31 August 2008

WORKSHOP ATHENAEUM LIGHT 8.5

Basa poe Saptu tanggal 30 Agustus 2008, kuring ngiluan workshop program keur perpustakaan Athenaeum Light 8.5. Resep loba kawawuhan anyar. Sok sanajan teu pati lila wawawuhan teh ngan ukur sapoe bari jeung teu pati uah aeh lantaran katungkulkeun ku ngoprek program.
Tempatna di SD Gagasceria Jalan Malabar Bandung.
Enya karasa mangpaatna make program komputer keur perpustakaan teh, sanajan buku di kuring teu loba teuing, masih bisa katanganan ngan ukur ku ingetan. Tapi pan teu bisa kitu kudu aya ngaronjatna. Eta ge samemehna geus make program Small Library Deluxe. Dibanding-banding Athenaeum masih keneh onjoy dina tampilan, teu karasa kuno. Ngan hanjakalna teh lamun hayang ngarobah tampilan kudu make program Filemaker, sedengkeun program siga kitu kaasup mahal mun meuli nu orisinil.

2 comments:

Anonymous said...

wilujeng enjing nepangkeun abdi salah sawios peserta athenaeum light oge.

RUMAH BACA BUKU SUNDA said...

Kanggo Kaze_81, hatur nuhun parantos kersa sumping ningalian blog sim kuring.