31 August 2007

NGAPRAK KA BAJAWA

Ku : MAMAT SASMITA

Anggangna Bajawa ti Éndé kurang leuwih 125 km, ka beulah kulon, patukang tonggong jeung tujuan ka Kelimutu atawa ka Maumere.
Antara Bajawa jeung Ende geus béda kabupatén, Bajawa mah geus asup kabupatén Ngada, ari Éndé asupna kabupatén Éndé. Jalan ka Bajawa leuwih alus batan ka jalan ka Mauméré. Harita ge miang ka Bajawa téh tabuh dalapan peuting, ba’da Isya. Miang ti kantor kana mobil disupiran ku Pa Udrus, karyawan anu geus senior, asli urang Éndé. Bajawa kotana tiris da ayana di tengah tengah pulo Flores, kira kira 1100 meter luhureun beungeut laut, dilingkung ku gunung, lain deui jeung kota Ende anu di basisir.
Indit téh malem Jumaah, da isukna isuk-isuk kudu geus aya di Bajawa, aya kagiatan mun teu salah mah rék audiénsi jeung bupati rék matotoskeun hal pangwangunan stasiun GMD (Gelombang Mikro Digital). Pamajikan ge ngilu, biasa sakalian aya pertemuan jeung Darma Wanita di Bajawa. Jaman harita mah “istri” kalan kalan leuwih “kawasa” batan salaki, kagiatanna ogé sok leuwih euyeub. Di Bajawa rencana téh nepi ka poe Minggu, da karyawan ti Éndé rék piknik ka Bajawa, piknik taunan, ti Saptu nepi ka Minggu, acarana rék olah raga bareng jeung karyawan ti Bajawa, paling maén voly, pingpong jeung sépak bola.

Pa Udrus mah nyupiran téh tara gurung gusuh, padu maju, lalaunan. Kacida ati-atina, keur mah ongkoh jalan tipeuting kaduana jalanna ogé lain jalan mulus siga di kota, aya kénéh anu taringgul ku batu, atuh kenca katuhu jungkrang ngalungkawing.
Ti imah bebekelan mawa kadaharan da tangtu di jalan mah moal aya warung nu buka komo kapeutingnakeun, dalah tibeurang oge ngan aya di tempat anu geus tangtu. Teu loba bebekelan téh cukup keur tiluan wé, eta gé lain ngahaja mawa sangu tapi leupeut, jeung pindang endog ditambah we ku keur gayemeun sapanjang jalan. Pa Udrus sorangan mawa termos cikopi, ari kuring onaman da tara ngopi, mawa téh ukur cai hérang wé.
Kaluar ti kota Ende mimiti karasa beuki moékan, mimitina mapay mapay basisir, waas da harita keur caang bulang sanajan teu keur caang bulan tanggal opat belas. Ombak laut kaciri tingborelak katojo ku cahaya bulan.
Di daerah Nangaba aya jambatan gedé, walungan lega, ngan mimindengna mah caina saat, ngoletrak. Ti dinya laju ka Nangakeo tah di daerah ieu mah pikapaureun, sabab di sisi katuhu gawir nangtawing méh sapanjang jalan sedengkeun sisi beulah kenca laut rada gurawés, matak teu ngabibisani ka Pa Udrus lamun nyupiran mobil lalaunan gé.
Nepi ka Nangapanda terus ka daérah Nangaroro, lamun tibeurang didaérah ieu téh alus kacida, sisi laut plung plong, ngan lautna laut anu jero, rada ahéng di daerah ieu mah lantaran disebutna daérah Batu Hijau, batu hejo, disebut kitu téh ti laut bet loba batu koral baruleud méh sagedé-gedé endog hayam, rupa-rupa kelirna, ceuk cenah mah batu ti dieu téh di kirim ka Jepang keur hiasan. Ahéng da di laut bet aya batu modél kitu siga di walungan, apan biasana di laut mah batu karang téa. Ningali pamandangan sisi laut tipeuting keur kuring mah matak pogot, atuda kuring mah hirup di Bandung ti leuleutik arang langka ningali laut. Sora séahna lambak laut awor jeung sora mobil katambah angin ngahiuk, keur kuring mawa kana rasa nu leuwih jero, aya gerentes dina haté nganuhunkeun ka Alloh Swt, réhna geus dibéré kasempetan ningali alam di lembur batur, anu sakitu jauhna ti lembur sorangan. Kalan kalan ngabanding-banding jeung kaayaan lembur sorangan, mungguhing Gusti mah welas asih ka sadaya mahlukna, kuring bet jadi teu wasa lamun kuring kudu nyebutkeun yén lembur sorangan leuwih alus batan lembur batur atawa sabalikna da diditu didieu ge sarua aya leuwihna aya kurangna, sarua dadamelan Gusti Alloh.

Mimiti asup ka daerah Aégela kira kira tabuh sapuluh, jalan heureut, lamun pasarandog jeung mobil séjén ti hareup téh kudu néangan heula jalan nu lega pikeun mipir méré jalan ka mobil nu séjén. Ngan untungna pasarandog jeung mobil séjén teh langka. Pas ngaliwatan hiji tegalan, kacirina mayakpak, gunung ngarunggunuk, tatangkalan anu jangkung jadi siluét, cul cel diditu didieu, kuring ngajak eureun heula ka Pa Udrus. Mobil diparkirkeun anu merenah, jalan kahareup mimiti rada nanjak, angin tiis ngagelebug, pamajikan diguyahkeun bisi hayang ningali kaayaan alam anu simpé, anu éndah, ngahaja kuring ménta mobil dipaéhan heula sakeudeung, hayang ngararasakeun simpéna alam Flores tengah peuting di pasisian, malah bisa disebut di leuweung eurih.
Pikiran bet jadi cus cos, ngawawaas diri lamun téa didieu daérah henteu aman, moal wani kikituan, da lamun seug aya nu nyulik beu moal bisa ngagorowok ménta tulung, malah aya pikiran rada mahiwal lamun téa nu nyulik téh mahluk angkasa luar, beu maol aya nu nganyahoankeun, mangkaning di lembur batur.
Pamajikan muka bebekelan, Pa Udrus gé nyuruput cikopi panas tina termos, kuring nyerebung udud dina panto mobil anu dibuka. Dina kaayaan kitu kuring bet asa jadi betah, asa hayang miceunan sagala pikiran anu sapopoena pinuh ku rupa-rupa pasoalan. Pakepukna hirup lir euweuh waktu keur kontemplasi, ngaragap diri, sabenerna urang teu bisa misah ti alam, hawa anu diseuseup unggal waktu saréatna mah apan paméré ti alam.
Jadi lamun ngaruksak alam téh sarua wé jeung ngaruksak diri, ngaruksak kana kahirupan anak incu jaganing geto.
Sabenerna di Aégela téh aya tempat reureuh, beus transflorés gé sok eureun didinya, panumpangna ngadon dahar heula, atawa ngan sakadar turun ngalempengkeun cangkéng. Kuring mah harita teu eureun heula da enggeus tadi bari nyawang simpéna alam. Palebah ngaliwatan Boawae di daerah Mataloko, katingali aya gedong sigrong badag pisan, sababaraha tingkat, sihoréng éta téh Seminari Mataloko, tempat diajarna urang dinya bagbagna agama Katolik, atuh basa ngaliwat ka Kelindora didinya aya sakola pertanian tingkat atas, ieu sakola gé dikokolakeun ku pastoran didinya, cocog pisan keur méré pangaweruh hal tatanén ka masyarakat didinya.
Di daérah Wolobobo aya simpangan ka katuhu anu terusna ka Bajawa, sedengkeun lamun lempeng mah terusna ka Ruteng, Pa Udrus apal pisan luak léokna jalan. Asup ka Bajawa, karasa jalan téh lega jeung leucir ku aspal, alus wé kasebutna. Hawa di Bajawa karasa tiris, malah ngahodhod, nepi ka Bajawa téh kira-kira tabuh duawelas tengah peuting. Meuting mah poho deui di hotel naon harita téh, hudang isuk-isuk teu wani gebrus mandi, tapi menta heula cai haneut, inget wé dianteuran saémbér gedé, harita mah di hotél téh euweuh paranti manaskeun cai, jadi ménta ti dapur.
Lain teu hayang ngagojod terus saré pédah karasa kénéh pegelna urut perjalanan tadi peutingna, tapi kumaha da kudu nepungan bupati téa, ceuk jangji mah kudu tabuh salapan isuk-isuk. Tabuh tujuh ngaronghéap balad kepala cabang Telkom Bajawa, ngajemput, tapi kuring rada hémeng na geuning can saged, siga nu teu make baju keur ka kantor, sihoreng bupati ngadadak kudu ka Kupang ka propinsi, jadi audiénsi téh teu jadi. Pangna kuring kudu audiénsi jeung bupati Ngada téh pédah wé harita mah kuring keur jeneng jadi Kakandatél Éndé anu ngabawah kantor Telkom sa-Flores.
Keur kuring mah nampa béja kitu teh aya genahna, bisa neruskeun saré, tapi kalah di ajak ka Wolobobo ningali stasiun GMD nu keur dibangun, saméméh jumaahan gé geus balik deui cenah.
Sabenerna rada horéam rék ningali ka Wolobobo téh, atuda can aya tingalieun, kakara keur ngabaladah jalan aksés, tapi karunya ka anu nyampeur, harita kénéh gé léos wé ka Wolobobo, pamajikan mah teu ngilu, keun wé sina reureuh heula da pertemuan jeung Dharma Wanita bada jumaahan, kuring teu openan teuing, lantaran lamun aya hal nu rada hese mah lumpatna sok menta tulung ka dharma lalaki, enya ka salaki hayang dipakaitkeun jeung kadinesan ambih logor ku biaya.

Di Wolobobo rék dibangun stasiun repeater GMD, didinya aya leuwihna dibandingkeun jeung stasiun repeater séjén, lantaran di Wolobobo mah ditambahan ku drop and insert, aya jalur simpang pikeun ka kota Bajawa. Hartina drop and insert téh nyaéta méré jalur akses transmisi keur pembicaraan telepon ti jeung ka hiji tempat, didieu mah keur Bajawa.
Enya wé kaayaan di Wolobobo keur ngali taneuh pikeun jalan, ningali téh ukur ningali alat berat ngagusuran taneuh. Diantarana anu rék diomongkeun jeung bupati téh pagawéan di Wolobobo ieu, intina mah ménta dukungan sangkan ulah aya halangan harungan, utamana masyarakat didinya kudu ngarti maksud dijieun stasiun GMD da keur kamajuan masyarakat didinya kénéh. Ceuk panalungtikan hadirna alat telekomunikasi (telepon) di hiji daérah mawa dampak undakna ekonomi masyarakat anu disababkeun ku gampilna akses informasi.

Kota Bajawa téh kota leutik sok sanajan ibu kota kabupatén, ngaran kabupaténna Ngada, leutik tapi beresih, teu ramé, jalan di kota laleucir jeung rubak, kendaraan teu loba teuing.
Di kotana kuring ngaprak ka pasar, ka pertokoan, di pasar lolobana anu didagangkeun téh beubeutian sabangsaning hui boléd, taleus jeung sampeu, jagong ogé loba, bubuahan wé loba. Ari toko onaman méh sarua wé jeung di urang, asa ningali pasar Kiaracondong mun di Bandung mah.
Di kabupaten Ngada aya tilu etnis anu kawilang gedé nyaeta Riung, Nagakéo jeung Bajawa, ngabogaan basa jeung adat séwang-séwangan, mangsa harita populasina ngan dua ratus rebu, legana daérah Ngada kurang leuwih tilu rebu km pasagi, Daerah Riung asalna karajaan, agamana lolobana Islam, ari daerah séjén lolobana agamana Katolik. Daerah wisata bisa ka Riung di beulah kaler, di basisir kalér, atawa ka Soa ka kampung Bena nu aya titinggal karuhun urang dinya kampung megalitik. Atuh di désa Boa Waé aya sumber cai panas, bisa mandi didinya, caina lamun kakara brus mah karasa panas pisan, teu béda jeung di Cipanas Garut anu nu disebut cipanas si éngang téa.

Rombongan pagawe ti Éndé nepi ka Bajawa méh tengah poé, dina poe Saptu. Atuh pasosoréna ngamimitian pertandingan olah raga, kuring mah ngilu pingpong jeung sépak bola, lain kubisa tapi sakadar ngilu ngareuah-reuah, jeung ngeunah seuri, eta wé nyépak bal teh tujuan mah supaya ngabelenyeng ka hareup ari ieu kalah murintil katukang atuh kiper nu ripuh, da posisi kuring jadi bék tengah. Nu ripuh waktu ngahéden bal, sugan téh moal lendeng, na atuh ari bek bal kana sirah ari leng téh méhméh katuralengan, tadina ambih katangar, ambih disebut gaya jeung bisaan, tapi kalah sosolontodan, sirah asa koclak lir katinggang kalapa. Ramé olah raga antar pagawé mah, loba seuri, kuring gé waktu ngilu pertandingan pingpong, ari teu katepak ku lawan téh sok kikiplik lir hayam jago ngudag danten, sanajan tungtungna kuring éléh.
Minggu isuk-isuk ngaleut ka daérah Soa, ngadon mandi cipanas. Tempat mandi téh lain di kamar kamar, ieu mah brus we asup kana kulah babarengan, da caina ngageledeg gedé.
Ngareunah ngadon ngoyok, kana awak karasa seger.
Hanjakal harita teu kungsi ulin ka Bena, padahal di Bena téh aya kampung adat megailitik téa, lain teu inget ngan waktuna teu méréan.
Pabeubeurang balik ka Éndé, kuring jeung pamajikan ngilu kana beus, dahar beurang di Aégela, didinya geus aya beus transflorés anu anu keur reureuh, panumpangna paburisat néangan kadaharan, jeung ngalempengkeun cangkeng. Anu disebut beus téh lain beus gedé siga di urang, tapi beus anu rada leutik tapi saluhureun elf, lolongkrang keur diuk dukdek pisan, hayang ngalempengkeun tuur téh hésé. Aya deui anu disebut beus terbuka, mobil treuk tapi didangdanan keur panumpang, maké tempat diuk, dihateupan tapi kenca katuhuna tetep muka. Tempat diukna tina kai papan, diuk sakeudeung oge bujur geus karasa panas. Dina beus treuk mah sagala asup, barang dagangan ti jagong nepi ka bangsa beubeutian, atuh teu kaliwat lambréta gé sok aya ngilu ngadakom, istilah lambréta téh keur ingon-ingon urang dinya, nyaéta babi téa. Disebut lambréta téh ceuk kuring wé ka balad balad, pédah lambréta (motor siga vespa ayana taun tujuhpuluhan di Bandung harita mah loba) mah lamun méngkol téh ban teu kaciri ngagilekna da kahalangan ku spakbor hareup, apan siga babi lamun keur ngungkug, siga nu teu bisa ngalieuk.

Bérés dahar di Aégela perjalanan diteruskeun, beus nyemprung ka Éndé, hawa dina beus karasa nyongkab , da beusna lain beus maké AC, beus biasa we satiis-tiisna ku angin ngagelebug.
Tadina hayang bari rurat rérét kumaha alam Flores kacirina pabeubeurang, tapi kalah baringsang, eta ge rurat rérét ngan teu pati telek, nu puguh mah kalah nundutan, anu kasawang teh lamun Tatar Priangan diciptakeun keur Tuhan tersenyum ceuk Ramadhan KH, duka teuing keur kumaha tah ari Florés mah.
Pasosoré méh magrib geus nepi ka Éndé, Alhamdulillah kuring kungsi ngaprak ka Bajawa. Indonesia téh lega geuning, beunghar ku alam jeung budaya.

Mamat Sasmita
Pangsiunan pagawe Telkom, kungsi dines di Flores ti taun 1992 nepi ka 1994.
(Dimuat di Majalah Basa Sunda Cupumanik No.52 Nopember 2007)

1 comment: