03 February 2007

Jirangan : Mateakeun...............

Ku : Mamat Sasmita *)

Basa teh ciciren bangsa, ieu kacapangan geus jadi sabiwir hiji, diaku benerna ku sarerea. Kitu deui basa Sunda, ciciren ayana bangsa Sunda, Urang Sunda. Basa Sunda tangtu produk budaya Sunda anu dinamis, anu kudu bisa ngigelan jaman.
Lamun urang nitenan basa Sunda anu aya dina prasasti, contona dina prasasti Kawali I, eta teh ngagunakeun basa Sunda (kuna), kitu deui tulisan tulisan dina buku atawa naskah anu dijieun pertengahan abad ka 19, dibandingkeun jeung basa Sunda kiwari aya bedana, tah eta pisan anu disebut dinamis teh, hartina aya parobahan luyu jeung mangsana.

Geura urang cutat sagemblengna tina prasasti Kawali I :

“Nihan tapa Kawali nu siya mulia tanpa bhagya perebu raja Wastu mangadeg di kuta Kawali nu mahayuna kadatuan Sura Wisesa nu marigi sakuliling dayeuh nu najur sagala desa. Aya ma nu pa(n)deuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya dina buana”

Lamun di-Sunda-keun kana basa Sunda kiwari mah kira-kira kieu unina :

“Ieu nu tapa di Kawali teh nyaeta tapana nu mulya lir dewa, Gusti nu bagja, raja Wastu nu ngereh di kota Kawali, nu parantos mapaes karaton Sura Wisesa, nu ngadamel kakalen sakuriling dayeuh, nu nyantosaan sakuliah wewengkon.
Muga-muga kapayunna aya (para raja) nu kersa midamel kasaean, sangkan punjul di sajagat” (Drs R.Ma’mun Atmamiharja, 1958).

Eta parobahan basa Sunda teh tangtu jadi ciciren ayana kamajuan dina makena basa Sunda ku urang Sunda, disaluyukeun jeung kamajuan jamanna anu sok sanajan bisa bae ku ayana pangaruh basa deungeun, saperti kecap nihan kapan geus tara dipake tapi diganti ku ieu, kieu (Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda abad 11-18, Elis Suryani saparakanca, 2001).

Teu dipakena hiji kecap tangtu aya alesan-alesan anu tumuwuh di panyatur eta basa, contona kecap reueuy dina basa Sunda. Harti reueuy teh cai papagan kulit tangkal salam nu sok dipake nyelep heurap atawa kecrik supaya jadi beureum sarta kuat, sedengkeun heurap atawa kecrik biasana dijieun tina tali kulit tutuwuhan tuluy dirara, atawa tina kanteh gintiran.
Sigana kecap reueuy ge lila lila mah bakal teu dipake kulantaran heurap jeung kecrik dina mangsa kiwari dijieunna geus lain tina tali kanteh atawa tali tina kulit tutuwuhan anu dirara tapi tina kenur, kenur tea atuh teu kudu dicelep ku reueuy.
Kitu deui kecap kecap sejenna, kayaning etem, alat keur dibuat ngala pare, pare mangsa kiwari pararendek dibuatna cukup ku arit, delan arang langka kadenge da nu dipakena tarasi, sajalon (beungkeutan eurih nu dempet ku bebekan awi pikeun hateup), sacaeng , sacangi jste.

Parandene kitu, jul-jol deui kecap kecap anu boga harti anyar turta dipake deui, kecap jirangan upamana, tarjamahan tina basa Inggris “session”, aya nu ngusulkeun session ditarjamahkeun jadi alas mangsa atawa rintakan, keun kira-kira mana anu bakal payu, anu bakal loba dipake, nu puguh mah kecap jirangan mindeng dipake dina salah sahiji acara televisi di Bandung.
Kecap sejen kayaning mateakeun anu saharti jeung “pemberdayaan”, pamarekan anu hartina “pendekatan” atawa “approach”, kasang tukang keur “latar belakang”, sawala keur “diskusi”
Kecap-kecap saperti kieu aya alusna dieuyeuban, ditambahan keur ngabeungharan basa Sunda, sangkan luyu jeung pamenta jaman.

Mangsa kiwari nu kasebut jaman globalisasi, kecap globalisasi geus jadi mitis dunya, unggal bangsa dimana bae siga anu disirep ku kecap globalisasi, sakabehna hayang ngilu proses globalisasi. Kaayaan siga kitu sabenerna mah dimimitian ku alat anu disebut “komputer”, kaajaiban akhir abad ka 20, nu bakal leuwih mahabu dina abad ka 21 ayeuna, kusabab komputer geus jadi otak jeung tulang tonggong keur Tehnologi Informasi (MT Zen,2001).
Basa Sunda anu dipiharep sangkan langgeng dipake saendeng-endeng ku urang Sunda, tangtu kudu bisa ngawadahan kamajuan teknologi, basa Sunda lain ngan sakadar aya dina sastra atawa ngan sakadar aya dina panggung kasenian.
Istilah istilah teknologi informasi anu kacida ceuyahna, asana teu salah salah teuing lamun dimimitian ti ayeuna dijieun istilahna dina basa Sunda, naha rek sagemblengna dikana basa Sunda-keun atawa ngan sakadar nyutat siga basa aslina. Upamana kecap enter dina “keyboard” (papan konci?) komputer, jadi geblus, atawa rek tetep we enter, da ucapanana teu hese-hese teuing keur letah Sunda. Apanan korsi, alat paranti diuk anu aya sukuan jeung aya panyarandean, oge geus diaku jadi basa Sunda nu sabenerna mah asalna tina basa deungeun nyaeta tina basa Arab (aya oge anu nyebutkeun asalna tina basa Portugis).
Kitu deui istilah-istilah dina dunya internet, “search engine” bisa bae ditarjamahkeun jadi juru susud, “surfing” jadi ngambah atawa lalayaran, “download” jadi ngunjal cokot, “upload” jadi ngunjal kirim, “email” jadi serelek (serat elektronik) kumaha mun “attachment” naha bisa disebut arsip nangkod..?
Mangga, wilujeng lebet kana jirangan mateakeun juru susud ngambah reueuy…!!



*) Pangsiunan TELKOM, nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda, nganjrek di Bandung

Catetan : Tos dikirim ka Koran Sunda tgl 3 April 2006
Dimuat dina Koran Sunda dinten Rebo kaping 5 April 2006 kaca 10 (judulna diganti ku Koran Sunda jadi : “Jirangan”, “Reueuy” Nasib Andika )

No comments: