07 February 2007

SAJAK

KEUR UMI DI BANDUNG

Umi…!
Geuning umur Abah teh poe ieu geus nambahan
Mun diitung ku ramo leungeun jumlahna leuwih ti lima kalieun
Sigana geus manjing reureuh tina pakeukueh keukeuh
Isuk mah urang pakeukeup keukeup
Diharudum ku simbut haneut

Geura pek tah dengekeun
Keteg jajantung Abah
Itung hiji hiji sing taliti
Ray poe ray poe beuki ngerepan

Umi..!, geus kolot Abah teh.
Isuk mah urang buka lalangse hate
Dipelakan ku kembang ligar
Dipisieup ku kadeudeuh

Umi..!
Poe ieu Abah hayang diusapan.

Surabaya Mei 2003
Mapag milangkala nu ka 52

1 comment:

Anonymous said...

Enya nyieun sajak teh hese, lamun babari mah meureun loba nu jadi panyajak...!!