20 April 2017

MILIH TEMPAT DUMUK JEUNG HATEUP

MILIH TEMPAT DUMUK
Ku : MAMAT SASMITA

Padumukan asalna tina dumuk hartina tempat matuh. Rajeun disebut lemah cai, tempat urang dijurukeun, digedékeun, jeung nyiar kipayah. Jol deui kekecapan umbul, babakan, lembur, kampung, nu patali jeung padumukan. Babakan hartina lembur anyar, pangeusina can pati loba. Iembur hartina kampung, nu pangeusina leuwih loba batan babakan.
Méméh dumuk, tangtu kudu milih pitempateunana. Kituna téh tangtu aya lilingeranana. Apan aya sumber tinulisna, nyaéta naskah buhun Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK, 1987), Warugan Lemah (WL, 2010), jeung tulisan J.Habbema, ”Eijgeloof in de Preanger Regentschappen” (PP, 1900). Kabéh papahat kudu asak sasar enggoning milih padumukan, sabab aya nu mawa mawat hadé jeung goréng.
Bagbagan milih pitempateun dumuk téh jadi tanda pangaweruh balaréa luyu jeung jamanna. SSK jolna ti taun 1518, ari WL sajaman jeung SSK. Sedengkeun PP dituliskeun taun 1900. Enya PP téh dituliskeun ku urang Walanda tapi pasti sumberna atawa informanna mah urang Sunda.
Dina SSK aya nu disebut nirmala ning lemah (tanah nu mawa mawat hadé) jeung mala ning lemah (nu mawa mawat goréng). Nu disebut hadé téh pahoman, pabutelan, pamujaan, lemah maneuh, candi, prasada, lingga linggih, batu gangsa, lemah biningba, ginawé Wongwongan, sasapuan. Kabéh patali jeung pamujaan. Mala ning lemah téh cék SSK mah lemah kasingsal. Béréndélanana, sodong, saronggé, cadas gantung, mungkal pategang, lebak, rancak, kebakan badak, catang nunggang, catang nonggéng, garunggungan garénggéngan, lemah sahar, dangdang wariyan, hunyur, lemah laki, pitunahan céléng, kalombéran, jarian, sema.
Mun diimeutan mala ning lemah téh aya nu dumasar kana kontur tanah (fitur topologis) jeung kaayaan wewengkonna. Cara catang nunggang catang nonggéng, kondisi siga kitu biasana aya dina gawir nu loba tatangkalan nu kabawa longsor. Garunggungan garénggéngan, nyaéta sala sela gunung atawa pasir, embet ku tatangkalan nu loba cucukan. Aya alesan sején, nyéta geueuman (magis réligius), garing, kotor (sanitasi). Cara sema, tanah urut kuburan atawa lemah sahar, tanah nu baheulana kungsi dipaké perang ragot. Tangtu tanah kitu kudu disingkahan.

Satuluyna dina WL aya 18 rupa padumukan nu dipasing-pasing dumasar kana kontur tanah jeung  wilayahna. Dumasar kontur tanahna aya talaga hangsa (tanah bahé ka kénca) watekna dipikaasih ku unggal jalma; banyu metu (bahé ka tukang) watekna hamo dipikaasih; purba tapa (bahé ka hareup) watekna teu dipisuka; ambek pataka (bahé ka katuhu) watekna loba nu nganyerikeun haté; ngalingga manik (datar béh luhur) watekna dipikanyaah ku dewata; singha purusa (nu motong pasir) watekna awét juritan; sumara dadaya (tanah datar) watekna kadatangan rama; jagal bahu (dua lahan nu misah) watekna kurang wibawa; jeung sri madayung (nu diapit ku dua walungan) watekna awéwé sok midua.
Nu dumasar kaayaan Wilayalina aya luak maturun (nu di tengahna aya lebak) watelcna mindeng meunang katunggaraan; sumaliput (nu ngalipet) watekna ngurangan pakaya; tunggang laya (nyanghareup ka laut) watekna sok kabéntar gelap; mrega hideng (urut kuburan) watekna kurang wibawa; talaga kahudanan (nu motong walungan) watekna sok maot ku bajra di tanah batur; nukangan pasir watekna loba panyéréwédan; jeung si bareubeu (nu katunjang ku cai/walungan) watekna sok dipahala ku déwata. Ari nudisebut hareup téh wétan, katuhu téh kidul, tukang téh kulon jeung kénca téh kalér. Nu dianggap alus ngan talaga hangsa, ngalingga manik, singha purusa jeung sumara dadaya. Nu séjénna kudu dipalakiahan heula, malah nu alus gé tetep kudu disucikeun. Upamana talaga hangsa, keur nyucikeunana dina ngamimitian ngawangun lembur kudu melak pacar di pahoman (tempat sasajén). Mrega hideng, keur nyucikeunana kudu melak dangdeur di unggal juru lahan pilembureun, mantrana ”Ong pasaduan kami pun, d sang Ratu Breco na déwata kayu dangdeur pun, maka hilang ikang tamah, maka tinggal suka sohah.”

Ari PP, nyebutna téh tanah piimaheun. Cénah nu dianggap hadé téh tanah nu bahé ngétan ngalér, watekna ka nu tani matak mukti, ka nu dagang matak beunghar, jauh tina bancang pakéwuh; Anggon-anggon nu tani, nyaéta tanah nu bahé ngétan, watekna nungtun resep pepelakan turhadé jadina; jeung anggon anggon pandita, nyaéta nu bahé ngulon, watekna mawa bageurka nu nyicinganana, dijauhkeun tina kalakuan nista.
Mun dibandingkeun jeung dina WL, sigana patukang tonggong, upamana dina WL tanah nu bahé ka hareup atawa ka wétan disebut purba tapa watekna teu dipisuka, ari dina PP mah tanah bahé ka wetan téh watekna resep pepelakan jeung hadé jadina. Bédana kitu téh teu kudu jadi masalah sabab mungkin baé geus ngisedna ajén inajén masarakatna lantaran ayana parobahan sistem kapercayaan.
Nu dianggap panghadéna dina PP nyaéta tanah nu dikurilingan ku cai, watekna tiis, teu loba pacogrégan; ngagaludra ngupuk, nyaéta tanah nu caina ngocor ti tilu madhab tuluy palid ka madhab hijina deui. Dina PP gé dicontokeun Bandung, cai ngocor ti kalér, kulon jeung ti wétan kapiceun atawa kapalidkeun ka kidul, ka Citarum.
Ari nu kaasup goréng nyaéta tanah nu kaungkulan ku jalan, ari peuntaseunana papakjeung jalan, watekna teu weléh kaéléhkeun; lemah gunting, tanah nu kacapit ku jalan cagak atawa ku ngamalirna cai nu nyagak, watekna matak sangar, teu pikabetaheun; Tanah nu bahé ngétan ngidul, watekna mawa daék kana pepelakan tapi tara alus jadina; anggon anggon jaksa, bahé ngulon ngalér, watekna loba panyéréwédan; anggon anggon durjana, bahé ngulon ngidul, watekna sok kalindeukan bangsat; talaga ngembeng, keloh teu béda ti katél, cai ngocor ti madhab papat ngumpul ka tengah bari euweuh pamiceunan, watekna tara jadi jual beuli; kancah nangkub, tanah sangar, watekna teu bisa ngampihan rejeki. Nu pang goréng goréngna talaga ngembeng jeung kancah nangkub.
Nyanghareupna imah gé jadi tinimbangan sangkan asup kana watek hadé. Ngan nyanghareupna téh sipatna individual dumasar kana weton atawa poé naon dilahirkeunana. Ku kituna dina hiji padumukan bisa baé nyanghareupna imah siga nu pasoléngkrah. Contona weton poé Ahad imahna kudu nyanghareup ka kidul, panto ayana di tengah. Weton poé Kemis imahna kudu nyanghareup ka wétan, panto ayana di sisi beulah kidul atawa kalér. Kitu deui weton séjénna.
Dina PP gé disebutkeun deuih sarat keur nyucikeun tempat nu rék dipaké keur padumukan, nyaéta:  Di unggal juru, di handapeun tatapakan, kudu diruang tai beusi, bawang bodas jeung reremekan tujuh rupa, kayaning reremekan botol, piring, kendi, talawéngkar, kenténg, bata, goci atawa lian ti éta. Tai beusi watekna matak teuas kana taneuh, neundeut, bawang bodas panyinglar kana panjakit, ari reremekan, tumbal nyingkirkeun dedemit nu aya di dinya.
Tina dadaran di luhur, sahenteuna urang ayeuna bisa wanoh kana papagon karuhun. Lebah milih padumukan horéng teu sagawayah. Aya ugeranana, aya pangaweruh nu diwariskeun ti kolot ba
heula. Ari kiwari, da kari blus. Milih padumukan di daérah urban téh sasatna kuma pengembang perumahan


(Dimuat din PR rubrik Kalam, Senen 13 Maret 2017)


HATEUP
Ku : MAMAT SASMITA
Hateup dipasang luhureun suhunan, dicangreudkeun dina eréng nu napel pageuh kana usuk. Hateup aya nu dijieun tina welit, injuk, talahab jeung kenténg. Welit biasana dijieun tina daun eurih nu geus rada garing tapi teu regas. Carana nyieun welit, eurih kira kira sakeupeul dibeulitkeun kana awi sabébék. Panjangna kira-kira dua méter tuluy dibeungkeut ku tali tina awi tali atawa tina hoé leutik (hata). Disebutna sajalon. Supaya eurih nu dibeulitkeun teu cengkat sok didempét ku awi ti luhur jeung ti handap, disebutna tutus. Terus ditalian disebutna ngawilet, tali dipurintilkeun, tungtungna diselapkeun sangkan kuat jeung teu leupas deui. Salian ti eurih, aw deui nu remen dipaké keur hateup di antarana daun gebang. Carana nyieun méh sarua, ngan daun gebang mah sok dibeberkeun, dua lambar dua lambar, tuluy di ditalian ku hata saperti diseumat tapi manjang. Daun kawung atawa daun kalapa gé bisa dipaké, daun kalapa nu alus nu geus kolot tapi can garing, can jadi karari.
Ari injuk siga bulu nu napel dina tangkal kawung, ngabeulit atawa ngalokop dina palapah daun kawung. Kalan kalan rungseb sabab najan enya bulu tapi heuras, warnana hideung. Nu gedé mah méh siga nyéré, heuras, getas tur seukeut disebut harupat. Ngala injuk tina tangkal kawung sok disebut mopogkeun injuk. Sagulung injuk disebutna kakab atawa sakakab. Keur hateup, unggal kakab ditumpuk kudu rada loba, sangkan teu bocor.
Cara masang welit atawa injuk keur hateup, dimimitian ti handap heula, disusun silih tumpuk maju ka luhur kana suhunan pangluhurna. Nu masangna gé kudu nu tabah, nu geus tapis, pangpangna dina usum hujan ulah nepi ka bocor, sabab mun bocor hésé ngayumanana.
Tvluy nu disebut talahab téh hateup tina awi sabeulali sabeulah. Masangkeunana diréndéngkeun jeung ditangkarakkeun, dina unggal gigir ditutup deui ku awi sabeulah nu ditangkubkeun, dirédéskeun nepi ka nutupan suhunan. Méméh awi dipaké keur hateup bagian dina unggal buku kudu diberesihan heula, dipiceun panutup bukuna. Talahab biasana dipaké dina léang léang atawa sosompang hateup.
Hanjakalna hateup welit, injuk jeung talahab babari pisan kahuruan. Komo dina usum halodo, mun aya silalatu tina durukan téh gampang pisan hurung. Nu matak jaman baheula mah unggal imah téh boga bakrik, gantar panjang aya kakaitna jeung gobak.
Mun di hiji lembur aya imah nu kahuruan, sok buru buru hateupna dicentokan ku bakrik. Kalan kalan sakalian dicentokan jeung rangkay suhunan, sangkan téréh ngaburusut ka handap, ari geus di handap leuwih babari mareuman seuneuna. Demi gobak sok dipaké keur nyewurkeun cai, nyimbeuhan imah nu kahuru. Da apan geus kabiasaan di deukeut imah di pilemburan sok nampeu balong, atawa di tukangeun imah aya kulah, gunana salian keur melak lauk atawa jadi tempat gégéroh, mun aya kahuruan babari néangan cai keur mareuman seuneu.
Mangsa kiwari imah nu hateupna welit, injuk atawa talahab, geus ampir euweuh, iwal ti di kampung adat saperti di Kampung Naga, Kampung Dukuh atawa di Kampung Kuta. Rajeun sok aya nu niru-niru imah baheula, hateupna tina welit atawa injuk siga di réstoran atawa di tempat wisata. Kaayeunakeun imah geus prah maké hateup kenténg. Ngan, euweuh rugina nyaho ngaran ngaran hateup jaman baheula.

(Dimuat dina koran PR rubrik Sundapedia, Senen 13 Maret 2017)

No comments: