Ku : Mamat Sasmita
(Moderator Kusnet – Komunitas Urang Sunda di Internet)
Bismillahirohmanirrohim
Assalamualaikum Wr Wb
BUBUKADa’wah teh hiji kagiatan umajak boh ka sorangan boh ka anu sejen bisa bae ngan ka saurang atawa ka lobaan,
Tujuan Da’wah nyaeta umajak kana kahadean (amar ma’ruf) jeung supaya ngajauhan kagorengan (pagawean munkar) sangkan meunang barokah dunya akherat.
Dina nepikeun da’wah kudu make basa( bahasa) anu dipikaharti ku pamilonna (mustami), supaya naon-naon anu ditepikeun ku juru da’wah kudu nepi ka para mustami kalawan sagemblengna, ulah aya salah persepsi, komo deui salah harti
Dina ieu makalah disebutkeun da’wah dina basa Sunda, basa Sunda nyaeta basa anu digunakeun ku urang Sunda sedengkeun urang Sunda nyaeta jalma anu ngaku dirina urang Sunda turta diaku sabage urang Sunda ku nu sejena.
Hiji jalma can bisa disebut urang Sunda lamun sakadar dijurukeun di tanah Sunda, inyana kudu boga ciri-ciri anu leuwih , sahenteuna kudu bisa basa Sunda, kudu ngarti kana adat istiadat urang Sunda, nyaho sajarah Sunda, seni Sunda, folklore Sunda, ageman (pandangan hidup) urang Sunda, pondokna kudu nyaho Sunda sapuratina.
“ Jeung kami henteu ngutus Rasul saurang oge anging kalayan make basa kaomna, supaya ngajelaskeun ka maranehna. Jeung Alloh nyasarkeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeuna sarta maparin pituduh ka sing saha anu dikersakeun ku Anjeuna, jeung Anjeuna Nu Maha Gagah, Nu Maha Wijaksana “
(Ibrahim-04)
Kukituna pantes pisan lamun da’wah make basa Sunda da keur urang Sunda, kapan basa Sunda teh basa rasa, tangtu kadengena ku urang Sunda lamun da’wah ditepikeun ku basa Sunda bakal leuwih nyerep tur bakal leuwih pageuh cumantel dina ati sanubari, atuh sabalikna pikeun da’i ngagunakeun basa Sunda teh bakal leuwih euyeub dina nyurahan bahan keur da’wah-na, da tangtu bakal dibeungharan ku adat budaya lokal nu jembar ku siloka, nu jembar ku ka-arifan lokal.
MEDIA DA’WAHDawah dina media elektronik, urang watesanana bae media elektronik teh ku Radio jeung Televisi, sok sanajan aya keneh media elektronik anu sejen, kayaning telepon keupeul (hp, telepon genggam), da bisa bae telepon keupeul dijadikeun media da’wah ngaliwatan sms, aya deui saperti intelegensi network (IN).
RADIO.Taun tujuh puluhan, kacida ramena siaran radio di Bandung ku dongeng enteng pasosore, biasana dongeng teh dimimitian bada ashar asana lilana ngan sa-jam, caritana aya Si Buntung Jago Tutugan, Neng Elah, Nurelah, Kapincut ku Bandar Buntut jste, eta dongeng teh make basa Sunda, meh unggal imah nu boga radio ngadepong ngadepong we ngadarengekeun.
Sok sanajan caritana make kasang tukang carita silat, jeung stereotype deuih nu jahat mah tangtu eleh ku anu bener tapi da ari dilenyepan kalawan gemet mah aya nilai da’wahna.
Kaom dangu bisa mapantes (ngahudang imajinasi) kumaha hut hetna dina adegan nu keur adu jajaten, jeung ongkoh deuih juru dongeng teh ku bisa mawa suasana, ngagilek-gilek sora boh sora nu keur ambek atawa ku ngadegdeg bakat ku sieun, kacida imajinatifna, nepi ka kaom dangu teh asa kabawa lamun carita keur ambek asa kabawa ambek atuh sabalikna lamun keur tunggara asa kabawa tunggara.
Ayeuna geus sabaraha puluh taun ti harita, studio radio beuki nambahan boh anu tetep di AM atawa FM (taun tujuhpuluhan mah radio FM teh carang keneh pisan), atuh acarana beuki euyeub, ngan hanjakal mangsa kiwari carita dongeng siga taun tujuh puluhan, geus tara kadenge, sigana kasilih ku acara sejen atawa kasilih ku acara televisi.
Pikeun lumangsungna hiji siaran radio sabenerna mah secara teknik teu hese hese teuing tinggal boga pemancar, audio set jeung rohangan anu nyukupan keur penyiarna, sakitu ge geus cukup, ngan dina palebah ngagunakeun frekuensi eta kudu ngabogaan ijin ti pamarentah, henteu sagawayah bisa ngagunakeun frekuensi, jeung dina mangsa kiwari siaran radio teh kudu ku badan usaha anu resmi.
Watek (karakter) Radio teh auditif nyaeta kaom dangu ngan bisa ngadenge sora, teu aya tulisan (text) komo deui gambar, akibatna sora penyiar nu kadenge teh kudu langsung kaharti ku kaom dangu, artikulasi kudu alus, ancad laer-na (intonasi) kudu merenah jeung eusina ulah ngayayay, ulah matak bosen nu ngadenge, vibrasi wanda sora ge kacida mangaruhanana, nu halimpu matak ngeunah kadengena.
Aya deui watek radio anu sejenna nyaeta sakoteap (selintas) dina harti lamun tea mah panyiarna salah maca berita atawa salah persepsi, tangtu nu kadenge ku kaom dangu oge salah, bakal kacida fatal-na lamun eta kasalahan teu eungeuh ku penyiarna, hese dibalikan deui.
Anu jadi kaunggulan tina radio nyaeta bisa siaran langsung “real time”, bisa nepikeun beja saharita bareng jeung kajadianana hiji perkara, upamana siaran langsung kacilakaan atawa siaran langsung laporan pandangan mata maen bal.
Acara siaran radio rupa-rupa, ti lagu nepi ka ngabahas masalah panyakit atawa korupsi, kitu deui da’wah geus jadi hiji mata acara anu maneuh dina siaran radio. Nya ieu pisan anu jadi daya tarik keur kaom dangu sagemblengna, sok sanajan aya nu sejenna kayaning kakuatan pancar jeung modulasi (FM/AM, anu mangaruhan kualitas sora)
Acara Da’wah.
Data sababaraha radio nu aya di kota Bandung, mere lolongkrang waktu keur siaran acara kaagamaan/da’wah paling gede 30 % nu pangleutikna 4.5%.
NO Studio Radio Siaran Agama ( %)
1 Paksi ( AM 1602 KHz Kota Bandung) 30 %
2 Mutiara (AM 1314 KHz Kota Bandung) 20 %
3 Lita (FM 90.75 MHz Kota Bandung) 20 %
4 Maestro (FM 92.50 MHz Kota Bandung ) 20 %
5 Antasalam (FM 106.5 MHz Kota Bandung ) 15 %
6 Garuda (FM 105.45 MHz Kota Bandung) 10 %
7 Mara (FM 106.85 MHz Kota Bandung ) 10 %
8 Oz (FM 103 MHz Kota Bandung) 5 %
9 Ardan (FM 105.8 MHz Kota Bandung ) 5 %
10 KLCBS (FM 100.55 MHz Kota Bandung ) 4.5 %
(Sumber data : PRSSNI Jabar http://www.prssnijabar.or.id/pd.php , dikunjal 20 Nop 05)
Da’wah dina radio anu make basa Sunda keur di kota Bandung mah ceuk rarasaan geus aya di baheula mula, geura lamun di monitor sabada subuh meh unggal radio raeng da’wah boh make basa Indonesia boh basa Sunda, atuh wandana rupa-rupa aya anu interaktif aya bae nu ngan ngajarkeun maca Al-Qur’an, aya oge anu ngajelaskeun langsung ka kaom dangu bab hiji perkara jste.
TELEVISITanggal 24 Agustus taun 1962 , pasosore TVRI munggaran ngayakeun siaran dina pembukaan Asian Games, nya mimiti ti harita Indonesia boga studio Televisi, mun teu salah siaranana ge masih hideung bodas, can aya keliran siga ayeuna
Lamun diitung nepi ka mangsa kiwari, Indonesia teh geus ngawasa media televisi salila opat puluh taun leuwih, jeung deuih dina mangsa kiwari nu disebut TV Swasta teh geus kaitung loba, boh anu skala nasional boh lokal, atuh lega ambahanana ampir sakuliah Indonesia da geus make satelit komunikasi (Palapa atawa Telkom)
Mangsa kiwari TV lokal teh geus loba, di Bandung we geus aya dua nu geus operasi atuh cenah nu keur tatahar aya keneh, kitu deui di kota sejen geus aya, siga di Bogor aya Megaswara TV.
TV lokal mah tangtu rada beda jeung nasional, tv lokal eusina bakal leuwih loba muatan lokalna, sabudeureun kota-na, geura tongton acara tv lokal nu aya di kota Bandung, kapan leuwih euyeub ku acara basa Sunda.
Ngan acara da’wah dina basa Sunda boh di tv lokal atawa nasional asa can kawenehan nangenan, leuwih nyindekel kana budaya, tapi kapan anu disebut da’wah teh lain bae ngan dina wangun ceramah bisa bae di kemas dina wanda sejen, bisa jadi jeung kasenian.
Didieu dipentes kaparigelan anu nyuguhkeunana, lamun urang bisa nimbus ka tv, entong waka tv nasional, tv lokal we heulaanan, tangtu bakal leuwih nyugemakeun hasilna sabab watek tv beda jeung radio.
Watek TV nyaeta audiovisual, dina praktekna leuwih nyindekel kana visualisasi tibatan audio, audio diusahakeun dijieun singget, padet, pemirsa disina nyaksian bari jeung disina nafsirkeun kajadian tina layar kaca, gambar ngabogaan kakuatan berita tibatan omongan.
Sudut gambar anu dipake ku kameraman, kudu ngawakilan mata para penongton, sok sanajan alusna hiji berita tapi salah nyokot sudut gambar (angel) tangtu bakal beda hasilna.
INTERNET.
Tamba kawaranan teuing urang sabit sauetik istilah-istilah anu mindeng dipake dina internet, internet singkatan tina interconnection networking bisa dihartikeun jaringan komputer sajagat, nu bisa silih sambungkeun antara computer nepi ka bisa aya komunikasi.
Website sok disebut situs, hiji alamat minangka jalan atawa konci pikeun ngambah eusi internet, contona www.urang-sunda.or.id , www singkatan tina world wide web nuduhkeun alamat internet, urang-sunda nuduhkeun ngaran website-na, ari or.id nuduhkeun wewengkon atawa domain, aya nu disebat co, com (commercial), go (government, pamarentahan), or (organization), edu (education), atuh id (Indonesia) nuduhkeun nagara asal padumukan misalna jp (Jepang), nl (Nederland, Walanda) jrrd.
E-Mail, serat elektronik (serelek), nyaeta hiji alamat anu unik (ngan hiji-hijina sadunya, ngan dipake ku saurang), lamun dibandingkeun jeung nomer telepon keupeul mah fungsina ampir sarua, bisa silih kirim pesen (message) dina wangun teks, gambar, sora atawa videoa. Contona matsasmita@telkom.net , matsasmita@yahoo.com
Juru Susud (search engine), nyaeta hiji alat anu disadiakeun ku hiji website pikeun nyusud hiji perkara anu kungsi ditulis/disimpen dina internet. Juru susud ieu kacida ngabantuna pikeun neangan bahan bacaeun atawa referensi keur perkara anu diguar, contona lamun urang neangan kecap sunda, bakal murudul nuduhkeun alamat eta website anu ngandung kecap sunda.Nu pangmindengna dipake juru susud teh nyaeta www.google.com .
Milis (Mailing List), ngarupakeun kumpulan alamat serelek nu bisa silih kirim secara broadcast, biasana sok ngarupakeun komunitas anu anggotana satujuan, eusina bisa ngarupakeun diskusi atawa hal-hal sejen anu keur jadi bahan obrolan, saterusna bisa silih pairan sasama anggotana.
Sangkan komputer urang bisa asup kana internet saheunteuna (nu pang saderhanana) urang kudu nambahan alat nu disebut modem (modulator demodulator) jeung bisa make saluran telepon (dial up) pikeun asup ka ISP (Internet Services Provider).
NU NGAGUNAKEUN INTERNET Nurutkeun statistik anu kungsi kabaca anu ngagunakeun internet sajagat teh ampir kana 964 juta, eta diwincik unggal benua lamun dibandingkeun jeung jumlah penduduk sadunya penetrasina 15% hartina kurang leuwih tina 6 jalma salah saurang kungsi make internet.
Di Asia anu panggedena penetrasina nyaeta Korea Selatan (65,2%) disusul ku Jepang (60,9%) di Asean panggedena Malaysia nyaeta 37,9 %, sedengkeun Indonesia ngan 7% (tina 14 jalma, saurang kungsi make internet), hanjakal teu aya data per propinsi.
Nilik tina data eta, internet geus jadi media anu kacida majuna, geus jadi trend setter malah bisa jadi indikator keur kamajuan hiji bangsa.
APJII Asosiasi Penyedia Jasa Internet Indonesia
Ngahaja ieu bukti nu digambarkeun dina table diluhur diberendelkeun didieu sangkan urang bisa ningali kumaha kamajuan sarana komunikasi nu disebut internet geus sakitu ngabajuna, geus ampir disebut kabutuhan sapopoe.
Sarana internet geus ngabantu pikeun urang dina widang widang sejena kayaning atikan, gawe, bisa bae keur kaulinan, atuh ngajadikeun diri urang lir aya dina komunitas global sok sanajan sifatna virtual (maya) anu tangtu bakal mawa parobahan dina sikep (kapribadian) kontak sosial jeung jalma anu lian, budaya, etika atawa moral.
Ieu media teh bakal kacida gede mangfaatna lamun urang bisa makena tur ngarti watek-na komo lamun didukung ku kanyaho kalawan parigel dina widang teknologina, lantaran internet (new media) boga kaunggulan diantarana :
1. Interaktif antar individu, bisa duaan atawa leuwih
2. Hubungan pribadi jeung media masa bisa babarengan jeung sawaktu
3. Inisiatif jeung waktuna ngayakeun komunikasi ditangtukeun ku sorangan teu gumantung ka batur
4. Sumber informasi anu bisa kapanggih teu kawatesanan kitu deui keur nyimpenna.
5. Global, bisa maca nu batur, bisa dibaca batur, jeung kabaca ku jalma sakuliah dunya, batas budaya batas nagara teu relevan.
Basa anu digunakan dina Website lolobana make basa Inggris nepi ka ampir sapertiluna tina sakabeh website anu aya sadunya ( dina waktu ayeuna jumlah kaca website teh kurang leuwih 8 milyar ), jadi lamun nilik kadinya basa Inggris kacida dominan, geus jadi basa internasional (tingali table dihandap), akibatna urang ge kudu kabawa bisa basa Inggris supaya ngarti kana eusi website, anu tangtu eusina bisa sagala rupa aya ti mimiti keur kaperluan usaha nepi ka anu sifatna pribadi, ti anu pang alusna nepi ka anu pang gorengna.
Basa Indonesia bae teu katingali aya dina urutan rangking kasabaraha, atuh komo deui basa Sunda, boa aya dimana.
Ngan teu kudu leutik hate da usaha kadinya mah geus aya, ngawanohkeun basa Sunda dina internet, da geus aya website anu make basa Sunda saperti Majalah Basa Sunda Cupumani, Majalah Mingguan Basa Sunda Mangle, Tabloid Basa Sunda Galura, Sundanet, Urang-Sunda, encan anu ayeuna keur jadi trend nyaeta webblog tea sok sanajan sifat pribadi, sosoranganan.
Atuh upaya sejen ge aya diantarana Kompuetrisasi Aksara Sunda Kaganga, ngeusian Wikipedia, Game (kaulinan) Basa Sunda, malah aya beja hawar hawar rek babarengan Nyundakeun Google, Nyundakeun program anu Opensources, jadi teu bisa dileuleungit anu haat kana basa Sunda dina internet teh aya.
Aya deui anu sifatna milis, anu husus make basa Sunda, nulis emailna kudu ku basa Sunda geus jadi aturan milis, sanajan masih aya keneh anu direumbeuy ku basa Indonesia, teu nanaon kapan maksudna ge babarengan diajar basa Sunda, asal ditepikeun bae alesanana.
Atuh upaya sejenna aya nyaeta hayang nyieun kecap istilah dina basa Sunda dina widang IT, keur dibaladah sanajan leuleutikan.
DA’WAH BASA SUNDA DINA INTERNET.Ceuk cenah watek internet nyaeta ngagabungkeun antara media citak (tulis), radio (sora) jeung tv (gambar/sora), sok sanajan masih aya halanganana diantarana kudu boga tempat keur nyimpen data anu kawilang gede, bisa diakses make saluran anu cukup lebar keur liliwatan data anu dipiharep, anu jigna mah kana biaya anu mahal.
Samemeh bisa nyimpen data dina internet, sakuduna urang miboga heula alamat anu unik (euweuh nu miboga kunu sejen), jeung kudu netepkeun heula naha domain teh rek make org atawa anu sejena.
Webdesigner
Nyieun rarancang kira-kira model kumaha website anu pantes, saluyu jeung visi misi anu rek ditepikeun, webdesigner leuwih nyoko kana tehnis nyieuna website anu tangtu kudu ngawasa basa anu pakait jeung nyieun website ti html,php jeung nu sejenna, dina ngararancang website kulantaran basa anu dipake nyaeta basa Sunda tangtu kudu ningalikeun wanda kasundaan jeung eusina da’wah atuh merenah lamun wanda kaislaman kaciri didinya, Web Designer bisa bae gawena ngan sakali sabab lamun geus jadi mah website-na tinggal nuluykeun, da wanda website mah teu kudu robah unggal waktu malah kudu rada tetep supaya jadi cirri anu mandiri.
Webmaster
Anu tugasna ngokolakeun website sapopoena, kasangtukangna leuwih hade ngarti kana tehnis nyieun website, bisi aya gangguan bakal bisa ngungkulanana
Jeung anu pangpentingna tugas webmaster nyaeta naha naskah/tulisan teh bakal lolos keur ditayangkeun dina website atawa sabalikna, ngawengku eusi tur tehnisna.
Editor Naskah
Samemeh naskah diasupkeun kana website teh sakuduna diedit heula boh wanda-na (html, atawa program teks lainna) boh eusina, atawa naha panjang teuing nepi ka kudu dimuat dua kali jeung hal lain anu kira kira bisa saluyu jeung kaayaan website.
Website dianggap sukses lamun loba anu ngajugjug (biasana sok aya alat ngitung jumlah anu kungsi nengetan), diluhur aya gambar siklus keur hirupna website, hiji website dianggap populer lamun loba anu ngajujug, alesan loba nu ngajugjug tangtu kulantaran alus eusina, alus wandana, alus ngokolakeunana, loba informasi anu ngahudang inspirasi jste, lamun geus kitu tangtu bakal hirup kalawan hurip, teu ngabibisani lamun bakal loba sponsor anu ngabayuan.
Tangtu aya tugas-tugas sejen kayaning : editor naskah, editor web jeung penulis-na., ieu tugas teh lain enteng enteng sabab kudu aya jadwal anu maneuh sangkan eusina web anyar tur langgeng (up to date), leuwih alus jeung sakuduna interaktif, supaya lamun aya pertanyaan ti anu ngajugjug bisa dijawab sok sanajan teu sapada harita.
TANTANGAN JEUNG PELUANG.Da’wah dina basa Sunda ngaliwatan media Radio atawa Televisi, rada beda jeung dina Internet, upamana dina Radio jeung Televisi aya nu disebut durasi, prime time, dina internet mah teu kawengku teuing ku waktu.
Kulantaran aya durasi (lilana siaran) tea, tangtu materi da’wah geus disiapkeun ti anggalna mula, malah lamun perlu mah direkam heula komo lamun ditepikeun dina wanda sejen, upamana dina wangun drama radio, drama TV (TV Play) dina waktu anu geus ditetepkeun kudu kahontal tujuanana, didieu tantanganana manajemen anu dipake teu beda jeung manajemen Rumah Produksi.
Komo ieu rek ditepikeun dina basa Sunda, penetrasi basa Sunda keur masyarakat kota sigana beuki dieu beuki ngaleutikan, aya tantangan anu husus dina nyiptakeun (kretifitas) materi siaran.
Masih leuheung keur media Radio lantaran lamun ningali data diluhur aya nu ngalokasikeun waktu keur da’wah anu nyukupan, sok sanajan teu togmol make basa Sunda, tapi aya harepan keur digarapna, lain deui dina media TV, asa leutik harepan lamun ditepikeun dina TV Swasta Nasional, sigana lamun TV local mah masih bakal mere lolongkrang, sok sanajan wandana kudu leuwih kreatif.
Mun leukeun lalajo TV local mimindengna tayangan basa Sunda teu jauh tina bobodoran, naha teu bisa masalah daria nu digarap ku TV local make basa Sunda, upamana da’wah dina wanda siga anu digarap ku Dedy Mizwar (Kiamat Sudah Dekat), atawa nyieun film dokumenter ngeunaan Kawah Tangkuban Parahu, dikaitkeun jeung da’wah saperti film anu dijieun ku Harun Yahya, make basa Sunda kalawan daria gunung ditilik tina jihad geologi jeung agama jste.
Aya garapan film indie ngeunaan Danau Bandung Purba, nu dijieun ku barudak ngora, kacida alusna lamun ditepikeun dina basa Sunda jeung dikaitkeun kana da’wah, kumaha lingkungan hidup ditilik tina bagbagan agama Islam. Didieu tangtu kudu boga kolsultan dina widangna, lamun ngabahas gunung atuh konsultanna geolog, lamun kasehatan konsultanna dokter.
Ieu ngarupakeun hiji peluang disagigireun da’wah aya udagan sejen nyaeta mere kasempetan pikeun ngamekarkeun basa Sunda anu aya hubunganana jeung paelmuan, sabab tangtu kudu aya istilah paelmuan anu ditarjamahkeun kana basa Sunda sok sanajan teu sakabeh istilah paelmuan kudu di Sunda-keun.
Prime time atawa waktu nu utama, bareto waktu televisi ngan aya hiji nyaeta TVRI anu disebut prime time teh antara jam salapan peuting nepi ka jam sapuluhan, dina waktu eta dianggap waktu anu panglobana lalajo TV, mangsa reureuh tapi can sarare, nya disuguhan ku warta berita, sigana kaayeunakeun anu disebut prime time teh geus loba ngageserna, aya sababaraha alesan diantarana jam gawe geus ngageser, bareto mah gawe teh ti jam tujuh isuk-isuk nepi ka jam dua beurang, komo poe Jumaah mah ngan ukur nepi ka jam sabelas, ayeuna waktu gawe ti jam dalapan isuk-isuk nepi ka jam lima sore ngan poe Saptu pere.
Jadi nu disebut prime time teh geus rada ngalogoran, acara da’wah mun nalingakeun dina televisi leuwih loba loba jam lima sabada subuh.
Keur media radio dina mangsa kiwari aya anu disebut Radio Komunitas, nyaeta studio radio anu ngabogaan ciri-ciri husus, diantarana nirlaba (lain radio komersial), materi siaran kudu husus, frekwensi geus ditangtukeun, daya pancar teu meunang gede (kira-kira radius 3 km), asa merenah lamun da’wah basa Sunda ge dijadikeun hiji tema husus keur nyieun radio komunitas.
Media Internet, lebar temen lamun ieu media anu unggal jalma secara pribadi bisa ngabogaan website kalawan haratis nepi ka teu dimangfaatkeun keur kamekaran da’wah dina basa Sunda, jeung deuih lamun oge kudu mayar asana teu mahal teuing pikeun boga tempat dina hiji server ti ISP, gumantung kana gedena anu dipikahayang, keur leuleutikan mah nyobaan we heula 40 MB, sataun waragadna teu leuwih ti lima ratus rebu rupiah.
Aya nu kudu jadi perhatian pisan nyaeta ngabarukeunana (update) naon-naon anu ditayangkeun, hal ieu jadi kalemahan anu lumrah, rea situs internet ti mimiti dijieun nepi ka lila angger bae siga kitu. Pagawean update, kudu jadi pagawean tim anu bisa diandelkeun.
Salian ti website, aya deui anu kudu dimangafaatkeun teh nyaeta milis (mailing list), geus disebutkeun harti jeung tujuanana milis di luhur, media ieu cukup ampuh keur ngumpulkeun jalma anu satujuan, lantaran sifat milis terbuka, saha bae bisa asup jadi anggota, didieu nu diandelkeun teh moderator sangkan lalu lintasna serelek (email) bisa ka monitor tur eusi tulisan unggal serelek bisa disensor bisi eusina papalingpang jeung misi anu geus ditetepkeun.
Lamun geus loba anggotana, moderator teu cukup saurang, bisa bae dua, tilu atawa leuwih, biasana dipilih ti anggota anu kira-kira kapercaya tur mampuh, utamana kudu rada nyaho widang teknisna.
Paguneman biasana leuwih nyoko kana diskusi hiji masalah anu keur haneut di masyarakat, atawa hal-hal poko lainna.
Loba mangfaat anu bisa dipetik tina obrolan dina milis, jeung anu geus tangtu kudu make basa Sunda sabage basa panganteur atawa tulisan anu ditepikeun, atuh eusina tangtu kudu nyoko kana masalah da’wah.
Anu jadi halangan keur akses kana internet atawa milis nyaeta masih kaitung mahal, sok sanajan ayeuna geus loba warnet (warung internet) anu mere pangaji sa-jam-na tilu rebu rupiah, tapi meureun ka warnet mah kudu bari ngingkig, sedengkeun di imah can tangtu bisa, lamun bisa ge upamana make system dial-up ka Telkomnet Instan, sa-jam-na kurang leuwih sapuluh rebu rupiah, kaitung mahal sanajan aya rasa nyaman sabab bisa dilakukeun ti imah sorangan.
PANUTUPPangalaman kuring jadi moderator hiji milis nyaeta urangsunda@yahoogroups.com salila kurang leuwih lima taun, loba hal hal anu pikaresepeun, jeung loba mulungan elmu, sabab anu ngiluan kana milis teh rupa rupa profesi, aya seniman, pangarang, pagawe nagri, pagawe swasta, guru, dosen, murid sakola, mahasiswa, ti budak ngora dugi ka anu tos cetuk huis, atuh padumukanana lain we sakuliah Indonesia tapi loba deuih nu di luar nagri, hal ieu ngajadikeun euyeubna tulisan.
Anngota milis urangsunda@yahoogroups.com ayeuna geus aya kana 1700 anggota, produktipitas email sapoena aya kana saratus email leuwih, jadi kaitung loba. Keur jadi anggota teu hese ngan saukur ngirim email kosong ka urangsunda-subscribe@yahoogroups.com , aturanana anu utama kudu nulis ku basa Sunda, aya aturan sejen anu umum nyaeta tetep ngajaga sopan santun, kapan urang Sunda mah kawentar jalma anu boga etika. Kulantaran anggotana geus kaitung loba nya moderatorna ge aya 7 an, tugas moderator salian ti sangkan ulah aya pacogregan nya keur ngaping sangkan anggotana bisi aya nu nyiliwuri rek rek ngaruksak ieu milis. Anggota anu kakara asup kapaksa dimoderatoran heula, tulisanana anu asup kudu disatujuan heula ku moderator (approved), lamun geus kaciri tulisanana lain rek ngabalukarkeun pacogregan nya satuluyna mah sok dibebaskeun teu dimoderatoran deui.
Mangfaatna salian ti anu ditulis diluhur nyaeta leuwih ngaraketkeun silaturahmi papada urang Sunda, unggal taun aya acara rutin papanggih antar anggota nyaeta dina acara Halal Bi Halal Kusnet, taun 2004 di Cimalati Sukabumi, taun 2005 di Cipanas Puncak, atuh lamun ayah al anu perlu dibadamikeun sok aya Kongres (ngawangkong teu beres beres) madungdengkeun hal hal anu perlu digarap di “darat” .
Ku kahayang anggota milis dina taun 2003 nyieun hiji website alamatna di www.urang-sunda.or.id , ieu website teh gunana keur nyimpen tulisan tulisan anu kawilang alus tur keur ngawadahan hasil karya ti anggotana, anu geus diwadahan saperti digitalisasi Pusaka Sunda (majalah Sunda anu terbit ti taun 1922-1927), komputerisasi aksara Sunda (aksara Ngalagena) jste.
Sakali deui ieu media anu disebut internet, kacida perluna dimangfaatkeun keur da’wah dina basa Sunda, sahenteuna urang Sunda kaciri ngilu icikibung dina kamajuan teknologi internet. Basa Sunda kudu tetep dipake ku urang Sunda, naha rek kusaha deui dimumulena lamun lain ku urang Sunda sorangan.
Peupeujeuh ka barudak ngora basa Sunda ulah dianggap hese, kapan basa Sunda teh basa indung, basa anu pangheulana kadenge ku urang ti mimiti brol dijurukeun nepi ka urang kolot.
Basa Sunda bisa dipake keur naon bae, keur da’wah, keur teknologi, keur ekonomi jeung keur nu sejena, tinggal urang kudu mateakeun kalawan daria.
Prak.
Wassalamualaikum Wr Wb
Bandung Margawangi 13 Desember 2005
(Ieu tulisan ditepikeun dina acara : Lokakarya Da'wah Islam Napak kana Budaya Sunda nu diayakeun ku KB-PII Jawa Barat antara tanggal 17-19 Januari 2006, dimuat dina buku Ngamumule Budaya Sunda, Nanjeurkeun Komara Agama/ Perhimpunan KB-PII Jawa Barat / November 2006)
Daftar Pustaka :
1. Syaikh Abdurrahman A Khaliq, Methode dan Startegi Da’wah Islam, Pustaka Al Kautsar 1996
2. Prof Dr Suwarsih Warnaen, Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin Dalam Tardisi Lisan dan Satra Sunda, P dan K Bandung 1987
3. Saini KM, Pelik-pelik Kebudayaan Sunda dalam Jurnal Keb Dangiang No.1 Th 1, 1999.
4. Choiruddin Hadhiri SP, Klasifikasi Kandungan Al-Qur’an, Gema Insani Press,1994.
5. KH Qomaruddin Shaleh dkk, Al Amin Al-Qur’an Terjamah Sunda, Diponegoro Bandung,2003
6. Jack Febrian, Menggunakan Internet, Informatika Bandung,2003
7. Septiawan Santana K, Jurnalisme Kontemporer, Buku Obor,2005
8. Ward Hanson, Pemasaran Internet, Salemba Empat,2000
9. Asep Syamsul M Romli, Broadcast Journalism,Nuansa, 2004
10. Jack Febrian dkk, Kamus Komputer dan Istilah IT, Informatika Bandung,2002
11. Data lainna di kunjal tina Internet.