24 July 2008

PARIBASA SUNDA BCD

B                                                     Paribasa A  BCD  EGH  IJK   LM  N  OPR  S  T  UWY 
  1. Babalik pikir Ngarobah lampah goreng kana hade.
  2. Babanteng jurit Pamanggul jurit.
  3. Babon kapurba ku jago Awewe kudu nurut ka salaki.
  4. Badak Cihea Degig, tara nanya.
  5. Bagja kamanyangan Bagja gede.
  6. Bahe carek Gampang nyarekan.
  7. Balabar kawat Saembara.
  8. Baleg tampele Mojang anu keur mangkat beger, tapi eraan keneh lamun panggih jeung lalaki.
  9. Bali geusan ngajadi Lembur matuh, lemah cai, tempat lahir.
  10. Balik jarami Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
  11. Balik ngaran Maot di lembur batur.
  12. Balung kulit kotok meuting Kanyeri baheula ten leungit-leungit, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
  13. Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan Rido, iklas, suka pisan.
  14. Bancang pakewuh Pikasusaheun, picilakaeun.
  15. Banda sasampiran, nyawa gagaduhan Ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
  16. Banda tatalang raga Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
  17. Bangkong kolentang Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
  18. Banteng ngamuk gajah meta Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
  19. Banting tulang Digawe popohoan.
  20. Bapa heman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean.
  21. Batan kapok kalah (anggur) gawok Kalah beuki maceuh.
  22. Batok bulu eusi madu Henteu cocog jeung panenjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
  23. Batok kohok piring semplek Paparabotan nu taya hargana.
  24. Batu turun keusik naek Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daek, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
  25. Batur ngaler ieu ngidul Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
  26. Bau-bau sinduk Baraya keneh sanajan laer.
  27. Beak dengkak Geus beak tarekah.
  28. Beak ka lebu-lebuna Ledis, teu nyesa saeutik-eutik acan (harta banda).
  29. Bear budi Gumbira.
  30. Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai Lubak-libuk tapi henteu bisa kapake lantaran lain hakna.
  31. Bedah bendungan Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
  32. Bengkok tikoro Teu kabagean kadaharan istimewa, lantaran teu datang atawa geus beakeun manten.
  33. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
  34. Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang Kabisana ngan nitah, teu daek prak sorangan.
  35. Beres roes Runtut raut (nu laki-rabi).
  36. Beulah hoean Siga hoe dibeulah, tonggong munding nu lintuh pisan.
  37. Beungeut nyanghareup ati mungkir Henteu terus jeung hate.
  38. Beunghar memeh boga Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaandirina.
  39. Beurat birit Hese ditutah-titah, kedul.
  40. Beurat nyuhun beurat nanggung Kacida tumarimana.
  41. Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeun inya Kacida narimakeunana kana kahadean batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.
  42. Beureum paneureuy Hese pisan hasil maksud.
  43. Beuteung anjingeun Beuteung anu gede ka luhur.
  44. Beuteung mutiktrik berekat meunang Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
  45. Beuteung si eta mah ruas bungbas Teu aya kaseubeuhan.
  46. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar Jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
  47. Bilatung ninggang dage Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
  48. Birit aseupan Jelema nu diukna teu daek cicing, nyanggeyeng ka ditu, nyanggeyeng ka dieu.
  49. Bisa ka bula (bala) ka bale Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes.
  50. Bisa lolondokan Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
  51. Bisi aya ti cai ti geusan mandi Bisi aya nu kasigeung atawa ka-toel mamaras rasana.
  52. Biwir aweweeun Sok ngedalkeun kecap-kecap nu kurang hade.
  53. Biwir nyiru rombengeun(bbs): Sagala dicaritakeun anu saenyana kudu dirasiahkeun.
  54. Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
  55. Bobo sapanon carang sapakan Teu puguh undak-usukna, teu beres entep seureuhna; eta babasan sok dipake pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa pereleanana.
  56. Bobor karahayuan Katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
  57. Bobot pangayon, timbang taraju Pangadilan, timbangan nu adil.
  58. Bodo alewoh Bodo tapi daek tatanya.
  59. Bodo katotoloyoh Tara daek tatanya, tara daek nurut kana nasehat batur.
  60. Boga pikir rangkepan Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
  61. Boga sawah saicak Boga sawah saeutik.
  62. Bogoh nogencang Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  63. Bohong dirawuan Kacida rahulna.
  64. Bojo denok sawah ledok Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
  65. Bongkok meongeun Semu bengkung ka tukang palebah cangkeng (awewe).
  66. Bonteng ngalawan kadu Nu leutik ngalawan ka nu gede.
  67. Borangan ku surak Eraan dina gempungan jalma rea.
  68. Bosongot bade amprotan Pikagigiseun (kana beungeut), pikagimireun, pasemon jagoan.
  69. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
  70. Buah ati/buah hate Kakasih.
  71. Bubu ngawaregan cocok Mere nasehat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
  72. Buburuh nyatu diupah beas Neangan pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
  73. Budak bau jaringao keneh Budak can aya kanyaho, budak olol-leho.
  74. Budak olol leho keneh Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawean.
  75. Budak rodek hulu Budak can aya kanyaho.
  76. Budi santri legeg lebe, ari lampah euwah-euwah Jelema anu omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener, padahal saenyana mah jahat.
  77. Bujang jengglengan Jajaka tulen sarta tegep.
  78. Bujang tarangna Lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
  79. Bulan alaeun Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
  80. Bulu taneuh Tukang tani, patani.
  81. Buncir leuit loba duit Beunghar, taya kakurang.
  82. Bungah amarwatasuta Bungah sagede anak gunung, bungah pisan.
  83. Bungbulang tunda Tunda talatah, dikeunakeun ka jalma nu dititah baranggawe tara prak ku sorangan, tapi kalah sok nitah deui ka batur.
  84. Buntu laku Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawean.
  85. Buntut kasiran Koret, kumed, medit.
  86. Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
  87. Buruk-buruk papan jati Sanajan ngewa/ambek ka dulur/baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu ngantep.
  88. Burung palung dulur sorangan Sanajan ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
  89. Buta terong Pamoyok ka jelema nu goreng patut, katurug-turug sagala beuki.
  90. Butamuna Bodo balilu, teu nyaho naon-naon.
  91. Butatuli Teu nyaho naon-naon.
C
  1. Caang bulan dadamaran Migawe hal nu teu perlu deui.
  2. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan Rido pisan.
  3. Caang padang narawangan Caang pisan atawa bisa nenjo ku panon batin ka tempat gaib.
  4. Cacag nangkaeun Henteu beres atawa henteu alus lantaran mindeng katunda tuluy dihanca deui (pagawean atawa carita).
  5. Cacah rucah atah warah Somah nu dianggap taya ajenna sarta bodo.
  6. Cacarakan Kakara diajar, tacan bisa bener.
  7. Cadu mungkuk haram dempak Sumpah yen bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
  8. Cadu ngalantung ka lisung Henteu daek buburuhun (awewe).
  9. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering. Cai di hilir mah kumaha ti girangna Ra'yat leutik sok nyonto kalakuan parningpinna.
  10. Caina herang laukna beunang Hasil maksud ku cara lantip bari teu aya pacengkadan.
  11. Campaka jadi di reuma Nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian. Campur kaya Tepung kaya atawa kaya reujeung kaya, harta banda babarengan nu rimbitan.
  12. Cangkir emas eusi delan Jelema anu omonganana alus, tapi saenyana hatena goreng.
  13. Cara hurang, tai ka hulu-hulu Bodo pisan.
  14. Carang takol Jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
  15. Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket Taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakewuh.
  16. Cecendet mande kiara, cileuncang (cileungcang) mande sagara Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar.
  17. Ceplak pahang Satarabasna teuing kajeun matak nyeri hate batur.
  18. Ceuli lentaheun Sok sadenge-dengena, najan lain dengekeunana, atawa resep ngadengekeun kagorengan batur.
  19. Cikal bugang Cikal hirup, anu pangheulana gugur di medan perang.
  20. Cikaracak ninggang batu, laun-laun (batuna) jadi legok Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
  21. Cilaka dua belas Cilaka pohara.
  22. Ciri sabumi cara sadesa Kabiasaan di unggal daerah beda-beda.
  23. Clik putih clak herang Rido, iklas, kaluar tina hate anu beresih.
  24. Congo-congo ku amis, mun rek amis ge puhuna Anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan.
  25. Cruk-crek Gunta-ganti pamajikan.
  26. Cucuk rungkang Perkara leutik atawa teu pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gede.
  27. Cueut ka hareup Tereh maot, geus kolot.
  28. Cueut ka nu hideung, ponteng ka nu koneng Teu adil, pilih kasih.
  29. Cukang tara neangan nu ngising Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku maneh kanu rek dipentaan tulung.
  30. Cukup belengur baraga naya Resep mere ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
  31. Cul dogdog tinggal igel Ninggalkeun gawe baku lantaran ngalampahkeun pagawean sejen nu teu aya hasilna.
D
  1. Daek macok, embung dipacok Jelema nu hayang meunang (untung) sorangan, daek menta embung dipenta.
  2. Dagang oncom rancatan emas Modal nu kacida gedena, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.
  3. Dagang peda (pindang) ka Cirebon Dagang barang ka tempat nyieun eta barang.
  4. Dah bawang dah kapas Jual-beuli kontan.
  5. Dahar kawas meri Uprat-apret jeung ngaremeh.
  6. Daharna sakeser daun Daharna mindeng pisan.
  7. Datang katenjo (katingali) tarang, undur katenjo (katingali) pun-duk Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh.
  8. Dedenge tara Kadenge sawareh atawa dedengean anu teu pati tetela.
  9. Dengdek tapi maliding sanak Pilih kasih, teu adil.
  10. Deukeut (heureut) deuleu pondok lengkah Kurang paman- dangan jeung teu bebas dina indit-inditan.
  11. Deukeut-deukeut anak taleus Sakitu padeukeut teu nyaho yen baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranehanana.
  12. Deungeun-deungeun haseum Taya baraya saeutik-eutik acan.
  13. Di bawah tangan Teu make saksi ti pihak nu resmi.
  14. Diadudombakeun Diadu-adukeun.
  15. Diadukumbangkeun Dicekel pundukna tuluy diadekkeun palebah tarangna sataker tanaga. Dialungboyongkeun Digujag-gajig, dipundah-pindah.
  16. Dianakterekeun Disapirakeun.
  17. Diangeuncareuhkeun Diantep henteu didahar.
  18. Dibabuk lalay Dibabukan kawas lalay (musuh loba nu ngaronom urang), ngababukan ngenca-ngatuhu.
  19. Dibejerbeaskeun Dieceskeun atawa dijentrekeun pisan.
  20. Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa Lantaran dibere wani saeutik, jadi beuki loba pamentana sarta nyalutak (jalma kurang ajar).
  21. Dibeuleum seuseur Diburu-buru sina anggeus.
  22. Dibeuteungan nyusu Dieureunan nyusu, dipesat.
  23. Dibeuweung diutahkeun Dipikir dibulak-baHk.
  24. Dibilang peuteuy Dibilang hiji-hiji. l
  25. Didagoan ku seeng nyengsreng Dipikabutuh ayeuna.
  26. Didago-dago tilewu Hanas didagoan, ari pek teu datang.
  27. Didingding kelir Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.
  28. Dihin pinasti anyar pinanggih Sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran.
  29. Dihurunsuluhkeun di(sa)kompetdaunkeun Disamarutkeun jeung nu boga dosa; nu goreng saurang, kabeh kababawa.
  30. Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae.
  31. Dijieun lalab rumbah Disapirakeun, henteu diajenan.
  32. Dikepung wakul buaya mangap Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.
  33. Dikerid peuti Dibawa kabeh saeusi imah atawa kampung.
  34. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ditambang, ditalak henteu, dinapakahan oge henteu; dipiara tapi teu diurus dahar-pakena.
  35. Diperih pati turta gawe Dibere papancen nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.
  36. Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung batur, tapi nu saenyana man jahat.
  37. Dipisudi mere budi Dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan.
  38. Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang Dihukum pati, dihukum beurat pisan.
  39. Disuhun dina embun-embunan Ditarimakeun pisan.
  40. Disusul tepus Diteangan terus, nepi ka beunang (nu boga dosa).
  41. Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dianggap aneh atawa model.
  42. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup Kekecapan keur awewe anu kacida geulisna, taya cawadeunana.
  43. Ditiung memeh hujan Kudu iatna samemeh cilaka. Ditiung sanggeus hujan Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain samemehna nyegah picilakaeun.
  44. Ditulis tonggong Dibokong, nu boga hadas teu dibejaan atawa teu dibawa mupakat heula.
  45. Dogdog pangrewong Jalma nu mantuan pagawean tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.
  46. Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur Ngalindeukan lanjang (mojang) pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin kop ku batur.
  47. Dosa salaput hulu Dosa anu geus kacida lobana.
  48. Dug hulu pet nyawa Usaha satekah polah meh taya eureunna.
  49. Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa Digawe beurat meh taya eureunna.
  50. Duit pait (panas) Duit nu teu meunang dipake pikeun kaperluan pribadi, duit nagara atawa duit amanat
  51. Duum tinggi Babagi henteu adil, aya nu meunang loba, jeung aya nu saeutik.

155 comments: