Taun 2012 dina
mangsa munggah haji
Isukan bada
lohor rék ka Madinah, kitu cék nu ngabingbing haji téh, tuluy ngajadwalkeun
engké peuting bakal tawaf wada, tawaf papisahan. Bérés tawaf wada, kira-kira
tabuh opat kasubuhnakeun, kuring jeung pamajikan teu terus mulang ka
panginepan, tapi néangan tempat, niat mah rék ngadon salat sunah, néangan
tempat téh hayang nu bisa nyanghareup ka
multazam, antara hajar aswad jeung panto kabah. Salila tawaf wada téh maké juuh
ku cipanon sagala, aya nu nyérédét kana haté, asa embung papisah, pamajikan gé
kadéngé ngingsreuk, sigana pikiranana sarua jeung kuring. Boa iraha bakal
panggih deui, boa iraha bakal deukeut deui. Ĕta nu jadi sabab moal waka
buru-buru mulang ka panginepan téh, hayang anteng neuteup ka’abah, hayang
anteng aya di jero masjidilharom. Hayang anteng ngumbar kasono, hayang anteng
ngabudalkeun kabéh kereteg haté, bari sakalian ngadagoan waktuna solat subuh da
rarasaan teh moal lila deui.
Kuring jeung pamajikan mundur ka béh tukang, Alhamdulillah meunang tempat, najan rada pasesedek jeung nu séjén, babaturan sarombongan gé aya. Di dinya anteng ngadu’a, enyaan ngabudalkeun kabéh kereteg haté. Menta dihampura tina sagala kasalahan, lir keur muter ulang filem kahirupan diri, rumasa loba kasalahan hirup téh, rumasa sombong, rumasa boga rasa aing kumawasa. Sakali deui cipanon juuh, sakali deui kuring ngadéngé pamajikan ngingsreuk jeung remen ngusap cipanon.
Bérés solat subuh,
bérés ngadu’a tuluy kaluar ti
masjidilharom. Kaluar téh ti panto nomer opat puluh lima, teu ngahaja kaluar ti
dinya, pédah rada kaséréd ku batur ku nu papada rék kaluar masjid, biasana mah kaluar asup ka masjid téh ti panto
nomer tujuh puluh salapan. Lantaran kuring jeung rombongan téh meunang
panginepan di jalan Ummul Quro, deukeut jeung jambatan Mansur, sok disebut
Qubri Mansur. Panto pangdeukeutna di masjidilharom mun datang ti jalan Ummul
Quro téh panto nomer tujuh puluh salapan. Geus jadi tanda keur rombongan kuring
mah, rombongan sabimbingan haji, biasana
sok silih dagoan téh di hareupeun hotél Dawrut Tawhid, ngadon ngumpul dariuk,
hareupeun pisan panto nomer tujuh puluh salapan.
Kaluar ti panto
nomer opat puluh lima téh terus ngoréléng ka kénca, leumpang téh antaré wé, teu
rurusuhan, asa hayang kénéh ngumbar kasono, asa can cacap ngabudalkeun kalaip
diri. Sigana pamajikan gé sarua, da kalan-kalan nyusut cimata. Terus leumpang
mapay palataran masjid.
“Bah, hoyong ka
jamban heula,” cék pamajikan sorana semu haroshos. Kabeneran di dinya aya
jamban husus keur awéwé, supaya gampil
papanggih deui kuring nuduhkeun tempat ngadagoan, dina undakan keur ka masjid tingkat
kadua. Di dinya gé loba nu séjén, sigana sarua papada ngadagoan nu keur ka
jamban, kuring diuk deukeut budak ngora, mun ningali keureut beungeut mah
sigana urang Arab kénéh.
Kuring unggeuk
jeung uluk salam, kuring nyolongkrong ngajak sasalaman, manéhna nyahoeun kuring
diuk di dinya téh rék ngadagoan pamajikan nu keur ka jamban, “Sarua kuring gé
ngantosan pun bojo ,” kitu pokna téh.
“Kuring ti Indonésia.”
“Kuring mah ti Paléstina,”
kitu jawabna.
“Ti sisi kulon?”
cék kuring
“Sanés, ti jalur Gaza,” jawabna.
Ngomong jeung
manéhna téh maké basa Inggris, najan basa Inggris kuring tipaparétot teu puguh alang
ujurna, tapi sigana manéhna gé ngartieun.
Dina haté mah
hayang ngomong pasti manéhna téh pasukan
ti salah sahiji faksi di Paléstina, tapi omongan kitu téh teu pok. Kuring sadar
dina mangsana keur ngajalankeun ibadah haji, teu hadé mun ngomongkeun pasoalan
pulitik atawa perkara kadunyaan. Kuring neuteup ka jauhna, satungtung palataran
masjid, pagaliwotana jalma sakitu lobana, pasti kana puluhan rébu, kabéh gé
keur ngajalankeun ibadah, nohonan ondangan ti Nu Maha Kawasa. Ĕta jalma nu
sakitu lobana pasti jalma saroléh wungkul, nu ngadu’a keur kamaslahatan dirina,
alamna jeung meureun nagarana séwang-séwangan. Meureun sarua nu keur dipikiran
ku budak ngora urang Paléstina di gigireun kuring gé, ras kana béja nu kungsi
kabaca atawa kalalajoan dina televisi kumaha kaayaan Gaza. Teu karasa biwir
ngagereyem lalaunan lagu nu dihaleuangkeun ku Michael Heart
“You
can burn up our mosques and our homes and our schools. But our spirit will
never die.
We will not go down. In Gaza tonight.”
Sigana budak ngora gigireun téh ngadéngéeun, da terus malik neuteup ka kuring bari ngomong “Anjeun uninga lagu éta?”
We will not go down. In Gaza tonight.”
Sigana budak ngora gigireun téh ngadéngéeun, da terus malik neuteup ka kuring bari ngomong “Anjeun uninga lagu éta?”
“Kantenan wé terang
mah, mung teu apal sadayana ongkoh deuih teu tiasa ngahaleuangkeunana nu leres,
sora kuring mah sumbang.”
“Leres kitu
pisan kaayaan Gaza téh, sadidinten teu weléh harénghéng, ti murangkalih olollého
dugi ka aki-aki nini-nini, kedah sayaga unggal waktos, mayunan kakawasaan nu
hawek, nu taya ras-rasan.”
Méméh
kapapanjangan ngomongkeun kaayaan Gaza, kuring buru-buru ngajak ngadu’a,
sangkan Gaza geura leupas tina kasarakahan, tina angkara murka dunya. Bérés
ngadu’a budak ngora di gigireun téh pok ngomong “Supados komunikasi urang langkung
lancar kumaha upami urang nyarios téh nganggo basa Arab.” Ngadéngé kitu kuring
kacida kagétna, da puguh basa Arab mah teu bisa sapotong-sapotong acan, rumasa
wé teu kungsi diajar. Kuring saduk saduk, hampura teu bisa basa Arab.
“Har, kapan
agama Islam téh jolna tina basa Arab, atuh sakedik wé mah, dialog basa Arab kedah
tiasa. Kumaha atuh ngahartoskeun Al-Quranulkarim?” Kitu ngomongna téh tandes
pisan. Kuring ngadangheuak, asa ditonjok angen, asa dipeupeuh puhu ceuli,
rampohpoy teu manggapulia. Kuring
ngajawab lalaunan “Ngahartoskeun Qur’an mah ngaos tarjamahna baé,” tuluy kuring
ngaluarkeun Al-Amin, tarjamah Al-Qur’an basa Sunda. Sigana budak ngora téh surti, da pok deui
ngomong “Bapa sepuh, ulah alit manah, wios teu tiasa basa Arab gé, da Alloh
Subhanawataala mah ngartoseun sagala basa, sareng ongkoh amal ibadah mah sanés
ku ucapan wungkul, tapi ku prakna dina kahirupan sadidinten.” Ayeuna mah nyebut
ka kuring téh bapa sepuh.
Kuring unggeuk,
asa éra ku budak ngora nu anyar pinanggih, untungna nu tas ti jamban kaburu
datang, datangna téh bareng siga nu badami, pauntuy-untuy antara pamajikan
kuring jeung pamajikan manéhna.
Tuluy wawanohan,
cék kuring “Bagja aranjeun mah, bisa munggah haji ngarora kénéh, dina kaayaan
awak jagjag belejag, teu cara kami nu
geus kolot, geus rarémpo.”
“Ih malih upami
ningali rombongan haji ti Indonesia mah matak kayungyun ku sumangetna, ku
saroméahna, na sabaraha atuh yuswa téh?”
“Kakara genep
puluh punjul hiji, ari ieu mah kakara lima puluh lima,” tembal kuring bari
nunjuk ka pamajikan. Ari manéhna ngaku umurna kakara dua puluh dalapan,
pamajikanana dua puluh lima, pagawéanana jadi ahli mékanik di Mesir, pamajikanana
jadi guru taman kanak-kanak keur katurunan Paléstina di Mesir. Duka teuing
beulah mana di Mesirna, teu talété nanya, sigana teu jauh ti wates nagara.
Dumukna gé di Mesir lain di Paléstina, kalan sok ka Paléstina mun aya pagawéan
menerkeun sarupaning mesin gedé.
Lantaran kuring
poé ieu rék tuluy ka Madinah, kuring amitan, méméh papisah téh silih tukeuran
email, surat elektronik, ari nomer hapé mah teu silih béré, da cék manéhna
nomer hapé mah sok babari ganti.
Sanggeus uluk
salam maké jeung silih rangkul sagala, kitu deui pamajikan jeung pamajikan manéhna,
enyaan rék papisah téh da jeung teu nyaho iraha rék papanggih deui.
“Kuring moal
waka ngirim email nepi ka pertengahan bulan Nopember mah, da kuring rék ka
Madinah heula,” kitu cék kuring téh, manéhna unggeuk.
Méméh
ninggalkeun palataran Masjidilharom, kuring jeung pamajikan sakali deui neuteup
masjid, sakali deui ngadu’a, mugi-mugi kapayun tiasa tepang deui, teu poho
ngadu’akeun nu jadi anak supaya bisa datang ka ieu patempatan.
Di jalan kacida
raména, nu mulang ka tempat panginepan sewang-sewangan sanggeus ngilu solat
subuh berjamaah, kuring leumpang ka peuntaseun jalan nu rék ka jalan Ummul Qura.
Leumpang ka panginepan téh kira-kira satengah jam, mun leumpang antaré mah
meureun tilu parapat jam. Kuring gé jeung pamajikan teu rurusuhan, da koper
bawaeun geus diringkes ti kamari kénéh, tinggal tas nu di jingjing, eusina ukur
baju keur ganti. Pamajikan mah maké jeung sempet meuli heula dahareun sisi jalan,
keur sasarap jeung keur bekel dina beus.
Miang ka Madinah
teh kira-kira tabuh satu, rada elat, lantaran aya pamariksaan heula, cenah
koper mah kudu misah jeung panumpang, tah mindah-mindahkeun koper nu lila téh,
atuda aya kana opat ratus lima puluh jalma, rombongan sa-kloter téh, kabéh
koperna kudu pindah kana mobil séjén.
Perjalanan ti
Mekah ka Madinah kaitung rada lila, atuda jauhna gé méh opat ratus lima puluh
kilometer, katambah ku eureun-eureunan. Sapanjang jalan téh ngemplong, ukur
ningali lempengna jalan, di sisi jalan téh arang langka tatangkalan, nu aya
ngan gunung batu atawa sagara keusik. Nepi
ka pamondokan di Madinah téh méh tabuh dalapan peuting, sanggeus meunang kamar
jeung bébérés babawaan, kakara bisa kaluar, ningali situasi. Angger sakamar téh limaan, sarua jeung waktu
di Mekah. Atuh jalmana gé éta-éta kénéh.
Harita kénéh gé
kuring jeung duaan babaturan sarombongan, mapay jalan, nanyakeun jalan ka
masjid Nabawi. Teu jauh geuning, leumpang téh paling gé saparapat jam, jaba
jalanna genah, teu nanjak mudun kawas waktu di Mekah. Solat munggran di masjid
Nabawi téh waktu solat subuh, bérés solat subuh kuring jeung rombongan
sabimbingan haji dikumpulkeun di palataran masjid, nu ngabingbing méré
katerangan sajarah masjid Nabawi, jeung nuduhkeun tempatna Kanjeng Nabi
dikurebkeun “Tuh itu dihandapeun kubah nu warna héjo,” bari nunjuk.
Subhanalloh, geuning kuring nepi ka masjid Nabawi, tuur asa ngeleper bari
jeung awak asa sisiakan,
ngaleketey teu béda jeung basa mimiti jol ka Mekah, mimiti asup ka
Masjidilharam, mimiti neuteup ka’bah.
Alhamdulillah,
salila di Madinah téh lancar, euweuh halangan nanaon, enya ari pasesedek mah,
komo basa hayang ngadu’a di raudoh, karasa pasesedekna. Matakna alus pisan mun
munggah haji teh dina umur nu keur jagjag belejag. Ulah siga kuring dana mangsa
umur geus cueut ka hareup, dina umur mangsa tunggang gunung. Teu karasa di
Madinah téh méh salapan poé, cék tuntunan ibadah haji alus mun bisa
ngajalankeun solat wajib opat puluh kali di Masjid Nabawi, sok disebut arbain,
teu kaselang atawa teu pegat. Aya éta gé
nu méré katerangan solat opat puluh kali teu pegat di Masjid Nabawi téh lain
wajib malah teu sunah sunah acan, tapi pan lain salah kasebutna mun bisa gé, da
solat mah kawajiban. Poé ka salapan tatan-tatan mulang ka lemah cai, mulang ka
Bandung.
Aya samingguna sanggeus di Bandung, kuring kakara ngirim email ka budak
ngora urang Paléstina, teu panjang ukur
ngucapkeun salam jeung méré béja yén kuring jeung pamajikan geus nepi ka Bandung, ka lemah cai sorangan kalawan
berekah salamet. Jawabanana
katarima tilu poé sanggeus kuring ngirim email ka manéhna. Teu panjang,
ngan ngawilujengkeun majarkeun bapa sepuh mah
bagja boga lemah cai, boga tempat nu jinek, ditungtungan ku du’a mugi
panjang yuswa jeung sing leket ibadah jeung “tos
ngawitan diajar basa Arabna?”
Taun 2013 dina
mangsa munggah haji
Kuring narima
email deui cenah geus lahir anakna, lalaki, dibéré ngaran Fajr ibn Amer Al
Fayyoumi, malah kuring gé narima fotona, orok beureum kénéh keur saré ngageubra
diapit ku indung bapana. Ningali foto indung bapana kaciri keur kacida
bungahna, emailna ditungtungan ku ménta dipangdu’akeun sangkan budakna jadi
jalma nu soléh tur gedé gunana keur agama jeung lemah cai.
Taun
2014 dina mangsa munggah haji
Kuring teu nampa
email, kuring ngirim email gé teu dibales. Rada
hariwang puguh gé pédah wé sok ngadéngé béja dina télévisi yén
Israél ngagempur deui jalur Gaza, malah loba nu jadi korban.
Taun
2015, dina mangsa
munggah haji
Keur meujeuhna
meuweuh béja kacilakaan di Mina jeung béja kacilakaan kulantaran ngajurahrohna mesin angkat
jungjung ninggang ka nu keur ibadah di Masjidilharom, dina béja téh disebutkeun
aya korban ti Indonesia, ngan jumlah korban ti Indonesia mah can jinek
sabaraha-sabarahana, masih kénéh keur ditéangan. Harita kuring nampa deui email ti Paléstina, kuring maca
email téh sababaraha balikan asa teu percaya kana eusina. Panjang
email téh, nu nulisna siga keur ngetrukkeun sakabéh eusi haténa
Bapa sepuh, mugi dipangdu’akeun, bapana pun anak, nu
tos miheulaan mulih ka kalanggengan, ngadongkapan nu Maha Uninga, mugi ditampi
iman Islamna. Amin.
Maca kalimat ieu
kuring ngahuleng sajongjongan, naon maksudna, naha enya, mun kongang mah loba
nu rék ditanyakeun, kunaon, kumaha ieu téh
nu sabenerna. Tuluy eusi email téh nyaritakeun anakna nu keur meujeuhna lucu,
keur léléngkah halu, sagala dicabak, sagala dirawél, cék dina emailna “saréngkak paripolahna matak lucu, kawajiban
sim kuring ngagedékeun ieu budak dugi ka jucungna. Bapa Sepuh tangtos
murangkalih mah teu acan ngartoseun naon
nu disebat bangsa Palestina, bangsa Mesir, bangsa Indonesia kalebet bangsa
Israel. Tangtos murangkalih mah teu acan ngartoseun naha kedah aya perang, naha
kedah silih pikangéwa, naha kedah silih arah pati, naha kedah aya seuseukeut pélor
bedil.”
Macana kuring
bati ngaheruk, ngahuleng salila-lila. Maca emial téh teu waka diteruskeun,
kuring ngoléséd tina korsi hareupeun komputer, leumpang ka buruan, neuteup
langit kota Bandung nu lenglang. Angin ngahiliwir neumbag kana awak, hawa
karasa seger, ngurangan kahareneg haté. Diburuan téh kuring ngadon sasapu jeung
meresihan jukut nu geus ngajejembrung. Ari pipikiran mah uleng duka teuing
kamana losna. Cengkat sotéh sanggeus kadéngé adan lohor ti masjid. Maca email deui sanggeus
solat lohor.
“Bapa sepuh, sakapeung mah sim kuring sok ngaraos
sirik, duméh bapa sepuh aya di nagara nu ayem tengtrem, upami sim kuring
baheula gubrag ka dunya (dilahirkeun) téh di nagara sapertos Indonesia, janten
bangsa Indonesia, beu bagja temen. Sim kuring dina mangsa keur rumaja, di Gaza,
unggal waktos teu weléh caringcing, unggal waktos diwuruk ku sepuh, supaya
taki-taki, kedah janten jalmi nu ageung wawanén kanggo ngabéla lemah cai, ngabéla
bangsa, komo pameget mah cadu disebat kecing téh. Sim kuring lahir jadi bangsa
Palestina, da sanés kahoyong nyalira, éta mah éstu papastén ti Nu Maha Kawasa.
Naha bet dikakaya?”
Panjang nu
dicaritakeunana, cenah geus teu anéh budak awéwé wani nyanghareupan téng waja,
wani nyanghareupan congo bedil, wani nyanghareupan gurilapna seuseukeut bayonét
ti jalma-jalma nu ngarasa kumawasa, ti jalma-jalma nu samagréng ku téhnologi
perang.
“Béhna kalintang sesahna hirup sauyunan, béhna ampir
sadayana jalmi ngagungkeun asal-usulna (primordial), béhna téhnologi mung
janten taméng kakawasaan (saur bapana pun anak almarhum kedahna téhnologi téh
kanggo kasejahteraan balaréa), béhna kasarakahan mahabu dimana-mana, padahal
jalmi pinilih mah iwal ti jalmi nu takwa, sanes jalmi nu ngarasa pangbenerna, pangagungna,
batur mah henteu, batur mah salah.”
Kuring
ngaheugeu.
“Bapa Sepuh, sanés sim kuring leutik burih seja
ngejat ti pakalangan, sanés teu mikacinta ka lemah cai, sanés teu mikanyaah ka
bangsa sorangan. Sim kuring ayeuna aya di hiji tempat (hapunten moal
disebatkeun dimana-manana), hoyong ngagedékeun pun anak, hoyong sina sakola nu
jucung. Piduana baé mugi ieu pun anak sing janten jalmi nu soléh, sing janten
jalmi nu beunghar ku pangaweruh. Sakali deui neda pindu’ana kanggo bapana pun
anak, nu mulang miheulaan, mugi ditampi amal kasaéanana tur kenging tempat nu
utami di sagédéngeun Anjeuna. Hapunten anu kasuhun, bilih kapayunna sim kuring
teu ngintun serat deui, sareng ieu serat teu kedah diwaler.”
Sakali deui
kuring ngaheugeu.
2016
dina mangsa munggah haji.
Enya wé email ti
manéhna can datang, biasana mah sok jol téh dina bulan Rayagung, boa boa enya moal
datang▄
(Dimuat dina Tribun Jabar Salasa, Rebo, Kemis tgl 18-19-20 Okt 2016)