09 December 2007

ULIN KA KABUYUTAN CIBURUY.


Ku : MAMAT SASMITA

Basa poe Saptu 3 Nop 07, kuring ngilu ulin ka Kabuyutan Ciburuy Garut, ngilu ka rombongan ti PSS, samobil pinuh, karunya anu kuru we, kadempet. Merenyeng hayang ngilu, pedah eta loba kacaturkeun apan di Ciburuy Garut teh tempatna intelektual Sunda jaman bihari, nepi ka loba karyana dina wangun tulisan dina media daun lontar jeung nipah. Anu geus katalungtik nyaeta naskah Amanat ti Galunggung jeung Sewaka Darma. Hayang nyaho kumaha bungkeuleukanana naskah dina daun lontar di lingkungan aslina. Rombongan teh aya dalapan urang, kaasup Ceu Tien Wartini filolog ti Musium Sribaduga, malah Julian Millie ge ngilu, Julian antropolog ti Australi anu keur nalungtik perkara manakiban.
Ti Bandung miang meh tabuh satengah sapuluh da ngadagoan Kang Dhipa nu rek nyupiran kasarean. Resep di jalan teh ari sarombongan jeung jalma nu "balageur" mah, sagala dikomentaran. Palebah Cibatu kuring ngagereyem nyambat Kang Deni. Di Garut tepung jeung Kang Darpan, da Kang Darpan nu jadi tuduh jalan. Geuning jauh keneh ti Garut ge aya kana 23 km ka Ciburuy teh, palebah desa Pamalayan jalan rada netek tur jalanna leutik ukur asup samobileun.
Meh lohor kakara nepi ka anu dituju, kasampak panto gerbangna dikonci, atuh ngadagoan heula kuncen.
Komplek Kabuyutan Ciburuy legana ampir satengah hektar (5230 m2), dibagi dua tempat utama, nyaeta Patamon jeung Padaleman. Di Patamon (patamuan, tempat narima tamu) aya tilu bangunan, leuit, bale tamu, nu hiji deui mah disebut saung lisung, lisungna mah euweuh ngan didinya teh loba suluh.
Ari di Padaleman mah ngan aya hiji bangunan, ngan lamun rek kadinya ngaliwatan heula sekat rohang, ceuk kuncen mah eta teh nunjukeun hambalan keur nuju ka nepi ka tempat utama, bangunan Padaleman aya di tungtungna.
Rek asup ka komplek Ciburuy teu sagawayah kudu ijin heula ka kuncen. Malah dina poe Salasa jeung Kemis dipahing pisan, teu bisa narima tamu. Tamu anu kabaca dina buku tamu rupa-rupa pamaksudanana, aya nu nulis "maksud khusus" aya nu nulis neangan jodo, jste. Anu jadi kuncen ngora keneh, umurna kakara 27 taun, ceuk inyana jadi kuncen teh anu ka 124, turunan ti bapana.
Rombongan teh kabeneran bisa ningali naskah jeung parabot sejen kayaning kujang jago, peso pangot, seuseukeut tumbak, loceng, anu aneh naha bet aya gunting jeung rurumah (frame) kacapanon sagala. Gunting wangun tungtungna cagak tilu, rurumah kacapanon mah siga dijieun tina tanduk atawa batok (sigana ieu barang mah titinggal kabehdieunakeun, atawa titinggal kuncen da asa pamohalan jaman abad ka 16 aya kacapanon, kumaha lensana).
Anu matak prihatin, naskah teh dipetian bareng jeung parabot anu tadi, ngan naskah make heula kotak kai anu leuwih leutik, disebut koropak, tuluy dibulen ku lawon bodas, siga keur boeh. Petina aya tilu anu hiji leuwih gede, kurang leuwih ukuranana 70x50x50 cm, anu dua deui leuwih leutik, kira-kira 60x40x40. Peti nu leutik nu hiji deui geus koropok pisan, ceuk kuncen mah sok digorogot ku beurit. Beu kumaha lamun naskahna digegelan beurit. Naskah anu dibuka kamari ngan hiji, da cenah sabenerna mah teu meunang dibuka, ari dibukana sataun sakali dina bulan Muharam, sakalian diberesihan dina acara Seba.
Sarombongan teh abong kena lolobana tukang nulis, waktu ngobrol jeung kuncen teh ting kusiwel kana catetan, anu pogot ngawawancara Kang Hawe jeung Kang Deden Abdul Azis katut baladna, ari kang Dadan mah pogot kana motret malah hayang dipotret di hareupeun hawu sagala. Anu ripuh Kang Atep Kurnia lantaran hayeuh bae dipenta tulung motret anu keur ngagaya. kang Dipa loba reureuh, sigana cape tas nyupiran.
Ceu Tien loba nerangkeun wangun tulisan, disebutkeun dina kumpulan naskah teh aya nu make aksara Buda sagala. Julian mah ukur palahak polohok bari nyebut amazing amazing kitu.
Kudu aya upaya nyalametkeun naskah, lantaran eta naskah teu bisa dibawa kaluar ti Ciburuy atuh anu perlu teh nyieun peti anu wedel, tina jati dibulen ku aluminium supaya teu teurak digegel beurit. Kamari ge aya kasapukan rek ngusahakeun nyieun peti, sugan we cenah urang Sunda aya nu haateun keneh.
Bada Asar kakara mulang, di Garut nyimpang heula ka bumina Kang Darpan di Gordah. Tabuh lima sore mangprung ka Bandung, sakali deui palebah deukeut ka Cibatu ngagereyem deui ka Kang Deni Suwarja, hampura teu ngabejaan jeung teu kaburu nyimpang. Enyaan ngagereyemna kuring katampa ku Kang Deni da buktina basa Senen isuk-isuk nampa SMS neuteuli pedah teu ngajak jeung teu nyimpang. Hampura ah.
Tulisan ieu teh ku Kuring dikunclungkeun ka milis Kusnet, Alhamdulillah aya nu nyamber ngengklokan utamana hal peti anu koropok tea, nya aya nu udunan pikeun nyieun peti. Peti dijieun di Madiun, lain nanaon pedah aya kasanggupan ti Kang Ukas anu dumuk di Madiun, jeung deuih kaina tina jati jadi bakal awet, hargana teu mahal teuing.
Pertengahan Desember 2007 peti rek anggeus, sugan we bisa buru-buru kaganti, lebar bisi naskah kaburu digegelan beurit.

3 comments:

Anonymous said...

Selamat.. Semoga Rumah Baca Buku Sunda dapat bermanfaat bagi khalayak ramai.

Salam,

Anonymous said...

Salam Kenal,
Semoga rumah baca buku Sunda berguna bagi sesama.

Unknown said...

sangat bermanfaat, terutama materinya ... hebat euy.

Ngiring Kenalan kalih diantos di http://puyya.multiply.com

Punten oge mundut ijin bade nyopas potret kabuyutan. Hatur nuhun