01 September 2007

NGUMBARA DI FAKFAK

Ku MAMAT SASMITA

Pangna kuring buru-buru kawin gé kulantaran meunang béja kuring rék dipindahkeun ka Fakfak Irian Jaya, ayeuna mah ngaran Irian téh geus diganti ku Papua, satuluyna mah rék disebut Fakfak wé.
Enya atuda ningali dina peta Indonésia, Fakfak téh ayana dina beuheungna pulo Papua, lamun Papua diibaratkeun manuk téa mah, jauh melamelu, sedengkeun harita kuring keur dines téh di Jambi Sumatra. Ari ieu kudu pindah ti beulah kulon ka wetan anu sakitu jauhna.
Miang ti Bandung, dianteur ku kulawarga mertua, kana mobil ka bandara Halim Perdanakusumah, da harita mah bandara Sukarno Hatta can aya. Perjalanan téh teu langsung ka Fakfak, tapi ka Jayapura heula, da kudu lapor ka kantor wilayah.
Nepi ka airport Sentani téh pasosoré, kira-kira tabuh opat, pungak pinguk, mikiran kudu ka mana nya jung, kuring tungtungna diuk heula dina babantar gedong, pamajikan mah ngajengjen wé nangtung gigireun. Keur kitu aya nu nyampeurkeun pokna ;” Bapa harus naik taksi sekarang, kalau tidak habis taksinya…!”. Kuring teu bisa majar kumaha, naék we kana mobil manéhna, tadina mah sugan téh heueuh we taksi siga di urang, ari pék mobil anu ngompréng téh disebutna taksi.
Rada hemar hemir, éta tuda nu nyupir teh jangkung badag urang dinya, tapi geuning sanggeus diajak ngobrol mah hih galecok wé kacida bageurna, kuring dianteur ka Stasiun Bumi Satelit di Jayapura, perenahna di mumunggang disebutna daerah Bhayangkara.
Perjalanan Sentani ka Jayapura téh rada lila, jauhna aya kana 40 km mah. Rada kesel teu népi bae. Liwat Magrib kakara nepi ka komplek Stasiun Bumi Satelit di Bhayangkara. Kuring manggihan salah saurang pagawe didinya, maksud téh rék tatanya nu rada pantes keur meuting, ari pék kalah diaku di imahna, atuh asa mobok manggih gorowong. Anu ngaku téh kang Dendi sakulawarga urang Sumedang, boga budak dua laleutik kénéh.
Kurang leuwih saminggu di Jayapura téh, ari laporna mah ukur sapoé, tapi nu mawa lila téh jadwal penerbangan ka Fakfak, da saminggu sakali, kitu gé teu langsung ka Fakfak, tapi hiber heula ka Manokwari jeung ka Sorong, kalan-kalan transit heula di Biak.
Transit di Sorong, lain di kota Sorong, da Sorong mah aya di mainland (daratan gede), ari airportna di Jeffman, di hiji pulo anu mandiri, raména pédah aya lapang udara. Lapangan udara Jeffman kaitung gedé da bisa dipaké mendarat ku Hercules, cenah mah éta nu nyieun téh Mc Arthur, panglima tentara sekutu jaman keur perang dunya kadua.
Kulantaran jadwal hiber ka Fakfak kakara aya isukna, nya kapaksa kudu meuting di Jeffman, ari penginepan mah aya jeung langsung nyadiakeun restoranana. Genah sabenerna mah ngan euweuh tingalieun, ngan sora lambak wé séah. Ma’lum da di pulo anu ngan ukur aya lapangan udara, nu meuting didinya ge ukur sababaraha jelema anu rék bareng miang ka Fakfak.
Lamun rék ulin ka kota Sorong, kudu meuntas laut maké parahu speedboat atawa ngadagoan kapal fery, harita mah ngaran fery téh Mangimangi. Teu wudu meuntas laut téh rada lila nya aya kana sa-jam-na. keur kuring nu teu bisa ngojay, ningali laut anu umpal-umpalan téh sok kukurayeun. Kungsi éta gé maksakeun meuntas da aya kaperluan dines ka Sorong, meneran keur usum angin gedé, atuh laut ngélépék semu bodas ku budah. Meuntas da kudu buru-buru nepi, teu ngadagoan kapal fery, naék téh maké speedboat, beungeut laut ukur sajeungkal, kapal nyemprung ngalawan ombak, sanajan diteger-teger gé haté mah teu weléh degdegan.

Poe éta munggaran nincak taneuh Fakfak, bulan Juni 1981, poe naon jeung tanggal sabarahana mah poho deui. Kapal udara nepi pabeubeurang ka airport Toréa, airport kota Fakfak. Alhamdulillah geus aya nu ngajemput. Mobil aya geus ngabagug, sanggeus nungguan barang, terus ngadius mudun, tapi teu lila reg eureun di sisi laut. Sugan téh eureun téh rék aya nu didagoan, simanahoréng didinya kudu turun ganti ku parahu. Beu, kana parahu téh haroréam, tapi kumaha mun mugen embung téh era, siga nu euweuh kawani. Tapi ti Toréa ka kota Fakfak mah teu lila ngan ukur saparapat jam, jeung deuih nyisi, teu ka tengah laut.
Di kota Fakfak geus disadiakeun tempat reureuh jeung keur meuting, nyéwa imah saheulaanan, saméméh imah dines kosong.
Kota Fakfak perenahna di sisi laut, kotana méh nyéngkéd, nanjak beuki ka luhur, lamun ditingali tipeuting ti tengah laut, da ngempur siga kota gedé, éndah. Meureun gedéna mun di urang mah sarua jeung Banjaran, da lamun diubek maké mobil teu leuwih ti satengah jam geus kakurilingan.
Pangeusina loba nu ngagem agama Islam, sabab aya pangaruh ti Ternaté, malah aya katurunan raja raja Ternaté, saperti Raja Atiati, Raja Rumbati, Raja Fatagar. Ceuk urang dinya, Fakfak mah serambi Mekahna Papua.
Sugan téh euweuh urang Sunda anu séjén, ari béhna mah aya, malah loba anu jeneng di pamaréntahan. Atuh anu sakantor gé aya, duaan. Kuring ditugaskeun téh nyekel kalungguhan sabagé Kepala Stasiun Bumi Transmisi Satelit. Leutik leutik gé jadi hulu sireum, aya kawenangan jeung boga otoritas, tibatan jadi buntut gajah ngan sakadar nutur nutur bujur batur.

Sanggeus rada lila di Fakfak kanyahoan geuning jalan ka Torea téh keur dijieun, supaya lamun rék ka airport teu kudu liwat laut. Ceuk béja harita, jalan téh kudu anggeus saméméh pemilu 1982.
Sababaraha bulan ti harita rék nyanghareupan bulan puasa, nu rada karunya ka pamajikan da kakara jauh ti kolotna, dibawa anclang-anclangan ku kuring, salakina. Tapi geuning suasana puasa di Fakfak raména teu jauh ti di urang, lamun waktuna saur ramé barudak ngora taratakolan nguriling ngahudangkeun nu rék saur. Di Fakfak sakitu kota leutik aya dua masjid anu kaitung gedé. Nu hiji di tonggoh deukeut ka kantor kuring, hiji deui di sisi laut, nu di sisi laut anu kasebut pangkolotna, ceuk beja masjid munggaran di Papua.
Palebah rék lebaran, barudak Remaja Masjid sok nguriling ka unggal kulawarga muslim nanyakeun naha rék meuli daging sapi atawa moal, lamun rék meuli kudu disebutkeun sabaraha kilo. Mimitina mah rada hémeng naha kudu ditanyakeun sagala, ari pék téh lamun anu pesen nyukupan meuncit sapi hiji, nya kakara meuncit, lamun henteu mah nya teu tulus, da bisi sésana teu kajual. Pangna kitu urang dinya kana daging teu sabaraha, da kabeukina kana lauk laut.
Sapopoé lamun hayang daging, éta ge sok aya tapi daging embé atawa daging uncal (menjangan). Uncalna beunang moro ti leuweung, sakapeung mah sok kawénéhan aya daging kasuari, lamun aya daging kasuari atawa daging uncal di pasar Tambaruni, sok silih béjaan, atawa silih titip. Ari nu unggal poe aya mah lauk laut, lauk anu seger keneh. Lauk laut ngeunahna di beuleum, “ikan bakar” téa, dibeuleumna dina ruhay batok buah pala, seungitna mani melenghir, komo mun diulas alés ku mantéga. Bumbuna disebut colo-colo, nyieunna mah gampang pisan, ukur kécap dicampur tomat beunang nyiksik, bawang beureum, cengek, jeruk nipis, lamun hayang leuwih seger ditambahan ku jahé disiksikan. Laukna anu ngeunah, dagingna pulen, lauk maubara atawa kakap beureum. Ngadaharna, sanguna mah saeutik we, laukna dicocolkeun kana colo-colo. Komo lamun daharna bari ngariung dibasisir, uyahna cukup ku nyiuk cai laut, pedo kabina-bina. Keur kitu mah poho wé hayang balik ka Bandung téh.
Néangan batok buah pala di Desa Werba, di sisi basisir, di Werba mah masyarakatna loba nu nyieun manisan pala, katonggohnakeun kebon pala upluk aplak. Sihoreng buah pala anu mahalna teh lain dagingna lain sikina tapi kulumud antara batok jeung siki. Warnana semu beureum, batokna di pekprek, kulumudna diturih, ngagolomong, dipisahkeun tina sikina.
Geus ka sababaraha tempat ditugaskeun téh, kabeneranana di unggal daerah teh sok disebut gudangna kadu, buah durian téa. Mimiti dines di Pontianak, tuluy Jambi, tuluy Fakfak, di Pontianak jeung di Jambi, lamun keur usum kadu, loba pisan, murah deuih, padu hayang, masing rék béak sabaraha hulu ge asal kuat we ukur beak rerebuan jaman harita mah.
Nu teu nyangka di Fakfak geuning loba tangkal kadu, tapi di desa Danawiria. Ti Fakfak kudu meuntas laut heula saeutik, ukur maké parahu leutik nu diwelah, pamajikan anu merenyeng hayang ulin ka Danawiria téh. Enya we di Danawiria kadu geus mayak da keur panén, ngadaharna mah béak sahulu ge geus eungap, pulen jeung amis.

Sabenerna hirup di Fakfak téh pikabetaheun, masyarakatna akuan, babari wawuh. Ngan éta asa jauh pisan ti lembur, sakalieun hayang mulang téh kudu bebekelan kacida gedéna, utamana keur ongkos. Transportasi ukur jalan laut jeung ngapung, da ari jalan darat mah pimanaeun, éta wé jalan ka airport gé apan kakara aya, padahal teu jauh teuing. Piknik téh ukur ka laut atawa ka leuweung. Hiburan anu sejen euweuh pisan, harita mah hiburan téh ukur ngadéngékeun radio RRI da TV can aya, kakara aya taun 1982 akhir. Kungsi kuring gé ngaprak ka leuweung, pamajikan gé ngilu. Ngabubuhan jeung nu sejen, tujuan téh rék ulin ka base camp-na anu boga HPH (Hak Pengelolaan Hutan). Miang teh isuk-isuk kénéh antara tabuh tujuh, hawana seger, bebekelan teu loba da cenah ari keur dahar mah di tempat tujuan gé geus disadiakeun, ukur mawa cai wé inumeun di jalan. Miang téh leumpang, da jalan ukur jalan satapak. Abus ka leuweung, anu kabayangkeun téh geueuman, pikakeueungeun, tapi anéhna ceuk rarasaan leuweung téh euweuh kesan mistis, béda deui jeung rarasaan basa ngasruk mapay-mapay leuweung di Sancang taun 70an. Padahal waktu di Sancang gé teu asup ka jero leuweungna ukur disisi.
Leumpang bari ngobrol, kalan kalan gogonjakan, teu karasa geus méh opat jam can tepi kénéh, ceuk anu mawa paling gé sa-jam deui ogé nepi. Bréhna geus méh jam satu beurang can nepi kénéh ka anu dituju. Kuring mimiti hemar hemir, kuring nanya ka pamajikan, naha rék terus atawa rék balik deui. Anu kabayangkeun téh kumaha balikna, jam satu can tepi, lamun tepi sajam deui terus lila ditempat, balikna pasti kapeutingan. Sedengkeun lamun kudu meuting matak barabé, utamana keur pamajikan, da ngan manéhna sorangan awéwéna mah. Tungtungna kuring mutuskeun balik deui baé, teu tulus ka base camp.
Kabeneran aya nu hayangeun balik, asana mah ngaranna téh Om Hans urang Manado. Pangna manéhna hayang balik deui cenah mah lantaran keur bisul dina pengpelangan, bisul beunyeur tea meureun.
Balik téh ngan tiluan, katilu jeung pamajikan. Leumpang rada gagancangan ngan orokaya Om Hans rada tinggaleun, atuh kuring ngendoran manéh.
Keur kitu kadéng aya anu gogorobasan, na ari kurunyung téh aya jelema hideung, ti sisi jalan ngurumuy ti leuweung, awakna ngaliglag teu maké baju ukur maké calana pondok, ari beungeutna siga diwedak bodas makplak. Rada ngalenyap reuwas, kuring téh teu pati ngawas-ngawas, api-api téa. Éta jelema, budak ngora, jangkung, leumpangna ditukangeun, dititah di hareup téh embungeun, tadina mah sina miheulaan, bisi keur rurusuhan.
“Ade,….ayo jalan dimuka…” ceuk kuring bari rada kasisi méré jalan.
“Tidak bapak….saya dibelakang saja..” tembalna.
Tungtungna kuring leumpang deui, manéhna keukeuh ditukang, enya aya kasieun, sieun aya niat goreng heug ngabongohan ti tukang. Saterusna mah ku kuring diajak ngobrol, ari pék téh manéhna rék indit ka kota, rék meuli obat nyamuk olés jeung dahareun, cenah mah dititah ku bos-na. Ceuk manéhna deui, aya sababaraha jelema di leuweung keur moro, béakeun dahareun.
Ceuk kuring téh ari éta beungeut naha diwedak bodas kitu, jawabna ambih teu ku reungit cenah, jeung ambih teu tiris. Ceuk kuring deui ambih teu tiris mah diharudum lain bubuligiran kitu, manéhna ukur ngahéhéh seuri. Biasa nu moro téh sok ngabubuhan, moro menjangan, atawa kasuari atawa babi.
Tungtungna mah leumpang téh rinéh wé da asa nambahan batur, geus asup ka kota misah jeung éta budak ngora téh, nepi ka imah méh tabuh genep soré.

Aya balad batur sakantor, ngaranna Yusuf Kilian, urang Kokas, agamana Islam, leket pisan, ceuk dongéng manéhna di daérah Kokas mah loba kénéh ruruntuk kapal laut, kapal laut sekutu urut perang dunya kadua, malah aya kénéh anu ngabagug teu jauh ti basisir. Kuring teu apal bener atawa henteu-na mah, da teu kabiruyungan ulin ka Kokas, harita jalan darat can aya, kudu ka laut maké parahu. Asa horoream ari kudu ngangkleung di laut téh, malum apan kuring mah urang Bandung, urang gunung, teu pati wanoh ka laut, asa sieun baé. Komo lamun ningali caina motah mah, tapi asa leuwih keueung lamun ningali cai laut nu ngagalimbeng, cai laut nu teu motah, warnana siga nu kulawu semu hideung, pantesna jero.
Éta bangké kapal laut téh jadi rumpon, mun nguseup didinya sok meunang lauk anu gedé jeung bangénan deuih. Ceuk béja, ayeuna mah ka Kokas téh geus aya jalan darat, malah apan aya béja dina bulan Juli 2007 kungsi aya dokter awewe nu asalna ti Bandung meunang kacilakaan di jalan, tigebrus kana jungkrang nepi ka hanteuna.
Ceuk dongéng Yusuf kénéh, méméh manéhna digawé di Telkom, manéha kungsi jadi pamayang, tukang ngala lauk hiu, nu dialana ukur buntut jeung siripna, da eta anu mahalna. Asa watir ngadéngéna, lauk hiu anu sakitu gedéna ukur diala siripna, awakna mah sok terus dipiceun deui ka laut bari gugurinjalan kénéh.

Keur mimiti di Fakfak sok héran ari ningali masyarakat didinya, lamun leumpang tipeuting tara di sisi jalan, tapi di tengah jalan, manghariwangkeun bisi kasabet mobil, sanajan balawirina mobil henteu ramé, tapi paur mah aya wé. Sanggeus ngarti mah kuring gé malah sok nurutan leumpang téh tara di sisi jalan, tapi di tengah jalan, komo tipeuting mah. Lantaran lamun leumpang di sisi jalan, bisi dipacok ku sowa-sowa, lain dipacok meureun tapi digégél. Sowa-sowa (hydrosaurus amboinensis) téh sabangsaning kadal gedé, ku urang dinya mah sok disebut ular kaki émpat. Ditingali sarérétan mah siga kadal, tapi luewih gedé, jeung wangun huluna leuwih segi tilu, seukeut ka hareup.
Liarna sok tipeuting, nyumputna dina nu bala ku jukut, bakal bahaya lamun digégél ku sowa-sowa geus ngahakan bangké, tapi kapan urang teu nyaho naha éta sowa-sowa téh geus ngahakan bangké atawa acan.
Kungsi kuring gé nangénankeun sowa sowa, pasosoré asup ka imah, keur kekelentengan wé di tengah imah, pamajikan mah barang ningali gé gégéréwékan bari naék kana korsi. Kuring ngarawél sapu, dibabuk ku sapu téh kalah malikan, kuring mundur bari jeung rada muriding deuih. Na sia téh, dibabuk satakerna, ku gagang sapu, na atuh belenyeng téh gagang sapuna nu luncat, kuring hareugeueun, gagang sapu negtog kana korsi ngabeletrak sorana tarik. Biricit si sowa-sowa lumpat blus ka kamar barudak bujang, kuring kakara eungeuh, sowa-sowa téh meureun lain sieun ku diamang-amang paneunggeul, tapi ku sora anu tarik ngaguluprakna gagang sapu, tayohna kitu. Panto kamar dipeundeutkeun, bisi kaburu balik deui, tapi kumaha mun barudak pagawé nu bujangan daratang heug teu nyahoeun aya sakadang sowa-sowa di kamarna. Rék dibeledig ku sorangan hororéam bari jeung rada sieun, tungtungna mah nyieun we tulisan dina keretas salambar diteundeun handapeun panto “Hati hati ada ular kaki empat masuk..!”. Enya wé isuk isuk barudak raribut, ribut isuk-isuk téh pédah we peutingna teu baralik, tayohna meuting di kantor. Cenah sakadang sowa-sowa téh teu kapanggih, tapi barang rék rap make baju aya nu ngajleng tina gantungan baju, sigana éta sakadang sowa-sowa téh nyumput dina baju anu digantungkeun. Teuing kumaha bet bisa kitu.
Sigana barudak marondok di kantor ngadon maén pingpong atawa siaran pédah éta aya radio pemancar. Geus disebutkeun diluhur di Fakfak euweuh deui hiburan salian ti ngadéngékeun RRI, da TVRI acan aya, harita téh keur dibangun kénéh.
Di tempat kuring gawé aya gudang eusina teu pararuguh, loba alat-alat pemancar titinggal Belanda, geus bulukan, tapi teu bisa dipiceun da aya kénéh catetanana, kaasup barang inventaris, asét pausahaan. Lamun rék dipiceun kudu puguh administrasina, tah palebah dieu héséna mun teu salah harita mah usulan “pemusnahan” barang inventaris téh kudu disatujuan ku Menteri.
Tungtungna barang-barang téh numpuk digudang jadi barang rongsokan. Kasebutna kuring kungsi ngilu pendidikan jurusan radio, nya nyobaan ngutak ngatik radio pemancar, ngoméan sugan bisa dipaké deui. Kabeneranana deuih bet aya nu alus kénéh, masih kénéh bisa hirup kalawan daya pancarna alus kénéh, frekuénsina pas aya dina gelombang AM. Antena radio kabeneran aya nu nganggur di hareupeun kantor, ngan rada jauh, tapi da feeder-na aya tur cukup kénéh, make kabel coaxial. Atuh der wé siaran hiburan ngirim-ngirim lagu, mimitina kitu wé ka papada pagawé, keur muterkeun lagu make cassété. Tungtungna jadi kawentar, loba ti nu séjén menta lagu kirim-kirim ka baladna deui. Malah aya nu ménta lagu jam tilu peuting méh subuh, bari cenah manéhna téh keur dina kapal di laut, keur nguseup lauk, ngahaja ka pelabuhan heula nginjeum telepon keur ménta lagu.
Balad balad di kantor jadi resep ulin di kantor, ngadon siaran. Di Fakfak téh kuring jadi Kepala Stasiun Bumi Sedang, stasiun transmisi satelit, disebut sedang pédah transmisi boh incoming boh outgoing teu loba teuing, jumlahna ukur 12 kanal, make sistem SCPC (Single Channel Per Carrier). Lamun gawé di trasnmisi aya kacapangan lamun euweuh gawé, gawena ngan ukur ngobrol atawa maca buku éta hartina gawé alus, hartina sakabeh sistem transmisi keur normal, euweuh karuksakan. Tapi sabalikna lamun aya karuksakan teu nyaho diwaktu kudu singkil saharita sanajan keur tengah peuting, sanajan keur dordar gelap, kudu der digawe, jaba kudu bisa ngungkulan karusakan. Sistemna ngadukung sabab aya nu disebut sistem redundant, aya hot line jeung cool line, hot line hartina keur dipaké, ari cool line hartina keur standby sakabeh daya pancar asup kana dummy load.
Jadi lamun pagawé ngan saukur ngariung bari ngawadul, ngobrol kaditu kadieu, atawa kalan-kalan maén gapléh, lain hartina goréng gawé.
Siaran téh teu lila, ngan ukur sababaraha bulan, da rumasa éta ngarempak aturan, kapan teu meunang sagawayah ngagunakeun frekuensi radio, komo deui dipake siaran keur umum, kudu aya ijin. Euweuh ari nu ngalarang mah, da ka Stasiun Bumi teh sok jul jol patugas séjén ngadon ulin, malah aya nu togmol gegedén di Fakfak harita ngahucuhkeun majarkeun teu nanaon siaran diteruskeun gé, tapi kuringna wé nu éra, kapan kuring téh nyaho aturan tapi kuring nu ngarempak.
Salah sahiji hiburan séjén nyaéta “ngebrik”, maké alat radio Transciever CB (Citizen Band Transmitter Receiver), ngebrikna biasana tipeuting, da daya pancarna sok leuwih alus, jeung deuih sok leuwih ramé, nu ngebrik téh lain baé jeung nu aya di Fakfak, tapi osok nembus nepi ka pulo Jawa. Pamajikan ge sok ngiluan ngebrik, malah kungsi aya kawawuhan jeung urang Sumedang nu ngirim kere belut ka Fakfak. Da sigana jaman harita mah kakara aya awéwé nu ngebrik dina CB ti Fakfak, jadi mun manehna on line téh jadi sok ramé dina jalur éta. Kuring ge kungsi wawawuhan jeung breaker anu ti Australi, mimiti wawuhna mah pedah eta nyaritakeun nyieun antena tina batangan aluminium siku anu aya di toko beusi, keur matching impedansi make capasitor variable nu tina logam. Ngobrol teh keur kuring mah leuwih loba hal teknis kana nyieun antena, malah aya nu menta gambarna lengkep jeung ukuranana, antena anu dijieun teh make wanda antena Yagi.

Pamajikan kawilang aktip salila di Fakfak mah, malah kungsi jadi Sekretaris Dharma Wanita Kabupatén Fakfak. Rada dititah kudu aktip babarengan jeung ibu-ibu anu séjén, alesanana mah ambih teu nguluwut aya di lembur batur.
Hiji waktu pamajikan meunang tugas ti Kabupaten supaya indit ka Jayapura ka Dharma Wanita propinsi, bareng jeung ibu-ibu séjén urang Fakfak, teu lobaan ngan ukur tiluan kaasup pamajikan.
Poé harita kénéh pasosoré nampa télépon pamajikan geus nepi ka Jayapura, kagiatanana sababaraha poé, poé kaopat isuk-isuk nampa deui télépon yén pamajikan teu bisa mulang poé harita lantaran pesawat udara dikénsel, tah ti poe éta pleng euweuh béja. Atuda jaman harita mah telepon téh hésé kénéh, tong boro aya HP siga ayeuna, di Fakfak gé téléponna can otomat tapi masih keneh CB (Central Battery).
Poé katilu sanggeus kalingeutan, kakara aya telepon ti Sorong, ti balad kénéh anu dines di Sorong, pokna “ Kaleungitan pamajikan euy…?”, kuring ngaheueuhkeun, ceuk manehna “Aya didieu jeung nu bosongot duaan….”, kuring seuri nyebut aya nu bosongot marengan téh da geus nyaho eta teh ibu-ibu ti Fakfak. Kuring ngobrol jeung pamajikan dina telepon, cenah kakara bisa ka Fakfak poe isuk lantaran tiket kakara keur diusahakeun, pimeunangeunana keur poe isuk. Peutingna rek meuting di Jeffman ambih babari kana pesawat.
Ceuk pamajikan salila tilu poe teh ngandon ulin ka Camat Sentani di Jayapura, bari ngadagoan aya pesawat, malah kungsi ulin ka tugu Mc Arthur. Tugu Mc Arthur téh tugu peringetan yén didinya kungsi kasaba ku Mc Arthur panglima tentara sekutu Asia Pasifik waktu perang dunya kadua. Pamajikan nyarita teu bisa nelepon da aya di pasisian, telepon can aya.
Enya ari kituna mah pamajikan téh rada gedé kawani, geura we kungsi aya kajadian di imah keur ngalobrol jeung ibu-ibu nu sejen, ditukangeun imah luareun pager kawat duri, aya lalaki urang Fakfak teu eucreug make jeung nembong-nembong bebegug bobogaanana. Pamajikan mah langsung nyirintil bari ngamang ngamang bedog,
“Sini kau…biar aku potong punyamu itu….” ceuk manehna, éta lalaki ngabiricit lumpat, tayohna teu nyangkaeun aya awéwé “rambut lurus” wanian. Kajadianana pabeubeurang mangsa keur lalaki aya di kantor, nu aya di imah téh ngan ibu-ibu wungkul keur ngararujak. Istilah rambut lurus téh keur pendatang utamana ti pulo Jawa.

Nyanyabaan ti Fakfak ka kota séjén nu aya di Papua rada mindeng, ari nu utamana mah ka Jayapura, ka kantor wilayah, pamajikan gé sok ngilu. Kitu wé indit-inditan téh bari dines ti kantor. Kabeneran ampir sakabeh kepala Stasiun Bumi teh babaturan saangkatan jeung ampir kabéh ti Bandung.
Ari balik ti Jayapura bisa liwat Biak terus ka Sorong, atawa liwat Manokwari, Nabire, malah kungsi liwat Kaimana. Tujuan ka Fakfak pesawatna leutik, jadi hiberna teu luhur teuing, kalan-kalan siga ngan ukur aya dina luhureun tatangkalan. Kaayaan leuweung bisa katingali. Enyaan Papua mah leuweungna geledegan kénéh, jeung deui kontur tanahna ambuing ningalina matak kukurayeun, loba jungkrang.
Dines di Fakfak teh salila opat taun, ti taun 1981 nepi ka taun 1985, dina bulan Juni taun 1985 kuring nampa tugas kudu pindah ka Mataram Lombok. Ninggalkeun Fakfak teh rada sedih, eta tuda jeung balad-balad geus kompak pisan, boh dina pagawean boh hirup kumbuh sapopoé. Ngumbara salila opat taun di tanah papua, loba pangalaman anu teu bisa dipopohokeun, sok sanajan teu bisa ari disebut ngumbara mah, komo lamun harti ngumbara tarjamah tina merantau, da sabenerna kuring ka Fakfak teh lain ngumbara tapi ngan sakadar ngajalankeun parentah ti pausahaan.
Sagala keur kahirupan geus dicukupan, imah geus aya, tinggal betahna. Kapan ari disebut merantau mah lain kitu, merantau mah ngajugjug ka hiji daerah anyar bari jeung can karuhan naon pagawean, dimana panganjrekan, didinya aya sumanget berjuang, survive. Tapi ketah sugan we aya mangfaatna keur pieunteungeun nu ngarora, kasebut meunang tugas kamana bae ge kudu daék, da sabenerna dimana baé gé jelema mah balageur tinggal kumaha urangna dina mawa diri, kapan aya paribasa pindah cai pindah tampian teu beda jeung paribasa urang Minang anu unina dimana bumi dipijak disitu langit dijunjung.

Mamat Sasmita
Pangsiunan Pagawe Telkom, kungsi dines di Fakafak ti taun 1981 - 1985




3 comments:

Anonymous said...

Sae pisan pa, langkung sae deui aya gambar/poto. Blog henteu dikomplitan nganggo "READ MORE"? sareng web counter stats, free hit counter?/ sobirin

RUMAH BACA BUKU SUNDA said...

Hatur nuhun Pak. Foto saleresna mah aya mung teu acan dilebetkeun, mangga ke bade nganggo READ MORE sareng nu sanesna. Sakali deui hatur nuhun.

Budi ti Cibiru. said...

Duh meni resep kana pangalamanana, Pa. Asa waraas kitu tah, kumargi abdi kantos ka Fakfak taun 2006. Tebih ari dibandingkeun sareng taun 80-an mah. ti Torea teh kapungkur abdi nganggo mobil ka kota. komo ayeuna bandara Torea tos dibangun. tah, pami ti kota ka Kokas mah (ka Sekar)jalan teh harita nuju dibangun. kitu deui jalan motong laut ti pelabuhan ka pasar Tambaruni, sami nuju dibangun. Sok hoyong ka ditu deui, Pa. emut paparahuan ti Patipi ka Sekar, teras ka Ubadari. ka Pulo Arguni, Darembang, Andamata, Fior, Furir.