08 March 2015

RAGAM HIAS Dina Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (Bagian ka 3)

Ku : MAMAT SASMITA                                             Bagian ka  1    2      3     4

RUPA RAGAM HIAS

WANDA TULIS atawa BATIK

1.      Pupunjengan.

Geus ilahar di urang Sunda mah dina niru-niru hiji barang sok ngabalikan engang mimiti (reduplikasi) misalna momobilan (kecap asalna mobil) hartina niru mobil, kukudaan (kuda) hartina niru kuda. Pupunjengan, mun nurutkeun cara reduplikasi engang, meureun pupunjengan téh kecap awalna  punjeng, hanjakalna hartina punjeng teu kapanggih dina kamus basa Sunda kiwari, dina kamus Jawa Kuno Zoetmulder gé ukur maké tanda bintang, teu kapanggih hartina. Kumaha lamun maké pamanggih Coolsma (1985;61) yén dina basa Sunda aya nu sok ditambah ku jalan dipatukeurkeun dina konsonan diantarana j jeung ny.  Mun kitu tina punjeng jadi punyeng, hanjakal deui baé kecap punyeng teu kapanggih, aya gé unyeng dina kamus basa Sunda Hardjadibrata (2003) nu hartina muih (bandingkeun jeung kecap puyeng). Kecap unyeng, kalan-kalan jadi unyeng-unyeng (basa wewengkon, asana di Tasikmalaya atawa di Ciamis, hampura bisi salah) nu hartina kukulinciran atawa kulincir (bandingkeun jeung kecap kolecer). Dina kamus Bausastra Jawa-Indonesia (Prawiroatmojo 1981), unyeng-unyeng téh hartina pusar (bujal). Cek Soegeng Toekio M (1987;49) aya rupa ragam hias nu disebut bubujalan, nu nyokot tina basa Sunda, bujal (tingali gambarna).
Atawa, punjeng téh sarua jeung puyeng, ana kitu pupunjengan teh sarua jeung pupunyengan atawa pupuyengan, mun digambarkeun mah bisa jadi sarua jeung nu digambarkeun ku Soegeng Toekio M.

2.      Hihinggulan

Kecap asalna tina hinggul, dina naskah Sunda kuna Bujangga Manik baris ka 112, di dieu dicutat ti baris ka 111 nepi ka baris 112 “Tihang layar kayu laka, hurung beunangna ngahi(ng)gul.” Kecap ngahinggul ku J.Noorduyn-A.Teeuw (2009;281) ditarjamahkeun jadi dicét beureum. Tuluy dina kaca 362 aya penjelasan ngahinggul atawa ngahigul téh hartina luak-léok.
Noorduyn-A.Teeuw gé nitah ngabandingkeun jeung kecap igul, angigul dina basa Jawa Kuna, dina kamus Jawa Kuna Zoetmulder (2011), igul, angigul téh hartina méngkol (luncat, ngojay) ka ditu ka dieu.
Cék J.Noorduyn-A.Teeuw, luak-léok atawa méngkol ka ditu ka dieu téh sabenerna ngagambarkeun lauk nu hayang kabur (bandingkeun jeung kecap igel, iigelan atawa igel-igelan atawa ugal-igel) . Bisa kagambar kumaha luak-léokna buntut lauk atawa cécépét lauk,  nu keur di jero cai nu hayang kabur pédah kahalangan. Dina kecap hihinggulan nu aya dina SSK asa leuwih merenah yén éta téh gambar atawa ragam hias luak-léokna buntut lauk tibatan ngan ukur warna beureum.
Rarasaan ku ieu katerangan gé rupana hihinggulan téh geus bisa kapanggih.

3.      Kekembangan

Hartina kekembangan mah saréréa gé tangtu geus apal, nyaéta sarupaning kembang, ngan nu jadi pertanyaan kembang naon nu harita jadi gambar utama ragam hias jaman harita. Keur babandingan mah di luhur geus dibéréndélkeun rupa-rupa kekembangan dina batik nu kungsi ditulis ku J.E.Jasper. Ongkoh deuih dina SSK ge apan ditulis kembang taraté.


4.      Alas-alasan

Alas dina basa Sunda kiwai hartina sapiring sangu katut deungeunna keur saurangeun, tapi bisa baé hartina leuweung saperti dina kekecapan kebon alas nyaéta mangrupa kekebonan dina papanggungan diteundeun di buruan nu dihias siga leuweung. Kebon alas biasana sok aya dina kariaan nurunkeun orok atawa nyunatan.
Kecap alas gé kapanggih dina Bujangga Manik siga alas Jawa, alas Demak jeung nu séjénna, alas di dinya leuwih deukeut kana harti wewengkon. Rarasaan nu dimaksud alas-alasan dina SSK gé pamohalan mun gambar rupa sapiring sangu katut deungeunna mah, tapi alas di dinya mah hartina leuweung, ana kitu alas-alasan  téh gambar atawa rupa nu niru-niru leuweung (bandingkeun jeung motif batik alas-alasan ti Jawa).

5.      Urang-urangan

Kecap urang dina basa Sunda mindeng dihartikeun jelema. Urang Sunda hartina jelema ti Sunda, harti séjén nyaéta kuring atawa kuring saréréa. Ku ayana alesan éta Jamaludin Wiartakusumah (2009) nyebutkeun urang-urangan téh jejelemaan atawa niru-niru jelema.
Ari Atik Sopandi dina Suciati (2008;245-246), nyebutkeun yén urang-urangan téh sarua jeung hurang-hurangan atawa huhurangan atawa niru-niru hurang. Dina kamus Bausastra Jawa-Indonesia, kecap urang téh hartina hurang, ngan urang-urangan mah hartina manuk nu disebut manuk urang-urangan, di Sunda mah sok disebut manuk hurang (halcyon cyanoventris).
Motif batik urang-urangan nepi ka kiwari masih aya utamana di Jawa nyaéta motif nu niru-niru hurang, ana kitu urang-urangan nu dimaksud dina SSK teh leuwih loyog mun dianggap motif huhurangan atawa nitu-niru hurang.

6.      Memetahan

Memetahan kecap asalna tina metah, ngan hartina kecap metah teu kapanggih nu aya téh kecap meta hartina gajah ngamuk (Pusaka Sunda No.8 Pebruari 1923). Dina prakna nyalusur harti kecap, biasana kecap buhun, rajeun sok ditambah atawa dikurangan aksarana, misalna kecap hihinggulan disalusurna tina kecap igul. 
Dina kamus Sunda Danadibrata kecap meta téh  hartina ngamuk, gajah meta hartina gajah ngamuk. Dina kacapangan gé kecap meta salawasna sok dikantétkeun jeung gajah, tara dikantétkeun jeung  sato lain, kamungkinan kecap metah atawa meta teh memang hartina gajah (ngamuk).
Ku kituna memetahan bisa disebut memetaan, sedengkeun meta hartina gajah ngamuk, jadi bisa digambarkeun niru-niru gajah nu keur ngamuk, ngagambarkeun gajah ngamuk gampangna mah tulaléna keur ngacung ka luhur, atawa semu ngacung ka luhur, lain keur ngambay ka handap.

7.      Sisirangan
Dina basa Sunda kiwari hartina sisirangan nyaéta  pahili pasanganana, contona maké sapatu antara nu kénca jeung nu katuhu teu sarua. Naha hartina sisirangan jaman bihari sarua jeung hartina sisirangan jaman kiwari? Can aya katerangan nu bisa dijadikeun cecekelan., ngan keur babandingan wé, di Banjarmasin Kalimantan aya ngaran kaén atawa batik sasirangan, cék kateranganana kecap sirang téh sarua jeung ngajalujur (lungsi atawa lusi), manjang ka hareup (hareupeun nu ninun).  
Pangna nyokot babandingan jeung Banjarmasin téh pédah kecap asalna sarua sirang, jeung ongkoh deuih dina basa Banjarmasin mah loba kekecapan nu sarua jeung basa Sunda. Ngan sasirangan di Banjarmasin mah leuwih condong kana tenun ikat, sedengkeun dina SSK mah diasupkeun kana tulis atawa batik lain kana boéh atawa kasang, najan kitu sasirangan di Banjarmasin gé kiwari mah geus loba nu mangrupa batik, keur babandingan tingali gambarna batik sasirangan ti Banjarmasin.

8.      Taruk hata
 Kecap taruk hartina motongkeun ku kuku ramo pupucukan nu uduh kénéh, hartina taruk gé sarua jeung metik. Taruk daun sampeu hartina daun sampeu beunang naruk. Dina kamus Sunda Danadibrata, hata téh nyaéta sabangsa areuy hoé, aya gé nu nyebut areuy hata (lygodium circinnatum sw), gedéna sagedé nyéré.
Hinisna sok dipaké  keur tula-tali, misalna keur nalian soko boboko, atawa keur nalian wengku. Taruk hata hartina daun hata nu beunang naruk atawa beunang metik, lantaran disebutna gé taruk hata atawa taruk daun hata, nya teu jeung areuyna, cukup ngan daunna nu aya kénéh tangkayna atawa mun rék digambar aya alusna mun jeung areuyna. Tingali gambar areuy hata.

9.      Kembang taraté

Kembang taraté (nelumbium nelumbo (L) Druce) mah saréréa gé geus teu bireuk deui, méh aya di unggal tempat, jeung ngaranna gé teu robah ti bihari nepi ka kiwari tetep kembang taraté.

  
WANDA BOÉH atawa KAÉN KASANG

1.      Kembang muncang

Kembang muncang, muncang  nepi ka mangsa kiwari gé tetep disebut muncang. Muncang (aleurites moluccana (L)) téh nyaéta ngaran tutuwuhan buahna sagedé indung suku, aya batokna nu kacida teuasna, buah muncang aya nu eusina hiji disebut gendul, mun eusina dua disebut dampa, sedengkeun nu eusina tilu disebut gindi. Kembang muncang disebut rinduy. Tingali gambarna.

 2.      Gagang sénggang

Sénggang ngaran tutuwuhan. Rupa-rupa sénggang téh aya sénggang bodas (amaranthus hybridus,L), aya sénggang pucuk (amaranthus spinosus,L),  aya sénggang monyet (amaratnthus blitum.L). Sénggang kalan-kalan disebut bayem atawa bayem leuweung, dina gagangna sawaréh aya nu cucukan. Gagang sénggang, nya rupa sénggang nu lengkep jeung gagangna. Tingali gambarna.

3.      Seumat sahurun  

Seumat nyaéta barang seukeut jeung leutik tina awi atawa nyéré (kira-kira sarua jeung tusuk gigi), panjangna kira-kira 4 atawa 5 cm, gunanna keur mageuhan atawa niruk pincuk tina daun cau atawa daun naon baé. Diseumat hartina ditiruk ku seumat. Sahurun hartina sagumpluk (loba). Ku kituna rupa hias seumat sahurun teh seumat nu numpuk loba atawa dijéjér-jéjér.

4.      Anyam cayut

Dina kamus basa Sunda Danadibrata nyebutkeun kecap cayut hartina karung nu dijieun tina daun kiray atawa daun kalapa atawa gebang, lamun dipaké wawadahan sok nambru teu matut. Sigana rupa hias anyam cayut dina lawon (boeh) teh niru-niru rupa hias tina anyaman.  

J.E.Jasper (1912b; 217) nyebutkeun rupa-rupa ngaran pola anyaman ti Ciawi Tasikmalaya nu maké kecap cayut nyaéta : poléng cayut pinggir, poléng cayut item, poléng cayut beureum, poléng cayut tumoké, poléng cayut campaka, poléng cayut renyu, poléng cayut samangka, poléng cayut rakit putih. Sigana anyam cayut téh meh sarua jeung poléng. Tingali gambar pola anyaman poléng cayut ti Ciawi Tasikmalaya.

Nyambung ka Bagian 4

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No.2516, 26 Feb - 4 Maret 2015)

No comments: