11 August 2007

ULIN KA KELIMUTU

Ku Mamat Sasmita

Kelimutu perenahna aya di Pulo Flores Nusa Tenggara Timur, ari Pulo Flores dibagi jadi lima kabupaten (ieu teh dina taun 1994 awal) nyaeta Kab Manggarai, Kab Ngada, Kab Ende, Kab Sikka jeung Kab Flores Timur, aya beja cenah ayeuna mah geus aya pemekaran jadi genep kabupaten nyaeta Kab manggarai dibagi dua jadi kabupaten Manggarai Barat jeung Manggarai Timur.
Kelimutu asupna di kabupaten Ende, ibu kota kabupatenna nyaeta kota Ende, lamun di urang mah meh sarua jeung Majalaya. Ti kota Ende ka Kelimutu kira-kira 60 km kabeulah wetan. Dihandapeun Kelimutu aya kota leutik nyaeta Moni. Gunung Kelimutu teh jangkungna 1690 meter diluhureun beungeut laut. Hawana seger, mun keur usum halodo mah sok karasa leuwih tiris. Tempat meuting ayana di Moni, aya cotage laleutik tapi merenah jeung kaasup beresih, sahenteuna sabab Gunung Kelimutu tujuan wisata andelan keur kabupaten Ende mah.

Miang ti Ende teh isuk-isuk, nya kira-kira tabuh dalapan. Nganbring jeung sasama pagawe ti kantor Telkom, bareng jeung kulawargana. Anggangna ka Kelimutu ti Ende teh teu jauh teuing kira-kira 60 km, tapi jalanna harita mah masih keneh can alus, aya sababaraha ruas jalan anu keur dihadean. Jeung ongkoh deui rek nyimpang heula ka Detosuko, didinya aya kulawarga pagawe nu rek ngilu.
Kaluar ti kota Ende ka beulah wetan, poho deui daerah naon eta teh, ngan anu moal poho teh nyaeta jalan anu dijieun teh siga anu nembus kana sela-sela batu. Da enya atuh sisi kenca katuhu teh nangtawing gunung batu, tapi anu aheng dina sela-sela batu teh loba tatangkalan anu jadi, lain tangkal anu leutik tapi anu gede, akarna kaciri mubus kana sela sela batu.
Liwat daerah eta, terus ngaliwatan jalan sisi jungkrang, rada paur, di peuntaseun jungkrang aya dingding batu cadas anu nangtawing, nangreu meh tegak lurus, bet asa inget ka daerah Padalarang palebah gunung kapur anu nangtawing.
Kurang leuwih jam satengah sapuluh geus nepi ka Detosuko kota kacamatan, nu rek ngilu geus ngadagoan sisi jalan, asana mah kulawarga Pa Stevanus, anggota Satpam di kantor.
Di Detosuko teu lila, terus we ngabius ka Moni. Moni teh kota leutik sisi suku gunung Kelimutu, nya di kota ieu sok loba turis ti mancanagara, ngadon reureuh memeh nanjak ka puncak Kelimutu. Anggangna antara Detosuko jeung Moni kurang leuwih 19 km, sarua meureun jeung Bandung-Padalarang, ngan jalanna teu alus siga di Bandung, ma’lum jalan di pasisian jeung loba jungkrang tea.
Di Moni reureuh heula, bari neangan nu ngajual beuleum jagong jeung cau.
Ka puncak Kelimutu rada jauh keneh aya kana 13 km deui, anu bisa disorang ku mobil ngan ukur 12 km, lamun ka puncakna mah kudu leumpang, alesanana sisi puncak Kelimutu ulah kajorag ku mobil, bisi lingkungan ekologi ruksak.
Sanggeus reureuh sakedapan, lalampahan diteruskeun, mengkol ka beulah katuhu, lamun lempeng brasna ka Maumere. Mobil ngagerung, keur mah muatan pinuh, jalan nanjak, rada netek jeung mayat. Sawareh mah tarurun tina mobil, pangpangna lalaki, majarkeun teh urang pakuat kuat tuur. Kuring ge ngilu turun, da era atuh digeuhgeuykeun ku awewe ngilu dina mobil mah.

Kelimutu…Kelimutu ieu kuring datang, lain datang ngajorag tapi datang munjungan, hayang leuwih deukeut, hayang leuwih wawuh.
Harita puncak Kelimutu teu rame loba nu ngajugjug, sababna mah lain usum pere. Ceuk urang dinya kakara rame lamun keur usum pere sakola atawa aya kariaan Paskah, Natal atawa Lebaran. Harita ge nu aya bareng teh turis asing ngan ukur opatan katambah ku guide-na saurang. Asli urang dinya aya sababaraha urang barudak ngora.

Kuring sabatur batur mengkol ka beulah kenca, aya tanah lega, ngablak, ka sisi dano aya wates pager beusi, supaya nu ningali ka kawah teh ulah deukeut teuing. Ceuk beja kawah eta teh kawah kahiji, siga aya magnet-na, majarkeun lamun teu ati-ati sok kasedot nepi ka bisa tigebrus kana kawah. beuki deukeut ka puncak beuki kaangseu bau walirang.
Ieu kawah kahiji disebutna Tiwu Ata Mbupu (dano para arwah ), kelirna duka teuing da disebut bodas lain, disebut kulawu ngora ge henteu, rada rada deukeut kana kelir bodas susu.
Kawah kadua disebutna Tiwu Nuwa Muri Koo Fai (dano arwah muda-mudi), kelirna hejo ngora, ti kajauhan siga aya nu ngaberekbek. Anu katilu disebutna Tiwu Ata Polo (dano arwah para tukang tenung), kelirna semu hideung. Ceuk carita urang dinya, lamun aya nu maot arwahna bakal ka Kelimutu, ditempatkeun dina dano anu mana eta gumantung kana umur tur kalakuanana salila keur hirup. Eta carita teu pati eces kumaha jujutanana.
Dano Kelimutu sok disebut Dano Tiluwarna, da enya aya tilu dano anu kelirna beda-beda. Kelimutu mimiti kapanggih ku Van Suchtelen, pagawe Pamarentah Hindia Belanda taun 1915. Anu aheng wates antara dano kahiji jeung dano anu kadua ngan ukur ku wates taneuh alam jeung deuih kacirina saeutik. Lamun tea mah caina ngalobaan wates teh bakal limpas, atawa urug. Tapi da teu kitu, caina tara limpas jeung tara urug. Aya kapercayaan urang dinya lamun kajadian campur antara dano ka hiji jeung ka dua, eta hartina bakal aya mamala ka urang dinya. Kajadian kelir dano anu teu sarua masih keneh dianggap kaajaiban alam, sabab can aya panalungtikan anu bisa mere katerangan anu ilmiah, aya eta ge teori cenah ku sabab ayana bahan mineral dina dasar dano, tapi naha bet kelirna sakapeung sok robah-robah.
Ceuk carita urang dinya deui, waktu ngobrol jeung tukang warung di Moni, kelirna teh sok robah-robah, tapi teu tangtu naha sabaraha taun sakali robahna teh jeung tara aya nu ngawenehankeun kumaha kajadian parobahanana. Ceuk carita urang dinya deui, robahna kelir dano teh lamun tas aya lini, meureun pedah eta bahan mineral anu aya di dasar dano kagedogkeun.

Ku ayana peraturan mobil teu meunang asup deukeut teuing ka sisi dano, aya alusna, palataran teh leuwih kajaga, teu dirobah ku palataran parkir, teu dirobah ku kapentingan nu ngadeugdeug. Palataran karasa nu aya estuning asli siga kitu, loba tatangkalan, tapi beuki deukeut ka biwir dano tatangkalan teh kacirina beuki motetet, beuki laleutik, malah dina hate asa hayang nyabut hiji tangkal da alus lamun dijieun bonsai. Ngan teu meunang da dina plang aya tulisan anu unina kieu :
Ma’e medi mairewo tamenga gambar/foto (Teu meunang barang cokot iwal ti gambar/ foto)
Ma’e tau mata rewo ta menga nala/hibu (Teu meunang maehan nanaon bae iwal ti waktu)
Ma’e welutau rewota menga la’e/ola (Teu meunang ninggalkeun nanaon iwal ti tapak).
Alus eta tulisan teh, ngarupakeun hiji larangan tapi teu togmol, larangan anu leuwih ngobet eusi hate jeung deuih karasana aya ajen filosofi-na.
Sanggeus balakecrakan, murak bebekelan di tempat parkir mobil, kasorenakeun kuring jeung sabalad-balad mulang bari mawa rupa-rupa kahelok dina pikiran, alam mere tangara ku kabeungharanana, pikiraneun jeung teuleumaneun keur nu wacis, keur urang sarerea. Ieu pangalaman teh dina mangsa keur meunang tugas di Ende salila dua taun. Aeh enya di Kantor Telkom Ende teh kungsi dines Kang Apip Mustopa almarhum nu ngarang Anak Agung Sagung Putri (nominasi Hadiah Rancage 1994), ngan duka teuing taun sabaraha tugas di Ende-na teh.
Di Ende ge aya titinggal sajarah nyaeta imah anu dipake ku Bung Karno keur waktu diasingkeun ku Belanda samemeh merdeka. Imahna teu gede, ukur aya dua kamar jeung rohang tamu, imahna sederhana, asa ningali imah panggung di urang.
Ukuranana kira kira 8 x 12 meter, ayana di jalan Prawira, lamun ti airport Arubusman mah ngulon ngaler perenahna teh. Bung Karno di buang ka Ende teh sanggeus pidato di Landraad Bandung anu judulna “Indonesie Klaagt aan" (Indonesia Menggugat)”. Salila di Ende ti taun 1934 nepi ka taun 1938 Bung Karno bareng jeung istrina nyaeta Ibu Inggit Ganarsih, Ibu Amsih mertua Bung Karno jeung Ratna Juami anak angkat Bung Karno sarta Asamara Hadi guru Ratna Juami.
Titinggal Bung Karno nu aya di eta imah diantarana tongkat komando, kopeah, lukisan jeung foto-foto, asana mah aya sababaraha siki buku, piring sendok nu kungsi dipake ku Bung Karno.


Mamat Sasmita
Pangsiunan Pagawe Telkom, kungsi dines di Ende ti taun 1992 nepi ka taun 1994.
(Dimuat dina Majalah Cupumanik No.50 September 2007)

No comments: