09 May 2017

URANG SUNDA NEUTEUP LANGIT jeung BABANGO

URANG SUNDA NEUTEUP LANGIT
Ku : MAMAT SASMITA


Tangtu urang Sunda gens mindeng nenteup langit, ti balieula mula, ti jaman mana boa gé. Gambaranana bisa rnpa rupa, pangpangna nu kapanggili dina kandaga tradisi lisan. Geura dina babasan paribasa, aya ungkara  ”satungkebing langit”, hartina saeusina-salegana langit. ”Balungbang timur caang bulan opat belas jalan gedé sasapuan", hartina ihlas. Timur téh nuduhkeun béntang timur (Planet Vénus), nu rnoncorong.  ”Sorot soca béntang timur sakembaran” ngagambarkeun éndahna sorot panon kénca-katuhu.  ”Caang bulan dadamaran”, migawé gaplah. ”Kabedil langit”, kasamaran,.  "Keur béntang  surem” hésé rejelci.  ”Lalaki langit lalanang jagat” lalaki nu gagah.  ”Jumerit maratan langit ngocéak maratan jagat" hartina kaleleban.  "Ngajul bulan/béntang ku asiwung”  migawe gaplah.
Dina dongéng jeung  pantun gé teu kurang. Cara Ki Sabeulah (CM Pleyte,1911), nu nanyakeun ka Nu Maha Kawasa, pangna dirina ngan sabeulali. Nu dipanggihan mimiti panonpoé, sabab pangkawasana, bisa nyaangan dunya. Béhna panonpoé boboléh, majar nu kawasa mah Ki Reueuk, mega hideung pihujaneun, sabab bisa ngahalangan caang. Jol ka Ki Reueulc. Ieu gé boboléh, bari cénah nu pang kawasana mah Ki Batu, nu ngajungkiring gedé tara ngised. Cék Ki Batu nu kawasa mah jelema, sabab sakumaha gedéna batu bisa ledis ditugalan keur nyieun tatapakan imah. Cék jelema nu kawasa mah anging Alloh Nu Murbeng Alam.
Naha Ki Sabeulah mimiti ménta kaadilan téh ka panonpoe? Sigana pédah nu nyaangan dunya, ayana di luhur, nu kaciri pangrohakana, nu hésé disungsi jeung dijugjugna. Kecap ”luhur” nuduhkeun posisi saluhureun sirah, sakapeung sok dihartian luhung atawa agnng, teu béda jeung posisi langit. Di imah gé aya nu disebut lalangit, posisina di luhur, antara suhunan jeung palupuh. Lalangit imah sok dirumat, diberesihan sangkan asri teu cakueun. Dina pantun Mundinglaya di Kusurnah (CM Pleyte, 1907) aya ”sajabaning langit”, tempatna langlayang salaka domas nu dijaga ku Guriang Tujuh. Sajabaning langit hartina saluareun langit, ngan tetep nunjuk ka luhur sabab Munding laya di Kusumah ngajugiug ka dinya téh kudu bisa ngapung.
Leuwih écés dina pantun Lutung Kasarung (CM Pleyte 1911). Apan kieu dicaturkeunana ”Ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda Kahyangan, anak déwata, cikalna titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujang di para déwata, kasép taya papadanna, keur meujeuhna teguh cangcut". Tina ieu gambaran, kahyangan téh ayana di langit, kitu deui aya kecap manggung atawa panggung hartina di luhur. Dina pantun Lutung Kasarung aya nu disebut "buana nyungcung” atawa buana luhur, Sunan Ambu, jeung para pohaci.  Dina pantun Radén Tegal (JJ Meijer, 1891) disebutkeun Radén Tegal ”ngadedel lemah nyemprung ngeumbing langit, nyakar méga, semprung ngapung ka manggung datang kandek kandek, tangan koléang ka handapkeun deui”.
Di dinya nu kumelip di langit gé di sabit sabit. Antarana, cara méga pihujaneun disebut ”puhaci cikarapak séah” atawa ”patapaan hujan”, tempat disadana gelap atawa guludug disebut ”patapaan gugur”, panonpoé, katumbiri jeung téja. Téja téh cahaya nu kaciri dina sisi méga beulah kulon mun katojo ku panonpoé rék surup, hérang nyacas saperti disiram ku emas beunang nyangling.
Atuh bulan gé ku urang Sunda mah dipaké dumuk. Enya ku Nini Antéh nu keur ninun dibaturan ku ucing candramawat. Mangsa bulan keur gedé, keur caang mambra, bakal kaciri kelemengna. Carana hanjat ka bulan aya nu nyebutkeun nérékél kana tangkal handiwung nu kacida janglcung, geus deukeut ka bulan aya nu nyodorkeun tarajé emas. Aya deui nu nyebutlceun tumpak kana méga bodas.
Ucing candramawat téh ucing nu buluna tilu rupa, bodas, beureum jeung hideung. Buntutna rada cumantél, watekna keur nu ngukut matak kaseundeuhan jeung babari rejeki. Kecap ”candra” hartina bulan.  Malah aya sesebutan candrawulan nyaéta dongéng-dongéng nu nyaritakeun kaéndahan alam dina rnangsa bulan keur gedé, keur caang mambra. Cara ngabungbang, mun bulan sumedeng gedé, barudak arulin di buruan. Barudak rumaja mah, sok mapay mapay tempat karamat, ngalap berkahna.
Mun samagaha bulan, baheula mah sok ramé tatakolan. Majar bulan keur dilegleg naga, sangkan diutahlceun deui kudu ramé tatakolan. Mun samagaha panonpoe, ieu gé sok ramé tatakolan, majarkeun panonpoé keur kawin jeung bulan. Ramé tatakolan téh milu ngareuah-reuah jeung ongkoh sangkan téréh pukah.
Prakna dina tatanén gé urang Sunda. rajeun neuteup langit heula, keur nangtukeun usum (pranatamangsa). Nu jadi dasarna posisi béntang wuluku nu kaciri di Orion Belt. Ari bentang wuluku rajeun disebut béntang kidang.  Sigana kecap ”wuluku” leuwih dipikawanoh ku nu nyawah, ari bentang kidang ku nu ngahuma. Baheula mah béntang wuluku téh sok disebut guru désa, sabab dianggap nu méré nyaho iraha ngamimitian tatanén, hujan, halodo ka urang désa. Nepi ka aya kacapangan ”unggah kidang turun kujang”.  Enya mun béntang kidang geus mimiti kaciri di béh wétan jeung panonpoé keur déngdék ngalér, kudu sasadiaan parabot tatanén di antarana kujang keur nyacar reuma. Sedengkeun di kulon mun kaciri bintang kerti (béntang ranggeuy), kacapanganana ”tanggal kerti turun wesi”.  "Kerti” téh tina ”kartil
Péréléan ngaran bulan dina sataun usum usuman nyaéta kasa, karo, katiga, kapat, kalima, kanem, kapitu, kawalu, kasanga, kadasa, hapit kayu (desta), hapit lemah (sada). Mangsa kasa, karo jeung katiga mah dianggap usum halodo. Unggah kidang turun kujang téh dina kapat, nyambung ka kalima. Usum kanem keur ngecrek hujan, manuk belekék abring abringan néangan kahakanan.
Dina kapitu jeung kawalu loba hujan, kalan kalan nepi ka caah, usum megar endog peupeundeuyan, tangkal kaso mimiti kembangan. Kasanga jeung kadasa, hujan mimiti ngurangan, paré huma geus konéng jeung geus aya nu dibuat, bangsa kasir, tonggérét disarada.  Hapit kayu jeung hapit lemah, hawa panas, mimiti rék usum halodo, dangdaunan lalayu, tangkal randu mimiti kembangan.

