05 December 2008

BEDOG TEH FEMININ?

Ku : MAMAT SASMITA

(Versi Bahasa Indonesia bisa dibaca disini)
Waktu kuring nanya ka panday atawa ka nu sok ngajual bedog, naon bae ngaran wilah bedog. Mindeng di jawab ngaran-ngaran wilah bedog nu karasana asa puitis atawa karasa eksotis. Naha bet kitu?. Padahal nu dibere ngaran teh pakarang atawa parabot kaasup “senjata tajam”. Meureun pipanteseunana dibere ngaran nu matak pikagimireun atawa matak ngabirigidig. Upamana samber nyawa, begal pati atawa naon we nu meh sarua jeung kitu.
Bedog sok ditarjamahkeun jadi golok dina basa Indonesia. Sabagian Urang Sunda ngabedakeun antara bedog jeung golok. Golok mah dianggap pakarang nu boga ajen leuwih atawa mindeng dijadikeun tutungkusan salaku pakarang nu dianggap boga ajen sajarah kulawarga utamana mah sok dianggap titinggal karuhun. Sedengkeun bedog mah leuwih dianggap parabot, alat paranti digawe, sanajan gular goler dimana bae tara pati dipirosea. Sok sanajan ari wangunna mah boh bedog boh golok ampir sarua siga kitu. Dina ieu tulisan mah rek dianggap sarua bae, da nu dititenananana tina ngaran wilah.

Ngaran wilah bedog aya nu dumasar kana wangun bedog upamana bedog gayot, ujung turun, betekok aya oge nu nyebut bedog cepot, jambe sapasi, gula sabeulah. Aya deui ngaran bedog dicokot tina pagawean saperti bedog sadap, pameuncitan (keur meuncit embe, domba, sapi atawa munding), pamoroan, pamilikan ( keur nyieun bilik), bedog cacag daging atawa sok disebut bedog soto jeung sogok iwung. Di daerah Ciwidey aya deui ngaran wilah bedog dumasar kana wangun sarangka jeung gagangna upamana bedog arwana atawa bedog kuda laut. Pangna kitu kulantaran wangun sarangka jeung gagangna siga lauk arwana atawa siga kuda laut. Malah aya nu disebut bedog Inul, eta cenah pedah wangun sarangka rada bentik siga gitekna Inul. Aya deui nu disebut ujung turun atawa lubuk atawa candung (ngaran bedog di daerah Lampung Sumatra).

Disagigireun ngaran bedog nu disebutkeun diluhur aya deui ngaran bedog nu dianggap klasik. Diantarana nyaeta hambalan, sintung bening, sonten bening (ieu ngaran kapanggih di Cibatu Cisaat Sukabumi), kembang kacang, malapah gedang, paut nyere, besot nyere atawa besot hinis, paut sintung, janur, salam nunggal. Bisa bae masih aya keneh ngaran nu karasa klasik nu can kacatet.
Tah tina ngaran-ngaran bedog nu klasik ieu nu karasana puitis malah aya karasa eksotis (karasa beda atawa henteu biasa antara ngaran nu puitis tapi pikeun hiji barang mangrupa pakarang nu seukeut). Naha karuhun urang baheula mere ngaran siga kitu teh ngan sakadar mere ngaran nu euweuh harti sejen atawa sabalikna aya maksud lain.

Lamun maca naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (taun 1518) nu geus ditranskripsi jeung geus ditarjamahkeun ku Saleh Danasasmita saparakanca (Sewaka Darma, Sanghyang Siksakandang Karesian, Amanat Galunggung Transkripsi dan Terjemahan, Pdan K, 1987) kapanggih yen golok teh basa Sunda tur disebutkeun golok teh pakarang raja. Dirarampa ti palebah dinya lamun hiji barang nu disebut pakarang raja tangtu aya pakaitna jeung proses ritual (dipusakakeun) sedengkeun lamun hiji barang geus asup kana ritual setting sok ngabogaan harti injeuman. Sok sanajan masih keneh tandatanya naha ngaran golok atawa bedog baheula siga nu geus disebutkeun diluhur memang geus aya tibaheulana. Sabab dina Sanghyang Siksakandang Karesian ngaran wilahna mah teu disebut-sebut. Kitu deui dina carita pantun tong boro ngaran wilah bedog dalah kecap bedog atawa golok ge asa can kapanggih kasabit. Ngan lamun tatanya ka ahli panday nu geus moyan nyebutkeun ngaran wilah bedog nu klasik teh geus aya ti baheulana, sedengkeun kaahlian panday mah geus disebut-sebut dina carita Ciung Wanara.
Tina ngaran bedog nu dianggap klasik tadi, aya nu nyokot ngaran tina bagian tangkal kalapa diantarana paut nyere, besot nyere sakapeung disebut besot hinis , paut sintung, sintung bening jeung janur. Aya deui nu nyokot tina ngaran tangkal sejen jeung ngaran kembang nyaeta salam nunggal, malapah gedang, kembang kacang. Ari hambalan mah dicokot tina titincakan dina taraje atawa titincakan dina taneuh nu nyengked. Ngaran sonten bening nu ieu mah can kapaluruh naha tina sonten nu hartina pasosore atawa naon.
Tangkal kalapa aya nu nganggap tangkal nu loba mangpaatna, sakabeh bagian tina tangkal kalapa aya gunana. Kitu deui aya nu nyebut yen tangkal kalapa teh tangkal kahirupan atawa ceuk legegna mah sok disebut pohon hayat. Anggapan ieu meh sarua jeung tangkal kawung. Kulantaran kalapa atawa kawung teh dianggap tangkal kahirupan nepi ka sok dianggap mibanda simbol-simbol kahirupan. Contona kalapa ngora (disebut cengkir) sok dipake keur upacara nujuh bulan nu kakandungan. Cengkir digambaran wayang Arjuna jeung Subadra, miharep sangkan utun inji nu keur dikandung lamun lalaki sing boga jiwa satria tur kasep siga Arjuna, atuh lamun awaewe dipiharep siga Subadra, geulis jeung satia. Upacara nujuh bulan teh ayeuna mah geus arang langka kapanggih meureun pedah geus aya alat USG (Ultra Sonografi) nu bisa ningali orok nu dikandung teh lalaki atawa awewe.
Nyere, sintung jeung janur aya di bagian luhur tangkal kalapa, aya dina bagian nu katutup eta teh ngalambangkeun dunya awewe. Sedengkeun tangkal mangrupa bagian nu kabuka, ngalambangkeun dunya lalaki. Gunana nyere dina kahirupan sapopoe bisa jadi sapu nyere, seumat, tusuk sate atuh lamun dianyam jadi rigen, wawadahan keur dahareun. Sakabehna padeukeut jeung dunya awewe. Kitu deui sintung nu fungsina keur pamungkus suligar (kembang kalapa). Janur atawa daun kalapa nu ngora keneh, ieu ge sarua ngalambangkeun dunya awewe.

Ngaran wilah bedog sejenna nyaeta kembang kacang jeung malapah gedang. Ceuk Jakob Sumardjo (Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda, Kelir, 2003) nyebutkeun tutuwuhan kacang-kacangan teh simbol dunya awewe. Kembang kacang didieu dina harti suuk lain kacang panjang, kacang bulu atawa kacang polong. Suuk dina waktu bijil kembang ayana di luhureun taneuh, tapi buahna atawa suukna aya di handapeun taneuh. Ceuk sakaol ieu ge ngandung falasifah, hirup dina mangsa pibakaleun mah sok loba pamer tapi sabalikna lamun geus kataekan (geus boga elmu) sok nyidem diri. Teu beda jeung falasifah elmu pare, beuki ngeusi beuki tungkul ka taneuh, beuki jugala atawa beuki pinter sok ati-ati. Ari dina ngaran wilah bedog malapah gedang, eta teh titiron tina wangun palapah daun gedang. Disimbolkeun salaku dunya lalaki sakaligus dunya awewe, teu beda jeung simbol dina beubeutian. Malapah gedang ge jadi paribasa atawa babasan nu hartina lamun nyarita rek nepikeun maksud teh teu togmol kana inti pamaksudan tapi aya heula bubuka nu ngajelaskeun pamaksudan.
Nu rada beda ngaran bedog salam nunggal, sok sanajan nyokot ngaran tangkal salam nu ngan hiji (tunggal) tapi nu ieu mah leuwih dipakaitkeun jeung mimiti sumebarna agama Islam di Tatar Sunda. Hal ieu kapanggih dina buku Wawacan Gagak Lumayung baris ka 340, medal taun 1956 karya MO Suratman , unina : “Sampurna Iman Islam, jaga ieu kubur janten lembur rame pisan, mugi-mugi sing tepi paneda kami, nelahna Salam Nunggal”. Salam Nunggal ngaran desa di Leles Garut. Kecap salam nunggal aya nu ngahartikeun kasalametan teh datangna ti Nu Maha Tunggal Alloh Swt.

“Ih Den, ari lalaki lembur mah kamamana teh tara lesot bedog. Da bedog teh sami sareng calana” tembalna deui “ Mun lalaki lesot bedog, lain lalaki deui ngaranna” (Ki Umbara, Si Bedog Panjang, Rachmat Cijulang, 1983). Bedog geus jadi simbol maskulin, simbol lalaki. Nepi ka ceuk Ki Umbara mah lir ibarat calana, malah teges pisan disebutkeun lamun lesot bedog lain lalaki ngaranna. Tapi di sisi sejen bedog dibungkus ku ngaran anu puitis nu leuwih deukeut kana simbol awewe. Nya didieu aya unsur paradok pikeun ngahontal kaharmonisan. Sigana hal ieu teh lain teu dihaja tapi aya maksud nu nyamuni bari jeung ngahaja dijieun kitu. Aya ma’na sejen dumasar kana kultur masarakatna. Lamun urang nyeueung ka jauhna kana carita sastra lisan nu mangrupa pantun, posisi awewe kacida diagungkeunana digambarkeun dina diri Sunan Ambu. Posisi awewe lain ditingali tina sisi erotisna nu kalan-kalan jadi kalangenan, tapi leuwih nyoko kana jadi posisi indung. Indung lain ngan saukur nu ngalahirkeun anak, tapi deuih jadi tempat panyalindungan (Hermawan Aksan, Kompas Desember 2007). Ari tempat panyalindungan nya didinya tempatna kontemplasi pikeun manggihan ngamalirna kawijaksanaan.

Ana kitu lamun lalaki keur nyoren bedog sabenerna mah teu beda jeung lalaki nu ngagondeng indung. Dina waktu nyoren bedog kudu sadar yen nu dibawa teh lain bae mangrupa pakarang seukeut tapi deuih kudu dianggap nu bakal mere piwejang.sangkan hirup teh kudu asak jeujeuhan. Palebah dinyana mah bisa karampa kumaha ajen inajen sikep budi (kultural?) nu dibikeun ku karuhun. Palebah dieu karuhun geus mere ugeran, bedog teh pakarang seukeut nu kacida bahyana lamun dipake kalawan teu asak jeujeuhan. Kudu aya faktor sejen nu mere kasaimbangan atawa kaharmonisan sikep, nya ayana dina simbol diri indung. Teu papalingpang teuing lamun disebutkeun urang Sunda leuwih ngaheulakeun ajen estetis jeung filosofis manan ngaheulakeun seukeutna bedog nu matak pikagilaeun. Seukeutna bedog leuwih keur tujuan defensif tibatan tujuan ofensif.
Saluyu jeung eta dina konsep bedog salaku pakarang keur bela diri aya nu disebut batur ludeung jeung batur keueung. Nyaeta leuwih nyoko kana konsep batur pakumaha. Hadirna bedog dina situasi werit (genting) samemeh prak digunakeun aya heula dialog batin, antara ngukur ka kujur jeung situasi werit nu keur disanghareupan tah didieu sacara teu langsung sang indung mere piwejang.
Aya nu boga pamadegan nempatkeun bedog salaku batur keueung dianggap leuwih merenah sabab eta mangrupa implementasi tina sikep defensif. Sedengkeun batur ludeung mah leuwih kana sifat ofensif. Pangna disebut keuwih merenah dina sikep defensif bisa dicukcruk tina sajarah klasik Sunda. Upamana Wastukancana nu diteungteuinganan ku Gajah Mada dina peristiwa Bubat. Wastukancana lain ngagegedekeun males kanyeri (balas dendam) tapi leuwih kana wekel hade gawe tepi ka jeneng raja panglilana tur nagara tengtrem. Kitu deui teu kacaturkeun raja raja di nagara Tatar Sunda nu ngayakeun perang karana ekspansif ofensif, ngalegaan jeung ngahijikeun nagara leuwih ku sikep duduluran jeung diplomasi.

Nempatkeun bedog salaku batur keueung atawa salaku batur ludeung, eta ge ngaku yen kawani nu sajati teh leuwih nyoko kana kawani ti diri sorangan, lain pedah aya balad sabatur-batur. Seukeutna bedog bakal karasa mangpaatna lamun bisa ngawasa diri tur aya dina kalakuan nu wijaksana. Wijaksana dina make bedog lain bae kudu aya dina bedog pakarang keur bela diri, tapi deuih kudu aya dina bedog parabot paranti digawe. Nigas dahan kai, motong atawa meulah pisuluheun lain nigas sakeplasna lain ngadek sacekna tapi kudu boga tujuan nu pasti saluyu jeung aturan sangkan teu ngaruksak alam atawa teu ngaruksak lingkungan.

Kitu tah bedog ditilik tina sisi sejen. Tina bedog sahenteuna geus manggihan tapak lacak para karuhun, nu geus mere luang keur neuleuman kearifan lokal. Bedog dina wangun rupa tur seukeutna geus jadi hasil budaya, nu ngambah rohang jeung waktu babarengan jeung hasil budaya nu sejen salaku anak jaman. Bobot pangayon timbang taraju, mangga nyanggakeun.


MAMAT SASMITA
Nu Ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda.
(Dimuat di Majalah Basa Sunda Mangle No.2197, 4-10 Desember 2008)

No comments: