05 August 2008

URANG SUNDA JEUNG BANK

Laporan : MAMAT SASMITA

SAWALA matuh Pusat Studi Sunda (PSS), nu diayakeun 11 Juli 2008 di Gedung Indonesia Menggugat, Bandung, ngangkat jejer ngeunaan paripolah ekonomi urang Sunda, babakuna dina widang bang perbangan. Nu jadi panyaturna duaan: Busye Darma Setiawan (BD), pagawe Bank Mandiri, jeung Hetifah Sj. Siswanda (HS), konsultan ti B-Trust, lembaga swadaya masarakat nu remen icikibung dina kahirupan masarakat di Tatar Sunda.

Watek Konsumtif, teu Produktif

Geus jadi kacapangan yen urang Sunda man someah hade ka semah. Watek kawas kitu mindeng dimangpaatkeun ku para sales girl atawa saha bae nu nanawarkeun barang dagangan kalawan keketrok, door to door. Naon bae nu ditawarkeun remen dibeuli, boh sacara kontan boh dikiridit.
Saenyana, watek kawas kitu teh aya alusna upama dipake balantik. Ari ku jalan someah mah asa piraku masarkeun produk tepi ka hese hasil. Orokaya, upama dipatalikeun kana paripolah konsumen mah watek kawas kitu teh teu pamohalan kalah nembongkeun yen masarakat Sunda teh konsumtif.
Pajar urang Sunda man teu produktif, utamana dina widang ekonomi. Boa teu loba urang Sunda nu jadi jugala. Cenah, rek jadi jugala kumaha da urang Sunda mah katembongna teu pati wani nanggung risiko. Sikepna deukeut deukeut kana siger tengah, teu resep eekstriman. Nu dipalar herang caina beunang laukna.
Boa alatan kitu, di urang rea pagawe pabrik, upamana, nu asalna lain ti wewengkon deukeut pabrik. Eta, cenah, urang Sunda mah mindeng teu asup, bari jeung loba alesanana nu sipatna ngangles. Geus puguh tina perkara waktu mah sipatna polikronik, kacida pisan logorna, tepi ka disiplin waktu teh teu jadi ukuran. Padahal keur bisnis mah ugeran waktu teh kacida pentingna.
Pamustunganana rada nyelekit: pajar urang Sunda mah etos kerjana goreng. Tah, eta alesan­ana nu matak ayeuna hayang nyaho, kumaha saenyana an paripolah urang Sunda dina widang ekonomi? Sangkan teu lega teuing ambahanana, ngahaja museurkeun perhatian kana widang perbangan.

Kiridit Macet

Dihenteu-henteu ge, dunya perbangan ge bisa mere gambaran tina perkara sikep urang Sunda dina widang ekonomi. Paling copelna, nasabah bang di Tatar Sunda tanwande rea nu kagolongkeun urang Sunda. Tina widang perbangan baris kaciri produktif atawa konsumtifna urang Sunda, utamana dina ngokolakeun modal. Naha rea, upa-mana bae, urang Sunda nu kalibet dina kiridit macet?
BD mere gambaran yen dina ngalayanan nasabah, utamana nu rek nginjeum duit, bang boga aturan nu geus jinek, antarana nimbang-nimbang heula karakter calon nasabah. Carana teu subjektif, upamana kalawan ningali seke selerna, tapi objektif. Upa­mana bae, nu ditimbang-timbang teh naha samemehna calon nasa­bah teh kungsi jadi nasabah bang, kungsi nginjeum duit ka bang, naha mayarna lancar atawa henteu, jste.
Najan teu jentre ngagambarkeun karakter nasabah tumali kana selerna, tapi data nasabah bang nu dibagi sacara regional, kaasup data di Jawa Barat, puguh we penting. Orokaya, data nasa­bah bang mah kapan teu bisa diuar-uar. Dijaga rikip pisan. Tapi, paling copelna, urang bisa ngalelebah dumasar kana gurat badagna bae.
Tina gambaran umum ngeu-naan kiridit pengusaha mikro, kaayaan di Jawa Barat mah cenah kawilang alus. Kiridit macetna rata-rata ngan satengahna tina kiridit macet nasional. Har-tina, di Jawa Barat mah ukur saeutik kiridit nu macet. Kitu nu kagambar tina pedaran BD.
Ngan basa eta gambaran dibanding-banding jeung gambaran nu ditepikeun ku HS, nyaeta ngeunaan kiridit usaha tani, asa rada pagedrug. Sabab, cek HS, dina hal eta mah kapanggih yen di Jawa Barat rea kiridit nu macet. Tangtu, karakter tukang tani nu nyarokot kiridit usaha tani aya bedana upama dibandingkeun jeung ka­rakter tukang usaha nu nyarokot kiridit usaha mikro. Bedana ten lain bae tumali kana wanda usahana, tapi deuih kana kasang tukang kahirupan masarakatna.
Ongkoh, sakumaha nu kagambar tina pedaran BD jeung HS, karakter pangeusi Tatar Sunda teh rupa-rupa. Upamana bae, masarakat Pantura beda jeung masarakat Priangan Wetan, kitu deui masarakat di wewengkon Bogor.
Tumali kana anggapan yen urang Sunda kacirina konsumtif, BD nyebutkeun yen upama ditilik tina pangalaman di bang jeung angka PDRB (Pendapatan Domestik Regional Bruto} me-mang enya cenah masarakat Sunda ten kaitung konsumtif. Numutkeun BD, sikep konsumtif teh bakal goreng kasebutna mun teu ngijir kana kamampuh atawa penghasilan. Sikep kawas kitu sarua jeung teu produktif.
Kitu deui HS mere gambaran yen masarakat Sunda, pangpangna di kota Bandung, memang kasebut konsumtif. Tapi cenah masarakat Bandung man kaitung kreatif deuih. Buktina, Bandung dijieun conto tina perkara nguniangna industri kreatif, anu meunang pangrojong tur supervisi ti Inggris.
Basa gambaran kawas kitu dipakaitkeun kana masalah etos kerja, men kabeh nu milu sawala boga anggapan yen urang Sunda man etos kerjana kaitung kurang.
HS mere conto tina kaayaan pedagang kaki lima (PKL). Najan tempat daragangna di pasisian, geuning lolobana PKL teh lain urang Sunda. Jeung enyana. Geura we jugjug pasar dadakan nu sok rame ari poe pere. Di Gasibu, upamana, isuk-isuk poe Minggu, pan sakitu ngaleuyana nu daragang, tapi urang Sundana mah ka-cirina ukur hiji dua.
Ari nu baralanjana mah tangtu we lolobana urang Sunda. Moal boa ieu gambaran nguatkeun anggapan yen urang Sunda teh konsumtif. Tapi bisa jadi ieu gambaran teh sacara teu langsung nuduhkeun hal sejen, upamana kurangna akses urang Sunda kana sumber sumber dana, sumber barang jualeun. Eta teh can kajawab kalawan pasti, memang kudu ditalungtik leuwih jero.
Cek tinimbangan BD, urang Sunda mah sigana leuwih cocog jadi ahli promosi atawa jadi nu ngokolakeun customer service. Sabab, dina eta widang tetela diperlukeun sikep santun. Malah mah, cek BD, urang Sunda mah sigana cocog upama digawe di bang. Ongkoh deuih loba urang Sunda nu nyekel posisi strategis di widang perbangan nasional.
Basa eta gagasan dipatalikeun kana etos kerja nu cenah kurang hade tea, BD jeung HS sasatna saluyu yen ajen atikan nu kudu jadi jawabanana. Atikan di dieu ngandung harti nu leuwih jembar: lain bae atikan formal tapi deuih atikan non-formal cara sawala atau riungan lianna nu ngabahas rupaning widang. Eta nu kudu digedurkeun.
Nu perlu dibahas teh lain bae masalah budaya, basa atawa kasenian Sunda, tapi deuih ekonomi, pulitik jeung sikep moral urang Sunda. Susuganan we urang Sunda teh teu ceehan, tapi boga sikep kompetitif tur ulet digawe. HS mere conto yen para pagawe pabrik di Tatar Sunda kacirina leuwih tengtrem batan pagawe pabrik di wewengkon sejen, najan kalan-kaJan hakna teu pati katedunan. Ari di wewengkon sejen mah para pagawe teh katembongna leuwih giat merjuangkeun hakna kalawan toh-tohan, najan cek paribasana kudu demontrasi unggal poe ge.

Kacindekanana

Ieu sawala rea ngaguar kakurang urang Sunda dina widang ekonomi jeung produktivitas—bari rada nyabit-nyabit kapunjulna. Pangna ngaguar kakurangna malahmandar bisa ngageuing, babakuna enggoning nyanghareupan kahirupan nu beuki kompetitif. Dina urusan nyikepan waktu, upamana, mudah-mudahan teu logor teuing, tapi enya-enya ngahargaan waktu, alias tepat waktu (monokronik). Komo dina dunya bisnis mah waktu teh sok jadi ugeran, tur jadi cecekelan keur kasuksesan. Aya saran supaya sawala teh jejerna beuki dilegaan, lain bae ngawengku masalah budaya, tapi deuih ngawengku widang kagiatan lianna kayaning ekonomi jeung pulitik

(Laporan ieu dimuat dina Majalah Bulanan Basa Sunda Cupumanik No. 61 Agustus 2008)


No comments: