieu
dicutat sacéréwéléna :
„ Wilt gij
iets weten van
de batiksoorten : poepoendjoengngan, hihinggoelan,
kekembangan, alas-alassan, oerang-oerangan, memetahan, sasirangan,
toeroek-ata, kembang taraté? vraag het
den batikker." Holle téh nyutat tina naskah SSK tuluy ditarjamahkeun kana
basa Walanda.
Dina SSK ragam hias tulis teu disebutkeun nulisna dina média naon, bisa jadi dina média lawon bodas atawa kaén beunang ninun nu geus jadi, sabab tukang nulisna gé disebut lukis (juru lukis). Ngalukis dina lawon mah sigana
sarua jeung ngabatik, lantaran kecap tulis mun diluyukeun jeung nulis sastra
atawa nulis aksara dina abad ka 16 (dina mangsa SSK ditulis) médiana lain dina lawon tapi dina lémpéngan emas, pérak, tambaga,
waja, beusi, dina batu, dina papasan
kai, wilah awi, daun lontar jeung dina daun gebang, ieu nu disebut sapuluh
kamajuan atawa dasawredi (Aditia
Gunawan 2009;113). Naskah-naskah Sunda kuno nu kapanggih nepi ka kiwari ge
lolobana ditulis dina daun lontar atawa gebang jeung aya nu dina wilah awi,
tara kasebutkeun dina média
lawon iwal ti Peta Ciela.
P.J.Zoetmulder (2011) ngahartikeun kecap tulis téh nyaéta
lukis atawa gambar diantarana gambar tutuwuhan teu togmol neybutkeun batik.
Tapi J.E.Jasper (1916;8) dina catetan kaki nyebutkeun yén dina kamus basa Jawa beunang Gericke jeung Roorda,
kecap batik téh hartina sarua jeung kecap serat jeung kecap tulis
dina basa Jawa krama.
Ana kitu K.F.Holle teu salah-salah teuing narjamahkeun
kecap tulis jadi batik, lantaran nepi ka ayeuna gé sok aya nu disebut batik tulis, najan istilah batik
tulis téh
sakapeung keur ngabédakeun
jeung batik nu di cap.
Kulantaran tulis téh sarua jeung batik, keur babandingan, urang cutat
rupa-rupa ngaran ragam batik beunang ngumpulkeun J.E.Jasper (1916;229) ti daérah Priangan. Sabenerna disebut babandingan mah kurang
pas, sabab waktuna ganjor teuing, SSK tuan 1518 sedengkeun buku J.E.Jasper taun
1916, méh 400
taun bédana. Najan kitu teu salah-salah teuing mun sakadar
keur nambah-nambah pangaweruh, di dieu digumplukkeun dumasar kana :
a.
Dangadaunan :
daun pacar, daun paku, daun salak, daun cina, daun seureuh, daun asem, daun
camara, daun salam, daun waluh, daun cengkéh, daun sebé, daun jeruk, eluk paku.
b.
Kekembangan :
kembang endong, kembang limus, kembang tanjung, kembang jeruk, kembang areuy,
kembang kacapiring, kembang gandul, kembang astir, malati.
c.
Sasatoan :
kukupu, bayongbong, papatong, segong (sigung), bangbara, sisit lauk, kukupu
hiber, langgir, manuk diuk, suku manuk, mata hayam ditambah ku singa pitutur
jeung naga.
d.
Bubuahan :
galinggem, samangka, buah waluh, buah limus, buah huni, buah salak, buah
tangkil
e.
Nu sejenna :
limar colét, lantéra, balagbag, écé,
gurat, léréng puger, léréng
panjang, limar isen, limar témbok,
irengan.
Salian ti éta, keur babandingan kénéh
dina buku keur paméran
nu diayakeun ku Java Instituut taun 1920an di Yogyakarta (dina ieu buku teu aya
taun medal, ngan aya iklan nu nyebut taun 1920), diantarana aya rupa-rupa batik
ti Cimais, Tasikmalaya jeung Garut :
Ti Ciamis kayaning léréng,
gambir saketi, sawat, puger, bangréng, adu manis, léréng
soyog, léréng seling, léréng
séno, léréng
daun peuteuy, lompong kéli,
léréng centung.
Ti Tasikmalaya kayaning limar, léréng
bunton, léréng kembang pacar, lung mawar, gambir sawit, caringin,
satria bener, kembang cina, sembagi.
Ti Garut kayaning léréng,
léréng soga, sawat manuk, sawat daun, lépaan konéng, kembang anggur, léréng
tumpal.
Babandingan ieu, aya saruana jeung aya bédana. Nu sarua nyaéta boh dina SSK boh dina buku J.E.Jasper sarua nu
dominan tina tutuwuhan mangrupa kekembangan, najan kekembangan dina SSK teu
pati jelas, ngan ukur disebut kekembangan jeung kembang taraté.
[1]
Istilah ragam hias dina basa Sunda rarasaan mah can aya, kuduna LBSS mikiran
kana ieu istilah.
[2]
Dina Sanghyang Siksakandang Karesian disebutkeun rupa-rupa basa kayaning Cina,
Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, Kelantan jeung
sajabana.
[3]
Saleh Danasasmita saparakanca 1987; 84.
No comments:
Post a Comment