BUBUKA
Kaolahan téh hartina masakan atawa kadaharan meunang
olah-olah. Olah (sok dirajék jadi popolah) nyaéta kecap pagawéan, hartina masak di dapur nyieun rupa-rupa
dahareun atawa kadaharan. Cék Edi S Ekajati (panganteur dina buku
Kemasan Tradisional Makanan Sunda, ITB, 2001) béhna kaolahan téh lain hal nu sederhana, tapi sacara
kabudayaan mah kaitung euyeub patula patalina jeung aspék-aspék séjénna. Sacara budaya kaolahan atawa kadaharan téh kudu
dikokolakeun heula ti mimiti bahan nu rék diasakan, ajén eusina (gizi), wujudna, bauna,
rasana, wadahna, nepi ka cara ngidangkeunana
supaya nu rék barangdahar téh nepi ka kataji, ngarasa ni’mat,
nimbulkeun rasa ponyo tur deudeuieun.
Sigana popolahna urang Sunda sarua kolotna
jeung hadirna urang Sunda di Tatar Sunda, catetan tinulis pangkolotna perkara
kaolahan aya dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK) nu ditulis taun
1518 M, jeung dina naskah Sanghyang Swawarcinta (SSC). Dina ieu naskah kuna téh disebutkeun
ngaran ngaran kaolahan, ngan hanjakalna teu disebutkeun kabéh carana ngolah. Ku kituna dina ieu tulisan rék nyobaan
ngararampa kumaha cara ngolahna kaolah nu aya dina SSK jeung SSC.
Demi buku nu jadi sumber acuan aya
sababaraha buku nyaéta Sewaka Darma,
Sanghyang Siksakandang Karesian, Amanat Galunggung, Transkripsi dan Terjemahan
karya Saleh Danasasmita saparakanca, medal taun 1987. Sanghyang Swawarcinta Teks dan Terjemahan karya Tien Wartini
saparakanca, medal taun 2011. Ditambah ku buku-buku séjén saperti kamus basa Sunda
Danadibrata (2006), buku Peperenian Urang
Sunda (2005), buku Makanan Wujud
Variasi dan Fungsi serta cara penyajian pada orang Sunda, nu medal taun
1986.
CARA NGOLAH DAHAREUN
Umumna urang Sunda dina ngolah atawa olah-olah
dahareun aya sababaraha cara diantarana nyaéta :
- Dipeuyeum atawa meuyeum, aya dua rupa meuyeum nyaéta ngempos jeung
nu dibéré ragi (fermentasi). Diempos biasana keur
cau ambéh téréh asak, carana cau nu rada atah kénéh dibulen ku daun cau tuluy disimpen dina
lombang nu geus dihaneutan ku haseup tina sapu paré nu dibeuleum. Lombang ditutup deui ku taneuh, kakara diludang sanggeus tilu poé atawa
sababaraha poé dikira peupeuyeuman geus asak, mun asak teuing disebutna ladu (geus ampir buruk). Ari
nu dibéré ragi mah keur nyieun peuyeum ketan atawa
peuyeum sampeu, boh ketan boh sampeu kudu diasakan heula, geus tiis kakara
diawuran ragi, tuluy disimpen dina wadah nu beresih tur bisa ditutupan.
- Dibeuleum atawa meuleum nyaéta ngasakan kadaharan ku jalan ngantelkeun
kana seuneu atawa kana ruhak nu ruhay kénéh. Biasana nu dibeuleum téh sabangsaning
lauk, aya kacapangan beuleum seuseur nyaéta meuleuman lauk cai nu laleutik, mun geus
asak sok ditambul harita kénéh.
- Dibubuy atawa mubuy, ngasupkeun (upamana) sampeu atawa hui kana lebu panas dina hawu nepi ka asak. Lebu
panas ayana di jero hawu handapeun ruhak atawa handapeun suluh nu hurung. Nu dibubuy gé lain sabangsaning beubeutian (sampeu atawa
hui boléd) wungkul tapi deuih nu dipais, samisal pais lauk
cai. Ari pais lauk téh laukna disamaraan tuluy dibulen ku daun cau rada
kandel, tuluy
diasupkeun kana lebu panas.
- Dipanggang atawa manggang, ngasakan dahareun ku jalan diteundeun
luhureun seuneu atawa ruhak, ngan teu antel kana seuneu, aya anggangna , asakna
dahareun téh ku haseup atawa ku hawa panas tina seuneu, ngan ulah nepi ka tutung. Kecap panggang gé sakapeung sok dihartikeun niir (lauk) ku
nu seukeut tur heuras, upamana ku bébékan awi nu geus diseukeutan.
- Disangray atawa nyangray, ngolah dahareun ku panasna média saperti
lalayah atawa katél, upamana nyangray suuk jeung sisikian séjénna. Aya deui nu
nyangray maké média keusik, keusik beresih dipanaskeun dina katél, biasana keur nyangray kurupuk atawa
opak.
- Dikulub atawa digodog. Dikulub biasana mah keur beubeutian nu
diasakan, upamana sampeu, jagong jeung hui, lilana gumantung kana asakna nu
dikulub. Digodog mah biasana leuwih lila, upamana ngagodog cokor sapi sangkan
hipu jeung tina tulangna kaluar sungsumna, sakapeung sok disebut digotrok atawa
digolotrok. Médiana mangrupa wadah (panci) jeung cai disimpen dina
hawu nu hurung ngabebela.
- Diseupan atawa nyeupan, ngasakan kadaharan ku panasna saab
tina cai ngajolak, média nu dipaké wadah nu dicaian tuluy maké sarang keur
misahkeun antara bahan kadaharan jeung cai ngagolak. Misalna nyeupan sangu,
nyeupan sampeu, nyeupan hui jeung sajaban ti eta. Nyeupan sangu keur sarangna disebut aseupan,
ngagolakeun caina dina sééng, aya ogé nu
nyeupan dina langseng.
- Diangeun, cara ngasakan nu karasa samarana jeung loba caina.
Cara ngolahna maké wadah dicaian tuluy diasupan bahan asakan sejenna.
Upamana angeun kacang, bahan utamana kacang beureum dicaian sing loba jeung
karasa samarana..
-
Digoréng atawa ngagoréng, ngasakan kadaharan maké wadah (katél) jeung minyak
keletik tuluy dipanaskeun, sanggeus minyak dianggap panas kakara bahan nu
diasakan diasupkeun kana minyak panas.
- Dikérécék, ngasakan ku cara digoréng jeung
samarana tuluy dibanjur cai macak-macak, caina kaasup bagian tina kaolahan.
- Digejos, ngasakan ku cara digoréng, tuluy dibanjur cai sacukupna, mun nu diasakan
téh geus rada beukah jeung hipu, caina dipiceun. Goréng jéngkol nu digejos
karasana leuwih pulen.
- Dikéré atawa ngéré atawa didéngdéng, sabenerna ngéré mah lain cara olah-olah, tapi leuwih ka
cara ngawétkeun dahareun ku jalan dipoé ku mentrangna panas panonpoé, upamana ngéré belut, ngéré mujaér, biasana belut
atawa mujaér diberesihan heula (dipiceun jeroanana) tuluy dibeulah teu nepi ka parat dicampuran samara
saperti uyah gula jeung sok ditambahan ku katuncar.
- Dipindang atawa mindang, ngasakan ku cara
diungkeb bari sambaraan nepi ka karasa uyah gulana, biasana nu dipindang téh lauk
cai, kayaning lauk emas atawa nu séjénna. Laukna diéntép
sabeuleugeunjeurna, sangkan ulah rapet antara lauk jeung lauk sok ditilaman ku
daun cau, ari dina dadasarna panci atawa pendil sok didadasaran ku sapu paré, ambéh teu
tutung kana laukna.