Atuh pamayang mun kalangsu di tengah laut, sok alak ilik kana bentang. Biasana nu sok ditingali téh bentang langlayangan, buntutna nuduhkeun ka kidul, jadi padoman jalan balik. Kitu deui dina palintangan. Lintang téh béntang, ngan ieu mah leuwih nujul mun hayang nyaho nasib, cék ayeuna mah méh sarua jeung ramalan bintang atawa astrologi. Ngitungna tina wedal atawa poé lahir. Mun geus kanyahoan bisa kapanggih pasipatanana atawa repokna, ku kituna teu ditulis. Kitu tah, sausap saulas
bagbagan urang Sunda neuteup langit téh. Bobot pangayon timbang tarajuna mah, mangga nyanggakeun.


(Dimuat dina koran Pikiran Rakyat rubrik Kalam, Senen 3 April 2017)




BABANGO

Ku : MAMAT SASMITA

Raména sunatan jaman baheula, antarana, dicaritakeun ku Ahmad Bakri dina Ronggéng Sajajagat (2013).  Balandongan keur narima tamu gé aya dua, lalega, cék nu rahul mah nepi sawidak deupa panjangna. Encan ubug, sasaungan keur nu digarawé reureuh, aya sababaraha hiji. Teu tinggaleun kebonalas, iimahan leutik nu pinuh ku dahareun jeung bubuahan diruntuykeun digantung gantung, dihias dialus alus. Dina derna disunatan, rebun rebun budak sunat geus dibawa ka walungan sina mandi, sina ngoyok dina cai tiis, sangkan baal. Sanggeus rada lila, méméh kabulusan, regeyeng budak dibawa ka imah deui, dibajuan nu anyar. Tuluy sina diuk dina dulang nangkub atawa jubleg nangkub, ngadangkak dicekelan ku kokolot.  Gog béngkong (paraji sunat) ngajogo hareupeun budak, gereyem mapatkeun parancah, sangkan budak berekah salamet. Béngkong ngaluarkeun babango, alat keur ngeuneut kulup. Ngan sakiceup, paling lila memenitan, kalan kalan teu kaciri kumaha prakna ngagunakeun babango, saking ku geus tapisna.
 ”Kasép...,” cék béngkong.  Ěta téh tandana geus bérés dikeureut. Geus kitu der deui tatabeuhan leuwih ngageder,  leuwih ramé.  Nu séjén buru buru meuncit hayam jago nu gedé, disebutna béla.  Hayam terus dibakakak, diteundeun hareupeun budak pangantén sunat. Sok  nyandingkeun bokor ditutupan ku lawon bodas deuih, keur nyimpen duit panyecep. Sanggeus rerep ngagetihna budak nu disunaian sok sina maké sarung ditambahan kujugang nu dijieun tina tapas kalapa, ngarah sarung mudugdug ka hareup teu ngagasruk kana kulup nu can cageur. Béngkong nu dianggap tapis jeung alus mun nyunatan, budak pangantén sunat tara ceurik nepi ka gogoakan sarta babari cageur, dina harti kulup nu dipotong babari garing atawa teu ngagetih  loba jeung lila. Cénah ngarah teu ngagetih loba sok dilampud ku endog hobodasna.
Pakakas keur nyunatan téh aya tilu rupa nyaéta sumbi, péso jeung babango. Ngan, nu mindeng disebut ku masarakat umum mah babango. Sumbi téh solobong nu liangna bungbas, panjangna kira kira 10 cm atawa 15 cm, ari diaméterna kurang leuwih 10 mm, dikira bisa asup hulu rarangan budak. Sumbi dijieunna aya nu tina kai, awi, tanduk atawa tulang, dihampelas nepi ka lemes. Gunana keur misahkeun antara kulit kulup jeung hulu rarangan ulah napel pageuh.  Ari péso keur ngeureut kulit kulup. Kumaha baé pésona mah, asal seukeut. Mimindengna péso cukur nu sok diasahna dina kulit munding nu heuras semu hideung. Méméh prah maké péso cukur, nu dipaké téh ku hinis, dijieun mangrupa péso. Péso hinis mindang kénéh dipaké dina abad ka 19 katompérnakeun. Babango, luyu jeung ngaranna dicokot tina rupa pamatuk bango, nu kuat jeung tara nyalahan nyapitna. Gunana keur nyapit kulit kulup nu rék dikeureut. Babango gé antarana aya nu disebut babango sopa jeung babango belék. Cara makéna euweuh nu nyaho iwal ti béngkong sorangan. Tong boro budak dalah kolot gé teu meunang ningali. Majarkeun pamali, bisi baluas ningalina. Babango dijieunna tina awi, kai atawa tanduk. Dialus alus malah aya nu diukir sagala. Wangunna bisa jadi di unggal wewengkon béda jeung deuih gumantung ka  béngkongna sorangan. Siga babango ti Cianjur béda pisan bentukna jeung babango ti Bandung atawa ti Tasikmalaya. Komo babango belék mah teu katingali cara nyapitna. Mun ningali babango, sigana cara nyunatan téh ukur diturih atawa disudat (incision) lain diteukteuk kulupna (circumcision). Luyu jeung éta, cék Akip Prawirasuganda (Upacara Adat di Pasundan, 1964), neukteuk kulup téh geus dipigawé ku urang Sunda méméh Islam datang. Disebutna disudat atawa disundat, hartina diturih kulit kulupna. Sanggeus Islam asup robah jadi disunat, diteukteuk buleud kulit kulupna.
Pangaweruh urang Sunda lebah nyundatan atawa nyunatan katut wangun alatna sahenteuna kudu dihargaan. Najan kiwari geus taya béngkong atawa paraji sunat nu maké babango, disunat leuwih percaya ka dokter maké alat alat modéren nu leuwih dijamin kaséhatanana, nu sipatna tradisi angger kudu dipiéling.
(Dimuat dina PR rubrik Sundapedia Senin tanggal 8 Mei 2017)


No comments: