Ngaranna Sanusi, nénéhna Usi.
Ngaran basajan, lain ngaran éxtra ordinary. Umurna kakara opat taun. Sapopoé
sok buligir, tara dicalana-calana acan. Awakna
seseg rada bucitreuk. Dahar rewog. Sagala bres. Komo mun dibéré sampeu manéhot,
sampeu nu semu konéng, mun diseupan semu beukah, matak uruy. Dahar sampeu manéhot
bari sila
andekak, buligir, nyocolan sambel goang, seuhah, késang renung dina tarang.
Usi tara kacaturkeun kungsi
gering, paling ukur ngingsreuk kitu gé tara
lila. Mun hujan, boh hujan leutik boh hujan gedé kudu wé huhujanan di buruan bari nyoo leutak. Saré
dimana dugna. Tetep buligir. Teu betah pisan disimbutan. Kulit sukuna, palebah
bitis luarna, mani kandel. Kandel nanding kulit sapi, bakating mindeng digembrong
dicoco reungit. Dicoco reungit mah sigana geus teu karasa, komo bangsa bentol
ku hileud mah tara kacaturkeun pisan.
Ulin idek liher di buruan. Keur
mah ongkoh imahna Usi téh aya di sisi kebon, jeung deuih ari di pasisian mah,
di Cibogo Tonggoh, imah téh ancal-ancalan. Anggang jeung tatangga.
Lanceuk-lanceukna geus rada gedé,
Usi mah tara dibabawa ulin, da dianggapna
leutik kénéh.
Bapana Usi, sapopoéna tatanén. Boga
sawah jeung kebon. Nu di sawahan mah teu pati lega, asal hasilna cukup keur dahar
sapopoé. Panghasilan nu rada munel tina kebon. Di kebon melak sampeu, hui,
taleus jeung sayuran. Bubuahan gé loba, sabangsaning jambu batu, nangka, alpuket,
nu kawilang loba téh salak. Salakna sok disebut masir, cenah mah mun didahar
karasa siga keusik jaba amis deuih, haseum saeutik, matak seger karasana. Siga
salak Bali.
Usi sapopoéna sok diasuh ku
ninina, komo mun emana Usi keur ka sawah.
Hiji waktu Usi dicalukan ku
ninina
“Ujang kadieu, ieu nini méré anak
hayam. Diurus nya sing hadé nya,” kitu cék ninina bari mikeun anak hayam sagedé peureup kolot.
Usi atoheunana dibéré anak hayam
téh, ajrag-ajragan jeung émprak.
“Ieu mah bakal jadi hayam jago” cék
ninina “Geura tingali” anak hayam dicekel, tuluy sela pingpingna digesek ku
dampal leungeun. Enya wé hulu hayam téh ujug-ujug ngeluk siga rék kongkorongok.
Usi resepeun, seuri
nyeuleukeuteuk ningali hayam ngeluk siga rék kongkorongok téh.
“Ari indungna kamana, nini?” cék
Usi.
“Duka teuing ku careuh duka
teuing ku heulang, ieu anakna nu salamet, ngan hiji”.
Usi ngahuleng. Tuluy Usi mawa
anak hayam ka kebon, dipangoréhkeun kahakanan tina runtah.
Usi getén ngurus anak hayam. Unggal
poé dibawa ulin ka kebon atawa ka sawah, dipangoréhkeun rinyuh, cacing jeung kadaharan
sésa. Ari saré kudu bareng jeung anak hayam, puguh wé indungna ngambek, Usi
keukeuh, tungtungna ku bapana Usi, anak hayam téh diwadahan kana tingkem,
diteundeun gigireun Usi. Hayam morontod téréh ngagedéan, lantaran alus parab.
“Ujang urang béré ngaran hayam téh
nya” cék ninina.
“Naon nini ngaranna?”
“Si Gatot wé nya”.
“Naha
dibéré ngaran Si Gatot, nini?” cék Usi bari
neuteup mureleng ka ninina.
“Engke ku nini dipangdongéngkeun
pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot. Ayeuna mah urang mandi heula, bisi kaburu
soré”.
Usi jigrah. Usi ngingkig leumpang
ka pancuran, rék mandi. Dituturkeun ku ninina.
Pasosoré, di tepas, bari ngadagoan magrib,
ninina Usi ngadongéng pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot.
Paralak ninina Usi ngadongéngkeun
carita wayang, kulawarga Pandawa jeung anak-anakna. Dongéngna dijojoan. Salah
saurang anakna Bima nyaéta Gatotkaca.
“Tah tina ngaran Gatotkaca ieu
ngaran hayam disebut Si Gatot. Gatotkaca téh awakna gagah, kasép, kumisan,
beungeut semu beureum, bebenteng keur ngabéla bebeneran, nyaah ka rahayat” kitu
cék ninina Usi.
“Geura tingali beungeut hayam ku
Ujang, pan rada beureum, jékrém, kasép, siga Gatotkaca, najan hayamna leutik
kénéh, komo engké mun hayamna geus gedé mah”
Usi nelek-nelek beungeut hayam.
“Gatotkaca téh gagah sakti, bisa
ngapung, anyaclang dina méga malang.
Tulangna tina beusi, uratna tina kawat. Tanaga bedas pilih tanding. Bisa ngadéngé
najan aya nu ngaharewos ti kajauhan. Bisa ningali najan nu ditingalina jauh
pisan. Gatotkaca boga dulur sabapa nyaéta Jakatawang jeung Antareja. Jakatawang
nu ngawasa laut. Antareja nu ngawasa taneuh. Jeung dulur silih wangikeun, silih
hormat jeung silih bantuan. Silih asih, silih asah jeung silih asuh téh enyaan
lain bobohongan”
Lalakon Gatotkaca remen pisan
didongengkeun ku ninina Usi, duka teuing leunjeuran caritana mah bener atawa
henteuna. Ngan nu mindeng kadéngé ku Usi, Gatotkaca téh pahlawan nagara nu ngabéla
bebeneran, jujur jeung nyaah ka rahayat, nyaah ka Si Cepot, Dawala jeung Garéng.
“Matakna, Ujang gé jeung dulur jeung babaturan
téh kudu silih hormat, ulah papaséaan, ulah parebut cocooan, ulah silih
herengan, ka babaturan kitu deui.”
Usi ngahuleng, da tara parebut cocooan, malah
lanceukna Usi sok mangnyieunkeun momobilan tina kulit jeruk bali.
Ti harita hayam dilandi Si Gatot
jeung deuih hayamna gé siga nu ngarti mun digeroan Gatot téh sok néléndén.
Hayam jago lindeuk ka Usi. Hayam jago linghas ka batur bari sok macok sok ngabintih. Hayam jago carambang
bulu bodas totol beureum.
Basa si Gatot keur jajangkar,
umur Usi lima
taun. Usi tara taranjang deui. Pokna éra ku Si Gatot, apan awakna luis ku bulu.
Éra ku Gatotkaca najan Gatotkaca wayang tina kai, tapi maké baju. Mun Usi maké
baju, kaciri kéwes pantes, buuk mindeng digolep.
Basa si Gatot geus déwasa, Usi
kakara asup sakola dasar.
Si Gatot geus kawentar sakampung
Cibogo Tonggoh, hayam jago euweuh nu ngéléhkeun.
Usi sakolana soson-soson. Harepan
aya dina dada, brajawisésa. Harepan aya dina panon, dina ceuli, saptapangrungu.
Harepan aya dina dampal leungeun, brajamusti bajingakiri. Harepan aya dina
tuur, brjadenta brajawikalpa. Harepan aya dina dampal suku, tapaknanggala. Usi
hayang siga Gatotkaca, hayang siga si Gatot nu gedé kawani.
Usi kungsi nyaksian Si Gatot
ragot jeung heulang, basa sawah rengsé panén. Ka sawah nu geus panén loba hayam
ngoréhan jarami néangan bangsal, si Gatot kokotak tarik bari sisirintil, sigana ngabéjaan di langit
aya heulang. Hayam nu keur anakan ribut, pahibut nyumput, anak hayam
tingcariak, lalumpat nyumput dina handapeun jangjang indungna. Si Gatot
nyebrut, awakna méh ngapung, guprak nubruk heulang nu nyoloyong rék ngaranggeum
hayam. Heulang ngajengkang, Si Gatot ngagarapak bari ngabintih, heulang ngadaligdeu, tayohna
reuwas teu nyangka rék aya nu nubruk. Heulang jaya di awang-awang, dina taneuh
ukur mébérkeun jangjang. Usi muru bari
mawa pangilang dituturkeun ku indungna nu keur moé paré. Heulang hiber
dibaledog leutak ku indungna Usi. Si Gatot kokotak ramé, Usi ngilu sisirintil
ngudag heulang nu geus mumbul ka luhur.
Si Gatot jadi sabiwir hiji, wani
ngalawan heulang, Usi beukah irungna asana dirina nu dipuji. Enyaan Si Gatot
gedé kawani. Usi tambah kanyaah, Si Gatot mindeng diogo, diparab ku cacing
kalung, diparab kuuk, diparab jangkrik, geus puguh ku béas atawa paré mah.
Kungsi aya jelema nu
ngocal-ngocal nawar Si Gatot, pédah kawentar hayam jago nu tara
éléh diadu. Gantawang téh Usi nyarékan laklakdasar, majarkeun kolot euweuh gawé,
tukang ngadu hayam mah di ahératna gé bakal diadukeun siga hayam. Indungna Usi
sanduk-sanduk ménta dihampura ka tamu “Ujang éta teu kenging kitu ka tamu,”
pokna. Usi mah tetep wé nyarékan bari
jeung malédog sagala, “Wah kolot teu uyahan ema, tukang ngadu hayam,” cek Usi.
Tamu téh mengpéos bari
kuram kireum. Sanggeus tamu euweuh, Usi digelendut ku indungna, dipapagahan
ulah kitu peta ka tamu.
Usi némbalan:”Ema, éta téh tukang
ngadu hayam, bumina caket sakola, karunya ningal hayam ngan dikurungan wé
saendeng-endeng, sok diadukeun di pengkereun bumina.” Indungna Usi teu majar
kumaha, “Ari éta ujang terang ti mana, di ahérat tukang ngadu hayam mah sok
diadukeun siga hayam?”
Usi ngajawab:”Kapan dongéng bapa,
ramé ma ari bapa ngadongéng téh.” Indungna ukur unggut-unggutan.
Enya, da jaman harita mah jaman
keur werit, nu boga radio gé ukur hiji dua, komo télévisi mah ukur béja. Nu
disebut hiburan téh euweuh deui iwal ti ngadéngékeun indung bapa atawa ninina
ngadongéng. Bapana Usi mindeng ngawih
bari maca wawacan Purnama Alam. Indungna sok nyaritakeun para sahabat nabi. Ari
ninina mah mindeng ngadongeng wayang. Nu napel dina ingetan Usi tina dongéng
bapana nyaéta Ratna Suminar, wanoja gedé kawani nu nyekel pageuh kana tetekon
bebeneran, najan kalan-kalan barangasan tapi ajrih ka Déwi Pramanik. Ari tina
dongéng indungna nu napel dina ingetan Usi téh nyaéta carita hiji indung
katalangsara nu ngulub batu keur ngabobodo anakna ulah ngaéh ceurik baé
lantaran kalaparan, ambéh disangka keur nyangu, nepi ka pangkat Halifah gé daék
manggul béas. Dongéng ninina nu nepal dina ingetan Usi téh nyaéta dongéng
Gatotkaca nu lébér wawanén ngabéla nagara.
Usi junun sakolana, boga
cita-cita hayang ngabéla nagara siga Gatotkaca, hayang lébér wawanén siga Ratna
Suminar, hayang gedé kanyaah ka sasama, ka rahayat siga Sayidina Umar. Ku
babaturanana remen dilandi Si Gatot. Maké baju tetep rapih, buuk tetep digolep.
*
Taun 2011 Sanusi keur jeneng,
jadi walikota. Malah jenengna periode kadua lantaran kapaké jeung kapilih ku
rahayat. Mindeng ngurilingan kota, teu pati ngarasa kumaha macétna patalimarga
da mun indit-inditan teu weléh dikawal maké sirine. Mindeng ulin ka pasar
tradisional jejeblogan maké sendal capit, make calana sontog. Mindeng ngilu
ngarawu runtah nu bacacar di sisi jalan. Mindeng ngilu sasapu hareupeun balé
kota. Mindeng milu sasapu di unggal taman nu aya di kota. Mindeng meuli rujak
bebek di sisi jalan. Mindeng niup suling jeung nu ngamén, mindeng ocon jeung nu
maén dogér monyét di parapatan jalan. Mindeng ngilu meresihan WC umum di
terminal beus.
Sanusi, ayeuna mah tara aya nu
nyebut Usi, keur ngabaheuhay dina korsi males di tepas hareup imahna, poé peré
ayeuna mah euweuh acara nu kudu didatangan, éstu hayang cicing di imah,
ngareureuhkeun palay. Éstu hayang ngaraga meneng, cicing di imah ngararasakeun
betahna hirup. Angin ngahiliwir nebak daun tangkal samolo, najan keur usum
halodo, keur hareudang bayeungyang, di imahna karasa nyecep tiis da liuh ku
tatangkalan. Kurunyung nu pikét jaga di gerbang hareup datang, mikeun surat-surat.
Surat-surat téh satumpukan, aya ti yayasan, aya ti LSM, aya ti organisasi
pangajian, aya ti DKM, aya ti partey politik. Geus kajudi eusina, mun ti
yayasan pasti eusina proposal, mun ti LSM pasti nyabit kakurangan gawe, mun ti
organisasi pangajian pasti hayang dihadiran, mun ti DKM biasana hal ngawangun
masjid. Aya surat nu rada béda, nu ieu mah sigana ti pribadi, surat téh méh-méhan
teu dibuka, da biasana nu model kitu téh surat kaleng, nu eusina ngalaporkeun
bawahanana nu basilat, nu teu waras gawe atawa ngalaporkeun nu salingkuh atawa
nu kumpul kebo.
Amplop surat disoéhkeun, da dirapet
pageuh. Surat téh panjang, aya kana opat kacana ukuran folio nu aya guratna. Tulisanana
meunang nulis ku leungeun lain meunang ngetik ku komputer, gurat tulisanana
ipis kandel. Nandakeun nu nulisna ti sakolaan jaman baheula, nulisna sigana
lain maké bolpoin, tapi maké pulpén mangsi, mun henteu ku kalam gé. Rapih,
sigana nulisna diapik-apik, atawa kitu wé meureun tulisan kaluaran sakola
baheula mah, alus. Basana basa loma, lain basa lemes. Bubukana mah biasa wé maké
salam tuluy aya kecap mugi aya dina kawilujengan. Nu ngagebeg éta nyebut Sanusi
téh ku Gatot. Cenah ngahaja nulis Gatot téh ambéh inget deui kana cita-cita
baheula hayang boga ketak siga Gatotkaca dina ngabéla nagara, ambéh inget deui
kana dongéng Sayidina Umar r.a nu manggul gandum lantaran aya rahayatna nu
katalangsara nepi ka ngulub batu. Ambéh inget deui kana ketak Ratna Suminar nu
ajrih ka Déwi Pramanik. Enyaan nulisna téh ku basa loma da nepi ka aya kecap
kieu : “Gatot, uing mah lain teu satuju ilaing meresihan WC di terminal beus,
kacipta pangkat walikota ngagosrék nyikat WC, kahadé eta gawe teh bisi ukur
pupujieun, ambeh katangar hayang kapake ku rahayat nu bakal milih. Padahal
masih loba keneh nu leuwih penting nu kudu dipigawe ku walikota, nyaeta
meresihan tina panyakit korupsi.” Cék
eusi surat deui “Uing mah hayang ngadéngé ilaing ngomong di hareupeun balaréa
yen di kota ieu beresih tina korupsi, terus aya kasanggupan mun aya bawahan nu
korupsi, ilaing sanggup mundur, sanggup eureun tina kalungguhan walikota, kapan
bawahan mah tara salah, nu salah mah nu mingpinna.”
Sanusi ngahuleng salila-lila, na
saha nu ngirim surat téh? Dina pikiranana nataan hiji-hiji sakabéh dulurna nu
nyaho perkara Si Gatot, hayam jago inguanana. Asa euweuh dulurna nu bakal
nyieun surat siga kitu. Boa-boa babaturanana jaman keur sakola dasar baheula
kitu? Bisa jadi. Sanusi ngilikan alamat nu ngirim surat. Aya ngaran jeung
alamatna mah, tapi da teu wawuh ka ngaran éta. Sanusi nimbang-nimbang, naha
perlu atawa henteu disusud, cék pikirna teu perlu disusud, teu perlu ditaléngténg
saha-sahana.
Surat dibaca deui, dijojoan.
“Meungpeung jeneng kénéh, kudu
hadé gawé. Nu disebut hadé gawé….ah didinya
gé meureun ngarti naon nu disebut hadé gawé téh. Tapi sahenteuna nilik hadé
gawé téh lain cék sorangan, tapi kudu cék batur, cék rahayat. Uing embung boga
walikota mun geus eureun tina kalungguhanana (di dinya mah moal dipilih deui da
geus dua kali lin?), tuluy dikerewed dititah saré di hotél pordéo, dibui, dititah
milang jariji beusi alatan basilat. Beu matak éar jeung matak éra rahayat
sakota, anak pamajikan bakal meungpeun saendeng-endeng, dulur-dulur ngaharintul,
indung bapa nandang wirang.”
Di bagian handap surat
kabaca:”Hampura lur, uing mah nulis surat téh bakating ku nyaah wé, uing gé
mindeng dipapatahan ku kolot keur budak, atuh geus kolot mindeng mapatahan ka
anak sangkan hirup junun, sangkan hirup jujur, ngan apan mindeng kabelejog da
loba pangbibita haliah dunya. Ongkoh deuih nulis surat téh basana bisi karasa
kasar, sakali deui hampura. Bisi ngarasa kaganggu ku ditarimana ieu surat,
anggap wé euweuh, suratna diduruk wé. Aéh heueuh, mun teu salah déngé énté téh
hayang nyalon jadi gupernur, alus tah, ngan kahadé wé sing inget kana umur
jeung kamampuh, bisi rahayat ngarasa kabelejog, bahaya mun rahayat geus ambek
mah matak geumpeur saréréa. Uing mah ukur ngajurung ku du’a mugi sadayana aya
dina karidoan Alloh Swt.”
Sanusi ngadayagdag bari semu ngeureuceum, surat
ditilepan, digolérkaeun dina méja. Sanusi ngarawél koran nu ngabarak dina méja,
dipaké ngageberan awak nu karasa hareudang bayeungyang. Kagambar pameunteu
emana, bapana, ninina nu geus euweuh dikieuna, boa keur nyerangkeun ti alam kalanggengan
bareng jeung Si Gatot■
(Dimuat dina
Tribun Jabar Salasa 24 Jan 2012, Rebo 25 Jan 2012, Kemis 26 Jan 2012)