25 August 2008

BAHAYA TI LANGIT.

Ku : MAMAT SASMITA

Saratus taun nu geus kaliwat nyaeta dina tanggal 30 Juni 1908, isuk-isuk kira-kira tabuh 7.14, aya kajadian aheng, aya sora bitu nu ngageleger kacida rongkahna di hiji wewengkon Siberia Rusia. Disebut kacida rongkah sabab akibatna ngancurkeun kurang leuwih radius 80 km, tatangkalan ge nepi ka puluhan juta anu rubuh tur semu tutung. Ngan untungna lain ditempat anu loba pangeusina, nepi ka korban manusa mah kawilang teu siginifikan lamun dibandingkeun jeung bituna anu sakitu rohakana. Ceuk sababaraha ahli nyebutkeun nu ngageleger bitu teh kajadianana kurang leuwih sapuluh kilometer di luhureun beungeut taneuh. Lamun dibandingkeun jeung bom atom anu diragragkeun di Hirosima jeung Nagasaki di Jepang basa Perang Dunya II mah meh sarebu kalieun kakuatanana. Salian ti ngahuru beungeut taneuh ditambah bari jeung ayana lini anu meh 5 skala Richter.

Bisa kagambar kumaha ancur leburna lamun seug eta kajadian saratus taun kaliwat teh dina mangsa kiwari heug di daerah nu loba pangeusina. Meureun bakal loba pisan jalma nu jadi korban. Bulan Juni 2008 nu geus kaliwat diayakeun paringetan saratus taun kajadian di Tunguska. Tunguska ngalap ngaran hiji walungan didaerah kajadian bitu nu rohaka.

Nepi ka kiwari kajadian Tunguska teh masih keneh jadi bahan panalungtikan sabab para ahli siga anu teu sapuk naon anu nyababkeun ayana bitu kitu. Aya nu nyebutkeun eta teh akibat tina meteor raksasa atawa asteroid, ngan nu matak hemeng bet euweuh sesa meteorna boh lebuna boh batuna kitu deui tapak lacak lebu (partikel) tina komet. Malahan aya nu ngabade eta teh lantaran aya lianghideung (blackhole) anu kasasar asup kana asmosfir dunya, mimiti asup ti beulah kaler kidul nu mubus bumi terus bijil ti laut Atlantik beulah kaler nu antukna ngabeledug bitu deukeut Tunguska.

Kajadian siga kitu, ragragna material langit lain bae ngan saukur di Tunguska, tapi mindeng kajadian, ngan lolobana leutik nu akibatna teu matak ngaruksak langsung. Lain deui kajadian di Yukatan di jojontor Meksiko, kurang leuwih 65 juta taun nu geus kaliwat. Ukuran asteroid nu ragrag ka dunya kawilang gede meh sapuluh kilometer pasagi. Akibat tina tubrukan teh nepika nyieun kawah legana ampir salega Jawa Barat. Lambak raksasa ti laut Karibia ngababet ka darat lir kajadian tsunami anu mokaha, kitu deui nimbulkeun lebu ka asmosfir nu kacida luhurna. Energi bituna lamun disaruakeun jeung bom nuklir nepi ka miliaran kali. Lebu nu mancawura ka langit nepi ka nutupan dunya, cahaya panon poe teu bisa asup, nya ieu nu disebut “impact winter” atawa usum tiris akibat tumbukan. Ieu salah sahiji kajadian nu cek teori mah nepi ka ngamusnahkeun dinosaurus jeung mahluk hriup sejen di dunya.

Naha kahareup bakal aya kajadian deui samodel kitu? Wallohu’alam, anging Alloh nu Maha Uninga nu nangtoskeun sagala rupi perkara kajadian di alam semesta. Ngan nu mangsa kiwari keur ditelek-telek tur terus diawaskeun nyaeta asteroid Apophis. Harita teh tanggal 18 Juni 2004 di Observatorium Nasional Kitt Park Arizona, David Tholen ti Universitas Hawaii keur nelek-nelek monitor babarengan jeung sababaraha baladna. Aya citra (gambar) semu bodas ti langit peteng, posisina robah robah unggal sababaraha menit. Tuluy inyana ngalaporkeun hasil nimu eta gambar ka International Astronomical Union bagian Minor Planet Centre, puseur nu ngumpulkeun data asteroid jeung komet. Saterusna eta asteroid teh dingaranan MN4 sok disebut Apophis, nyokot ngaran dewa nu ngarusak tina carita Mesir kuno. Sabenerna mah gedena teu gede-gede teuing aya sababaraha sumber anu nyebutkeun cenah nepi ka 1320 feet atawa kurang leuwih 402 meter, tapi ari dina majalah National Geographic Indonesia bulan Agustus 2008 mah nyebutkeun 274 meter. Anu ngabahaykeun teh dina bulan April 2029 eta asteroid teh bakal asup kana orbit dunya, malah lamun diukur ku Torino Skala mah nepi ka skala 2, hartina eta benda langit teh kudu terus ditengetan bisi enya nabrak dunya. Sabab salila ieu can aya benda langit anu skalana nepi ka 2 nu kaitung bakal ngarusak dina harti bakal nambrak bumi. Sanajan diprediksi dina taun 2029 teu nambrak bumi, Apophis bakal balik deui dina taun 2036, tur bakal leuwih ngabahayakeun, sabab kungsi meunang gaya tarik bumi dina taun 2029. Perbandinganana 1 banding 45.000 bakal nambrak bumi. Malah aya itungan ti murid sakola SMP di Jerman ngaranna Nico Marquardt nu ngoreksi hasil itungan ti NASA (National Aeronautics and Space Administration) nyebutkeun lain 1 : 45.000, tapi 1 : 450. Ieu itungan budak SMP teh teu dibantah ku NASA.

Sanajan gedena Apophis teh teu sagede asteroid nu kungsi ragrag ka dunya 65 juta taun nu geus kaliwat nu nepi ka ngamusnahkeun dinosaurus, tapi akibatna tetep bakal ngaruksak saheunteuna kota sagede kota metropolitan mah bakal ancur lebur, malahan aya nu nyebutkeun bakal ngancurkeun salega Jawa Barat. Bakal dimana ragragna Apophis? Can bisa diteguh kalawan pasti. Sok sanajan aya nu nyebutkeun ragragna bakal di sabudeureun Laut Atlantik, bakal nyiptakeun seuneu nu ngandung iridium gedena kurang eluwih 320 m, beurat 200 milyar ton ngajelegurna bakal 98.000 kali bom atom Nagasaki Hirosima. Lamun didarat bakal ngaruksak sababaraha nagara nu pasti bakal loba korban, kitu deui lamun ragrag di laut bakal aya tsunami nu kacida rongkahna. Akibat sejen tangtu bakal ngarobah sistem ekologi kaasup robahna iklim global. Apophis bakal jadi ujian nu munggaran pikeun kapinteran kolektif manusa dina nyingkahan bahla nu bakal kaalaman. Dina dekade nu bakal datang tangtu kudu aya tarekah diplomasi ti unggal bangsa, lain bae diplomasi pikeun nangtukeun saha nu bakal ngaluluguan misi nyalametkeun dunya tina ragragna benda langit nu ngaruksak tapi deuih kudu nu bisa ngaluluguan secara teknologi. Lamun tea secara teknologi eta asteroid bisa digeser lintasan orbitna sangkan teu nambrak ka bumi, kacida alusna. Tapi lamun tetep bakal nabrak bumi, kudu dimana muragna, naha di darat atawa di laut. Lamun di darat beulah mana atawa dinagara mana kitu deui lamun dilaut. Tangtuna sakabeh nagara bakal embung keuna musibah. Teu aya deui jalan iwal ti ngadu’a ka Alloh Swt sangkan urang sadayana dileupaskeun tina sagala marabahaya. Amin

Wallohua’lam.

(dikumpulkeun tina sababaraha sumber)
MAMAT SASMITA
Nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda.

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No.2183 Agustus 2008)

No comments: