15 December 2007

TAMU JEUNG NGOBROL SABULANGBENTOR

Enya, aya genahna keur kuring mah anu geus teu boga pagawean anu maneuh, sapopoe ngan ukur ulukutek diimah, kalan-kalan kurunyung “tamu”.
Minggu ieu diimah teh aya tukang ngecet, da kabeneran ningali cet imah geus rada bulukan, atuh dina saminggu mah diimah teh ngawangkong jeung tukang cet, sanggeus sababaraha poe digawe tukang cet teh isuk-isuk memeh prak digawe nanya, ceuk inyana eta katingalna sok aya bae tamu, sareng sok uplek ngobrol, eta teh bade naon..?.
Atuh kuring nerangkeun yen eta tamu teh anu nareangan buku buku basa Sunda atawa buku buku ngeunaan Sunda. Ceuk manehna deui……euh manawi teh aya kaperyogian naon we anu sanes….., kuring rada kerung nampa jawaban kitu, terus diseleksek, ari breh teh panyangka manehna kuring teh jadi tempat pananyaan hal-hal kahirupan,….atuh kuring rada ngagakgak, ceuk kuring naha disangka paranormal atawa dukun kitu..?. Tukang cet teh seuri bari jeung unggeuk. Dina hate kuring melengek baruk nepi ka disangka kitu..?.
Tamu teh enya rupa-rupa anu datang, ti barudak sakola nepi ka anu kolot geus kundang iteuk,tujuanana mah apan geus jelas hayang maca buku basa Sunda atawa buku ngeunaan Sunda. Eta cenah osok ngobrol uplek apan eta mah bagian tina silaturahim, wawanohan tur silih kanyahokeun.

Geura urang nyokot we tiluan tamu keur conto mah, kahiji Pa Andi, dedeganana rada pendek bayuhyuh, urang Rancaekek, mindeng ulin ka kuring teh pangpangna neangan buku bag-bagan agama dina basa Sunda, pedah anjeuna sok ngajar di Diklat Pos, majarkeun hayang nyonto-nyontokeun dina kahirupan urang Sunda anu saluyu jeung agama. Buku kieu teh keur kuring mah saeutik, maksud teh anu togmol asup kana bag-bagan agama, tapi kapan kabeh carita oge anu dina basa Sunda dasarna mah apan saluyu jeung agama. Lamun majalah iwal ti Langlangmitra anu dasarna agama Kristen. Jadi rek kerewek kana buku basa Sunda naon oge eta tangtu aya hubunganana sok sanajan teu langsung jeung agama Islam. Rek bacaeun barudak, rek novel, kumpulan carpon, wawacan atawa carita pantunna oge. Tah didinya sok uplekna ngobrol teh. Jeung ongkoh deuih Pa Andi teh nurutan muka Rumah Baca diimahna, ti mimiti ngan ukur puluhan buku ayeuna mah geus aya kana sarebu leuwih buku, eta buku buku teh lolobana sumbangan ti papada tatanggana. Jadi ngobrol teh silih simbeuhan pangalaman ngarumat Rumah Baca.

Tamu kadua nyaeta Kang Adi Raksanagara, tah nu ieu mah munggaran ulin ka kuring, ka Rumah Baca, datangna bada lohor. Dedeganana jangkung rada begang, can kolot-kolot teuing ceuk taksiran umurna aya kana 40 taun.
Barang datang teh langsung ningalian buku buku basa Sunda, terus nanya aya henteu buku Sunda anu bisa mere inspirasi keur kompetisi, utamana dina wangun panalungtikan. Puguh we kuring rada pungak pinguk ditanya kitu mah, terus nanya deui buku anu aya pakaitna jeung usaha tina falsapah Sunda, kadenge kitu ge tetep kuring hulang huleng. Kudu buku naon anu diasongkeun.
Tungtungna ngobrol sabulangbentor, geuning inyana teh pimpinan tabloid Bobotoh, ningali ngaranna nu make Raksanagara nya kuring nanya hubunganana jeung Ami Raksanagara garwana Pa Yus Rusyana, ari pek teh Ibu Ami teh lanceukna, kitu deui jeung istrina Pa Ahmad Rustandi. Paingan atuh mani norolang nyaritakeun perkara Sunda, da geuning aya teureuh tidituna.
Ngobrol nepi ka bada magrib, bari jeung teu disuguhan ngan ukur cai herang we tamba garingeun tikoro.
Maksudna neangan buku buku kitu teh pedah rek mere motivasi ka para pegiat kreatif di sabudeureun Suci, ka tukang kaos. Kahayang inyana kreatifitas anu basisna budaya setempat, tah ngompa eta sumanget neangan buku buku keur mere conto. Ku kuring dicoba dibere buku Bujangga Manik, Siksa Kandang Karesian, atuh teu kaliwat Pandangan Hidup orang Sunda, tapi kitu geuning teu payu keur inyanana mah. Tapi aya hiji buku anu diinjeum nyaeta Kabudayaan Sunda Edi S Ekajati.
Jadi enya geuning can aya buku anu ngabahas elmu ekonomi tina jihad ugeran hirup manusa Sunda, can aya buku ragam hias Sunda, can aya buku Estetika Sunda, can aya buku elmu komunikasi anu dadasarna budaya Sunda. Ceuk kuring ka Kang Adi, hampura nun, kuring can boga bukuna, maksud teh can ngoleksi bukuna. ( tapi aya teu nya bukuna..?).
Inyana ge nyaritakeun hal Bobotoh Persib, cenah inyana kungsi ngobrol jeung jalma ti Balai Bahasa, terus inyana ngusulkeun supaya kecap bobotoh diasupkeun kana KBBI lantaran ieu teh tarjamah tina kecap asing suporter, lamun kecap bobotoh asup kana KBBI rek meuncit hayam. Tujuanana nyieun tabloid Bobotoh sangkan para bobotoh teh jadi nyakola tur nyunda, atuh ka Persibna sangkan maen alus, keun ari soal eleh jeung meunang mah lain hal eta mah. Ceuk inyana ngan Persib anu bisa ngahijikeun jelema nepi ka puluhan rebu bari jeung kabeh ngomong Sunda. Kitu tah nyaritakeun tamu anu kadua. Aeh aya nu kaliwat ceuk Kang Adi lamun diacak aksara INDONESIA teh sarua jeung INI SOENDA, he he kuring seuri heueuh we nya.

Tamu katilu tah nu ieu mah tamu maneuh, da geus rada mindeng ulin ka kuring, jelemana ngora keneh, dedeganana jangkung henteu pendek henteu, imbang we lah jeung awakna, teu lintuh teu begang. Nyaeta Kang Iip D Yahya, enyaan ngobrol jeung Kang Iip mah rada hese rek ngudagna, lantaran lumpatna tarik pisan, loba kamandangna hal Sunda. Ari ngaku dina tulisanana mah inyana sok ngaku pengamat pasantren, da enya hirupna lila di pasantren, kuliahna kungsi di IAIN ayeuna mah UIN tea. Sapopoe nya jadi penulis, budakna kakara hiji kakara umur opat taun, teu di asupkeun ka TK tapi ngayakeun home scholing, istrina dosen di STSI.
Ayeuna unggal ngobrol jeung Kang Iip pasti nyokona kana pikiran pikiran Oto Iskandar Dinata, sabab inyana keur nulis perkara Oto, hayang nulis buku Oto, ceuk inyana sabab buku anu aya ayeuna teu kabeh hal Oto kakemot, aya nu kaliwatna. Duka teuing palebah mana kaliwatna, ngan ceuk inyana loba pikiran-pikiran Oto anu sabenerna gede pisan hartina kana kamekaran Sunda harita. Sabab ceuk Oto lamun ngomong Sunda hartina ngomong Indonesia, lain bae keur kamajuan Sunda tapi keur kamajuan Indonesia.
Nyucruk pikiran pikiran Oto, kang Iip mindeng ngadekul di Pusnas, hanjakal sok beakeun bekel cenah, basa minggu kamari ge sarena di Kantor PN NU pedah aya kenalan didinya, mimitina mah nghubungi kang Kandar (kumincir) tapi kapan kang kandar kudu kilir ka Bandung.
Nyucrukna neangan tulisan Oto atawa warta ngeunaan Oto tina koran Supatahunan, ceuk Kang Iip neangan hal Oto teh sok kabengbat ku tulisan sejen, saperti Tajuk dina Sipatahunan, geuning cenah anu dipadurenyomkeun soal Sunda meh sarua jeung anu sok dipadurenyomkeun jaman kiwari. Ceuk Kang Iip naha bet teu anggeus-anggeus, sola kapamingpinan, kabanjiran kakurangan dahareun jste.
Kalan-kalan ngobrol jeung Kang Iip sok loba luak leokna, samisal nyaritakeun sajarah Sunda, Sunda teu kungsi diereh nepi ka jaman Pajajaran. Ku Majaphit anu majarkeun saIndonesia geus kaereh kapan Sunda mah henteu, tapi naha waktu ku Mataram bet bisa kajajah, naha..?. Naha Mataram boga naon harita, kucara kumaha bet pangaruhna masih aya keneh nepi ka ayeuna. Nu kudu ditalungtik naha Mataram harita make elmu naon, nepi ka Sunda awut-awutan. Atawa Sunda geus teu malire dirina, keuna supata ku Wastukancana pedah geus teu ngamumule kabuyutan.
Naon hartina kabuyutan didinya, ceuk rarasaan lamun ngan sakadar tempat heug disebut kabuyutan asa leutik teuing, sigana kabuyutan didinya dina harti ide, gagasan atawa naon..?
Balik deui ka Oto, lamun tea mah rek mere sesebutan Bapa Urang Sunda keur hiji inohong dina mangsa kiwari, lain mangsa bihari, mana anu pantes Oto, Juanda atawa saha..?
Lamun tea mah Oto, kumaha lamun nyieun Museum Oto Iskandar Dinata, asana urang Sunda can boga inohong anu kudu ditalungtik nepi ka bubuk leutikna utamana pikiran-pikiranana dina ngamajukeun Sunda (Oto teh anu mimiti ngajukeun dina Sidang BPUPKI sangkan Sukarno Hatta jadi Presiden tur Wakilna anu disatujuan ku balarea anu sidang harita, tapi tragis ahirna Oto aya nu nelasan).

Sakitu tah dongeng “tamu” teh, nulis kieu teh pedah we sok aya tamu ka imah, disangka weh kuring teh paranormal ku tukang nge-cet.

1 comment:

noe2n said...

untung we tukang nge cet teh wakca, pami henteu boa tk ngecet teh gujrud di lemburna, wireh di mw aya paranormal alias tukang ndukun, hehe...ngabring deh nu bade tatamba.