Keur
kaolahan amis-amis, biasana ku cara :
- Dikolek atawa ngolek, bahanna aya cau,
alusna cau nangka atawa cau tanduk, cau dipotongan tuluy diabruskeun kana cai
nu geus digulaan dicampur cipati saeutik, ambéh karasa seungit ditambahan ku
daun pandan. Caina teu uwar awer teuing. Aya deui nu ngolek cau téh teu
maké loba cai, tapi cauna siga digulah-galéh
jeung entén.
- Didodol, nu dijieun dodol biasana tipung béas
ketan dicampur jeung bubuahan nu geus dilemeskeun samisal nangka atawa kadu,
digulaan sacukupna. Contona dodol Garut nu geus kawentar. Dodol kalan-kalan
disebut ladu.
- Dikalua, umumna nu dikalua mah kulit
jeruk gedé, carana kulit jeruk dipotongan kira-kira sagedé
indung leungeun, tuluy dikumbah maké cai apu meunang sababaraha
balikan ambéh beresih jeung teu karasa pait. Tuluy diabruskeun kana
godogan cai gula digulah galéh nepi ka rada garing. Aya deui
kalua suuk, suuk beunang nyangray digulah galéh dina cai gula, tuluy ditiiskeun
kira gedena sarubak tilu ramo, suukna ting perentul. Kalua suuk rajeun disebut
noga.
Lamun ditengetan cara popolah téh aya nu langsung antel kana
seuneu, samisal dibeuleum, cara kitu téh bisa disebut cara nu alami
(natur). Sedengkeun dipanggang jeung dibubuy antara seuneu jeung barang nu
diasakan aya media hahalangna, dipanggang mah ku hawa panas, ari dibubuy ku
lebu panas. Cara dipanggang jeung dibubuy geus aya unsur budaya (kultur). Kitu
deui nu dikulub, diseupan, diangeun,
dipindang jeung nu sejenna tangtu kudu
aya wadah salaku média antara seuneu jeung cai (keur ngulubna). Wadah ieu téh bisa
disebut hasil teknologi nyieun wawadahan, ku kituna teu salah ieu gé
mangrupa hasil kabudayaan. Lamun nengetan hasil kaolahan, sanggeus asak,
hasilna gé aya nu tetep natur jeung aya nu kultur. Upamana kulub
hui atawa kulub sampeu hasilna tetep alami (natur), tapi lamun diangeun bisa
jadi kaasup kultur, lantaran geus katambahan ku sambara, nu bisa dirobah-robah
naha hayang rada amis atawa hayang rada asin atawa rada haseum (siga angeun
haseum). Anu kudu ditengetan deui kumaha cara ngidangkeunana jeung cara
daharna. Cara ngidangkeunana, upamana pais lauk, apan sok dibuka heula daun cau
pamungkusna, dibukana tara kabéh tapi ukur disuaykeun asal
kaciri laukna, daun cau nu jadi bungkus sok sakalian jadi dadampar lauk dina
piring atawa jahas. Mun angeun sok diparinkeun heula tina wadah ngageun kana
wadah séjén nu dianggap leuwih alus
diasongkeun kana pasamoan. Ari cara ngadaharna biasana mah babarengan
sakulawarga bari ngampar di tengah imah atawa ngariung deukeut hawu di dapur. Ngahuapkeunana langsung ku leungeun, arang
langka maké séndok, mun nguah keur ngahuapkeunana
cukup maké suru (séséndokan tina sesebitan daun cau
atawa tina daun kawung). Karesepna dahar dibarengan jeung lalab rumbah nu atah
kénéh bari nyocol sambel goang atawa
sambel medok.
Waktu ogé mangaruhan kana barangdahar, istilah nyaneut, upamana,
remen dipaké keur barangdahar isuk-suk, tapi nu didaharna ngan
sakadarna, upamana bubuy sampeu jeung cai panas. Nyaneut sabenerna tina kecap
haneut atawa cai haneut, hartina ngahaneutan beuteung ku jalan nginum cai
haneut ditambah ku kadaharan séjén, nu sipatna ngan sakadar
ngabanjel méméh dahar beurang. Kecap séjén nyaéta
mumuluk, dina kamus basa Sunda Danadibrata, mumuluk dihartikeun barangdahar
sangu saeutik isuk-isuk. Kecap séjén nu saharti jeung mumuluk nyaéta
sasarap. Sasarap asalna tina kecap sarap, hartina daun cau atawa daun naon baé keur
dadampar dina wawadahan, upamana ngadadamparan boboko ku daun cau sangkan réméh teu
narapel kana boboko babari dikumbahna.
Aya kabiasaan urang padésaan (rural) dahar nu nepi ka
seubeuh téh ngan ukur dua kali, nyaéta dina waktu pecat sawed (antara
tabuh sapuluh jeung sabelas) tuluy pasosoré dina waktu tunggang gunung
(antara tabuh opat), peuting mah tara dahar. Mun karasa hayang barangdahar
antara waktu pecat sawed jeung tunggang
gunung, aya istilah ngopi (najan can tangtu nu diinumna cai kopi) nyaéta
barangdahar cangkorang bongkang atawa hahampangan, barangdahar ngan ukur keur
ngabanjel eusi beuteung ulah nepi ka ngarasa lapar teuing, saperti kulub hui,
seupan sampeu atawa amis-amis.
Bisa
jadi barangdahar di daerah rural rada beda jeung nu hirup di kota (urban) nu
geus kapangurhan ku pola hirup modern, di kota mah dahar teh sok tilu kali,
isuk-isuk, tengah poé jeung awal peuting (wanci sareureuh gaang).
RUPA RUPA NGARAN KAOLAHAN
Dina buku Rusdi Jeung Misnem I, kaca 95,
Misnem nyieun kaolahan tina daun taleus, carana daun taleus
diasupkeun kana ruas awi. Daun taleus meunang naruk diasupkeun kana ruas awi,
tuluy dicaian jeung disambaraan maké uyah, kunci, cabé, bawang jeung katumbar (katuncar?). Ruas
awi ditangreukeun deukeut durukan , geus caina ngagolak, ruas awi dirorojok
supaya jadi lempur jeung asakna rata. Buku Rusdi Jeung Misnem téh aya nu
nyebutkeun mimiti medal taun 1911 (dina bukuna teu ditulis taun medalna),
beunang ngarang A.C.Deenik jeung R.Djajadireja. Dina buku Rusdi Jeung Misnem,
loba ngagambarkeun kahirupan urang Sunda luyu jeung jamanna malah dina
Ensiklopedi Sunda (2000) mah disebutkeun loba bagian tina buku Rusdi Jeung
Misnem keur bahan ulikeun sosial kamasyarakatan. Diantarana aya rupa-rupa
masakan atawa kaolahan, najan teu kabeh nyebutkeun kumaha prak ngolahna salah
sahijina kaolahan nyaéta nyieun loto nu disebutkeun di luhur.
Taun 1951 Balai Pustaka medalkeun buku
Masakan Jeung Amis-amis citakan ka opat, cék dina panganteurna disebutkeun yén buku ieu téh mimiti medal
taun 1934, nepi ka medal citakan ka tilu, kulantaran kaayaan harénghéng pédah ayana perang
dunya ka dua, pleng wéh teu medal citakan ka opatna, kakara medal
deui taun 1951. Dina ieu buku ditulis
rupa-rupa ngaran kaolahan, mun diitung aya kana 365 resép kaolahan, éta teh geus kaasup masakan Cina jeung masakan Éropa. Mun dikurangan ku resép masakan Cina (26 resép) jeung masakan Eropa (28 resép), jumlah jamléh masakan Sunda aya 311 resép (Dina ieu buku
teu togmol nyebutkeun kaolahan Sunda, ngan basana basa Sunda jeung mun nilik kana bahan-bahanna mah sigana
lolobana masakan Sunda). Kaitung euyeub, jeung deuih dilengkepan ku cara
masakna.
Geus disebutkeun di luhur yén catetan
pangkolotna nu nyebut ngaran rupa kaolahan nyaéta dina SSK jeung dina SSC, ieu dicutat sagemblengna boh tina SSK boh
tiba SSC.
Tina
SSK :
“Sa(r)wa lwir[a] ning oolahan
ma : nyupar nyapir, rara ma(n)di, nyocobek, nyopong koneng, nyanglarkeun, nyarengseng,
nyeuseungit, nyayang ku pedes, beubeuleuman, panggangan, kakasian, hahanyangan,
rarameusan, diruruum amis amis; sing sawatek kaolahan hareup catra tanya”.
(Sagala rupa kaolahan saperti :
nyupar-nyapir, rara mandi, nyocobék, nyopong konéng, nyanglarkeun, nyaréngséng, nyeuseungit,
nyayang ku pedes, beubeuleuman, panggangan, kakasian, hahanyangan, rarameusan,
diruruum amis amis; sagala rupa kaolahan tanyakeun ka hareup catra/ juru
masak).
1. Nyupar-nyapir
(teu kapanggih naon nu sabenerna) bias jadi asal kecapna sarua hartina jeung
cewir, ngadudutan laleutik, upamana daging hayam didudutan laleutik
sacewir-sacewir, naha rék dijieun sawud atawa keur nambahan dina
angeun atawa dina kaolahan séjén, siga dina bubur hayam mangsa kiwari
rajeun sok dipurulukan ku daging hayam sacewir-sacewir.
2. Raramandi, rara téh hartina awéwé nu ngora kénéh sakapeung sok disebut putri. Nu kapanggih
aya kaolahan amis-amis, ngaranna putrimandi,
bahanna tina adonan tipung ketan, dibuleud-buleud tuluy dikulub nepi ka asak
ditambah ku kinca nu geus dicampur ku
cipati. Ku kituna
bisa jadi nu dimaksud raramandi téh sarua jeung putrimandi. Nu matak hemeng dina SSC aya kaolahan
disebut sisitna (sisist kancra?) diraramandi. Sisit kancra mah lain keur
kaolahan amis-amis tapi keur deungeun sangu.
3. Nyocobék, dina basa
Sunda mah cobék téh lain cowét, tapi ngaran kaolahan. Jaman béh dieu mah nyobék téh beuleum lauk
nu geus asak dicampur jeung samara (biasana parudan jahé atawa siksikan jahé) ditambah cikur, gula jeung uyah nu geus
diréndos, mun karasana hayang lada pisan ditambah ku céngék. Salian ti
beuleum lauk nu sok dicobék téh jantung cau manggala atawa jantung cau
kolé, jantung dibubuy, nepi ka asak, dipiceun nu liatna, tuluy disewiran
laleutik, dicampur jeung samara saperti cobék lauk.
4. Nyopong
konéng (teu kapanggih nu sabenerna), bisa jadi angeun lompong (daun taleus
jeung gagangna nu ngora kénéh) samarana maké konéng temen diréndos nu rada loba, nepi ka warna caina konéng.
5.
Nyanglarkeun
sarua jeung nyangray.
6. Nyaréngséng, kecap asalna
tina saréngséng, hartina sora sahéng ditambah ting
beletok lalaunan (kamus Sunda Danadibrata), dina nyieun kaolahan mah méh sarua jeung
ditumis atawa dikérécék.
7. Nyeuseungit,
sigana mah lain kaolahan tapi panambah kana kaolahan sangkan beuki seungit ku
jalan nambahan samara
8. Nyayang
ku pedes, pedes dina basa Sunda mah sarua jeung merica atawa lada dina basa
Indoensia, tapi sigana pedes di dieu mah sarua jeung lada (Indoensia : pedas).
Ku kituna nyayang ku pedes bisa jadi sarua jeung ase atawa tumis cabe hejo
lonjoran.
Nyambung ka bagian ka 2
(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No.2526 7-13 Mei 2015)
No comments:
Post a Comment